Anda di halaman 1dari 4

TAREKAH NGEUNAAN SENI TRADISI Assalamualaikum Wr.wb.

Bapa miwah ibu girang pangajen hormateun simkuring, Hadirin anu sami linggih dina ieu pasamoan, Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci anu Maha Welas tur Maha Asih henteu aya pilih kasih kasugri nu kumelip di ieu bumi, anu parantos maparin mang rewu-rewu nikmat ka urang sadayana. Ku nikmat sareng hidayah mante-Na dina danget ieu simkuring tiasa silaturahmi, patepung lawung patepang raray dina ieu waktos. Solawat miwah salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan alam Nabi Panungtung anu Parantos ngalungsurkeun cahaya ka imanan ka Umatna, Nabi panutan urang, Nabi Muhammad S.A.W. teu hilap rahmat sareng salam oge di lungsurkeun ka kulawargana, katut muslimin sareng muslimat sadayana. Amin Ya Robbal alamin. Bapa miwah Ibu girang pangajen anu di hormat. Dina ieu waktos simkuring bade nyobi medar perkawis Tarekah Ngeunaan Seni Tradisi . mugia aya mangfaatna kanggo ngahirup-huripkeun deui ieu seni tradisi anu ayeuna katinggalna meh pareum. Hirup jeung mekarna kasenian, salawasna luyu jeung kabutuh masyarakatna, tangtu wae dina kamekaranana oge baris kapangaruhan ku kaayaan lingkungan jeung paneka jaman. Lamun urang nyoreang ka tukang, fungsi kasenian dina jaman bihari raket patalina jeung upacara adat. Ari kiwari geus robah jadi pintonan pikeun hiburan. Robahna teh lain dina fungsina wungkul, tapi deuih dina prak-prakan magelarkeunnana. Hadirin nu ku simkuring di hormat. salaku urang sunda geus jadi kawajiban urang pikeun miara tur ngamumule seni tradisi sunda, ulah nepi ka seni tradisi urang teh diaku ku bangsa deungeun. Contona pakakas Angklung nu kiwari diaku ku malaysia. Ieu kajadian teh ulah kaalaman anu ka dua kalina. Kumargi kitu, hayu urang wangun Jawa Barat teh jadi propinsi anu luhur ajen seni tradisina. Tancebkeun tekad sing pageuh, tembrakeun kalawan jentre, yen urang teh Nyaah, Bogoh, tur Resep kana seni tradisi Jawa Barat. Aya sababaraha tarekah pikeun miara tur ngamumule seni tradisi Sunda, diantarana : 1. Urang kudu bener-bener mikanyaah jeung micinta seni tradisi Jawa Barat 2. Urang sasarengan diajar neuleuman seni tradisi 3. Buktikeun yen seni tradisi Jawa Barat moal eleh ajenna ku seni tradisi bangsa sejen. 4. Ngadua ka Gusti Alloh sangkan para nonoman sunda dipaparin hidayah kanggo miara, ngamumule tur ngajenan seni tradasina. Bapa miwah Ibu girang pangajen anu di hormat. Rupina heunteu panjang anu

kapisanggem, harepan urang mugia naon anu di pedar ku simkuring sing aya manfaatna. Seni tradisi Jawa Barat tetep mekar tur nanjeur pikeun ngigeulan paneka jaman. Sakitu nu kapihatur, bilih aya basa nu kirang merenah langkung saur bahe carek neda di hapunten. Boboko eusi kalapa Ninggang kana pileuiteun Abdi bogoh seni sunda Sieun nepi ka leungiteun Dahar liwet reujeung peda Sambelna-sambel tarasi Mun rumasa urang sunda Piara seni tradisi Saninten buah saninten Dibawa ka parapatan Hapunten abdi hapunten Bilih aya kalepatan Billahi Taufik Walhidayah Wasalamu alaikum wr.wb

Asalamualaikum wr. wb Para hadirin anu ku simkuring di pihormat, alhamdulilah danget ieu urang sadayana tiasa pateupung lawung pa amprok jonghok, dina raraga urang mi eling kanu jadi kabersihan Jawa Barat. Hadirin anu ku simkuring di pihormat, sakumaha anu uninga ku urang sadayana, sabaaraha kota di Jawa Barat teh tos sering kenging piala adipura ku sabab kabersihanana, endah sareng asri. Ku kituna urang sadayana keudah ngajagi kana eta kapercanteunan pamarentah ka urang sunda umumna. Tapi, aya wae masarakat sunda anu sok miceun sampah timana wae. Sabab kurangna kasadaran di diri satiap jalma ngeunaan kabersihan. Ku kituna hayu urang sing sadar kanu jadi kabersihan kususna di kota urang sorangan jeung umumna di Jawa Barat. Hadirin anu ku simkuring di pihormat, kalintang betah janten urang sunda. Atuh teu aya lepatna lamun ku urang di jaga pasti pasti sangkan sagala rupi anu mangrupakeun kakayaan anu di piboga, ku urang di lestarikeun sangkan Jawa Barat, leuwih nanjeur, leuwih maju dina sagala widangna. Hayu urang babarengan ningkatkeun mempertahan keun Jawa Barat, kota Intan, Jawa Barat kota pangirut. Rupina mungsakitu nu tiasa di dugikeun, bilih luhur saur bahe carek, bobo sapanon carang sapakan dina cumarios, ka sadayana neda tawakup anu kasuhan. Wabillahi taufik walhidayah

Assalamualaikum wr. wb.

Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni acara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun. Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuring Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita. Kantenan wae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang riung boh di kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae eta sadayana bakal janten panineungan nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadaya, elmu pangaweruhna anu didugikeun ka sim kuring saparakanca tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Pamugi elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi saparakanca. Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, mung tiasa ngedalkeun dua, pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran anu mangtikel-tikel ti Allah Ala Wa Zalla. Amin Bapa kalih Ibu guru, salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola tangtosna seueur pisan kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu tangtosna tiasa janten ngajaheutkeun manah ka sadayana. Jalaran kitu, ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda sih hapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sareng kaluluputan. Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa neraskeun tolabul elmu. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di tingkat nu langkung luhur Rupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang larap, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntenna Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalualaikum wr. wb.