Anda di halaman 1dari 2

Nu Ngageugeuh Legok Kiara (Dadan Sutisna)

Teu ti lembur aya tangkal kiara nu umurna geus ratausan taun. Carenom, geueuman, disebutna Legok Kiara. Rea Bejana Legok Kiara teh kacida sangeutna. Cenah nu ngalanto ka dinya mah balikna sok terus gering. Dipahing pisan barudak ulin ka legok kiara teh, komo wanci sareupna mah da cenah aya nu ngageugeuhna. Hiji mangsa, basa keur moro beurit Emod jeung Si Sadun ulin ka Legok Kiara, sabab kusangking panasarana ku tempat nu kacaturkeun sangeut. Saacana Emod geus apal carita Legok Kiara teh ti mang Apin. Lantaran diajak ku Si Sadun ahirna Emod daek, saengges ulin ti legok kiara Si Emod manggihan ucing jeung isukna Si Sadun ujuk-ujuk gearing muriang. Indung jeung Bapana ngijinan Si Emod miara ucing, tuluy ku mang Apin dibere aran Si Buris atawa bulu hiris, ti samprak Si Emod boga piaraan manehna jadi tara ulin lantaran nguruskeun wae ucingna. Hiji mangsa Si Buris leungit ti imah Emod tuluy rewas da teu biasana Si Buris ulin jauh kapanggihna Si Buris teh keur dihereuyan Si Bopih, teu lila Si Buris lumpat tuluy diudag ku Si Bopih barudak jeung Si Sadun naruturkeun. Pas keur diudag tigurusuk asup ka lobang bari gagaikan, Si Emod atoh sabab Si Buris salamet, kusabab kajadian eta Si Emod jeung Sadung galelut. Sanggeus masalah jeung Si Emod rengse bapa Si Sadun curigaeun ka Ucingna Si Buris, Emod ngaku ucingna teh menang mawa ti legok kiara. Isukna Si Buris dipiceun ka sawah tempat manggihana, Emod tuluy gearing tepi ka dua minggu I bapa jeung indungna geus water nenggo Si Emod cicing wae di kamarna sanajan ditenag ge ucing teh teu kapanggih wae, hiji poe Si Buris ujug-ujug dating ka imah, Si Emod cageur tina geuringna. Basa usum halodo panjang kabeh lembur beakeun cai, bapana Si Emod ge lieureun nengan cara keur ngarengsekeun masalah nu daratang. Pas tengah poe Si Emod jeung ucingna ulin ka legok kiara didinya manehna manggihan cai nyusu, tuluy dibejakeun kabapana. Samprak harita legok kiara geus teu dianggap sangeutna malah ayeuna mah loba nu ulin kadinya.

Si Kabayan Jadi Dukun (Moh. Ambri)


Jadi dukun sotenan kapaksa Si kabayan mah. Saikem pamajikanana nu sasat jadi cukung lantaran mah, manehna hayang males kanyeri ka salaki pedang kungSi ditampiling. Basa kadatangan semah nu neangan dukun, Saikem nyebutkeun yen Si kabayan teh dukun nu moal aya tandinganan. Ngan cenah ku lantaran jalma mahiwal Si kabayan mah tara ngaku jadi dukun kajaba kudu ditampiling heula. Nya sanggeusna diSiksa ku deungeun-deungenna bari jeung teu nyaho pimasalaheuna, Si Kabayan kapaksa daek dititah ngajiad Nyi Hasanah anak saudagar anu katarajang kasakit, pireu barang rek dikawinkeun ku bapana. Ari saenya namah Nyi Hasanah teh pipireuan. Manehna teu resep dikawinkeun ka Haji Latip da puguh geus pakait jeung Agus. Agus nyamur jadi pangiring embah Dukun nepi ka bisa paamprok jeung bebenena. Teu sakara-kara Nyi Hasanah bisa ngomong deui. Ngan puguh orokna dibawa kabur ku Agus. Atuh jadi guyur. Kabayan ahirna kanyahoan lain dukun asli. Isukna burundul puliSi, kapala desa, jeung menak ti dayeuh rek newak Si kabayan. Akhirna Si Kabayan dibawa ka dayeuh terus dibuskeun ka bui. Pamajikana tuluy datang ka dayeuh nempo Si Kabayan bari ceurik da rumasa salah. Kabayan dilepaskeun ti bui, tuluy Kabayan jeung Agus indit ka imah saudagar menta Si Agus dikawinkeun jeung Nyi Hasanah. Ki Hajina bapana Nyi Hasanah teu satujueun. Tapi, Nyi Hasanah menta restu dikawinkeun jeung Agus, kusaba Nyi Hasanah ngan cinta ka Agus saurang. Ki Haji mere restu ka budakna, Agus jeung Nyi Hasanah akhirna kawin jeung hirup bagja

Anda mungkin juga menyukai