P. 1
Dokter Sunda

Dokter Sunda

|Views: 317|Likes:
Dipublikasikan oleh YasfiMaziya

More info:

Published by: YasfiMaziya on Sep 11, 2012
Hak Cipta:Attribution Non-commercial

Availability:

Read on Scribd mobile: iPhone, iPad and Android.
download as DOCX, PDF, TXT or read online from Scribd
See more
See less

12/13/2013

pdf

text

original

1

PANGJAJAP Puji sinareng sukur urang panjatkeun ka Allah SWT anu parantos masihan nikmat ka urang sadayana. Sholawat miwah salam mugia dicurah limpahkeun ka jungjunan urang Muhammad SAW. Alhamdulillah buku anu dipasihan judul ‘HADITS JEUNG MÉDIS’ réngsé ogé. Sok sanaos tebih ti sampurna, nanging ieu buku murni hasil pamikiran nu nulis. Sok sanaos dina nyusun na aya ogé bantosan ti nu sanésna. Ku kituna Kuring ngahaturkeun nuhun ka Pa Teddi muhtadin M.Hum anu parantos ngaping oge ka Réréncangan sadayana Sastra Sunda 2010. Ku ayana buku ieu, nu nulis gaduh pamaksadan pikeun kasadayana anu maos ieu buku tiasa sakedikna aya bongbolong ngeunaan kaséhatan ditilik tina kaagamaan. Ieu buku téh jauh tina kasampurnaan. Ku kituna nu nulis miharep ka sawatara anu maos ieu buku saupamana aya kalepatan tong asa-asa ngritik jang kamajuan jeung kasampurnaan ieu buku jeung kanggo salajengna. Ogé saupamana aya basa atawa carita anu teu ngeunah kana manah dina ieu buku mugia dihapunten.

Nu Nulis

2

3

Naha ulah nginum bari nangtung? Naon sababna Rosul ngomong kitu ? Kumaha saur Dokter jeung profesor kiwari ? Cék Hadits shohih. Saur Anas bin Malik ra Rasulullah saw nyaram anu nginum bari nangtung. Qatadah nanya ka Anas, "kumaha mun dahar anu bari nangtung téh?" Anas ngajawab yén dahar bari nangtung téh leuwih goreng tibatan nginum." (HR Muslim)

Abu Hurairah ra nyarita yén Rasulullah saw kungsi ngadawuh, "ulah sakali-kali nginum bari nangtung. Singsaha nu poho, utahkeun deui. " (HR Muslim)

Cék Dokter jeun profesor. Ngeunaan Nginum Nginum bari nangtung téh goréng keur kaséhatan. Leuwih hadé nginum bari diuk. Naha ? sabab cai anu diinum sabari diuk bakal asup kana sfringer. Sfringer nyaéta salah sahiji struktur maskuler (otot) anu bisa muka (sangkan cai kemih ngaliwat) jeung nutup. Unggal cai anu diinum bakal disalurkeun kana pos-pos panyaringan nu aya dina ginjal. Tah nginum bari nangtung. Cai anu diinum téh moal disaring. Tapi 4

langsung kana kandung kemih. Pas langsung kana kandung kemih, bakal mendet dina saluran ureter. Kusabab loba limbah-limbah nu nyésa dina ureter. Limbah ieu nu bakal nyababkeun panyakit kristal ginjal, salah sahijina panyakit ginjal nu bahaya pisan.

Ngeunaan Dahar Dahareun anu didahar bari nangtung bisa ngakibatkeun kana refleksi saraf anu disababkeun ku reaksi saraf kelana (saraf otak kasapuluh) nu nyebar dina lapisan endotel nu murilit kana usus. Lamun refleksi ieu kajadiana ngadadak, bisa nyababkeun saraf jadi moal pungsi (vagal inhibition) parah deuih, ogé bakal nyababkeun detak nu tarik kana jantung, Nu akibatna pingsan atau paéh ngadadak.

ogé dahar jeung nginum bari nangtung tutuluyan bakal ngakibatkeun ruksakna dinding usus dina lambung. Dokterdokter geus mariksa yén panyakit nu aya dina lambung 95% jadina dina tempat-tempat nu biasa diadu jeung dahareun atawa inuman anu asup.

5

sakumaha kondisi kasaimbangan mun keur nangtung ditambah otot tenggorokan anu ngarejut jeung bakal ngahalangan asupna dahareun kana usus, kadang ogé nyababkeun nyeri anu kacida jeung bisa ngaganggu pungsi pencernaan, tuntungna jelma anu dahar atau nginum bari nangtung bakal ngarasa moal ngeunah dahar atawa nginum.

Éta tah alasan naha Rosul bet ngadawuh kitu.

=

6

Naha ceuk Rosul ulah dahar bari ngomong ? Kumaha ceuk pakar kasehatan kiwari. Cék hadits Ibnul Muflih nyarios yén Ishaq bin Ibrahim nyarita, “dina hiji mangsa kuring tuang sareng Abu Abdillah nyaéta Imam Ahmad bin Hanbal ditambih réréncangan anjeuna. Wanci tuang sadayana jarempé teu aya nu nyarios.

Cék dokter mah kieu Lamun dahar bari ngomong komo seuseurian bakal nyababkeun daharan asup kana saluran keur ngarenghap. Tungtungnamah kaselek wéh urang téh. Sabab, pas urang keur neleg dahareun, éta saluran nu kana paru-paru téh bakal nutup sorangan. Lamun keur neleg bari ngomong si saluran téh moal nutup kabéh tungtungnamah aya nu asup wéh dahareun téh kana saluran nu teu nutup kabéh téh.

7

Naha ceuk Rosul mun dahar kudu saimbang (ulah kaleuleuwihan) ? Kumaha ceuk kuring ? Cék hadits shohih
‫ص لى‬ ‫صل ه‬ ‫ه‬ ‫ل‬ ‫ه‬ ‫ل ه‬ ‫ل‬ ‫ه ل‬ ‫ى‬ ‫ل‬

: Ma’dikarib, Kuring nguping Rasulullah saw ngadawuh “Euweuh panci anak Adam anu dieusian leuwih loba tibatan eusi beuteungna, cukup keur manéhna ngan dahar sababaraha huap keur nguatkeun tulang tonggongna (méré tanaga), tapi lamun embung, cukup ku sapertilu dahareun, sapertilu inumeun jeung sapertilu deui keur ngarénghap.” (HR. Ahmad, Ibnu Majah)

Ceuk kuring Naha Rosul bet ngadawuh kitu margi pami urang tuang seueur teuing, urang bakal kamerkaan. Tungtungna bisa ngajadikeun alasan horéam ibadah ka Allah swt. ngajaga 8

kasaimbangan dahar kieu gé lain ngan ukur bisa ngajaga kasehatan fisik. Tapi ogé kasaimbangan rohaniah. Anu tadi téa patalina jeung ibadah ka Allah swt.

9

Naha Rosul nyarankeun urang ngajaga kaséhatan dahareun jeung inuman ? Kumaha ceuk kuring ? Cék hadits shohih ‫هللا ص ل‬ . ‫و‬ ‫و‬ : ‫ل ه‬ ‫لم‬ ‫و‬ .

: Abu Sa’id Al Khudri yén Nabi saw nyaram niupan inuman. Tuluy aya lalaki nanya, “teras kumaha upami kuring ninggal kotoran dina panci?” Anjeuna ngadawuh: “upami kitu, baheukeun.” Lalaki tadi nanya deui, “ampun paralun, kuring téh teu puasa ku sakali ngarénghap.” Rosul ngadawuh : “pami kitu, jauhkeun Téko (tempat keur nginum) dina lambey.” (HR at-Tirmidzi)

Cék Kuring mah kieu Urang téh kan upami ngarénghap pasti nyedot oksigén. Tah, pasti dikaluarkeun deui. Anu kaluar téh karbon dioksida.

10

Lamun urang niupan cai dina téko atawa gelas, si karbon dioksida téh bakal napel kana cai anu ditiupan ku urang. Sedengken karbon dioksida ngandung zat racun nu aya na jero awak. Mun diantep bisa-bisa karacunan. Subhanallah pinter gening Rosul téh.

11

Naha Rosul nétélakeun supados nutupan tempat dahareun atawa inuman ? Kumaha cék kuring ? Cék hadits shohih ‫هللا‬ ‫وو و‬ ‫و‬ ‫له‬ ‫و‬ ‫و‬ ‫ل‬ ‫ه‬ ‫و و لم ل ه هللا صل هللا‬ ‫و‬ ‫و‬ ‫و‬ ‫له‬

: Jabir bin ‘Abdullah nyarios; Abdi nguping Rasulullah shallallahu ‘alaihi wasallam ngadawuh: “Tutup bejana-bejana (téko/panci), teras talian tempat keur inuman, kumargi hiji peuting unggal taunna bakal aya wabah panyakit nu bahaya nu bakal murag kana téko jeung tempat cai séjénna nu teu ditutupan.” (HR Muslim)

Cék Kuring mah kieu Dahareun jeung inuman anu teu ditutupan teh bisa (malahan mah bakal) beunang ku kebul. Ogé ku sasatoan samodel cakcak atawa laleur nu sok nundaan panyakit. Mun di antep mah 12

bisa-bisa urang beunang ku panyakit nu dibawa ku laleur atawa cakcak, ogé ku debu anu kacida loba pisan virus tiditutidieu. Boh virus nu teu parah atawa parah gé pasti bakal enteup dina dahareun atawa inuman anu teu ditutupan. Matak ulah sok nganggap hal nu teu penting éta téh. Soalna geus karasa mah mahal tah cageur téh.

13

Naha Rosul bet dahar bubuahan ? Kumaha cék Dokter numutkeun bubuahan ? ‫هللا‬ ‫و لم ل ه هللا صل‬

: sa’d, anjeuna nyarios, “kuring nguping Abdullah bin Ja’far nyarios, “abd ninggal Nabi saw ngaleueut korma seger jeung qitsa` (sajenis bonténg).”

Cék Dokter :
Buah mangrupakeun salah sahiji unsur penting dina menu kadaharan nu manfaat keur kahirupan. Buah ogé mangrupa palengkep opat séhat lima sampurna. Hal ieu disababkeun buah miboga gizi jeung nutrisi anu hadé keur kasehatan awak. Buah téh ngandung sababaraha unsur anu dibutuhkeun ku awak urang, cai salah sahiji unsur nu kakandung dina jero buah, ogé aya vitamin, mineral, serat, antioksidan jeung karbohidrat. Manfaatna keur kabutuhan awak urang nyaéta:

14

Cai, awak téh butuh kana kasaimbangan jumlah cai, jadi kasaimbangana kudu dijaga. Hadénamah nginum dua létér sapoe, kabutuhan ngadahar buah. Vitamin jeung mineral, sabagian gedé dina buah ngandung vitamin anu penting siga vitamin C jeung É. Sedengken mineral na jero buah siga kalsium, zink ogé mangaan. Vitamin jeung mineral mangrupakeun zat nu ngabantuan prosés gawé na métabolisme sél na jero awak. Antioksidan mah, mangrupakeun zat nu nahan radikal bébas nu asup kana awak. Zat nu aya dina polusi, haseup roko jeung mesin. Mun ngahiji jeung koléstérol nu aya na jero awak bakal ngakibatkeun bisul na jero awak anu ahirna bakal ngaruksak sél éndotél nu aya na napel pembuluh getih. Tungtungnamah koléstérol bakal darah urang. Karbohidrat, nyaeta sumber tanaga ngarah awak urang bisa ngalakukeun gawé sapopoé kalayan normal. Buah ogé miboga karbohidrat kompléks nu kawangun ku glukosa jeung fruktosa. Ieu téh penting pisan jeung boga kaleuwihan sabab fruktosa nu asup teu mibutuh hormon insulin jadi teu ngahésékeun gawé pancreas. Sedengken mun ruksak bakal ngakibatkeun panyakit diabétes. Jadi émang béda jeung ngonsumsi gula mah. dina pembuluh cai téh salah sahijina bisa kucara

15

Améh meunang manfaat nu ngeunah, hadéna ngonsumsi 10 porsi buah kalayan 10 warna anu béda unggal poé. Misalna: cau, ganas, buah, apel, jeruk, sawo, dukuh. Saporsi cukup ku hiji buah. Subhanallah.

16

Naha Rosul bet nitah arurang kudu bersih ? Kumaha cék bukhori muslim ?

“Diriwayatkeun di Malik Al Asy’ari anjeuna nyarios, Rasulullah SAW ngadawuh: "kabersihan mangrupakeun

bagian tina iman jeung dan bacaan hamdalah bisa minuhan mizan (timbangan), ogé bacaan subhanallahi walhamdulillah téh bakal minuhan kolong langit jeung bumi, jeng sholat téh mangrupakeun cahaya ogé sodakoh mangrupa panyaang, jeung sabar nyaéta cahya, ogé Al Quran mangrupakeun jalan keur anjeun.”(HR Muslim).” Hadits diluhur kacida saéna, liwat kecap kabersihan mangrupakeun bagian tina iman nu geus teu anéh di masarakat ngagambarkeun yén kabersihan bisa ditempo dina dua sisi. Ari cék Imam Ibnu Rajab mah miboga dua kecap dina hadis diluhur at-Tuhur jeung Syutur téh.

kecap mimiti, at- Tuhur loba diartikeun mersihan diri dina dosa tapi aya ogé nu ngartikeunna yén éta téh abdas (wudhu). Ari Imam Ibnu Rajab mah ngacu kana arti nu kadua nyaéta abdas (wudhu). 17

Ari dipahami mah hadis ieu téh maksudna kana kabersihan pisik. Udu téh sabenerna upaya ngabersihkeun sababaraha bagian awak saacan ngalaksanakeun solat atawa ibadah séjénna. Kaurusna kabersihan awak mangrupakeun kasiapan urang keur mayunan AnjeunNa. kusabab kitu, kabersihan awak téh lain urusan nu leutik atawa sepélé. Hal ieu téh dicatet ku Allah dina ayat anu hartosna, “…jeung saestuna Allah mikanyaah jalma-jalma nu bersih”. (Q.S. At-Taubah [9]: 108). Jalma nu bisa ngajaga kabersihan awak atawa sakulilingna percaya bakal meunang kanyaah Allah swt. kanyaahna téh mangrupa kasehatan anu ku urang usahakeun liwat kabersihan. Iwal ti éta, hadits salajengna ngariwayatkeun naha urang kudu ngajaga kabersihan diri jeung sakulilingna. “Diriwayatkeun ku Sa’ad bin Abi Waqas di ramana, ku Rasulullah SAW: "Saéstuna Allah SWT maha suci nu mikaresep hal-hal nu suci, AnjeunNa Maha Bersih jeung mikaresep kabersihan, Anjeuna Maha Mulia jeung mikacinta kamulyaan, AnjeunNa Maha Éndah nu mikaresep kaéndahan, kumargi kitu, bersihkeun tempat anjeun.” (HR. Tirmizi)." numutkeun hadits diluhur, Allah téh mung resep ka jalmi anu 18

resep kana hal nu disebutkeun tadi. Ieu pentingna ngajagi kabersihan anu tos disaurkeun sateuacanna anu mangrupa upaya kasiapan urang mayunan AnjeunNa. Kumaha Zat anu Maha Suci kersa dipayunan ku mahluk kotor atanapi dekil?

kecap kadua, Syutur numutkeun hartos harfiahna nyaéta sapalih. Saur Ibnu Rajab hartos at-Tuhur ditempo dina sisi kadua nyaéta at-Tuhur mangrupakeun bagian tina iman. Kabersihan sapalihna dina iman mangrupakeun makna tina kabersihan haté. Sapertos diriwayatkeun salah sawios hadits Rasulullah SAW, "sing émut yén dina jero jasad téh aya sakeupeul daging, mun éta hadé, hadé jasad sa aawak, tapi mun éta ruksak, ruksak jasad sa aawak. Émutkeun. Éta téh haté. (al qolbu)."(Diriwayatkeun ku Imam Bukhari sareng Muslim).

19

Kunaon Rosul miwarang nyikat waos ? Kumaha cék pendapat kuring ? kumaha ogé pendapat dokter dunia ? Cék hadits shohih ‫و‬ ‫و لم ل ه هللا صل هللا‬ ‫ل م‬ ‫و‬

; Anas, :, “Rasulullah saw ngadawuh: “abdi tos sering teuing kanggé ngemutan aranjeun nyikat waos.” (HR al- Bukhari) ‫و‬ ‫و‬ ‫و‬ . ‫هللا‬ ‫هللا ص ل‬ ‫ل ه‬ ‫لم‬ ‫و‬ ‫م‬ ‫ل‬

: Hudzaifah nyarios, “upami Nabi shallallahu ‘alaihi wasallam gugah tengah wengi, Anjeunna ngabersihan bahamna nganggé siwak.” (HR al- Bukhari dan Muslim) ‫ه هللا‬ ‫ل‬ ‫و‬ ‫ل‬ ‫م‬ ‫و‬ ‫و لم ل ه هللا صل هللا‬ ‫و‬ ‫ص‬ ‫و‬

: Abu Hurairah ra, yén Rasulullah saw ngadawuh: “upami teu ngabeuratkeun umat Kuring atawa jalma, Kuring bakal maréntahkeun ka maranéhna supados nyiwak (nyikat waos)

20

lamun badé ngalaksanakeun solat.” (HR al-Bukhari dan Muslim) Cék Kuring mah kieu Rosul miwarang urang bersiwak atawa nyikat waos téh kahiji supados urang langkung bersih langkung seger bade mayunan Allah swt. kadua Anjeunna meni kacida

merhatikeun pisan perkara kabersihan. Mun ditalungtik deui mah. Dina baham téh sok loba sésa-sésa urut dahareun nu nyarelap atawa narapel na huntu jeung bagéan séjénna nu aya na jero baham. Mun ku urang teu di bersihan. Bakal nyababkeun bau baham nu kacida ngahiliwirna. Teras huntu bisa-bisa béak digorogotan ku kuman nu cicing gara-gara sésa-sésa dahareun. Tungtungna bakal bolong tah huntu jiga kuring ayeuna haduh kacida nyerina. Linu.

Cék Dokter mah kieu Dicutat dina daily mail, peneliti di Universitas Bristol manggihan yén jarang nyikat huntu bisa ngakibatkeun hal 21

anu bahaya anu tungtuungna kana jantung. Bakteri anu ngarider dina baham bisa nyababkeun beku na getih, anu lamun di antep, bisa ngondang hiji kondisi anu langka anu biasa disebut infeksi endocarditis. Endocarditis nyaéta infeksi serius salah sahiji dina opat klép jantung. Lamun geus kaserang, pasien bakal ngadadak muriang, cape, ngadégdég, nyeri otot jeung édema (numpukna cairan) di kaki-kaki jeung beuteung, ogé mengék. Pasien ogé bisa ngadan ngembangkeun anémia, getih na jero urin, jumlah sél darah putih anu ningkat, jeung ogé ketukan jantung anu teu normal. cék para peneliti, bakteri streptococcus gordonii bisa asup ka jero pembuluh darah tuluy nyababkeun pembekuan getih. Bakteri-bakteri éta téh bakal nyarumput dina gundukan getih anu beku malahan teu kalacak ku sistem kekebalan tubuh jeung anti bioik téh sabab kahalangan ku gundukan getih téa.

lamun gumpalan nyebar dina katup jantung, baktéri-baktéri éta téh bakal ngakibatkeun éndocarditis inféktif. Inféksi éta téh bakal nyababkeun karusakan nu kacida patalna.

22

Naha Rosul miwarang urang kudu ngabersihan awak ? Kumaha cék Kuring ? Cék hadits shohih ‫و‬ ‫و‬ ‫م‬ ‫و‬ ‫ص‬ ‫ل‬ ‫و ل‬ ‫و‬ ‫هللا‬ ‫هللا ص ل‬ ‫و‬ ‫و‬ ‫ل ه‬ ‫و‬ . . ‫لم‬ ‫و‬ ‫و‬ . ‫و‬

‫و و‬

: Aisyah nyarios, “Rasulullah saw ngadawuh: “aya sapuluh perkara dina fitrah; nyukur kumis, manjangkeun jénggot, nyiwak (nyikat waos), istinsyaq (ngasupkeun cai kana pangambung), nyatut kuku, bebersih ku cai, nyabut bulu kélék, nyukur bulu sareng istinja’ nganggé air.” Zakariya jeung Mush’ab nyarios, “abdi hilap anu ka sapuluh, sapertosnamah kukumur.” (HR Muslim) Di riwayat nu séjénna, ‫و لم ل ه هللا صل‬ ‫و لم و‬ ‫و‬ ‫و‬ ‫و‬

23

: Abu Hurairah kénging di Nabi saw, anjeunna ngadawuh: “Fithrah téh aya lima, nyaéta: sunatan, cucukur bulu, nyatut kuku, nyabutan bulu kélék, jeung nyukur kumis.” Boh anu sapuluh atanapi anu lima numutkeun hadits di luhur sadayana ngemutan perkawis mersihan awak. Jeung kabersihan awak bakal ngajauhkeun tina panyakit.

Cék Kuring ogé sami mung hayong nambihan wéh supados nambih pengalaman nambihan hadits Rosul hehehehehe. Ari nyukur kumis mah da saterang abi mah supados urang (kaum muslim) teu sarua jeung orang-orang Bani Israél (kaum Yahudi) anu teu lepat mah bertentangan jeung urang. Nyaéta manjangkeun kumis tapi nyukuran jénggot. Siwak (nyikat waos) mangrupakeun hal anu penting margi kahiji supados urang teu beunang panyakit jantung anu disababkeun ku teu kaurusna masalah baham. Kadua urang téh pasti osok gunem catur atawa seuri nyakakak bari baham calawak badag. Tah mun tara nyikat huntu mah pas keur 24

nyakakak téh aya bahan batur mah barendu. Hayoh pada ngajarauhan pan éra. Komo mun bogoh ka awéwé mah tapi urang na tara nyikat huntu mah. Kacida tah. Hahahaha Istinsyaq (ngasupkeun cai kana irung) tuluy singsringkeun supaya debu kotoran nu aya na irung téh kalaluan kabeh. Kudu rada mineng sabab sok aya wéh gening korong mah da samenit gé sabaraha kali ngarénghap urang téh. Ngan kadé omat mun geus di singsringkeun kudu rada dicabakan liang irung na bisi ngarait keneh korong atawa lého na. Hayoh jiga kajadian kuring pas keur abdas di al-muslih pas adeuk solat lohor. Pas geus istinsaq téh tuluy nyingsring, teu dipariksa heula pabelah handapeun liang irung mah. Tuluy ngusap buuk disambuung kana ceuli. Disambung mersihan suku make leungeun. Pas geus abdas nempo ka katuhu aya kang ojan. Kuring téh seuri bari neuteup. Ai si kang ojan ngadan ngahuleng bari panonna pokus kana belah irung. Tuluy kerung neuteup beungeut kuring. Ai kuring téh panasaran na kunaon Kang ojan. Pas kuring dék ngomong kaburu kapiheulaan ku gerak leungeun kang ojan bari nyanyabak liang irungna. Kuring ngadan kerung teu ngarti aya naon. si kang ojan téh rada nyengir bari beuki kesel da kuring ngadan kerung. Naaaa atuh pas rada kaharti gura-giru kuring nyabak 25

pabelah kumis. Mmhhhhh éta mah meni geunyal kacida sugantéh tadi batagor panyésaan na atuh gening korong nu geus baseuh. Éta mah wirang kacida meni jol hayang buruburu balik solatna diimah 23 rokaat hayang menta du’a ka gusti méh kang ojan hilang ingatan. Hhmm.. jadi unggal geus istinsyaq téh kudu beresih pisan engké mah hehehehehe. Nyatok kuku gé kaasup nu penting pisan. Margi mun dahar teu maké séndok (sabenerna sunnah rosul gé maké leungeun) pasti maké leungeun. Soalna nikmatna karasa. Tapi mun kuku paranjang, bisa-bisa kuman nu aya na kuku (biasanamah harideung) asup kana dahareun tuluy asup kana jero awak urang. Bisa nyababkeun panyakit, sabab kotoran kuku gé kaasup virus-virus nu pimatakeun. Komo abdi mah calon mitoha paling teu resep ka jalmi anu kukuna paranjang. Hihihihihi. Janten kedah beresih teras. Lain gara-gara mitohamitoha teuing. Ai beresih mah kudu salawasna. Nu séjénnamah rada urusan kolot. Jep ah répéh.

26

Naha Rosul nitah arurang supaya mineng abdas ? Kumaha cék pakar-pakar ilmiah jeung dokter ? : Abu Hurairah radhiyallahu’anhu, Rasulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam ngadawuh – – – – ». “Nalika urang muslim atawa mukmin abdas, teras ngusap rarayna, pasti bakal kapiceun dosa liwat keclak cai panungtung anu ditempo ku kadua panonna. Teras upami ngawasuh kadua pananganna, bakal kapiceun dosa liwat keclak cai panungtung anu tos dilakonan ku kadua pananganna. Teras upami ngawasuh kadua sampéanna, pasti bakal ngeclak ogé dosa liwat cai anu ngeclak na sampéanna nu geus dilakonan ku sampéanna, nepi tungtungna bakal kalar dinu kaayaan anu bersih tina dosa-dosa nu geus dilakukeun.” (HR. Muslim dalam Kitab at-Thaharah) – – – –

27

Cék peneliti mah kieu. Geus mangrupa panalitian ngabuktikeun yén panyakit kulit téh disababkeun ku kurangna kabersihan kulit. Kusabab kitu, jalma nu miboga aktipitas nu padet (pangpangna anu diluar ruangan) dianjurkeun supaya mineng ngumbah beungeut atawa kabéh bagian awak anu teu kahalangan ku baju, samodél sirah, beungeut, ceuli, irung, tangan jeung suku. sabab, panyakit kulit umumna mineng pisan nyerang kana kulit anu teu kahalangan jeung jarang dibersihan, modél selasela jari tangan, suku, léhér, ceuli bagian tukang, jeung nu séjénna. Sabab kitu, Mochtar Salem méré saran supaya bagian awak nu teu kahalangan téh sing mineng dibersihkeun maké cai. Rasul SAW ngedalkeun, yén raray jalma nu mineng abdas téh bakal caang méncrang. Jeung pasti Rasulullah bakal terang ka umatna di hari kiamat sabab tapak abdas tuluy aya. “Umat kuring engké pas hari kiamat raray sareng sampeanna bakal méncrang sabab urut abdas.” Muhammad Kamil Abd Al-Shomad, anu ngutip sumber di AlI’jaz Al-Ilmiy fi Al-Islam wa Al-Sunnah AlNabawiyah, ngajelaskeun yén mangpaat kabéh hal anu dijelaskeun dina 28

bab wudhu kacida hadéna keur manusa. Dimimitian ku kukumbah leungeun disusul sela-sela jarina, kukumur, tuluy ngasupkeun cai kana liang irung, tuluy ngawasuh beungeut, ngawasuh kadua leungeun nepi siku, ngusap sirah, ngusap ceuli, nepi ka ngumbah suku nepi ka mumuncangan. Numutkeun sababaraha panakungtikan, wudhu téh bisa ngaleungitkeun macam-macam panyakit. Misalna kanker, flu, pilek, asam urat, rématik, nyeri sirah, ceuli, pegel linu, panon, nyeri huntu, jeung saterusna. Dina panalungtikan anu dilakonan ku Muhammad Salim ngeunaan mangpaat wudhu keur kaséhatan, kabukti yén wudhu anu bener téh bisa nyegah jalma dina sagala rupa panyakit. Ahli syaraf/neurologist gé geus ngabuktikeun ku cai wudhu nu bisa niiskeun syaraf jari-jari leungeun jeung jari-jari suku anu manfaatna keur ngamantapkeun konsentrasi.

Tah kitu gening naha sababna Rosulullah saw ngadawuh téh gening aya mangpaatna keur urang saréréa. Jeung kabuktian ku Doktor jeung propesor jaman kiwari.

29

You're Reading a Free Preview

Mengunduh
scribd
/*********** DO NOT ALTER ANYTHING BELOW THIS LINE ! ************/ var s_code=s.t();if(s_code)document.write(s_code)//-->