Anda di halaman 1dari 7

Sangkuriang Heru Anastasia Angel Gobin Anggelisa Cyntia Hendri Fadhliyana Jessica Inggrit Aldy : : : : : : : : : : : Sangkuriang Dayang Sumbi

ayang Sumbi Sang Hyang Tunggal Dewa Dewi Wayung Hyang / babi Tumang / Anjing Pertapa Sakti Makhlus Halus 1 Makhlus Halus 2 Raja Sungging Perbangkara

Dina hiji mangsa, aya saurang Dewa sareng Dewi anu hirup di kahyangan. Dewa : Dewi, kamari abdi dibere tugas ku Sang Hyang Tunggal. Abdi teh kudu ngadamaikeun rakyat jeung ngaberantas kajahatan di bumi. Dewi : alus atuh, kumaha perkembanganana?

Dewa : Duh teu nyaho euy, abdi teh meni males pisan. Dewi : Hoh kunaon kitu?

Dewa : Teu level atuh abdi mah ngurusan anu kos kitu. Dewi : Heeuh oge nya, manusa teh hese di bejaanana. Cape hate abdi ngabejaanana.

Dewa : Mendingan urang sare weh nya. Dewi : Hayu lah, geus urang sare weh.

Dewa sareng Dewi ahirna leuwih mentingkeun kahayang sorangan. Manehna sare waktos di titah ku Sang Hyang Tunggal. Sang Hyang Tunggal teang sorangan weh. : Kamana ieu si dewa jeung dewi teh, didagoan teh teu dateng. Geus lah abdi

Waktos Sang Hyang Tunggal neangan Dewa jeung Dewi, Sang Hyang Tunggal manggihan Dewa jeung Dewi keur sarare. Sang Hyang Tunggal : Eleuh-eleuh si belekok, di titah malah sarare di dieu kabeh, buru hudang! Bisi di banjur cai yeuh ku Abdi. Dewa jeung Dewi : Waduh, ampun Gusti.

Dewa Dewi

: Abdi teu sangaja, malah kasarean kusabab abdi teh cape pisan. : Heeuh Gusti, Abdi ge meni cape pisan. Jadi weh Abdi milu sare. : Cape atawa males maneh teh. Geus mulai ayeuna, maraneh kabeh mangkat titempat ieu ka bumi, tong balik deui, sampe masa hukuman maneh beak. Ngarti teu? : Ampun Gusti, atanapi abdii teh : Geus tong loba ngomong maneh, buru mangkat ayeuna! : muhun Gusti.

Sang Hyang Tunggal

Dewa Jeung Dewi Sang Hyang Tunggal Dewa jeung Dewi

Sanggeus eta, si Dewa jeung Dewi teh dikutuk ku Sang Hyang Tunggal , Dewa dikutuk jadi Anjing namina Tumang, lamun Dewi dikutuk jadi Celeng namina Wayung Hyang. Raja Sungging : Aduh meni kabelet kiih euy. Ah euweh jelema ieu lah, abdi kiih di dieu wae. Saenggeus kiih, Raja Sungging mangkat. Celeng : ngok ngok, meni hayang nginum.. (muter-muter) nah ieu aya cai, nginum ah..(nginum kiihna Raja Sungging)

Wayung Hyang nginum cai kiih na Raja Sungging, nu nyebabkeun manehna reuneh. Saenggeus eta manehna ngalahirkeun saurang putri. Saenggeus manehna ngalahirkeun Wayung Hyang nempo aya Raja anu keur ngalewat, Wayung Hyang nempatkeun putri na di handap tatangkalan pikeun ditempo ku Raja Sungging. Oowaa owaaa oweee oweeee (sora orok) Raja Sungging : (ngadenge sora orok) sora naon eta? Jurig lainnya? Aduh meni sieun abdi. (jalan nempo tina sumber sora) hoh aya orok, (di gendong) meni geulis pisan ieu orok, abdi bere nami Dayang Sumbi weh. Raja Sungging nampi Dayang Sumbi ka karajaan manehna. Dayang Sumbi jadi awewe anu geulis. Loba para Raja jeung Pangeran anu hayang ngawinkeun manehna. Ahirna Dayang Sumbi mutuskeun rek ngasingkeun dirina di bukit jeung saekor anjing nyaeta si Tumang. Dina sajeroning pangasingan. Sapopoena sok ngadon ninun , taropong paragi ngasupkeun benang kana rentangan anyaman benang murag. Dayang Sumbi : deuh ilah sagala murag eta benang teh, keur kagok deui, geus lah sing saha bae nu daek nyokotkeun jeung nganteurkeun eta benang,lamun awewe abdi jadikeun dulur, lamun lalaki rek dijadikeun salaki. Harita teh, aya anjing jalu nu ngaranna si Tumang, nyokot eta benang jeung nganterkeun ka dayang Sumbi. Benang mireungeuh yen nu nganterkeun taropong teh mangrupa Anjing jalu atuh kacida ngagebegna ku alatan geus ragrag ucap nu keur ilmu sunda mah ucap teh sarua jeung sumpah nu teu

meunang di bolaykeun. Bari ngherup ku lantaran geus sumpah tea, nya kapaksa Dayang Sumbi kudu ngalakonan kawin jeung anjing nu ngaran si Tumang. Nepi ka budak lalaki nu ngaranna Sangkuriang. Dayang Sumbi : duh abdi keur hoyong pisan jantung mencek. Jug sangkuriang pang teangan heula eta jantung mencek. Sangkuriang : muhun ma, Sangkuriang bade ka hutan heulanya jeung Tumang.

Dayang Sumbi : oh nya ntos jang, sing hati-hatinya. Sangkuriang : muhun ma, abdi indit heula.

Waktos Sangkuriang jeung Tumang nepi dina hutan, Sangkuriang ningali hiiji celeng atanapi Tumang malah ngagegel baju Sangkuriang . Sangkuriang : eleuh-euleuh kunaon sih maneh Tumang? Jadi weh buruan abdi leungit!

Sangking ngambekna Sangkuriang nembak si Tumang terus jantungna diberekeun ka Dayang Sumbi. Sanepina dibumi Sangkuriang : ma, abdi balik. Iyeu jantung nu dipikahayang ku ema.

Dayang Sumbi : oh nuhun Sangkuriang. Sangkuriang : enya sami-sami ma.

Dayang Sumbi langsung ngagoreng eta jantung teras ngadaharna. Sangkuriang : kumaha ma? Ngeunah teu??

Dayang Sumbi : ngeunah pisan Sangkuriang. Ngomong-ngomong mana eta si Tumang? Sangkuriang : (gelisah sieun dicarekan ku Dayang Sumbi) sebenerna jantung nu didahar ku ema, eta the jantung si Tumang ma. Dayang Sumbi : naon??? Maneh geus keterlaluan Sangkuriang! (babari ngagaplok Sangkuriang) Sangkuriang : (masang beungeut kesel ka Dayang Sumbi) kunaon sih ma? Ema meuni ngabealaan si Tumang sampe kieu ka abdi?! Dayang Sumbi : maneh nyaho teu?! Si Tumang eta bapa maneh Sangkuriang! Manehna jelmaan pangeran nu diturunkeun ka bumi. Artina maneh geus ngabunuh bapa kandung maneh sorangan!! (babari ceurik). Sangkuriang : teu mungkin ma! Teu mungkin! Bapa abdi lain saurang anjing!(sangkuriang kabur tina imah ninggalkeun emana sorangan). Sangkuriang ereun dina hiji hutan. Teu lila Sangkuriang kapanggih jeung saurang pertapa sakti.

Pertapa sakti Sangkuriang Pertapa sakti Sangkuriang

: hey, budak kasep. Kunaon anjeun cicing sorangan didieu ? mana rerencangan anjeun? : saha nyai? Abdi keur aya masalah sareng ema abdi. : anjeun teu perlu nyaho saha abdi, nu jelas mendingan anjeaun milu abdi ka bumi. : oh, muhun nyai.

Sanepina dibumi pertapa sakti. Pertapa sakti Sangkuriang Pertapa sakti Sangkuriang : nah iyeu imah abdi, teu usah era ka abdi kusabab abdi ngan hirup sorangan didieu. : muhun nyai. : anjeun icing sareng abdi didieu sampe anjeun bisa tenang. : muhun nyai, hatur nuhun nyai.

Kaisukan poena. Sangkuriang Pertapa sakti Sangkuriang Pertapa sakti : nyai.. nyai.. : naon Sangkuriang? Nyai didieu. : (langsung nyamperkeun pertapa sakti) keur naon nyai didieu? : kadieu nyai kenallkeun ka anak buah satia nyai. (bari muka botol nu diharepna).

Kaluar dua mahluk gaib kasayangan petapa sakti. Mahluk gaib 1 : muhun nyai, aya naon ngageroan abdi? Mahluk gaib 2 : muhun, aya naon? Tumben ngageroan abdi. Aya tugas naon nyai? Pertapa sakti : teu aya nanaon, nyai nga hoyong ngenalkeun maraneh kabeh ka Sangkuriang panghuni anyar imah iyeu. Sangkuriang Mahluk 1 Mahluk 2 Pertapa sakti Mahluk1 Mahluk2 : abdi Sangkuriang. Seneng kenal sareng anjeun sararea. : eleuh-euleuh meuni kasep pisan iyeu budak teh. : enya euy meuni kacida pisan kasepna. : geus tong tebar pesona didieu. Balik deui ka tempat asal maneh ayeuna. : nyai teu bisa ningali abdi seneng pisan.(langsung mangkat tina tempat eta) : tong pohonya kasep mun butuh nanaon ka abdi wae. (ninggalkeun tempat eta).

Saengges eta sangkuriang tuluy diajaran ku pertapa sakti sampe jadi jelma nu hebat.

Sangkuriang : nyai, maafnya salami iyeu abdi tos ngarepotkeun nyai. Ayeuna abdi bade ninggalkeun nyai pikeun mulai kahirupan anyar abdi. Pertapa sakti : nya Sangkuriang, tong sampe sakituna. Nyai seneng kusabab Sangkuriang bisa jadi anak angkat nyai salami iyeu. Hati-hati ngagunakeun ilmu nu dibere ku nyai eta. Sangkuriang : muhun nyai abdi indit heula.

Dina perjalananna sangkuriang papanggih jeung Dayang Sumbi nu masih mangrupakeun parawan geulis kusabab anjeunna pake ilmu awet jaya. Didinya Sangkuriang teu ngenalkeun Dayang Sumbi salaku indungna. Sangkuriang : hei, saha name anjeun? Keur naon didieu sorangan?

Dayang Sumbi : hmm, abdi Dayang Sumbi. Abdi keur neangan kaya bakar didieu. Sangkuriang : hah? Dayang Sumbi?? (kaget kusabab ngedenge ngaranna sarua kos indungna).

Dayang Sumbi : muhun, emangna kunaon? Aya nu salah ti ngaran abdi?? Sangkuriang : oh teu nanaon, menang teu abdi milu ameng ka bumi anjeun?

Dayang Sumbi : muhun meunang. Sangkuriang : hatur nuhun geulis.

Dayang Sumdi sareng Sangkuriang indit bareng nuju ka bumina Dayang Sumbi. Sanepina di bumi Dayang Sumbi. Dayang sumbi : iyeu bumi abdi. Hampura lamun bumi abdi goreng. Sangkuriang : teu nanaon geulis. Hmm, mana kolot anjeun? Ko teu katingalian?

Dayang Sumbi : abdi tos teu boga kolot. Didieu abdi cicing sorangan. Sangkuriang : oh, hampura. Abdi teu terang.

Dayang Sumbi : muhun teu nanaon. Saban poe Sangkuriang jeung Dyang Sumbi ngajalin hubungan. Maranehna samakin tambah cinta. Hiji poe keur Sangkuriang sasarean di pangku ku Dayang Sumbi (keur ngusap buuk Sangkuriang ningali tanda nu aya dipanon Sangkuriang, Dayang Sumbi kaget) Dayang Sumbi : hmm, Sangkuriang tanda di panon ajeun eta tanda beukas naon? Sangkuriang : oh, iyeu tanda beukas abdi leutik abdi dicarekan ku indung abdi terus digetok kunu gayung jadi aya bekas nepi ka ayeuna.

Dayang Sumbi : Sangkuriang! Anjeun teh anak abdi nu baheula lengit. Urang moal bisa neruskeun hubungan iyeu! Sangkuriang : teu! Mustahil! Tong ngabohong ka abdi! Indung moal hirup sampe ayeuna lamun masi aya manehna geus kolot. Dayang Sumbi : bener Sangkuriang! Abdi teh indung maneh. Abdi masi ngora kusabab abdi ppake elmu awet jaya. Sangkuriang : moal mungkin! Pokona anjeun kudu kawin sareng abdi!

Dayang Sumbi : nya geus lamun anjeun masi teu percaya. Aya hiji syarat nu kudu anjeun pinuhan. Lamun anjeun teu bisa ngabulkeun syarat eta anjeun teu bisa kawin sareng abdi teras ngakuan abdi indung anjeun. Sangkuriang : naon syaratna? Pasti abdi bisa ngabulkeunana.

Dayang Sumbi : anjeun kudu ngajieun parahu nu gede saencan hayam berkokok. Lamun anjeun teu bisangabulkeun eta kabeh anjeun kudu narima kaayaan. Sangkuriang : muhun. Abdi pasti ngabulkeun syarat eta.

Sangkuriang jeung Dayang Sumbi papisah. Sangkuriang lieur pikeun neangan cara ngajieun parahu sagede kitu dina waktos nu saetik. Teu lila Sangkuriang nimuan cara nyaeta menta tolong ka mahlukmahluk bogana pertapa sakti. Sangkuriang balik ka bumina pertapa sakti pikeun nimuan mahluk-mahluk bogana pertapa sakti. Sangkuriang Mahluk 1 Mahhluk 2 Sangkuriang berkokok. Mahluk 1 Mahluk 2 : hei mahluk-mahluk kaluar! Abdi keur butuh bantuan maraneh kabeh. : aya naon kasep? Aya nu bisa abdi bantuan? : muhun, naon wae nu bisa abdi kerjakeun piken anjeun kasep? : maraneh kabeh kudu jieunkeun parahu nu gede pikeun calon istri abdi saencan hayam

: naon? Moal mungkin abdi bisa ngagawekeun eta kabeh?! : enya bener kasep. Eta pagawean anu mustahil.

Sangkuriang : abdi teu hayang nyaho, pokona maraneh kabeh kudu jieiun eta parahu saencan hayam berkokok. Lamun teu, maraneh kabeh abdi musnahkeun! Mahluk1&2 : muhun tuan. Abdi bakal ngabulkeun pamentaan tuan.

dina waktos mahluk-mahluk keur ngajieun paraahu eta, Dayang Sumbi sieun Sangkuriang bisa ngabulkeun permintaan anjeunna. Dayang Sumbi neangan cara pikeun ngagagalkeun maranehna. Dayang Sumbi akhirna nimuan cara nyaeta mukul alu pikeun ngabersihan beas. (babari nakol alu) Dayang Sumbi : tok! tok! tok! tok! (mulai aya sora hayam kongkorongok) Sangkuriang kaget. Mahluk-mahluk geus teu daek ngalanjutkeun tugasna. Sangkuriang : kunaon maraneh pada ereun? Buru lanjutkeun pagawean maneh! mahluk 1 : hampura tuan. Abdi teu bisa ngalanjutkeun kusabab sora hayam tos kadangu ku abdi. mahluk 2 : muhun tuan eta tandana tibana maahari. sangkuriang : icing maneh! Tong loba omong! (mahluk-mahluk eta ninggalkeun pagaweanana) Sangkuriang ngambek ahirna nendang parahu eta sampe eta parahu tibalik. Dayang Sumbi : sangkuriang, kumaha pagawean maneh? Sora hayam geus kadangu, eta tandana waktu geus beak. Sangkuriang : nteu Dayang Sumbi. Pokona anjeun kudu tetep jadi istri abdi! Dayang Sumbi : anjeun kudu nepatan janji Sngkuriang. Anjeun the putra abdi. Anjeun teu bisa nikah sareng abdi. Sangkuriang : pokona abdi hoyong kawin sreng anjeun Dyang Sumbi! Abdi cinta ka anjeun.

Dayang Sumbi lumpat ninggalkeun Sangkuriang. Atanapi Sangkuriang masih mimiilueun Dayang Sumbi. Sampe akhirna Dayang Sumbi teu bisa nanaon teras mohon ka Syang Hyang Gusti. Dayang Sumbi : Gusti, tulungan abdi, abdi teu bisa ngalakukeun nanaon deui. Abdi pasrah Gusti. Samantara Dayang Sumbi masi dikejer-kejar ku Sangkuriang. Tiba-tiba Dayang Sumbi berubah jadi kekembangan. Sangkuriang : Dayang Sumbi!!!!

Akkhirna Sngkuriang malah asup ka dunia gaib jeung teu balik-balik deui. Kajadian eta akhirna dingaranan Tangkuban Parahu ku jelema sakitar.

TAMAT