Anda di halaman 1dari 2

Imah Nu Teu Rugrug Ku Lini

Pintonkeun di FB6 Pikeun Eeng Maryati (53) asa kagunturan madu kaclakclakan menyan bodas, jauh tina panyangka lamun imahna nu ancur alatan gempa bumi (2/9), ayeuna rek dibangun deui jadi conto wangunan imah nu tahan ku gempa bumi. "Duka kumaha abdi kedah ngagambarkeunnana, kumaha atohna paraosan abdi ayeuna, rorompok bade aya nu pangangunkeun deui. Alahamdulillah, nuhun Gusti geuning ku pitulung Anjeun ayeuna abdi teu kedah sirarak siruruk deui di bumina pun lanceuk," ceuk indung ti tilu budak teh, waktu ditepungan minggu kamari di Desa Pangalengan, Kab.Bandung. Imahna nu ukuran 3 X 6 M teh, dibangun tina hasil kekempil ditambahan ku ladang ngajual sapi. Eeng sakulawarga ngarencanakeun pindah ka imah anyar teh dina poe minggu, harita imah nu kakara rengse dibangun teh tembokna keur dicet. Tapi da manusa mah ukur boga rencana, pokna dina poe rebo aya lini nu gedena nepi ka 7,3 SR loba wangunan imah, sakola mesjid oge gedong pamarentah burakrakan, kaasup imah Eeng nu anyar diwangun jeung imah nu tukangna nu harita dipake cicing ku Eeng sakulawarga. Mirengeh imahna rata jeung taneh, pikeun Eeng teu bisa majar kumaha ukur bisa ngaheuruk, kumaha pipetaeun sabab teu boga deui waragad pikeun ngawangun deui eta imah. "Sateuacan aya tenda, abdi merenahkeun diri di sisi jalan wae heula sareng warga kampung Sidomukti nu sami-sami janten korban gempa,kenging saminggu di sisi jalan teh," pokna. "Saatosna aya tenda, para pangungsi nu disarisi jalan teh dialihkeun katenda. Tapi abdi mah teu lami, margi ku pun lanceu di candak mulih ka bumina, da bumi anjeuna mah ajeug keneh teu kua kieu sanaos gempa sakitu ageungna oge," teges Eeng. Eeng nu boga karep hayang ngawangun deui imah, ku cara kukumpul tina hasil dadagangan goreng pisang jrd, ngarasa teu percaya lamun imahna rek dibangun ku pamarentah, malahan jadi conto pikeun imah nu tanan ku gempa bumi. "Abdi mah leres-leres teu nyangki, rorompok bade dibangun deui. Padahal abdi tos poek, ngemutan unggal weungi keudah timana waragadna sangkan tiasa ngawangundeui eta bumi,"tegesna bari dareuda.

1000 imah
Salian ti kitu Yayasan Kemanusiaan Habitat (YKHI) rencana rek ngawangun 1000 imah, pikeun para korban gempa bumi di wilayah Kab.Bandung nu imahna ancur, tur kagolong kulawarga teu mampu. Bupati Bandung, H.Obar Sobarna, SI.p nerangkeun imah nu rek dibangun ku YKHI teh ukuranana 18 M2, imah-imah nu rek dibangun teh dumasar kana pangajuan ti para camat, sarta nyoko kana katangtuan salian ti ancur oge nubogana teh kulawarga teu mampu. "Teu acan taiasa dipastikeun sabaraha jumlahna tiap kacamatan, margi kedah ngantosan heula panagjeungan ti para camatna," pokna.

Sedengkeun bantuan imah ti pamarentah, ceuk Bupati Obar kakara bisa dimimitian kemis (15/10), ngan sual ukuran atawa tipe imah sabara nu bakal diwangun masih nungguan tian uji lapangan nu dilaksanakeun ti tanggl 9/10 kamari. Leuwih jauh ditegeskeun,hasil verifikasi terakhir jumlah imah nu ancur aya pangurangan tina 15.000 unit ayeuna tinggal 9.901 unit. Tapi eta lain hartina, imahna beleger keneh, ngan rubah data wungkul, tina rusak berat, jadi kana sedang atawa ringan. "Pengurangan eta, sanes hasil verifikasi tim kabupaten wungul, tapi hasil tim verivikasi ti propinsi, pusat sareng Kab.Bandung," ceuk Obat. "Ngenaan waragad pikeun ngawanguna, salian ti APBD Kabupaten Bandung, oge bantosan ti pusat Rp. 1,4 trilyun propinsi Rp 90 miliar sareng ti APBD Rp 20 miliar," pokna deui. Tina hasil verifikasi terakhir dijelaskeun, yen imah nu ancur alatan gempa bumi the aya 9.901 unit, nu ruksak sedang 14.182 sewdengkeun nu ruksakna ringan mah aya kana 25.774 unit imah. Tapi data eta sifatna masih sementara, sabab batas akhir verivikasi the nepi ka tanggal 15 oktober. Data eta pokna, saterusna dikirimkeun ka pamarentah pusat pikeun proses rekontrusi saterusna. Dina ngalaksanakeun rekontrusi sabada gempa oge, bantuan ti pamarentah pusat turunna ka pokmas - pokmas (kelompok masarakat) nu tiap kelompok jumlah anggotana 10 nepi ka 15 KK. Para ketua pokmas eta nu baris ngatur, malahan samemehna maranehna bakal menang panerangan ti prategas,ngenaan wangunan sarta bahan-bahan bangunan nu tahan gempa. *** nunk.
http://majalah-mangle.com/content/detail/366/imah_nu_teu_rugrug_ku_lini.html

Anda mungkin juga menyukai