Anda di halaman 1dari 4

Wawancara Nu Dagang Bubur Narasumber Tempat ping gumelar Pakasaban Alamat Tanggal wawancara Lokasi : Bapak Talim : Bandung,

23 Januari 1960 : Dagang Bubur : Kadipaten, Majalengka : 10 Februari 2013 : Dukuwarung, Kadipaten

Ramlan : Assalamualaikum! Pa Talim :Waalaikumsalam, eh Lan, sareng saha ka dieu? Ramlan : Ieu ngajakan rerencangan, Ua! Pa Talim : Sok atuh ka lalebet. Ibuna ieu aya barudak ti Bandung! Bu Talim : Aeh, ata Ramlan geuning. jam sabaraha ti Bandung? Ramlan :Tadi, Ua, enjing-enjing. Abdi ka dieu ngajakan rerencangan, da kaleresan aya tugas ti sakola. Bu Talim : Kumaha Bapa sareng Mamah daramang Ramlan? Ramlan : Alhamdulillah, Ua, danget ayeuna mah pun biang sareng pun bapa aya dina kaayaan sehay wal afiat! Bu Talim : Nuhun atuh ari kitu mah! Ramlan : nepangkeun, Ua, ieu rerencangan abdi! Surya Andri : Abdi Surya! :Abdi pun Andri!

Pa Talim :Oh muhun atuh! (Sanggeus ngaraso jeung disuguhan dahar sarta ngopi mah, barudak teh tuluy

ngawangkong deui. Da maksud datang ka dinya teh sabenerna mag boga pancen ti sakola.
Ramlan : Ua maksud abdi sareng rerencangan dongkap ka dieu teh taya sanes hoyong ngawawancara perkawis usaha dagang Ua. Pa Talim : Oh kitu, nya sok atuh darangukeun sarta upami peryogi mah catet! Barudak (ngajawab meh bareng): Mangga, hatur nuhun! Pa Talim : Bapak teh tos dagang bubur ti taun 1990-an, pas bapak karek datang nyaba di ieu kota. Mimitina mah teu langsung dagang bubur, kaalaman ku bapak dagang ketoprak jeung batagor tapi teu pati payu jadi weh bapak teh nyobaan dagang bubur, alhamdulillah kapanggih jalanna. Ti harita nepi ka ayeuna bapak angger dagang bubur. Ramlan : pami balanjana dimana Ua? Pa Talim : ari balanjana mah biasana dipasar inpres di bah lebak, mangkat ka pasar teh biasana nyubuh. Dipasar teh meser hayam, kacang, bawang goreng, saledri, kurupuk atah jeung beas. Bapak babagi tugas jeung ibu, bapak ngadamel buburuna, ari ibu nu tugasna kapasar. Bubur teh mulai diolah ti tabuh opat enjing. Beas lima liter teh biasana jadi sapancieun, nya pikeun dijual isuk tea. Nyieun bubur teh mimitina beas diisikan, terus diasupkeun ka panci, jur dibanjur ku cai sing loba, tong hilap asrupkeun hayam anu geus dikumbah meh aya sari hayamna. Geus kitu terus diublek-ublek nepi ka jadi buburna. hayamna diangkat terus dibersihan tina sesa bubur nu narapel. Lamun geus bersih hayamna digoreng. Kururupuk jeung kacang anu meunang balanja kamari

digoreng oge. Geus kitu mah nungguan ibu datang ti pasar. Saacabn mangkat dagang biasana ibu sok ngahirib saledri terus diasrupkeun ka wawadahan, kitu deui jeung kacang jeung kururupuk meunang

ngagoreng tea. Beres dadasar jam genep angkat weh ka tempat jualan. Ramlan : pami icalanna ti tabuh sabaraha dugi tabuh sabaraha? Icalanna dimana Ua? Teras pami biasana Ua sok kekenginganna sabaraha sadintenna? Pa Talim : icalanna mah mulai start ti tabuh genep-an paling ngan dugi ka tabuh salapan paling siangna oge tabuh sapuluh tos seep. Pami kekenginganna mah alhamdulillah tiasa dugi ka Rp 300.000 dina sadinten teh. Nya eta teh tacan dicandak deui kanggo balanja keur enjing. Ramlan : oh kitu geuningan Ua icalan bubur teh, tos lami oge nya Ua. Pa Talim : nya kitu, malah mah tuh bisa nyakolakeun a fadli dugi ka sarjana ti ladang bubur tea. Nya Alhamdulillah. Aya patarosan sanes deui teu? Ramlan : tos cekap ua, ieu tos dicatetkeun da. Pa Talim : nya atuh kaditu jung geura istirahat, pastina cape tadi tos lalampahan jauh. Ramlan : muhun atuh Ua

Tugas 1 Wawancara Tugas Bahasa Sunda

Kelompok : Ketua Anggota Martini Sariah Albet Mamun

Anda mungkin juga menyukai