P. 1
Sasakala Lembur

Sasakala Lembur

|Views: 3,337|Likes:
Dipublikasikan oleh YasfiMaziya

More info:

Published by: YasfiMaziya on Sep 14, 2012
Hak Cipta:Attribution Non-commercial

Availability:

Read on Scribd mobile: iPhone, iPad and Android.
download as DOCX, PDF, TXT or read online from Scribd
See more
See less

01/09/2016

pdf

text

original

SASAKALA LEMBUR KURING

FEBBY YANUARY DINNAH

6

SASAKALA KARAWANG Asal ngaran Karawang dicandak tina bahasa Sunda nyaéta „karawaan‟ nu hartina tempat rawa. Ngaran éta saluyu sareng kaayaan géograpis Karawang. Ngaran-ngaran kampung di daérah Karawang réa nu maké awalan “rawa”, misalna : Rawasari, Rawajati, Rawagedé, Rawamerta. Daérah éta, kaayaan taneuhna leuwih handap tibatan daérah nu séjénna. Jadi, kecap Karawang asalna tina rawa. Kamandang nu séjén nyaritakeun yén Karawang éta asalna tina kecap “karancang” hartina liangan. Kamandang ieu dumasar kana kanyataan yén muara walungan éta cabangna lima, nepi ka cabang muara éta taneuh di muara

7

walungan Citarum ngajadikeun ngabeulah-beulah ku aliran walungan Citarum, sahingga kusabab kitu taneuh nu didinya siga anu ngaliang. Ngaran Karawang geus kawéntar ti nalika ti masa Pajajaran, kusabab Karawang jadi kota lalu-lintas pameuntasan nu penting, nu

ngahubungkeun Pakuan Pajajaran sareng pusat kerajaan Galuh Pakuan di sabuderen Ciamis. Sawatara kitu numutkeun sumber Portugis nyebutkeun yén “Pelabuhan-pelabuhan penting dari Pajajaran, seperti yang diberitakan oleh sumber-sumber Portugis ialah …, Caravan (Karawang) pada sungai Citarum,….” Ku kituna masarakat nyebut Karawang téh ku kecap Caravan. Nalika jaman Mataram diparéntah ku Sultan Agung, Karawang disebat “Siti Nagara Agung”. Hal ieu tiasa ditingal ku ayana piagam ti Sultan Agung ka Ki Rangga Gedé nu dititipkeun

8

ka Astrawardana, ku aya maksud sangkan hubungan sareng Nagara Agung tiasa kajaga. Kamandang P.A.A Jayadin naon nu dimaksud sareng Siti Nagara Agung téh nyaéta Karawang téa. Dina jahul kuburan Bupati Singaperbangsa di Ciparagé, dituliskeun antarana kecap-kecap “DI SITI BONGAS KILEN”.

Bongas klién hartina wewengkon belah kulon (Bongas hartina bates), maksudnamah nyaéta Karawang. Salian ti éta aya ogé nu nyebutkeun yén Aria Surengrono di paréntah Sultan Agung pikeun indit ka Rangkah Sumedang pikeun

ngusir tentara Banten. Nu dimaksud Rangkah Sumedang nyaéta Karawang. Urang Karawang ku Walanda sebutan nyebutkeun “Cravangh” ngaran Jeung

masarakat umumna nyebut Karawang. ***

9

SASAKALA PASIRKALIKI Jaman baheula aya hiji lembur nu teu kacida gedéna daérahna baseuh da sakuriling

jeung satungtung deuleu téh katempona tegal jeung tangkal kaliki hungkul. Tacan aya nu nyicingan éta lembur, da émang can aya nu wanieun. Ngan di lembur éta téh kasohor pisan sumber minyakna ngan can aya nu wanieun kadinya. Dina hiji waktu aya urang Bandung nu ngadangu éta lembur. Maranéhna datang ka éta lembur, tidinya mimitian lembur éta téh di bukbak jeung di babad tegal tangkal kalikina. Mimiti tidinya lembur éta nu tadina tegal jeung tangkal kaliki hungkul ayeuna jadi lembur anu pendatang ti Bandung téa. Pendatang éta perenahna Bandung na di Pasirkaliki, tidinya urang Bandung nu aya di lembur éta ngaranan lembur anu di babad téh lembur Pasirkaliki.

10

Ti saprak harita nu daratang ka lembur Pasirkaliki téh tiap poéna nambahan waé malah nu lolobana mah urang Bandung jeung Cianjur. Urang Bandung jeung Cianjur éta téh ahli seni sadaya mangkana basa harita mah Pasirkaliki téh kasohor gudangna ahli seni. Taun 1915

Pasirkaliki nembé di anggap désa Pasirkaliki lebet ka Kabupatén Karawang. ***

11

SASAKALA SEMPUR Dina jaman baheula aya hii lembur. Lembur éta pinuh ku tatangkalan kaliki. Ngan lain éta nu ngasohorkeun éta lembur tapi kasohor ku aya hiji wanoja anu gumeulis pisan. Kacaritaken aya pamuda pangangguran anu ngadangu yén aya hiji lembur anu ngabogaan wanoja anu gumeulisna teu katulungan. Éta pamuda téh panasaran pisan nepi ka dijugjug néangan lembur nu rék di datangan. Poé ka poé, jalan jeung jalan, totoang jeung totoang di liwatan tapi lembur nu rék di jugjug téh can kapanggih kénéh. Hiji mangsa keur ditotoang pamuda éta téh ngasoh nyalandé di tangkal kaliki da émang karasa capé pisan. Keur ngeungeunahna ngasoh pamuda éta ningali ti kajauhan tangkal kaliki téh sérab, manéhna panasaran naha tangkal kaliki téh bet katingali sérab. Bakating ku panasaran éta

12

disampeurkeun tangkal kaliki éta téh, pas katingali deukeut, sihoreng téh tangkal kaliki éta kena cahaya mojang nu keur di deukeutna. Cahay mojang éta ngempur nepi ka nyérabkeun tangkal kaliki éta. Pamuda éta nyadar yén mojang nu di omongkeun manéhna. Ti saprak harita lembur éta téh katelah jadi lembur sempur anu asalna ti kata ngempur. *** téh ayeuna aya di hareupeun

13

SASAKALA RAWACULA Aya hiji lembur nu sakurilingna téh pinuh ku rawa sareng hutan geledegan. Datang Mbah Éyang Aksan ulama ti Jawa lebet ka lembur éta terus ngabukbak éta hutan nepi ka jadi lembur, ngan aya hiji nu teu di bukbak nyaéta rawa nu aya didinya, kusabab éta rawa téh pinuh ku oray jadi teu wani ngabukbak éta rawa. Sabérésna éta hutan di bukbak téh Mbah Éyang Akung ngaranan éta lembur Rawaula. Rawa téh asal muasalna ti ningali didinya aya rawa ari ula téh dina bahasa wewengkon didinya hartina oray jadi rawaula téh rawaoray. Teu lami tidinya datang deui ulama ti Jawa nu jenenganna Mbah Éyang Apra, datangna mbah Éyang Apra ka rawaula téh teu nyicingan tempat anu di tempatan ku Mbah Éyang Aksan tapi ngabukbak deui sésa lahan nu teu di bukbak ku Mbah Éyang Aksan. Sanajan ngan sésa bari

14

jeung saeutik éta lahan téh hak Mbah Éyang Apra. Lembur éta téh di ngaranan babakan leupeut. Akibat kajadian éta lembur rawacula téh kabagi dua rawacula anu dicicingan ku Mbah Éyang Akung lebet ka desa pasirkaliki, hiji deui rawacula nu dicicingan ku Mbah Éyang Apra lebet ka desa pasirawi. ***

15

SASAKALA RAWACULA HUJAN Dina hiji waktu Pa Artalim asli turunan urang rawacula ngayakeun hajatan dibumina, réa pisan nu daratang ka éta hajatan téh da émang pa Artalim téh salah sahiji tokoh masarakat pas jamanna. Harita aya musafir nu keur aus milarian cai. Ngjugjug lembur ka lembur nepi mangihhan teu kahaja lembur rawacula nu kaparengan didinya aya nu keur hajat nyaéta pa Artalim. Musafir éta ngadatangan ka nu hajat éta tujuanamah ngan ménta cai hungkul, tapi saprak rék ngadeukeutan Pa Artalim nyampeurkeun bari ngomélan éta musafir bari pok ngomong “Tong kadieu bisi tamu urang geuluheun, mangkat kaditu jig mangkat” carék pa Artalim. Teu lili tidinya musafir éta indit ka kalér perbatasan bari susumbar gugupay ka langit, pok ngomong “Hey saturunan si Artalim bakal diturunkeun hujan mun

16

boga niatan hajat, méong turun” saprak tidinya langit jadi poék, hujan turun. Dugi ka ayeuna mitos éta masih aya yén saha mun urang rawacula ngagaduhan hajat pasti turun hujan. ***

17

SASAKALA SUMURBATU Jaman baheula Karawang téh kasohor ku lumbung padi sareng jalur perlintasan nu kalintar raména. Nu timamana mun rék indit ka wétan atawa ka kulon milari bahan pidahreun téh nyimpang heula ka karawang. Dina hiji mangsa musafir musafir téh kakurangan cai, maranéhna bingung kamana kudu meunangkeun cai. Hampir sakarawang téh usum halodo atuh cai ogé hésé. Dihiji lembur aya pamuda nu keur bingung milari cai, manéhna geus kukurilingan néangan hulu cai api teu kapanggih-panggih. Manéhna kapikiran rék nyieun sumur suganwéh aya caian. Teu lila tidinya ngagali sumur, ngan can gé nepi ka jero pacul téh mentog pas di tingall téh batu nu ngahalangan di jero taneuh, atuh jadi hésé rék ngagali ogé. Manéhna pindah tempat ngagalina rada jauh ti tempat nu tadi, macul deui

18

waé terus teu lila tidinya deui pacul téh asa mentog deui waé pas ditingali téh batu deui waé anu ngahalangan. Atuh manéhna téh aral pisan, pindah deui waé tah tempatna ayeunamah tukangeun imah deukeut tatangkalan anu gédé. Ayeunamah diniatan mun sakali deui mentog ku batu pkonamah rék padu lanjutkeun waé, teu paduli. Maju deui tah macul manéhna téh, bener tah sangkaan manéh téh yén bakal aya batuan deui, ah da émang geus niat mun aya batuan gé rék lanjut waé macul. Aya ku lilana macul rarasan geus jero karak kapanggih cai tah, atuh kacida bungahna. Ngan hanjakal dihandap téh aya batuan kénéh. Tapi pas di siuk mah cai na téh hérang. Ti saprak harita kasohor tah sumur éta téh sumur batu, réa pisan nu datang ka sumur éta pikeun ngala caina atawa rék ningali hungkul. Sanajan halodo, sanajan di lembur batur cai geus

19

teu kapanggih tapi di sumur éta mah cai téh aya waé. ***

20

SASAKALA MALANGSARI Hiji mangsa aya lembur babakan anu perenahna di tengah sawah. Lembur étatéh sabenernamah teu jauh teuing kaditu kadieuna, ngan dipisahkeun ku totoang jeung sawah hungkul. Nu ngajadikeun lembur éta jarang aya nu datang téh da didinya téh baheulana di tungtung totoang aya patok nu malang

ngahalangan jalan nu rék asup ka lembur éta. Dugi ka ayeuna katelah éta lembur téh lembur Malangsari. ***

21

SASAKALA TELUKJAMBÉ Dina hiji mangsa aya pamuda nu keur milari dukun pikeun ngajampékeun bapan nu keur teu damang. Dilembur manéhna gé aya dukun nu bisa ngjampékeun bapana ngan sababaraha kali ogé bapana téh teu cageur-cageur malah nambah parna. Nalika pamuda éta pegat harepan lantaran bapana can cageur-cageur mnaéhna meunang béja yén aya lembur nu ngabogaan dukun nu bisa ngubaran, lembur éta perenahna aya di belah kidul Karawang. Teu lila tidinya langsung waé pamuda éta mawa bapana ka lembur anu dibéjakeun tadi. Kukurilingan maranaéhna

néangan lembur éta ngan teu kapanggih waé. Basa nanyakeun kanu liwat dijalan, dibéjaan tah tempatna téh ceunah mah teu jauh tidinya. Langsung dijugjug deui tah éta lembur téh, didinya aya imah nu pinuh ku jalma. Kapanggih

22

ogé tah éta lembur nu ditéangan téh. Ngan nu matak bingung éta lembur téh ngabogaan sababaraha dukun malahmah réa pisan dukun, atuh kacida bungahna manéhna téh da jadi loba piliheun pikeun ngobatan bapana. Sanajan teu cageur di dukun nu hiji aya deui dukun nu séjénna. Tidinya katelah lembur éta téh

Telukjampé, da didinya réa pisan dukun nu bisa ngajampékeun pasén. Ngan kadieu kadieu

Telukjampé jadi disebut Telukjambé. ***

23

SASAKALA CURUG SANTRI Kacaturkeun aya hiji pasantren anu ayana di pakidulan Karawang. Santri-santri éta

pasantrén téh keur meunang kabingung nu teu manggih tungtung, lantaran di éta pasantrén keur hésé cai, anu sababna keur usum katiga. Sumursumur jadi saat, ragasi garing. Padahal cai téh apan sakitu diperlukeuna. Tuda katiga téh mani euweuh tungtungna. Ajengan éta pasantrén nitah sababaraha urang santrina pikeun néangan cai ka gunung. Malah mun bisa kudu kapanggih hulu caina, sangkan lamun sakalina butuh deui ku cai kari néang kadinya. “Ieu téh cocoba pangéran. Urang kudu tetep ihtiar, ulah aral. Jig, maranéh ka gunung, sugan manggihan cai keur kaperluan urang sapopoé didieu!” ceuk Ajengan.

24

Narima paréntah ti ajengan kitu téh, para santri kacida bungaheunana. Sanggeus nyiapkeun dirina masing-

masing, para santri téh bring marangkat ka gunung. Mangkatna nyusur-nyusur walungan anu caina geus saat ngolétrak. Ngan kari batu-batuna baé nu katingal. Beuki jauh beuki nanjak, beuki asup ka leuweung. Sanggeus lila apruk-aprukan ditengah leuweung, kadéngé sora cai. Tapi barang

didéngékeun, éta sora cai téh teu puguh dimanadimanana. Sakapaeung asa kadéngé ti kalér, tapi sakapeung asa kadéngé ti kidul. Sakapeung deui mah asa teu kadéngé. Ngan anu pasti mah, éta sora téh datangna ti tonggoh. Rombongan santri bring deui mapaymapau walungan nu beuki nanjak. Disisi

walungan katingal tatangkalan anu sakitu gedéna. Sakapeung kadéngé sora lutung silih témbalan.

25

Beuki ka luhur jalan téh beuki lésang. Hiji- hijina anu matak ngabungahkeun haté para santri téh di walungan tos mimitian katingal cai, beuki luhur deui cai téh ngocorna beuki gedé sarta batu-batuna mimiti loba nu kakeueum. Sanggeus leumpang sakitu jauhna santri téh nepi ka hiji tempat anu lalega. Kaayana matak pibetaheun, kacida segerna. Ngan lain éta nu matak pibungaheun téh tapi asalna sora cai nu matak pibungaheun, apan éta nu diténgan nu jadi tujuan maranéhna mangkat ti pondok téh. Bari ngareureuhkeun kacapé jeung

nuuskeun késang, santri-santri barungah didinya. Ngadon madi kokojayan dina leuwi jeung madi dina curug nu caina sakitu segerna. Malah tuluy ngadon sarolat di dinya, kusabab loba batu anu cukup dipaké keur ruku atawa sujud. Geus manggih hlu cai mah santri-santri téh marulang deui, ngan teu poho ngeusian

26

wadah-wadah cai anu ngahaj meunang mekel ti pasantrén. Bring balik deui mapay-mapay jalan urut tadi datang. Nepi ka pasantrén santri-santri étatéh dipapag kalawan bungah. Ku ajengan dinuhunnuhunkeun lantaran geus manggihan hulu caina. Béja yén aya santri nu manggihan curug téh kadéngé ku lembur-lembur séjén. Loba jalma nu ngahaja datang kadinya pikeun ngala cai bari sakalian hayang apal kacurugna. Teu anéh lamun dina waktu anu sakeudeung éta curug kawéntar. Lain ku anu butuh cai hungkul tapi ku anu ngahaja hayang uling kadinya. Nepi ka ayeuna éta curug ngaranna katelah Curug Santri. ***

27

SASAKALA SAMPORA Kacaturkeun aya hiji hutan geledegan anu hieum pisan. Datang hiji jalma ngababad éta hutan téh, hutan éta téh lolobana ku tangkal sampora. Di babad wéh tah hutan téh, ngan aya hiji tangkl sampora anu béda, anu ngabédakeun tangkal sampora éta téh nyaéta gedé jangkung béda jeung nu séjénna. Ku jalma éta tangkal anu béda téh teu di babad di antepkeun waé. Ti saprak dibabad harita, hutan éta dijadikeun lembur. Kusabab aya tangkal sampora lembur éta katelah nepi ka ayeuna ngaranna lembur Sampora. Sampora asup ka désa Sukamerta, ngan saprak kaping 3 januari 1978 Sampora misah ti Sukamerta jadi asup desa Sukapura, ngaran Sukapura nyaéta Suka téh tina kecap Sukamerta ari Pura nyaéta tina Sampora. ***

28

SASAKALA RAWAGEDÉ Basa harita Walanda datang ka Indonésia, niatnamah rék ngajajah. Perenahna kacaritakeun datang ka lembur Rawamerta rék néangan salah sahiji pajoang nyaéta Kaptén Lukas Kustario. Anjeunna téh Komandan Batalyon Tajimaléla, Brigade II/Siliwangi. Walanda téh kacida

geuleuheunana ka anjeunna téh, lantaran Kaptén Lukas Kustario téh sok nyerang pos-pos Walanda. Tentara Walanda tuluy nyieun bewara, sing saha anu bisa néwak Kaptén Lukas anu keur jadi buronan, bakal dibéré hadiah 10.000 gulden. Walanda datang ku nanya-nanya ka masarakat, dimana Kaptén Lukas?? Dijawab ku masarakat téh Kaptén Lukas aya dihiji lembur di belah kalér,da sieun di dérédéd téa Dina hiji mangsa, lembur anu rék

didatangan ku Walanda téh meunang béja yén Walanda rék datang ka éta lembur. Atuh

29

pamingpin éta lembur téh teu ngeunah cicing kumaha sangkan Walanda teu datang ka éta tempat. Kacaritakeun dilembur éta aya hiji dukun anu kawéntar pisan kamana-mana. Pamingpin lembur ngadatangan éta dukun, rék ménta

pitulung. Ku dukun di sanggupan, béjana yén Walanda moal datang ka lembur ieu. Basa Walanda geus deukeut ka éta lembur, anu dituduhkeun ku masarakat. Anu katingal téh lain lembur tapi rawa jeung tatangkalan anu masih geledegan. Atuh Walanda téh kacida adatna, langsung teu jadi ngadatangan lembur éta téh balik deui ka pos. Sihoréng teuaya nu salah ka lembur éta mah, ngan mata batin Walanda anu ditutupan ku dukun jadi rarasaan manéhnamah anu katingal satungtung deuleu téh rawa lain lembur. Ti saprak harita kabéja-béjakeun yén walanda teu jadi ngadatangan lembur anu

30

dicicingan ku Kaptén Lukas lantaran nu katingal ku maranéhnamah katingalna rawa geledegan. Tidinya éta lembur katelah dugi ka ayeuna ngaranna lembur Rawagedé. ***

31

SASAKALA KOBAK KENDAL Kacaritakeun aya hiji lembur anu keur nyorang usum halodo panjang, atuh jadi hésé cai. Pamingpin lembur éta maréntahkeun ka

masarakat yén ayeuna urang kedah sabar pikeun nyanghareupan ieu halodo, ieu téh cobaan ti nu Pangéran. Aya pamuda nu ngagaduhan ideu pikeun nyieun sumur, dibéjakeun éta ideu téh ka pamingpin lembur. Pamingpin lembur éta

nyatujuan pisan. Teu lila tidinya masarakat téh nyarieun sumur, ngan sumur nu dijieun téh teu daékeun aya caina. Nepe kahiji mangsa aya sumur nu aya caian, tapi saking masarakalt loba pangabutuhna éta sumur téh di legaan nepi ka jadi kobak. Kobak éta caina hérang, dipaké nginum, mandi nepi ka di paké nyeuseuh ogé.

32

Tidinya lembur éta katelah nepi ka ayeuna ngaranna lembur Kobak Kendal. Ari kobak asalna tina kobak anu dijieun ka masarakat, mun kendal asalna tina kata „kendali‟ nyaéta kobak nu ngendalikeun kahirupan lembur éta nu

ngamangpaatkeun caina. ***

33

SASAKALA KEDUNG Lembur ieu perenahna aya dipakidulan Karawang. Aya di dataran luhur, taneuh na pinuh ku rawa. Hutan geledegan, sato-sato kasada siga nu patémbal-témbal. Lembur éta ngaranna babakan, ngan ti saprak aya jalma nu ngumbara datang ka lembur éta ningal lembur didataran pangluhurna katingal lembur éta téh bentukna Letter U, tidinya lembur éta katelah nepi ka ayeuna ngaranna lembur Kedung. ***

34

SASAKALA ASTANA PANJANG Jaman baheula nu ngeusian lembur

Pasirkaliki téh nyaéta pindahan urang Bandung sareng Cianjur. Nu ahli seni didinya ngarumpul. Basa harita taun 1915 Pasirkaliki jadi désa, nu ngeusian lembur éta téh nambahan lain urang Bandung sareng Cianjur hungkul tapi ti daérah nu séjénna ogé daratang ka Pasirkaliki. Beuki dieu lembur éta téh beuki nambahan legana. Anu tadina kaasup ka désa Pasirawi ayeuna misahkeun jadi désa Pasirkaliki. Ti saprak harita nu ngeusian penduduk téh nambahan, duka urang Bandung sareng urang Cianjur na kamarana, ngan anu pasti mah titinggal perkakas seni na mah araya kénéh, nyaéta nu ayeuna dikuburkeun nu eusina alat gamelan, bedog, keris jeung sajabana. Kuburan éta téh kacida panjangna aya kana dua meterna langkung.

35

Tah saprak harita lembur anu aya kuburan éta téh katelah ngaranna lembur Astana Panjang. ***

36

SASAKALA TEGALSAWAH Kacaritakeun sakurilingna pinuh hiji ku wewengkon sawah, tegal nu jeung

tatangkalan. Hawana masih kénéh harieum, sora manuk kasada siga anu patémbal-témbal. Tempat éta biasa dijadikeun tempat ngangon sapi, da émang can aya nu nyicingan. Aya pendatang nu ningali éta tempat, anjeunna nu ngamimitian nyicingan éta tegal. Ti harita kabéjakeun yén aya lembur anyar anu dicicingan ku pendatang, teu lila tidinya beuki dieu beuki réa nu nyicingan téh. Nepi ka ayeuna éta lembur katelahna lembur Tegalsawah da émang mimitna tegal sareng sawah hungkul. ***

37

SASAKALA LADANG HUMA Aya hiji lembur anu perenahna di desa Sukapura. Lembur éta tiasa disebut babakan kumargi kaayaan lemburna aya di tengah-tengah sawah. Ka lembur séjén téh kahalang ku totoang jeung walungan. Lembur éta téh tapina jadi tempat jugjugan pikeun anu ngadon nyawah jeung ngarambét, atawa mun keur usum panén mah para paderep téh sok ngadon ngingu bébék dilembur éta téh sabari nyieun ténda di sisi-sisi walungan. Ti saprak tidinya lembur éta téh katelah ku ngaran lembur Ladang Huma nepi ka ayeuna. ***

38

NARASUMBER Wasta Tempat tgl lahir Alamat : Didi Iskandar :Karawang, 24 Oktober : Dusun Kedung Mulya Kampung Rawacula Rt.28/08 Pasirkaliki Karawang

Wasta Tempat tgl lahir Alamat

: Acum :Karawang, 1952 : Dusun Kobak Kendal Desa Sukapura Rawamerta Karawang

Wasta Alamat

: Wiryadi : Dusun Sampora Desa Sukapura Rawamerta Karawang

Wasta

: Ahon Sukarya

39

Alamat

:Dusun Pasirkaliki Karawang

Krajan

Desa

Rawamerta

40

DAPTAR PABUKON Danadibrata,R.A. 2006. Kamus Basa Kiblat

Sunda.Bandung. Buku Utama

Sugiana, Uus, spk. 2004.Babasa. Karawang. CV Pamulang. Pustaka Suhaeny, Eny, K.S Tugiyono. 1986. Sejarah Terbentuknya Kabupaten

Karawang. Jakarta. Pustaka Dian

41

You're Reading a Free Preview

Mengunduh
scribd
/*********** DO NOT ALTER ANYTHING BELOW THIS LINE ! ************/ var s_code=s.t();if(s_code)document.write(s_code)//-->