Anda di halaman 1dari 4

ASAL MUASAL NGARAN BOGOR

Upama urang nitnan lambang kota Bogor, di dinya aya gam bar kujang anu ngandung harti yn kota Bogor th minangka disebut Karajaan barang barang pusaka pusaka? Cindekna warisan Lantaran dayeuh karuhun. Naon sababna pangna ieu kota baheula di ieu tempat kungsi ngadeg Pajajaran. Bogor kiwari th patilasan karajaan Sunda anu kamashur, nyata Karajaan Pajajaran. Pajajaran carem dina taun 1579 sanggeus dirurug ku pasukan Maulana Yusuf ti Banten. Ti mana asal-muasalna ngaran Bogor th? Ngaran hiji tempat ilaharna sok didasaran ku ayana ciri atawa karakter anu husus minangka punjulna ta tempat ti tempat sjnna. Sagdngeun ta aya og anu dumasar kana kasang tukang sajarah atawa pertiwa anu kungsi kajadian. Anu puguh ngara hiji tempat th ngandung unsur filosofis atawa simbolis anu luhur ajnna. Nya kitu ngaran Bogor og Aya sasaraha pamadegan para ahli anu ntlakeun asal-muasal ngaran Bogor th. Pamadegan anu kahiji nerangkeun yn Bogor th cenah asalna tina Buitenzorg, nyata ngaran resmi dayeuh Bogor dina mangsa

penjajahan Walanda. Buitenzorg th basa Walanda anu hartina teu aya urusan. Pikeun niiskeun pikir tina rupa-rupa urusan kapamarntahan, Gustaaf W. Van Imhoff nu harita jadi Gubernur Jendral merelukeun tempat anu tiis tingtrim, jauh ti pusat pamarntahan Batavia. Nya dipilih hiji tempat anu tuluy dingaranan Buitenzorg. Ti dinya sajarha ta ngaran th. Ceuk pamadegan anu tadi, Buitenzorg th diucapkeun ku ltah urang Sunda mah jadi Bogor. Ieu pamadegan th henteu katarima ku balara, karasa dijieun-jieun, lantaran kecap

buitenzorg jadi bogor th jauh teuing. Eukeur mah ltah urang


Sunda jaman harita geus bisa ngucapkeun sababaraha kecap basa Walanda, upamana ba kecap buitenzorg jadi btensoreh, Ziekenhuis (rumah sakit) jadi sinkenhes, borg (jaminan) jadi boreh, jsb. Pamadegan anu kadua ntlakeun yn Bogor th asalna tina boghar atawa baqor tina basa Arab anu hartina sapi. Pangna kitu lantaran cenah di Kebon Raya aya patung sapi. Pamadegan ieu og henteu katarima, lantaran henteu mernah dina soal urutan waktu (anakronisme). Ngaran Bogor geus aya sarta dipikawanoh sammh Kebon Raya dijieun dina taun 1817. ari patung sapi dipindahkeunana ti kolam kuno ka kotabaru ka Kebon Taya th dina pertengahan abad ka-19. Pamadegan anu katilu nyebutkeun yn ngaran Bogor asalna tina bokor (wadah tina kuningan). Ieu pamadegan henteu dumasar kana alesan anu jntr, sanajan lamun

ditingal tina lmu basa (fonologi), hurup k dina basa Sunda aya anu robah jadi g, contona dina kecap kumasp jadi

gumasp, kecap angkeuhan jadi anggeuhan. Cindekna kecap bokor jadi bogor th bisa kaharti, ngan ta pamadegan th
henteu didasaran ku kasang tukang sajarah. Pamadegan anu kaopat, anu leuwih kaharti sarta katarima ku balara, nyebutkeun yn kecap Bogor th pituin tina basa Sunda, hartina tunggul kawung. Ieu pamadegan dumasar kana carita pantun Ngadegna Dayeuh Pajajaran anu dicaritakeun ku Ki Cilong. Tah di dinya, ku andika adegkeun ta dayeuh laju ngaranan Bogor Sabab bogor th hartina tunggul kawung Ari tunggul kawung mang gh euweuh hartina Euweuh soth ceuk nu teu ngarti Dina ta carita pantun dittlakeun yn tunggul kawung th aya punjulna ti nu sjn. Lamun dijieun tetengger, bisa kuat mangpuluh-puluh taun. Lamun ku urang kadupak atawa katajong, matak bohak sarta borok bari moal geuwat cageur. Jeung poma cenah tunggul kawung mah ulah dipak kksd, pamali matak cilaka.

Cindekna ngaran Bogor nu hartina tunggul kawung th ngandung siloka anu kudu disurahan ku urang anu hirup di alam kiwari. Urang Sunda th kudu kawas tunggul kawung, kudu kuat sarta ulah katincak ku deungeun.

Ahmad Rifky Farhan X.3 Basa Sunda

Anda mungkin juga menyukai