Anda di halaman 1dari 15

1

Si ujang I Nyaba Hayam jalu kongkorongok, ditmbal ku adan subuh, diseling ku pupujian. Kolot-kolot urang lembur arindit ka masjid belah kulon luhureun mpang. Balik ti masjid pa ahmad ngageuingkeun ujang nu masih knh sar tibra. Tonggong ujang dikepukan lalaunan. jang, hy, subuh heula bisi kabeurangan ! Ceuk pa ahmad. Ujang nguliat bari mukakeun panon saeutik-saeutik semu nu srab nempo pa ahmad. muhun pa, ceuk ujang bari cleg nangtung, tuluy ngagidig indit ka cai. Sanggeus solat subuh ujang ngadngkeun bapana nu keur ngaderes quran, bari nyampeurkeun. Sementara indungna ngakeul sangu didapur. Ujang nungguan bapana brs ngaji quran. Saacan ujang nyarita geus kapiheulaan mantn ku bapana. gera sarapan heula jang ayeuna mah meung peung sangu haneut ceuk pa ahmad muhun pa ceuk ujang bari nyiuk sangu jeung lauk asin, angeun kangkung, jeung gorngan. sok jang sing beubeunangan dahar th ! Ceuk pa ahmad. muhun pa, keun gampil pami kirang mah abi nyiuk deui tmbal ujang. Piring, gelas geus dibawaan deui ka dapur. Pa ahmad muka paguneman jeung ujang aya naon jang, banguna aya nu rk dipedalkeun ka bapa ? Bral atuh ! Ceuk pa ahmad. muhun kieu pa, abi th ti saatosna lulus sma th ngaraos taya guam pisan hirup th sadidinten ukur mondok, neda, ameng kitu wa pa. Milari pidameleun sesah, tadina mah aya paniatan neraskeun sakola ka paguron luhur. Ceuk ujang. emh, deudeuh teuing anaking, saha teuing nu teu hayang nempo anakna bagja ku pangaweruh, ku lmu jeung ku haliah dunya jang, wayahna ujang mah sing sabar ayeuna mah! Ujang tangtu paham kana kaayaan bapa ayeuna, tong boro nyakolakeun deui ujang ka paguron luhur, keur nyakolakeun adi hidep nu rk asup sd g bapa th rada beurat. Lain beurat ku niat, tapi beurat ku biayana, katambah deui lanceuk hidep nu geus boga pilihan papasangan hirupna, hayang gura-giru ka bal nyungcung cenah. Wayahna hampura pisan bapa jang, bapa mah kur bisa ngadunga w keur ayeuna mah ujang sing panggih jeung kabagjaan didunya jeung ahrat, sing loba nu welas asih ka ujang ! Ceuk pa ahmad. muhun pa, abi g ngartos palih dinyana mah, tah kumargi kitu abi th bad nyungkeun diwidian ku bapa, og ti mamah wirhna abi th gaduh maksad nyaba ngalalana, nyiar lmu, nyiar dunya, diajar berdikari. Kumaha kintena bapa ngawidian ? ceuk ujang. nyaba ka mana atuh jang ? Tmbal bapana. ka jogjakarta pa. Ceuk ujang.
2

jauh-jauh teuing jang nyiar gaw, rk nyiar lmu mah didieu og bisa ! Rk kumaha, rk jeung saha, kumaha mun ujang gering, rk saha nu nulungan ? Taya nu maturan taya nu ngubaran. Sok sanajan aki ujang urang ditu pituin, tapi da mana teuing atuh ari hirup jeung dulur mah, keur mah ujangna bisi kakaragok ceuk pa ahmad. sawios pa. Abi mah cekap neda pidunga ti bapa, miwah mamah. Kanggo ngiuhan mah abi milih di masjid wa atanapi di sanggar seni. Abi th bad ngabujeng niat pikeun neraskeun sakola di paguron luhur diditu th nyata di institut seni indonesia (isi) jogjakarta, margi abi resep kana kasenian, hususna seni musik. Ceuk ujang. ari dahar jeung kabutuhan hirup sapopo kumaha ? Ceuk pa ahmad. kanggo sadidinten mah banguna abi bade sacabak-cabak, satiasa tiasa w kaleresan abi gaduh sakedik katiasa kana gitar panginten bade ngamangpaatkeun ta nu penting teu pagedrug sareng ajaran agama. Sareng abi yakin kana rezeki ti gusti nu maha suci, tangtos abi moal bakal kakirangan panginten pa pami kersa usaha mah. Tmbal ujang. bener kituna mah jang, anjeun th geus ngarti , tapi kolot sakali deui mnta dihampura sabab bapa jeung mamah mah moal bisa mekelan banda, jeung harta, ngan sakur dunga. Ceuk pa ahmad. emh, hatur nuhun pisan ku diwidian og abi tos bingah, komo ditambih dunga sepuh mah. Insyaalloh abi njing mios kaditu,mung bade ka rrncangan heula di sumedang, tos lami pisan teu tepang. Ceuk ujang. bral jang ku bapa jeung mamah didungakeun, kahad sing bisa nitipkeun diri, tong tinggaleun solat,hampura kolot mah teu bisa mekelan ged-ged! ceuk pa ahmad. Indungna teu nyoara ngadng paguneman ujang jeung bapana, ukur neuteu ti kajauhan, bari panon semu cumalimba. Ujang nyiapkeun baja keur bawaeun, ijazah sma, sarung, jeung kaaperluan mandi, og gitar. Sanggeus solat subuh, ujang geus disadiaan sangu jeung deungeunna ku indungna, gera sarapan heula, ngarah kuat dijalana ! Ceuk indungna. Gap ujang sasarap meni nyelebek. Brs dahar ujang pamitan ka indung, bapa, jeung lanceukna, tuluy nyium taar adina nu masih knh tibra sarna. Ujang make baju haneut, ngagandong tas badag, make sandal, leungeun katuhuna nyekel gitar. Indit ninggalkeun imah, indung, bapa, lanceuk, jeung adina. Og babaturan salemburna. Ujang dijajap ku bapana nepi ka jalan mitrabatik, bari megat mobil lep ujang gunem deui jeung bapana. Mobil geus datang ujang nyium leungeun katuhu bapana, sabari mnta didungakeun deui. Gk ujang diuk tukangeun supir. Sabari neuteup imah-imah sapanjang jalan jati dina lolongkrang jandla mobil. Kaimlpleng knh sora bapana keur mapagahan manhna kahad jang sing ati-ati, sing bisa nitipkeun diri, assalamualaikum ! ceuk bapana. Og kaimpleng indungna, adina, lanceukna, jeung babaturana dilembur. Di jalan jati knh ujang
3

nanya ka dirina sorangan naha bener atawa ngimpi kuring th rk nyaba ngalalana, ninggalkeun kolot, ninggalkeu adi, lanceuk jeung babaturan salembur ? Ceuk hate ujang. Panona ngeclakeun cai, bari teuteup tetep kana imah-imah sapanjang jalan jati. Geus leupas wates lembur, limbangan garut geus kaliwat, rancakk og. Ujang turun di dangdeur, langsung ngasms babaturana anu di sumedang. Teu lila ngong adan magrib, panon po geus surup, ujang tuluy leumpang nanagan masjid anu deukeut. Tuluy wudu, solat, sanggeus solat nuluykeun deui leumpang di jalan sayang, manggih parapatan asup ka katuhu, eureun di imah nu aya tangkal cemara. Ujang nepi di imah babaturana. Tok tok tok panto diketrok ku ujang sabari ngucap salam assalamualaikum tapi taya wa nu nmbalan. Ujang langsung ngasms deui babaturana da bisi salah. Dibaes smsna th k antosan sakedap ! Ceuk babaturana. Babaturana th ngarana tia, mimiti tepung nalika ujang keur kelas dua sma, dina kegiatan seminar pelajar di tasikmalaya, harita ujang jeung tia th bagan ngeusi dina acara hiburan. Ujang bagan ngagitar, sedengkeun tia nu ngahaleuangna. Tidinya ujang jeung tia mimiti deukeut. Ujang diuk diburuan imah tia bari nungguan nu mukakeun panto. Teu lila aya bapa-bapa mak baju rapih, dikacmata, make sapatu dines, bari ngajingjing tas hideung. Ti luar nyamperukeun siga nu rk asup ka imah, bari nilik-nilik ujang nu keur diuk. Ujang nangtung tuluy ditanaya ah gening ujang, kumaha damang, sareng saha kadieu, tos lami ngantosan ? Ceuk bapa-bapa nu kark datang. muhun pa, sa pa alhamdulillah. Abi nyalira kadieu th, nembe pisan dongkap nyelang sababaraha menit sumpingna bapa. Tmbal ujang. Singhorng bapa-bapa nu bieu th kolotna babturan ujang. Wastana pa achdiat. Geus teu bireuk deui da geus silih wanoh. Ujang dibawa asup ka tengah imah tuluy dititah lelson heula dina korsi, bari disiapkeun susuguh. sok jang gera tuang, pasti cape di jalan mah, sok tong asa-asa sing beubeunangan ! Bapa ka jamban heula can magrib. Ceuk pa achdiat. muhun, pa hatur nuhun tmbal ujang. Sanggeus dahar jeung ngumbah piring, torojol indungna tia datang nyampeurkeun ujang. ah, ujang kumaha damang ? Ceuk bu wati. alhamdulillah sa bu danget ayeuna mah, samulihna ibu kumaha damang ? Tmbal ujang. alhamdulillah. Bade teras kamana ieu th meni seueur babantunan ? Ceuk bu wati. abi th, bade teras ka jogja bu. Tmbal ujang.

bade naon ka jogja ? Ceuk bu wati. abi th gaduh maksad bade neraskeun sakola. Mung,banguna mah bad ngalalana heula diditu th sataun dua taun mah ngempelkeun kanggo lebetna. ceuk ujang. tuh cobi tingali angka 12 dina jam di luhur, pikeun nunjuk angka 12 deui th kedah ngaliwatan deui angka anu saacana. Tapi ku akal sareng usaha anu keyeng mah tiasa langkung trh og tiasa ngadamel jalur nu liana pikeun nunjuk angka 12 th. Ceuk bu wati. maksadna kumaha bu ? tmbal ujang. maksadna pikeun ngahontal hiji tujuan th seueur cara gumantung kana usahana. Tos kieu ayeuna mah, ujang pami kersa linggih wa didieu, sadinten, dua dinteneun mah, nya pami betah mah bad saterasna g mangga. Ceuk bu wati. hatur nuhun pisan bu. Insyaalloh abi mondok heula didieu sawongi, pami diwidian mah. Mung njing bad permios ka ditu ta. Ceuk ujang . kamana ? ceuk bu wati ka jogjakarta. Tmbal ujang. Sanggeus lila gunem tuluy ujang leleson, ujang dihiap ku bu wati sangkan dak usaha di jatinangor, tapi ujang keukeuh hayang indit ka jogjakarta. Isukna ujang mnta dijajapkeun ka stasion ku tia. Ngan ceuk tia isuk-isuk mah can aya jadwal ka jogjakarta mah, aya og burit bada asar. Ujang tuluy cicing ngadng jadwal indit kartana sore, sabab ujang geus hayang geura aya di jogjakarta rk ngalalana. Ujang dititah sarapan heula bareng jeung kulawargana pa achdiat. Brs dahar tia ku bu wati dititah maturan ujang ka jatinangor bari nungguan burit. Ujang indit jeung tia mawa gitar, tuluy mapayan kantin-kantin sapanjang jatinangor. Barang nepi ka cibeusi ujang semu kagt nempo patung praja anu baradag di ipdn. Ujang ngarasa wanoh sabab sering aya dina berita televisi mangsa harita. Anu tadina mah stpdn. Tia ngajak hanjat kana beus damri nu rk ka cileunyi. Jleng ujang jeung tia nak kana beus tuluy ujang ngagembrng deui gitarna, tia ngahaleuangkeun lagu nu keur ram nyata laguna th virgin. Brs dua lagu langsung turun di simpang tilu cileunyi, cibiru, jatinangor. Leumpang deui mapay warung-warung sisi jalan sapanjang cileunyi, cinunuk, cibiru. Nepi ka cilngkrang tia ngajak reureuh heula sabab geus lumayan jauh leumpang, katambah panon po keur panas rng- rngan. Tuluy ngajak nyimpang heula ka imah ninina nu kabeneran urang cilngkrang. Dua kilo meter ti cibiru geus nepi ka imah niinina. Tia keketrok kana panto bari ngucap salam assalamualaikum. waalaikumsalam tmbal bibina sabari mukakeun panto. ah geuning tia, tos timana meni ngsang kitu, sareng saha geuning ? Tanya bibina.

ti jatinangor mapah kadieu sabari diajar nyanyi mapay unggal kantin, sareng warung sisi jalan, og dina beus, ieu sareng rrncangan ti tasikmalaya, wastana ujang. Tmbal tia. Ujang jeung tia arasup ka jero imah, disuguhan cai, jeung dititah dahar. Ujang jeung tia dahar bareng duaan kacida nyelebekna, malum geus cape. Teu lila ninina kaluar ti kamarna, ah gening aya tia, sok teraskeu tuangna sing kkngingan ceuk ninina. Piring jeung gelas dibawa ka tukang bari digrohan ku tia. Tia langsung nyium leungeun katuhu ninina sabari ngawanohkeun ujang. Nyaritakeun salila dijalan nepi kadieu ka ninina, bari nyanaghunyar dina terlas. Ujang rurut-rrt kana jam singhorng th geus burit nyata geus pukul 15.00, ujang tuluy mr isyarat ka tia sangkan gura-giru balik, og nganteurkeun manhna ka stasion. Balikna mah leumpang th ngan nepi ka cibiru, disambung tumpak lep, nepi ka dangdeur, terus leumpang deui nepi ka imah tia. Ujang gura-giru mrsan barang bawaana sabab rk langsung indit ka stasion, tapi tia ngadon leleson bakating ku lungs geus leumpang jauh jaba panas mentrang-mentrng. Ujang mnta anteur ka stasion, tapi tia ngadon cicing wa sabari nmbal euh, wayah kieu mah geus liwat atuh kartana og, tos njing deui w ! Ceuk tia. aduh, kumaha ieu th ongkoh bada asar ? Ceuk ujang semu kesel. ah kapan ayeuna mah tos pukul 16. Atuh kang cobi tingali geura ! Tmbal tia. aduh, teu jadi deui wa rk nyaba th ceuk ujang bari nunda tasna bari semu leulues. Ujang teu jadi deui indit ka jogjakartana sabab tinggaleun deui karta. Isukna ujang ngamn ka jatinangor sosoranganan, sabari nungguan tia nu keur kuliah. Ti warung kald nepi ka tanjakan cikuda. Beubeunanganna ukur opat rbu, ngng adan lohor, ujang gura-giru nyiar masjid, reureuh sakeudeung di masjid leutik di warung kald. Brs solat langsung balik deui ka imah tia. Di imah, ujang nungguan tia nu keur kuliah knh rk mnta dianteur ka stasion deui. Ngong deui adan asar .tia can wa balik, ujang ngadon anteng maca buku ditengah imah bari sasakali nyuruput cai enth haneut. Torojol datang tia, kakarak ujang sadar yn panon po geus rk surup ka kulon. Teu jadi deui wa indit th. Wanci corngcang tihang ujang geus sasapu di buruan imah tia, ti jero imah bu wati ngageroan ujang nitah gera mandi. Ujang langsung ngagidig ka cai, tuluy keketrok kana panto nu di tengah imah. punten bu manawi tadi nyaur ka abi, aya pikersaeun rupina ? Ceuk ujang. kieu jang, ibu th ayeuna bade ka bandung, pami kersa ujang nyarengan kaditu, margi ibu aya candakeun buku rada seueur ! Tmbal bu wati. Ujang diajak ka bandung ku bu wati nu rk seminar di hotl trio di bandung. Kabeneran ujang hayang apal bandung, ngarah bisa indit sorangan ka stasion ceuk gerentes hatna th.

Kabeneran keur bulan puasa nu munggaran. Barang ngong adan magrib langsung disadiaan tajil di hotl th. Dahareun sagala ngareunah, ti miiti pasakan local, nepi ka internasional aya, ujang ngarasa bingung kudu milih nu mana, sabab ari manhna mah biasa dahar jeung asin g cukup. Ieu sagala aya, tungtungna dipapay hiji-hiji. Geus dahar tuluy indit ka masjid raya bandung nu teu jauh ti hotl trio. Meni napuk pisan jalma di luar masjid, aya tukang dagang, ti mimiti dahareun, nepi ka cocooan barudak sagala aya. Gap wudu, deg solat. Bu wati nuluykeun deui seminarna, singhorng nepi ka peuting. Atuh ujang milih ulin heula leuleumpangan, ngurilingan masjid jeung sabudeureunana. Peutingna langsung sar di masjid raya bandung. Sora bedug, ngageuingkeun ujang nu keur tibra sar. Ujang cengkat nangtung, indit ka cai sibeungeut, tuluy ka hotl deui. Sabab keur saur geus disdiakeun di hotl. Pasosor kakara brs seminar th. Ujang mawaan buku nu bu wati, hiji-hiji diasupkeun kana tas. Langsung tumpak dititah asup kana mobil babaturana bu wati. Lila kalilaan ujang ngarasa betah cicing di jatinangor. Kapikir dina implengannana yn pikeun ngahontal tujuan th gening loba carana, teu kudu di tempat anu dipikahayang ku manhna, tapi kumaha carana supaya kahayang kahontal maksud katuju. Kapikir og tia nu ngundur-ngundur wa indit ka jogja, bu wati ngajak ka ditu-kadieu. Ujang geus dianggap kulawarga tia, malah diaku anak sagala ku bu wati jeung pa achdiat mah. Tidinya ujang mimiti soson-soson nyiar gaw ka jatinangor, ka bandung. Bari ngagandong tas nu eusina ijazah sma. Hiji mangsa ujang indit ka bandung tumpak beus damri jurusan jatinangor-dipatiukur. Turun di pangkalan damri deukeut monumn pancasila bandung. Leumpang nangan pagawan, luak-lieuk ka unggal took sapanjang jalan. Nalika nepi di lapangan gasibu, ujang cicing handapeun lampu stopan. Nilik-nilik anu keur ngamn. Aya nu make gitar, biola og kecrk. Jeung aya nini-nini anu nandkeun mangkok palastik ka unggal jalma nu keur nungguan lampu hjo. Geus liwat satengah jam ujang nangtung handapeun lampu stopan, tuluy nyampeurkeun salahsahiji pangamn anu mawa biola, nyodorkeun leungeun leungeun katuhu bari ngawanohkeun manh nepangkeun kang abi ujang ceuk ujang. Nu diajak ngobrolna nyata andri urang garut geus mangtaun-taun hirup di jalan. Geus boga budak hiji, mimiti hirup di jalan saprakna kaluar sakola sd, lantaran geus beuki udud andri dina hiji mangsa nalika kolotna teu bisa mere duit ka manhna, tungtungna wani cukat-cokot kana warung, kapanggih ku nu boga warung tuluy dibeberik, tuluy minggat ti imah sabab sieun dicarkan ku kolotna. Nepi ka ayeuna manhna betah hirup di jalan, jeung babaturanana nu nasibna teu jauh bda. Kitu deui ujang ngajntrkeun kaayaan manhna bisa panggih jeung andri . Ujang dibr injeum biolana ku andri. tah bisi rk ngamn mah sok ! Ceuk andri.
7

moal ah nuhun, kuring mah rk tuluy balik bisi kaburu burit bakeun beus ceuk ujang. Padahal baheula mah andri hayang matuh didinya th kudu ngaluarkeun tanaga, jeung getih sagala. Ujang rurat-rrt ka katuhu bisi aya beus. Beus datang. Ujang langsung hanjat kana beus sanggeus sasalaman jeung nganuhunkeun ka andri.

Ii Digaw Wanci pecat sawed sanggeus sasapu di buruan imah, ujang dipnta nganteur ka warnt (warung internt) ku mursid adina tia pikeun nangan data keur pancn di sakolana. Motor vespa nu ngajugrug di garasi ku ujang dituyun ka sisi jalan. Brng..brngbrng motor hurung sanggeus diselah. Mursid geus nak kana motor, warnt na ay amah tilu kilo meter ti imahna. Motor dipareuman, ditunda diparkirkeun di hareupeun warnt. Sup ujang jeung mursid ka jero warnt tuluy mimiti ngtikeun ramo-ramona kana luhur keyboard, jeung nyekel mouse. Aya kana lima belas menitna mursid diuk hareupeun komputer, sedengkeun ujang geus mimiti kesel jeung bosen, sabab ngan cicing nempokeun wungkul. Ujang nangtung, kaluar, diuk dina korsi hareupeun warnt. Barang gk diuk, aya dua pamuda nu keur paguntreng teuing lantaran naon. Hayoh wa pamuda nu duaan tadi th silih poyok manh mah moal bisa geus kolot teuing ceuk salah sahiji pamuda, nu hiji nmbal manh g sarua atuh, geus lah pok euy urang mah moal rk ditarima, hayu balik w hayoh w guntreng bari nempo ka tukangeun ujang. Ujang ngarasa bingung nempo kalakuan pamud nu duaan tadi guntreng bari nempo kana kaca tukangeunana. Lieuk,ujang ka tukang kana kaca, singhorng th aya warta lowongan pikeun jadi pagaw warnt. Ujang ngorjat, nangtung sup-asup deui ka jero warnt, ngabjaan mursid yn didinya rk narima nu digaw. Ujang tuluy balik langsung nulis surat dina kertas polio pikeun bisa ditarima digaw di dinya. Beretek lumpat deui ka warnt nganteurkeun surat lamaran. Tidinya ujang mimiti hayang diajar komputer ka mursid, sabab di sakolana harita kacida kurang pisan kana fasilitas utamana komputer jadi teu pati paham.
8

Isukna kira-kira wanci haneut moyan, ujang nampa telepon tina hpna, horng th ti pihak warnt nitah datang pikeun wawancara. Ujang gura-giru ngabjaan mursid yn manhna rk wawancara. Kamja rapih dipak, calana bahan, sapatu og. Tuluy indit ka warnt make motor vespa nu aya di garasi. Ujang asup ka warnt. Dititah diuk, disuguhan cai, ditanyaan ngeunaan asal muasal,pangalaman, jeung motivasi pikeun digaw. Ujang ngajawab saayana jeung ngaku yn manhna can pati paham mak komputer. Sanggeus balaka kitu ujang tuluy ditanya ngeunaan gajih. Ari ujang mah lantaran can aya pangalaman digaw jadi w narimakeun kana usulan pihak warnt. Po munggaran ujang digaw ukur nempokeun babaturannana nu bagan tunggu, ujang dipapatahan, og teu welh nanya kana naon-naon anu teu dipikangarti. Nepi ka tilu pona ujang masih knh ditungtun ku babaturanana, kadituna mah geus bisa mandiri. Digawna aya bagan beurang jeung peuting, di saluyukeun jeung jadwal nu dijieun. Aya kana dua bulan ujang digaw. Geus mimiti ngarti kana komputer jeung internet, og leukeun nangan warta ngeunaan panarimaan mahasiswa anyar taun 2010/2011. Nincak kana bulan maret ujang milu seleksi pikeun bimbel (bimbingan belajar) di bandung. Ari pk th lulus. Peutingna sanggeus narima warta ujang ditarima milu bimbel di bandung, ujang bbja ka dunungannana yn manhna rk milu bimbel nu diayakeun kalayan haratis di bandung. Dunungana ngarestuan, og mnta sanggeusna ujang tamat bimbel, ujang dak digaw deui di warnt. Ujang ukur ngajawab insyaalloh. Po senn ujang indit ka bandung nangan tempat diajarna nu aya di deukeut pasar palasari nyata di sma muslimin. Turun tina beus damri jurusan jatinangor-dipati ukur, leumpang nepi ka panggihna jeung alamat nu dituju. Barudak sakola geus balubar nu aya ngan pagaw sakolana keur mrsan ruang guru. Ujang keketrok nanyakeun ka nu keur digaw. Barang ngalieuk ta pagaw th singhorng tatanggana dilembur, malah aya tali baraya knh. Ujang kacida atohna barang tepung jeung mang nana. ieu th mang nana ceuk ujang bari nilik-nilik. sumuhun jang, geuning terang ? Tmbalna. kantenan w atuh apan urang th salembur. Ceuk ujang. k..kk.. Saha ta ieu th ? ceuk mang nana semu hran sabab geus rada kolot, panona geus teu pati awas. ieu abi ujang ti tasik putra mah dd, putuna pa udin ta.Ceuk ujang.

ah gening si elu. Hampura mamang geus kolot mah kieu gening geus mimiti pohoan, keur mah geus lila teu balik ka lembur, sukur atuh meni jangkung gening ayeuna mah. Kumaha kolot calageur ? Ceuk mang nana. alhamdulillah. Kieu mang mang abi th bade ngiring bimbel nu tempatna di sma ieu, manawi uninga palih mana ? Ceuk ujang. Ujang tuluy dianteur ka kelas tempat bimbel, sanggeusna tuluy diajak nyimpang heula ka imahna nu teu jauh ti sakolaan. Balik tidinya ujang tuluy ka buahbatu, sabab pikeun anu diajar geus disadiakeun asrama, harita babaturanana aya nu tasik dua urang, ti cirebon dua urang, ti bandung saurang. Unggal po babarengan diajar najan bda jurusan. Ujang mah ips, sedengkeun nu liana ipa, ujang dalit pisan jeung babaturana dina susah-bungah babarengan, malah kungsi ngamn og sanggeus diajar th. Ujang rada tinggaleun dina pelajaran matmatika, kabeneran babaturanana nu ti cirbon calakan, tuluy ujang dipapagahan, silih bjaan, silih tulungan. Ampir sabulan satengah ujang hirup di bandung, bari diajarjeung babaturanana, geus mangsana nincak kana ujian snmptn (seleksi masuk perguruan tinggi negri) ujang kabagan ujian di unpas jalan lngkong besar. Heuleut sabulan ujang balik deui ka jatinangor, sanggeus solat magrib ujang muka facebook, tuluy nempo status babaturana anualhamdulillah lulus euy kitu statusna th. Teu lila ujang langsung muka website snmptn, ngasupkeun nomer pin, barang dinter ujang bungah nempo foto manhna aya dina komputer bari aya tulisan selamat anda lulus, diterima di jurusan.. Ujang bungah. Ngasms-an babaturana anu sapajuangan, horng th sobatna nu ti tasik duanana teu lulus, og nu ti cirebon sarua can diparengkeun ku gusti nu maha suci. Ujang silih dungakeun jeung sobatna, anu geus narimakeun kana takdir ti gusti, wirhna ari hirup mah lain ku dimana urang ayana, tapi kumaha urang mawa dirina sewing-swangan sangkan bisa hirup waluya jeung rahayu. Heuleut sabulan sanggeusna ujang diuk dina bangku kuliah, kakarak bbja ka kolotna nu aya di lembur. Kolotna kacida bungahna narima warta yn anakna geus bisa nyumponan naon anu jadi kahayangna. Atuh di lembur tuluy numpeng, sukuran ka gusti nu maha suci.

10

Ujang nangtung jeung gitarna.

Iii Sora gitar Sora mobil geus patingsuliwer, motor rang, ari geus maju ka wanci corngcang tihang th. Ujang sasapu di buruan imah, tuluy brus mandi, nangan deungeun sangu, sasarap, ngelapan gitar nu rk dipak dina acara seminar di kampus, siap-siap indit ka kampusna. Ari inditna sok bareng jeung babaturanana anu kabeneran sajalur jalana jeung manhanana. Babaturana anu ti majalaya geus datang nyampeur, ngng indit ka kampus dina motor. Motor dipareuman, helemna digantungkeun, ujang jeung babaturanana asup ka kelas, gk diuk dina bangku nu geus disadiakeun, merhatikeun pangajaran anu dibikeun ku dosn. Heuleut sa-mata kuliah ujang indit ka gedung aula jeung babaturana rk midangkeun kamonsan dina kasenian sunda anu di adumaniskeun make waditra nu lian pituin ti sunda nyata gitar.
11

Midangkeun lagu manuk dadali, mojang priangan, jeung es lilin. Pamilon nu keur mejeuhna bosen ku matri anu ditepikeun ku narasumber dina acara seminar, jadi calnghar deui nalika ujang jeung babaturanana midang. Panon po geus surup. Ujang nepi ka imahna, leleson, solat magrib, gap kana sangu jeung deungeunana. Hp-hand phonena disada, horng th aya sms, nomerna teu aya dina buku telepon, atuh tuuluy dibales heula da bisi salah menct nomerna, sabab ta nu ngasms th mere pangwilujeng jeung pangbubungah ati. Barang geus dibales, tuluy nelepon nu ngasms tadi. Sora mojang, anu kadng ku ujang kacida halimpuna, kawas nu keur ngawih jeung nembang. Nu nelepon th nyata nyai babaturana di kampus, pok ujang nanya, tapi, nu ditanyana th ngadon robah sora lantaran ceurik. Nyai ceurik sabab keur ngarasa aya katugenah ati lantaran manggih kasusah, milih nelepon ujang th sabab manhna ngarasa aman, aya panyalindung lian ti kolotna nu aya di lembur pok na th, najan teu unggal po panggih jeung babarengan. Ku ujang dilelemu, bari dibr sempalan jeung guyonan. Teu lila nyai seuri jeung bungah deui, sora anu halimpuna kaluar deui, najan sasakali kadng ngingsreuk, tuluy nyai mnta ujang ngahaleuang bari dipirig ku gitar. Ujang mawa gitarna, tuluy ngahaleuang nyanyi dina telepon. dirimu hadir bagaikan sinar menerangi jalanku Kau tunjukan arah mana yang kini harus ku tempuh Agar ku tak sesat lagi seperti dulu.. Bersama bayanganmu kasih Seakan-akan ku terjaga dari mimpi-mimpi Dari kehidupan yang semu dan melenakanku Membuat ku terlupa akan segala-galanya Hari ini- hari ini Ku coba berdiri dan melangkah lagi Bila esok sinar mentari kan bersinar lagi Aku kan menuju cita-cita yang pasti Nyai mprak bari seuri sanggeus ujang eureun ngahaleuangkeun lagu sesaat kau hadir anu sok dihaleuangkeun ku utha likumahua. Bari mnta deui sangkan ujang dak ngahaleuang jeung metik gitarna. Ujang og ngarasa bungah ngadng nyai geus kadng bungah deui, bisa seuri deui. Aya kana 3 lagu dihaleuangkeun ku ujang. Aya kana dua jam-na teteleponan th, lantaran peuting
12

geus liwat peuting geus rk asup ka janari, ujang nitah nyai supaya geura-geura sar sabab isukan aya jadwal kuliah bisi kabeurangan jeung teu shat. Di kampus, ujang jeung nyai papanggih. Nyai nganuhunkeun ka ujang anu geus dak maturan teteleponan, jeung ngalelemu hatna anu keur manggih kasusah. Brs kuliah duanana indit ka taman deukeut situ di kampusna. Panon po rk surup, layung di belah kulon tingsariak, turas disada, lampu-lampu di taman geus mimiti harurung, cai situ oyag-oyagan katebak angin. Ujang jeung nyai diuk di luhur batu sisieun situ, bari silih pikawanoh. Ngong adan magrib sanggeus indit ka masjid nu teu jauh ti situ, nyai dianteurkeun balik ku ujang. Sanepina ka imah ujang tuluy leleson, mrsan bukuna jeung mukaan deui pancnna. Hp-na nyada deui horng th ti nyai, tapi nu ngomongna babaturanna, ngabjaan yn nyai gering, awakna teu walakaya, teu kuat nangtung-nangtung acan. Beretek ujang langsung nyampeurkeun ka tempat nyai, nyadiakeun cai haneut, jeung roti. Leungeun nyai dipenctan, bari ditanyaan kasakit nu dirasana. Awakna panas ngahab, tuluy disimbutan, sabab nyai ngarasa tiris. Teu lila langsung dibawa ka klinik deukeut kampus, mak motor nu babaturana, sanggeus dipariksakeun ka dokter jeung dibr ubar nyai dibawa balik deui. Nepi ka imahna, nyai dihuapan roti ku ujang sabab sangu mah can dak asup, ubar diinum, reup nyai sar ujang balik, bari mnta ka babaturana nu maturan nyai sangkan ngabjaan manhna bisi aya nanaon ka nyai. Isuk-isuk ujang mapag nyai da rk aya ujian, kaayaana geus leuheung batan kamari, ayeuna ah geus bisa nangtung deui. Nyai maksakeun milu ujian najan awakna can jagjag waringkas pisan saperti biasana, lantaran hayang anggeus bareng kuliahna. Geus kitu nyai dijajapkeun balik ku ujang. Direureuhkeun ngarah gancang jagjag waringkas deui cara bihara-bihari.

Wanci sareureuh barudak, nyai ngasms ka ujang. kang ujang hatur nuhun pisan kana bantosanana, mugia teu kaabotan, hapunten nyai ngarrpot ! Ceuk nyai. mangga, sami-sami nyai, henteu kaabotan akang mah, keun da atuh tos sakedahna ieuh urang th silih tulungan,silih titipkeun diri, meumpeung masih kumelendang di alam dunya. Tmbal ujang. sakali deui hatur nuhun pisan anu saageung-ageungna kang ! Ceuk nyai. muhun, tos ayeuna mah nyai gera reureuhkeun heula badan, tong hilap landongna dileueut nya ! Ceuk ujang. Heuleut saminggu nyai mimiti kuliah deui, pasosor karumpul di taman hareupeun kampusna. Aya nu keur fofotoan, aya nu keur botram, aya nu keur diuk sorangan handapeun tangkal bari sasakali ngalungkeun batu leutik.
13

Kurunyung ujang, langsung nyalam ka nyai nu geus lila teu tepung. Ujang muka wadah gitarna, gitar dicekel, dipetik, diuk di handapeun tangkal, bari neuteup panon po nu rk surup ka kulon.

Si ujang

Oki muhamad taopik

14

Japati sakti

Si ujang oki muhamad taopik Hak cipta ditangtayungan ku Undang-undang all rights reserved Wedalan japati sakti Jl. Kolonl ahmad syam no. 163 Telp./sms. 085223794876 Rancangan jilid : oki muhamad taopik Gambar jilid : oki muhamad taopik Citakan i, mi 2012

Eusina Nyaba. Digaw.......... Sora gitar.

15

Anda mungkin juga menyukai