Anda di halaman 1dari 2

Carpon basa Sunda

Sora piriwit ditiup semu ngalengis. Rieg, karta ngarieg, tuluy maju. Mimiti lalaunan, beuki lila ngagancangan. Yuswa ngarrt kana rloji. Tadi, barang mimiti indit, panceg tabuh genep isuk-isuk. Geuning lain ukur bja, enya w ayeuna mah karta th tara ngart. Mun taya halangan harungan, ku manhna kaijir pidatangeun ka Jakarta th kurang leuwih tabuh salapan. Kawasna bakal cukup, waktu keur nguruskeun urusan kantor. Jadi engk bakal bisa balik deui ka Bandung mak Parahiyangan anu berangkat jam lima sor ti Jakarta. Sajajalan Yuswa anteng neuteup ttnjoan saluareun kaca jandla. Kagareuwahkeun soth pdah w aya budak ngora nu diuk di bangku hareupeun nol kana pingping lalaunan. Punya api, pa? cenah. Sakedapan Yuswa nelek-nelek budak ngora ta. Pakulitanana beunang disebut konar. Buukna modl punk-rock, pirang semu beureum. Duka bener asli duka pdah dict. Ceulina dianting sabeulah. Papakanana, ka luhurna kaos oblong hideung aya gambaran leungeun keur ngacungkeun jempol, curuk, jeung cinggir, bari jajangkung jeung jari manisna ditekuk. Sarrtan mah badis gambar tanduk bantng. Luhureun gambar leungeun ta aya tulisan Metalica ku warna beureum. Ari ka handapna, dicalana blue jeans bell, soh palebah tuurna. Tapi sok sanajan kacirina rada nyntrik og ari rengkuh-rengkuhna mah ta budak ngora th sopan pisan. Kusiwel leungeun Yuswa ngaluarkeun zippo tina saku calana, tuluy diasongkeun bari dipangnyekskeun. Si budak ngora th ngarongkong nyeungeutkeun rokona, kelepus udud. Makasih, pa, poknaSama-sama, walon Yuswa bari imut Sugan th rk ngan sakitu. Horng si budak ngora th kalah terus ngajak ngobrol. Mau ke Jakarta? cenah. Iya. Di Jakartanya di mana? Ah, cuma mau ke Tamrin, ada urusan kerjaan sedikit. Nanti sor juga pulang lagi. Ti dinya mah der ba ngobrol ngalr ngidul. Malah mah nepi ka milu mangmikirankeun urusan nagara

sagala, abong kabiasaan. Tuluy silih tanya wawuh ka si itu wawuh ka si ieu. Geus lila uplek mah kakara wh silih tanya ngaran. Saya Yuswa, ceuk Yuswa ngawalon panakon. Sebetulnya nama yang bener sih Yoshua, tapi orang-orang lebih suka manggil saya Yuswa. Saya Oding, ceuk si budak ngora th samemeh ditanya.Itu kalo nama yang benernya. Kalo temen-temen sih lebih suka manggil saya meneer Odink van Holland. Loh, mang meneer Oding punya darah Belanda? ceuk Yuswa bari seuri. Ah engga juga. Mereka kan cuman usil doang. Kalo saya sih orang Sunda asli, tmbalna. Ih, geuning? Hanas ti tadi ngawangkong th ku basa Indonsia. Atuh da ari sugan th Cuman, saya engga bisa bahasa Sunda, pa. Tapi kalo dengerin orang ngomong sih ngerti, meneer Oding mani rikat nmpas omongan bari nyrngh. Baruk, naha? Abis dari kecil suka diajakin ngomong Indonsia melulu sih. Bet lh ku Bapa, atuh. Sanajan Bapa lain urang Sunda g ayeuna mah geus asa jadi urang Sunda w, ceuk Yuswa rada mapanas. Gap kana roko jeung zippo, ceks diseungeut. Haseupna ditiupkeun ka luhur mani nyerebung. mang aslinya dari mana? ceuk meneer Oding bari ngarrt kana gondok laki Yuswa nu oyag sabot nyerebungkeun haseup.

Anda mungkin juga menyukai