Nama: Crusita Oktavianita Kelas: XII IPA 3

Basa, Kasenian, jeung Kahirupan Sunda
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 18-05-2011 |
Catetan DHIPA GALUH PURBA

KU ayana kamekaran téknologi internét nu ngarambah nepi ka tepis wiring, tétéla mawa pangaruh nu kalintang hadé kana kahirupan basa Sunda. Sanajan téknologi datangna ti deungeun, tapi lain hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan dina sawatara jejaring sosial, saperti facebook. Réa diantarana anu tara asa-asa deui ngawangkong téh ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balaréa. Malah aya rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong ngagunakeun basa indung. Lebah dieu, bisa dicindekeun yén naon rupa anu jolna ti deungeun téh henteu salawasna goréng, malah nu hadé ogé kacida réana. Kilang kitu, kalintang gumantung kana kumaha carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadéan. Poé basa indung anu dipiéling saban 21 Fébuari tangtu bakal leuwih haneuteun ku ayana natrat yén basa indung téh hirup kénéh, dina harti masih diparaké ku masarakat dina wangkongan sapopoé. Lain baé basa Sunda, da kaasup basa indung sélér séjénna ogé jadi leuwih hirup ku ayana kamekaran téknologi. Lebah dieu seukeutna sawangan UNESCO téh, anu antukna netepkeun 21 Fébuari minangka Poé Basa Indung Internasional. Héabna sumanget pikeun ngamumulé basa Sunda ogé bisa karasa ti kalangan rumaja. Contona, dina Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) Pelajar anu diayakeun ku Téater Sunda Kiwari, pesertana bisa ngajaul ngaleuwihan targét panitia. Sabada pendaptaran FDBS Pelajar ditutup, kacatet 49 grup téater rumaja nu miluan dina éta féstival. Lain baé patandang ti Jawa Barat, da aya ogé peserta anu jolna ti Banten. Basa Sunda henteu bisa dipisahkeun ku wilayah administratip. Komo deui Banten mah kapan sidik Sunda pisan. Sajabana ti FDBS Pelajar anu digelar ti tanggal 7 nepi ka 27 Fébuari, di Gedong Kasenian Rumentangsiang ogé maneuh dipidangkeun rupaning kasenian Sunda, kayaning tari tradisonal, sandiwara Sunda, longsér, jeung sajabana. Beuki pikabungaheun basa nengetan personilna leuwih réa didominasi ku kaum rumaja. Sandiwara Sunda mimiti neut-neutan deui, dipidangkeun sacara maneuh di Rumentangsiang. Grup Sri Murni jeung Ringkang Gumiwang kaasup dua grup sandiwara nu mindeng ngagelarkeun pintonan di Rumentangsiang. Ku leuwih hirupna basa Sunda, boh di dunya maya atawa dina kahirupan sapopoé, dipiharep mawa pangaruh hadé pikeun masarakat. Budaya Sunda tetep bisa kajaga pikeun ngawangun kahirupan nu silih asah, silih asih, tur silih asuh. Réréongan dina

éndah kahirupanana. ulah nepi ka kajadian jati kasilih ku junti. jeung silih asuh” geus bisa diterapkeun dina kahirupan sapopoé. Apan harti “Sunda” téh éndah.com/basa-kasenian-jeung-kahirupan-sunda/ . Urang Sunda bisa ngigelan kamekaran jaman. lain baé ngamumulé basana jeung kasenianna. Hirup basana. Urang Sunda kudu bisa hirup kalayan walagri di lemah cai Sunda. tapi nu leuwih utama mah miara ajén inajén jeung saripati kalinuhungan budayana pikeun dipraktékeun dina kahirupan sapopoé. Widang ékonomi. malah ngarasa bingung kudu kumaha méakeun raja kaya. muga leuwih natrat deui. di lembur sorangan ogé tétéla urang Sunda méh kaléléd ku para pendatang. Dina kaayaan sarupa kitu. pulitik. “Sunda” mah salawasna éndah tur reumbeuy kahadéan.kahadéan. Urang Sunda kudu siap tandang makalangan sangkan henteu jadi galandangan di lembur sorangan. Ironis kabina-bina mangsa nyaksian urang Sunda nu teu kabagéan pacabakan tur teu mampuh mibanda pangiuhan. Di sisi séjén. Dina mangsa globalisasi kiwari. taya salahna mikaresep kasenian deungeun kalayan henteu kudu mopohokeun kasenian banda urang. tur hirup budayana. wanoh jeung baraya katut tatangga. tangtu beuki éndah Sunda téh. Pon kitu deui. hirup kasenianna. Lamun “silih asah. Pangpangna mah nurutkeun data statistik. bari henteu kudu ngaleungitkeun idéntitasna salaku urang Sunda. réa nu hirupna medah-meduh. silih asih. katut kasenian. Éndah alamna. taya deui pilihan iwal ti kudu wani aub tarung dina persaingan.*** Sumber: http://galuh-purba. Rék ditarjamahkeun kana basa naon ogé. naha kamana atuh palsapah “silih asih” téh jeung sasama téh? Naha urang bet téga ngantepkeun baraya nu katalangsara di sarakan sorangan? Ku kituna.

Sign up to vote on this title
UsefulNot useful