Anda di halaman 1dari 1

Ceurik Rahwana Banondari, anu lucu, bojo kakang anu geulis, geuning, anu geulis Kadieu sakeudeung heula,

Akang rek mere pepeling, aduh geulis, mere pepeling Geura sambat indung bapa samemeh akang pinasti Duh, engkang rungruman kalbu, pupujan lahir jeung batin, Gusti, lahir jeung batin Aya naon pangersa tara-tara ti sasari, aduh Gusti, teu tisasari Nyauran ragrag cisoca Abdi mah saredih teuing Aduh, Enung anu ayu, nu geulis pupujan Ati, geuning pupujan ati Akang tangtu ngababatang, samemeh akang pinasti, aduh geulis, akang pinasti Arek menta dihampura, lahir tumekaning batin Pisanggem abdi kapungkur, lilisan ka lenggah Gusti, geuning, ka lenggah gusti Ka salira engkang pisan, ngaturanan temah wadi, aduh Gusti, da temah wadi Mung engkang kalalanjoan, ngajur nafsu teu dihiding Kaduhung, akang kaduhung kataji nu lain-lain, geulis, nu lain-lain Kaiwat goda rancana kagembang ku Sintawati, aduh geulis, ku Sintawati Geuning kieu balukarna malindes malik ka diri

Riza Putri Ramadhanty 9A

Anda mungkin juga menyukai