Anda di halaman 1dari 5

RESENSI NOVEL BASA SUNDA

Nu Ngageugeuh Legok Kiara (Dadan Sutisna)


disusun kanggo tugas pangajaran Basa Sunda semester 2 taun pangajaran 2011/2012

Disusun Ku : Devi Mardiana Hana Rianti Nurfaridah Lita Luthfiyyani Ridwan Firmansyah Yuni Ardiani Efendi Kelas XI IPA 2

SMA NEGERI 2 CIAMIS Rintisan Sekolah Bertaraf Internasional Jalan K.H. Ahmad Dahlan No.2 Tlp. (0265) 771709 Ciamis 46216

Resensi Novel Basa Sunda Nu Ngageugeuh Legok Kiara 1. Identitas Novel Judul buku : Nu Ngageugeuh Legok Kiara Pangarang : Dadan Sutisna Pamedal : PT. Kiblat Buku Utama Taun medal : 2001 Kandel buku : 51 kaca Harga Buku : Rp 13.500,00

2. Sinopsis Dadan Sutisna, pangarang kalahiran taun 1978 nerbitkeun karya fiksina nya eta Nu Ngageugeuh Legok Kiara. Dina novelna nu ayeuna Dadan Sutisna nulis ngeunaan masarakat anu percaya kana mitos. Kieu sinopsisna. Teu jauh ti lembur aya tangkal kiara nu umurna geus ratusan taun. Caranom, geueuman, disebutna Legok Kiara. Ra dongngna Legok Kiara th. Cenah nu ngalanto ka dinya mah balikna sok terus gering. Dipahing pisan barudak ulin ka Legok Kiara, komo wanci sareupna mah da cenah aya nu ngageugeuhna. Si Emod jeung Si Sadun anu panasaran hayang ngabuktikeun mitos yen mun ngadeukeutan legok Kiara teh anjeuna bakal gering. Cenah di legok Kiara teh aya tangkal kai nu hirupna geus ratusan taun. Barudak teh jadi inget ka legok Kiara gara-gara aranjeuna meunang tugas ti sakola jang melak tangkal kai di deukeut sakola meh sakola jadi leuwih iuh jeung alus sarta jang ngajaga alam sabab zaman ayeuna alam teh geus beuki ruksak gara-gara ulah manusa. Ceuk Bapana Si Emod, di Legok Kiara teh loba jurig jeung dedemit, tempatna sanget jeung geueuman. Da puguh aya tangkal Kiara anu jangkungna kabina-bina. Areuyna ngagangseur kana taneuh. Tapi Emod henteu percaya teuing kana eta beja teh. Manehn angger

panasaran. Malah hayang ngabuktikeun naha enya di dinya teh aya jurig. Hiji waktu, Mang Apin anu sok babantu di sawah bapana ngabejaan yen manehna rek ngabasmi beurit nu aya di kebon bapana. Sawah bapana Si Emod teh aya di deuket legok Kiara. Tangtu wae Si Emod teu nyia-nyiakeun eta kasempetan. Manehna tuluy menta ka bapana sangkan bisa ngilu ngabantuan Mang Apin. Sanggeus diijinan manehna tuluy ngajak Si Sadun meh manehna bisa ngabuktikeun yen mitos nu aya teh teu bener. Pas poe Minggu, maanehna indit ka legok Kiara, di dinya si Emod jeung Si Sadun tajub ningali tangkal Kiara nu jangkung tur gede kabina-bina. Tapi maranehna tuluy balik da rada sieun oge cicing di dinya. Di legok Kiara maranehna manggih ucing, tuluy ku Si Emod dibawa balik ka imahna. Eta ucing dingaranan Si Buris. Si Emod deukeut pisan ka Si Buris, nepi ka sare ge dibaturan ku Si Buris. Tapi sanggeus kolotn nyaho yen Si Buris teh dibawa ti legok Kiara, Si Emod dititah jang miceun Si Buris. Tapi Emod teu bisa, manehna tetep merahankeun si Buris di imahna. Panon poe keur meujeuhna moreret. Desa Si Emod jeung Si Sadung meunang paceklik. Tutuwuhan hareupeun mah Emod loba nu kalempohan. Jujukutan nepi ka pirang kahalodoan. Emod inget kana carita guruna yen keur halodo mah perlu pisan tutuwuhan teh. Upama hareupeun imahna pinuh ku tatangkalan meureun moal bayeungyang kawas ayeuna. Ngan aya nu matak hemeng keur Emod mah. Unggal tengah poe Si Buris sok ngereles, teuing kamana ulinna. Hiji mangsa poe Minggu kusabab panasaran, manehna nuturkeun si Buris. Si Buris tonggoy leumpang mapay pasawahan nu garing kahalodoan. Ngalengkah siga nu lungse, kawasna mah awahing panas. Beuki jauh Emod nuturkeun Si Buris, tungtungna mah anjog ka Legok Kiara. Si Buris tuluy kukurusukan ka nu bala. Ditempo teh tangkal di dinya mani harejo, apan mun tangkal hayang alu teh kudu aya cai. Pas Si Buris kalur, sirah Si Buris kulimis siga tas diteuleumkeun kana cai. Emod naghuleng sajongjonan. Naha bet aya cai di dinya. Barang disidik-sidik ke Emod, cai anu barijil tina taneuh teh siga kasedot

deui ka jero. Kawasna mah aya deui liangna. Emod jadi inget arita guruna yen tangkal kai nu gede gunana keur nahan erosi jeung neundeun cai. Geus apal di dinya aya cai, Emod gura-giru balik tuluy ngabejaan Pa Kuwu. Isukna urang lembur ngabring ka Legok Kiara. Urang lembur teu peraya keneh yen di dinya teh loba cai. Ayeuna mah urang lembur teu aya nu sieun deui ka Legok Kiara, malah urang lembur loba nu datang ka dinya jang mawa cai. Tina carita eta urang apal yen mitos teh teu salamana bener.

3. Timbangan a. Eusi Eusi carita ieu teh alus pisan sabab ngingetkeun urang yen alam teh penting pisan jang kahirupan urang jadi urang teh ulah ngaruksak alam. Urang oge ulah pasea jeung babaturan kusabab masalah nu leutik, urang kudu silih ngarti. Tina novel ieu ge urang diingetan sangkan ulah percaya teuing kana nu ngarana mitos saacan kabuktian kabeneranana. b. Basa Sanajan basa nu digunakeun basa loma, tapi basana tetep sopan, teu kasar teuing. Basa nu dipake bisa nepikeun maksud pangarang ka nu maca novel ieu.

4. Kacindekan + Saran Novel ieu ngingetan urang yen alam teh penting pisan jang kahirupan urang jadi urang teh ulah ngaruksak alam. Sarua jiga nu dicaritakeun dina novel ieu, ceuk guruna Si Emod jeung Si Sadun lamun urang teu ngajaga alam, urang bakal susah. Urang oge ulah pasea jeung babaturan kusabab masalah nu leutik, urang kudu silih ngarti. Tina novel ieu ge urang diingetan sangkan ulah percaya teuing kana nu ngarana mitos saacan kabuktian kabeneranana. Novel ieu nyaritakeun tentang Legok Kiara nu dipercaya ku masarakatna bisa ngakibatkeun gering mun ngadeukeutan Legok Kiara. Tapi nyatana sanggeus dideukeutan ku Si Emod di dinya teh aya cai nu loba, nu bisa mantuan masarakat tina masalah paceklik. Tina carita eta urang diingetan yen urang ulang percaya teuing kana mitos saacan kabuktian kabeneranana. Novel ieu teh sae pisan kanggo dibaca ku kabeh kalangan hususna barudak sabab ieu teh novel barudak nu ngabogaan amanat nu loba tur sae pisan, novel ieu nyaritakeun kahirupan urang sapopoe.

Anda mungkin juga menyukai