P. 1
carita pantun.docx

carita pantun.docx

|Views: 10|Likes:
Dipublikasikan oleh Dini Nur Utami
lutung kasarung
lutung kasarung

More info:

Published by: Dini Nur Utami on May 16, 2013
Hak Cipta:Attribution Non-commercial

Availability:

Read on Scribd mobile: iPhone, iPad and Android.
download as DOCX, PDF, TXT or read online from Scribd
See more
See less

06/01/2014

pdf

text

original

Lutung Kasarung

Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti praméswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih jeung nu katujuh Purbasari. Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, badé tatapa di leuweung. Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh lain Purbararang putra cikal, tapi bet Purbasari, putra bungsu. Atuh munasabah baé, Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan, asa dihina asa ditincak hulu. Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung Cupu. Kacaturkeun di Kahiangan, Guruminda, putra déwata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu, “Jung, geura boro pijodoeun hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu. Tapi…ulah torojogan, anggo heula ieu raksukan…lutung!” Janggélék Guruminda minda rupa jadi lutung, katelah Lutung Kasarung. Kocap deui di nagara Pasir Batang. Prabu Tapa Ageung ngersakeun hayang tuang daging lutung. Nya nimbalan Léngsér kudu mentés Aki Panyumpit ngala lutung ka leuweung. Aki Panyumpit gasik ngasruk leuweung néangan lutung. Tapi dadak sakala, leuweung jadi sepi taya sasatoan. Bororaah sato kayaning peucang jeung lutung, sireum ogé taya nu ngarayap cék wiwilanganana mah. Aki Panyumpit téh méh pegat pangharepan. Barang rék mulang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Ari rék disumpit, celengkeung téh lutung nyoara: “Éh, Aki, bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho anu dingaranan karaton.” “Sukur atuh, sok geura turun,” walon Aki Panumpit bengong, aya lutung bisa ngomong. Singhoréng Lutung Kasarung téa. Déwata minda rupa turun ka dunya. Lutung Kasarung dibawa ku Aki Panyumpit, dihaturkeun ka karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya pakarang nu teurak. Sang Lutung teu bisa dirogahala. Tungtungna mah, saur Ratu, “Léngsér pasrahkeun baé ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.” Nya atuh ku Léngsér dipasrahkeun ka Purbararang. Ari walonna téh bet: “Daék sotéh ngabujangkeun, lamun jalma nu utama. Mun lalaki turunan mantri, ari lutung mah sangeuk teuing!” Deregdeg léngsér ka putra nu kadua, teu ditampa. Ka anu katilu, nya kitu kénéh. Pajarkeun téh, lain teu hayang nampa, ngan sieun ku Si Tétéh.

Léngsér mulang deui ka Purbararang, pokna téh,” Nya sok baé atuh, bisi pajar nampik pasihan rama.” Lutung kasarung tetep di karaton. Belenyeng lumpat ngintip para mojang nu lalenjang keur ngagembrang ninun. Keur jarongjong ninun, ari koloprak téh taropong Purbararang moncor ka kolong balé. “Cing Adi, pangnyokotkeun taropong!” “Ih, Tétéh, apan boga bujang lutung,” Cék Purbaleuwih. “Cing lutung pangyokotkeun taropong di kolong balé!” Deregdeg lutung lumpat. Ulang-ileng, top taropong dicokot. Ari béréwék téh dibébékkeun mani jadi lima, sor disodorkeun! “Jurig lutung, taropong aing sabogoh-bogoh dibébékkeun! Léngsér! Teu sudi kami mah, anteurkeun Si Lutung ka Si Purbasari di leuweung!” Jut Léngsér turun, Lutung unggeuk, tuluy nuturkeun. Lutung Kasarung ditampa ku Purbasari. “Éh Mama Léngsér, geunig Si Tétéh aya kénéh adilna. Kajeun lutung, tamba suwung. Kajeun hideung, tamba keueung nu di leuweung. Kajeun goréng, tamba jempé nu nyorangan. Hatur nuhun béjakeun ka Si Tétéh.” Tutas haturan, Léngsér mulang ka karaton. Caturkeun di sisi leuweung. Purbasari ngagolér dina palupuh sabébék, di hateup welit sajalon. Lutung kasarung ngangres ningal kaayaan putri. Rep Sang Putri disirep. “Utun, urang saré jeung kaula. Kula mah banget ku tunduh!” “Oaah, Sang Putri, lutung mah tara saré jeung manusa, bisi geuleuheun!” Reup Putri Purbasari kulem tibra pisan. “Éh, deudeuh teuing. Putri téh nalangsa pisan. Aing rék nénéda ka Sunan Ambu, neda sapaat para bujangga, niat misalin Sang Putri meungpeung saré,” gerentes Lutung Kasarung, Guruminda mamalihan. Raksukan digédogkeun, bray baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan. Panejana tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajenggléng karatonna, leuwih agréng ti nagara. Purbasari dipangku, diébogkeun dina kasur tujuh tumpang, disimbut sutra banggala, disumpal ku benang emas. Janggélék Gurumiinda jadi lutung deui, tapakur di sisi balé kancana. Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara. Purbararang, nu goréng budi ti leuleutik, nu goréng lampah ti bubudak, beuki tambah sirik, beuki tambah ceuceub. Ruparupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur ngarah pati Purbasari.

paloba-loba samping. Cunduk kana waktuna. Purbasari dipentés nyieun pakarang tatanén étém bingkeng jeung jarum potong. Tapi Purbasari unggul kénéh. Mangka saat sapeuting. jadi praméswari Guruminda. tapi teu bisa majar kumaha. Ngan anu pangais bungsu. Lutung Kasarung ngagédogkeun raksukanana. ngajak pakasép-kasép beubeureuh. Purbasari ngadeg ratu di Pasirbatang. baranyay hurung.wordpress. ciciptaan tina raksukan Lutung Kasarung jadi papatih di Pasir Batang. anu welasan ti baheula ka Purbasari. Sagorénggoréngna beubeureuh manéhna. dihukum kudu jadi pangangon. Tungtungna Purbararang pinuh ku haté dir jeung ujub. kakasih Indrajaya. lutung. leuwi Sipatahunan. Tina Gapura Basa Jilid 2. Geus tangtu Purbasari dibéré pasir anu pangangar-angarna. Hidayat Suryalaga. Indrajaya ngamuk.com/2008/04/24/lutung-kasarung/ . banténg téh katungtun ku Purbasari ka nagara. Rupa-rupa ékol Purbararang. ari Purbararang mah di tempat nu hadé. Ku kasaktén Lutung Kasarung. papanjang-panjang buuk. janggélék jadi Guruminda deui. Indrajaya mah dihukum jadi pangarit. Ari Purbararang jeung sadérékna nu opat deui. Purbaleuwih. Purbasari. ditikahkeun ka Ki Bagus Lembu Halang. Purbasari éléh. ieu tanjakan téh laksana. kudu bisa mendet parakan Baranangsiang.Mimitna Purbasari diperih pati. Tapi rayat jeung jaksa nagara mutus teu weléh Purbasari anu unggul. kaungkulan kadigjayaanana. tenggekna kari saketokkeun diteukteuk. antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan. Mun teu bukti teukteuk beuheung keur tandonna. Tuluy Purbasari dititah ngala banténg ti leuweung. dibantu Sunan Ambu jeung para bujangga. Sakasép-kasépna beubeureuh Purbasari. da pubuh manusa. Lutung Kasarung manggih putri panyileukanana. spk. Sumber: http://bujanggamanik. pageulis-geulis rupa. jeung ditangtang pahadé-hadé ngahuma. dibekelan arit timah. Ku pitulung Lutung Kasarung. Karya Drs. Putri nu sasorot jeung Sunan Ambu.

Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. supaya engké jagana. saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. arinyana bakal kamalinaan. Mun aya nu jadi pangkat. daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha. Ulah sina talangké. ngilu rudin bari lapar. pikeun hirup ka hareupna. mun tengah peuting. geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya. tapi Pajajaran anu anyar. Tapi masing nyaraho. najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun. ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Dia mudu marilih. Engké jaga. ngilu hirup jadi balangsak. tapi moal . lolobana bakal jadi somah. nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Engkéna bakal aya babalesna. masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur. lapar baé jeung balangsak. jembar senang sugih mukti. tah éta tandana. bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari. sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang! Dia nu marisah ka beulah kalér.” Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing. Jig geura narindak! Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna. sapun kula jurungkeun Mukakeun turub mandepun Nyampeur nu dihandeuleumkeun Teundeun poho nu baréto Nu mangkuk di saung butut Ukireun dina lalangit Tataheun di jero iga! Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang : “Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu. geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun. Turunan dia. ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan. Sabab pikeun ngaing. anu somah sakabéhna.Carita Pantun Ngahiangna Pajajaran Carita Pantun Ngahiangna Pajajaran Pun. geura misah ka beulah kulon! Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan. hanteu pantes jadi Raja. turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur.

boga kakawasaan. Mun ngaing datang moal kadeuleu. laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé. karimbunan ku hanjuang. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Arinyana engké jaga. ka nu weruh di semu anu saéstu. anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna. raja-raja dibelenggu. jaba ti ngaran pikeun nu mapay. jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Mun ngaing datang. Loba batur ti nu anggang. tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti harita. waluku ditumpakan kunyuk. imahna di birit leuwi. leungit nagarana. Tapi loba nu pahili. Nyaéta budak angon. Mudu arédan heula. Lilana saban jaman. ngan narikna henteu karasa. Tah di dinya. Tapi ngan ka nu rancagé haténa. Pajajaran leungit ti alam hirup. ngan di waktu anu perelu. Engke mun geus wayah jeung mangsana. ngusumah jeung nitis. tapi jalan nu pasingsal! Nu tutunjuk nyumput jauh. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. sabari nyanyahoanan maresék caturangga. ngalawan sabari seuri. yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. leuit béak ku monyét. nulungan nu barutuh. mudu ngalaman loba lalakon. Leungit dayeuhna. Kebo bulé nyekel bubuntut. Nya bisa. bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba. baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. sarua jeung waktuna nyukma. teu ngarupa teu nyawara. Ti mimiti poé ieu. sawah béak ku monyét. supaya anu laleungit kapanggih deui. bakal ka seundeuhan batur. cawéné rareuneuh ku monyét. aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh. ti dinya. Tapi. yén jaman geus ganti deui lalakon. alun-alun jadi suwung. Inyana jongjon ngorehan. laju turunan urang aya nu lilir. anggeus nyorang: undur jaman datang jaman. sabab kaburu: warung béak ku monyét. saban jaman mawa lalakon. turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong. turunan urang narik waluku. kebon béak ku monyét. ngumpulkeun anu kapanggih. tapi seuri teu anggeus. Ti dinya. nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. laju nitis dipinda sukma. Tapi. Sing waspada! Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. . lain méong lain banténg. tambah loba nu manggihna. Sagala-gala diranjah ku monyét. Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang. tapi ngan nu hadé laku-lampahna. mantuan anu sarusah. kebo bulé kalalabur. Ngaing bakal datang deui. Sabagian disumputkeun. Sabab bukti anu kari. ngoréhan bari ngalawan. Hanteu arengeuh. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus. tapi méré céré ku wawangi. ngan mapayna kudu maké amparan. Ti nu laleungit. nu hadé laku lampahna. Engké bakal réa nu kapanggih. pantona batu satangtungeun. sabab acan wayah ngalalakonkeun. teu ngahiding ka panglarang. sawah béak ku monyét. Pajajaran moal ninggalkeun tapak. mun ngaing nyarita moal kadéngé. sampalan kebo barulé. sabagian-sabagian. sanagara bakal jadi sampalan. tapi kalakay jeung tutunggul. tapi batur anu nyusahkeun. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan. sabab murah jaman seubeuh hakan. Loba nu paraeh kalaparan. Mémang ngaing bakal datang. kahieuman ku handeuleum. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét.

sabab nu ngaramuk. asalna jalma biasa. naritah deui nyembah berhala. loba nu paraéh teu boga dosa. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. haseup ngebul tina pirunan. anggeus témbong bulan ti beurang. saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Mani sahéng buana urang. Sing waspada! Sabab engké arinyana. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh. langit anggeus semu beureum. wadal pamolahna sorangan. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger. ku arinyana ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. nu bingung tambah baringung. nu diporog mah lain satona. barudak satepak jaradi bapa. dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba. Ngan nu aréling caricing. Tapi kabarérang.. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut. ngélingan nu keur paroho. loba buta nu baruta. disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. nu boga hak marénta bagianana. ucing garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. henteu beda tina tawon. raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka. majarkeun néangan musuh. dijieun batur. bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal. ngan pinterna kabalinger. . dipaléngpéng keuna sayangna. da raja buta! Lain buta duruwiksa. ngadeg deui karajaan. Di urut nagara urang. galudra megarkeun endog. tapi jelema anu ngélingan. Sakalina aya nu wani ngageuing. Boro-boro dék ngawaro. Sanusa dijieun jagal. Da bonganan. Ti dinya datang budak janggotan. nyieun pancuran di tengah jalan. Pangpring sabuluh-buluh gading. malah budak nu janggotan. nu palinter loba teuing. hayang meunang sorangan. Laju ngamuk turunan urang. Arinyana mah ngalalajoan. da puguh titisan raja. Laju bubuntut salah nu ngatur. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila. bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun.Laju hawar-hawar. tapi buta henteu neuleu. ti dapur laju salembur. Laju ngadeg deui raja. ganti deui jaman. Sabab sarieuneun kanyahoan. tapi. da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. jaman manusa dikawasaan ku sato! Jayana buta-buta. Monyét ngumpul ting rumpuyuk. ngamukna teu jeung aturan. Tapi mémang titisan raja. nangtungkeun panto teu beunang ditutup. tapi raja. Buta-buta nu baruta. Laju aya deui raja. nu ngaramuk tambah rosa. hanteu pati lila. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran. ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu garelut. ngamukna teu ngilik bulu. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Iraha mangsana? Engké. nu ngebonna tukang barohong. nu harideung disieuh-sieuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan. nu tanina ngan wungkul jangji. buaya eujeung ajag. ngaleuwihan kebo bulé. panarat pabeulit dina cacadan. Puguh musuh. kaburu aya nu nyapih. kembang kapas hapa buahna. Mingkin hareup mingkin hareup. puguh batur disebut musuh. mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut. buah paré loba nu teu asup kana aseupan………………………. Nu barodas dibuburak. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur. Tapi. Arinyana teu nyaraho. nu nyapihna urang sabrang. ngageuingkeun nu keur sasar. Arinyana teu areungeuh. raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita. padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun. mingkin hareup mingkin bedegong. ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur. miara heulang dina caringin.

lamun Gunung Gedé anggeus bitu. nu garelut jadi kareueung. Hadé deui sakabéhanana. Naréanganana budak tumbal. ulah ngalieuk ka tukang! Sumber: http://nurahmad. Nusa Jaya. keur ngelak dina tutunggul. Urang Sunda disarambat. geus mariang pindah ngababakan. siar ku dia éta budak angon! Jig geura narindak! Tapi. nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang. jaya deui. sabab ngadeg ratu adil. tapi engké. ratu adil nu sajati. Tapi. geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan. Sanagara sahiji deui. Laju naréangan budak angon. urang Sunda ngahampura. laju kakara arengeuh.wordpress. béakna ku nu nyarekel gadéan. Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho.com/wasiat-nusantara/uga-wangsit-siliwangi-sunda/ . sejana dék marénta tumbal.Nu garelut laju rareureuh. Buta-buta laju nyarusup. disusul ku tujuh gunung. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. Sabab warisan sakabéh béak. budak angon enggeus euweuh. kabéh gé taya nu meunang bagian. sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Ayeuna mah. Génjlong deui sajajagat. parindah ka Lebak Cawéné! Nu kasampak ngan kari gagak. nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung.

Uga Wangsit Siliwangi (sunda) Carita Pantun Ngahiangna Pajajaran Carita Pantun Ngahiangna Pajajaran Pun. geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun. supaya engké jagana. turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. lolobana bakal jadi somah. Engké jaga. ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa.” Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing. Turunan dia. Tapi masing nyaraho. lapar baé jeung balangsak. mun tengah peuting. masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun. Engkéna bakal aya babalesna. Mun aya nu jadi pangkat. Sabab pikeun ngaing. tah éta tandana. tapi moal boga . daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Ka batur urut salembur. bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari. geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. anu somah sakabéhna. Dia mudu marilih. sapun kula jurungkeun Mukakeun turub mandepun Nyampeur nu dihandeuleumkeun Teundeun poho nu baréto Nu mangkuk di saung butut Ukireun dina lalangit Tataheun di jero iga! Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang : “Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu. pikeun hirup ka hareupna. arinyana bakal kamalinaan. geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha. ngilu hirup jadi balangsak. jembar senang sugih mukti. ngilu rudin bari lapar. hanteu pantes jadi Raja. ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan. sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang! Dia nu marisah ka beulah kalér. geura misah ka beulah kulon! Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan. saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké. Jig geura narindak! Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna. tapi Pajajaran anu anyar.

Ti nu laleungit. tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh. teu ngarupa teu nyawara. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé. Tapi ngan ka nu rancagé haténa. sawah béak ku monyét. mudu ngalaman loba lalakon. Hanteu arengeuh. anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna. nu hadé laku lampahna. Pajajaran moal ninggalkeun tapak. cawéné rareuneuh ku monyét. Leungit dayeuhna. Ti harita. Sing waspada! Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Loba batur ti nu anggang. Engke mun geus wayah jeung mangsana. yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. sabab murah jaman seubeuh hakan. Inyana jongjon ngorehan. sabari nyanyahoanan maresék caturangga. Nya bisa. ngusumah jeung nitis. nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. kahieuman ku handeuleum. ngan di waktu anu perelu. alun-alun jadi suwung. Ti dinya. baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. sanagara bakal jadi sampalan. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. pantona batu satangtungeun. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan. karimbunan ku hanjuang. sabab kaburu: warung béak ku monyét. tapi seuri teu anggeus. Mun ngaing datang. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Ngaing bakal datang deui. Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét. sabagian-sabagian. imahna di birit leuwi. Pajajaran leungit ti alam hirup. tapi jalan nu pasingsal! Nu tutunjuk nyumput jauh. ngan mapayna kudu maké amparan. supaya anu laleungit kapanggih deui. Tapi. ka nu weruh di semu anu saéstu. Arinyana engké jaga. Mudu arédan heula. ti dinya. ngoréhan bari ngalawan. Engké bakal réa nu kapanggih. saban jaman mawa lalakon. Tah di dinya. Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang. waluku ditumpakan kunyuk. lain méong lain banténg. jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. bakal ka seundeuhan batur. Sabagian disumputkeun. tapi kalakay jeung tutunggul. Mun ngaing datang moal kadeuleu. tapi batur anu nyusahkeun. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus. kebon béak ku monyét. turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong. turunan urang narik waluku. raja-raja dibelenggu. anggeus nyorang: undur jaman datang jaman. leungit nagarana. Tapi. laju nitis dipinda sukma. laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri. tapi ngan nu hadé laku-lampahna. ngan narikna henteu karasa. tambah loba nu manggihna. kebo bulé kalalabur. teu ngahiding ka panglarang. tapi méré céré ku wawangi. Sagala-gala diranjah ku monyét. Loba nu paraeh kalaparan. sarua jeung waktuna nyukma. sampalan kebo barulé. bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba. Nyaéta budak angon. ngumpulkeun anu kapanggih. Mémang ngaing bakal datang. Ti mimiti poé ieu. Tapi loba nu pahili. sawah béak ku monyét.kakawasaan. jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Lilana saban jaman. yén jaman geus ganti deui lalakon. mun ngaing nyarita moal kadéngé. . sabab acan wayah ngalalakonkeun. Kebo bulé nyekel bubuntut. laju turunan urang aya nu lilir. mantuan anu sarusah. nulungan nu barutuh. Sabab bukti anu kari. ngalawan sabari seuri. leuit béak ku monyét.

Di urut nagara urang. Sakalina aya nu wani ngageuing. buah paré loba nu teu asup kana aseupan………………………. tapi jelema anu ngélingan. langit anggeus semu beureum. Sanusa dijieun jagal. da raja buta! Lain buta duruwiksa. Buta-buta nu baruta. dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan. loba buta nu baruta. Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh. kembang kapas hapa buahna. Laju aya deui raja. nu ngebonna tukang barohong. malah budak nu janggotan. kaburu aya nu nyapih. Arinyana teu areungeuh. ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu garelut. Tapi. nu diporog mah lain satona. Puguh musuh. Da bonganan. nu palinter loba teuing. galudra megarkeun endog. jaman manusa dikawasaan ku sato! Jayana buta-buta. nu bingung tambah baringung. Nu barodas dibuburak. dipaléngpéng keuna sayangna. nu ngaramuk tambah rosa. saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Arinyana teu nyaraho. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran. raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka. mingkin hareup mingkin bedegong. disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. loba nu paraéh teu boga dosa. ku arinyana ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. nu nyapihna urang sabrang. nu harideung disieuh-sieuh. ngamukna teu ngilik bulu. nu boga hak marénta bagianana. tapi. Iraha mangsana? Engké. majarkeun néangan musuh. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. Laju bubuntut salah nu ngatur. Mingkin hareup mingkin hareup. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila. nu tanina ngan wungkul jangji. mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut. Ti dinya datang budak janggotan. dijieun batur. Tapi mémang titisan raja. ngan pinterna kabalinger. . naritah deui nyembah berhala. Ngan nu aréling caricing. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan. miara heulang dina caringin. ngadeg deui karajaan. puguh batur disebut musuh. wadal pamolahna sorangan. Laju ngamuk turunan urang. bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Nu hawek hayang loba. da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur. hanteu pati lila.Laju hawar-hawar. barudak satepak jaradi bapa. da puguh titisan raja. bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada ngarepngarep caringin reuntas di alun-alun. ucing garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sing waspada! Sabab engké arinyana. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur. Sabab sarieuneun kanyahoan. ti dapur laju salembur. buaya eujeung ajag. Buta bakal jaradi wadal. henteu beda tina tawon. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut. asalna jalma biasa. tapi raja. ngaleuwihan kebo bulé. ganti deui jaman. ngamukna teu jeung aturan. Boro-boro dék ngawaro. hayang meunang sorangan. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger. haseup ngebul tina pirunan. raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita. tapi buta henteu neuleu. ngélingan nu keur paroho. nyieun pancuran di tengah jalan. anggeus témbong bulan ti beurang. Arinyana mah ngalalajoan. sabab nu ngaramuk. ngageuingkeun nu keur sasar. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Laju ngadeg deui raja. panarat pabeulit dina cacadan. Pangpring sabuluh-buluh gading. padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun. nangtungkeun panto teu beunang ditutup. Mani sahéng buana urang. Tapi kabarérang..

Génjlong deui sajajagat.com/2009/05/bojnihqjwdbqhjvcsbkjcncjnbkjwbsk. Sanagara sahiji deui. parindah ka Lebak Cawéné! Nu kasampak ngan kari gagak. laju kakara arengeuh. Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Naréanganana budak tumbal. kabéh gé taya nu meunang bagian. Ayeuna mah. Laju naréangan budak angon. budak angon enggeus euweuh. nu garelut jadi kareueung. disusul ku tujuh gunung.html . sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Sabab warisan sakabéh béak. geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan. sejana dék marénta tumbal. Tapi. lamun Gunung Gedé anggeus bitu. siar ku dia éta budak angon! Jig geura narindak! Tapi. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. urang Sunda ngahampura. Urang Sunda disarambat. Hadé deui sakabéhanana.blogspot.Nu garelut laju rareureuh. sabab ngadeg ratu adil. geus mariang pindah ngababakan. béakna ku nu nyarekel gadéan. nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang. tapi engké. keur ngelak dina tutunggul. nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung. Nusa Jaya. ratu adil nu sajati. ulah ngalieuk ka tukang! Sumber: http://maztrie. Buta-buta laju nyarusup. jaya deui.

windu ieu. teu diwiji-wiji. ka rama. ngahaturkeun pangabakti. melek ti peuting. nu aya di sawarga maniloka. ka rasulullah muhammad. jisim kuring rek nyuhunkeun pitulungna. saeutik-eutikeun nu disuhunkeun. para pohaci. di hulu dayeuh. para dedemitbandung. tuakeun dagang isun. jisim kuring. ka pangeran jurus. ka para malaikat. taun ieu.. ka opat pangeran dasar bumi. ka indung tilu. bakal ditukil. peuting ieu. bulan duabelas. ka sunan kalijaga. ka urang sawerga maniloka. ka ibu. ka bapa langit. ka para wali. ka sapuluh walinunggal. ka indung bumi. cur kumancur pangabukti kaula. sim kuring ngaula pihatur. ka Alloh nu kawasa. piwarangan ki ayip. ka nu boga kemitan. Alloh Alloh sayidina muhammad.Kembang Panyarikan Asyhadu alla ilaha ilallah. ka wa dalem dingin. mugi kersa ngahampura. kita mah nyuhunkeun widi. ieu nu rek digurit papantunan. dumeh ieu. saratna. ka aulia sanga. karo. sim kuring seja ngahaleur pitutur. ieu dumeh caritaan. ngahaturi pangabakti ka wa dalem dingin. nu asal embah pangeran panjunan. melek papantunan nu digurit. . ka galuh adam babar bu-ana. Ngahaturkeun pangabakti. saterasna hatur pangabakti. poe ieu. ka papat pangeran. rek ngahaleur picatur. ka para nabi. ka embah kuwu sangkan cirebon girang. turunkeuneun ka incu putra. Alloh huma soli ala sayidina. ka nu pa-ra dedemit sadaya. jisim kuring nuhun-keun deui. jisim kuring ngahaturkeun pangabakti. margi dikota. nu cicing di tengah cai. mapaykeun caritaan. supayadiparengan berekah salamet. para dewata. Ya Alloh. sim jisim muhammad. ngahaturkeun pangabakti. ka sang ratu dangiang. ka bapa opat. para sahabat. ka para wali salapan. sing araning menyan. ieu maksud-maksad. Saterasna hatur pangabakti. jisim kuring kudu melek. mapaykeun caritaan. ka gending sanga gending. ka sangiang rancasan. turunan widadari pa-tang puluh. nu asal embah pange-ran panjunan. ka para dedemit sadayana. kang wecan ku-ma ceuk Alloh. mugi ulah janten kabenduan. nuhunkeunwidi. tandang waras waluya. ka pangeran. ka guna kusumah. Sang pedah putri manik. sabadegana. jisim kuring. bilih kurang jungkrang sareatna. sap kaen sang pada herang. sayi-dina muhammad. sanggakeun hatur pangabakti simkuring. ka para bujangga. nuhunkeun idin. taya lian. Jisim kuring ngahaturkeun pangabakti. marteda ka gusti nu pasti. para widadari. ka kawasa. Ngahaturkeun pangabakti. sang limar putih ratna. saeutik-eutik-keun ge disuhunkeun. ka sangiang ringgit. di birit leuwi. wa asyhadu anna muham-madar rasulullah. bulan ieu. nang manik geusan tetep. ka wa dalem dingin sunan purba. Ngahaturkeun pangabakti deui. Ngahaturkeun pangabakti. Sim kuring ngahatur pangabakti. ka embah kuwu sangkan ci-rebon girang. ngahaturkeun pangabakti.. ka nu boga taun dalapan.

cocokna cop ka ati. awaking nu seda leuwih. bisi deuleu papadang ati. ka ieuna. Iring-iring bukit jati. ti pakuan renta danti. gunung manik mandala tiga kapanten. teu kenging kalelengkahan. gunung timbal eleh. sajagat kabeh. mun salah benerkeun aing. ditibakeunna ka tarekate dunia. kawasa sakti. kandeg kalangsu. geus pajeng munah bae. sang ratu. nu calik dina lemah putih. uklah sieuh beuteung ceurik.lain ngarajah. Bul kukus aing ka handap. ka ituna. Mambrang batan candradita. aci bumi. dalem tapa tarekate nya dunia dalem tapa seuweu ratu nu lalembut. aing nginjeum ka sadang kasaktian. pamuruyan gajah putih. sakitu pihaturna saeutik. rawana huriping beurang. ku pohaci windurarang. parandene teu kadeuleu. nunjang ka bukit burangrang. laer barang. timu deui sing kuring. hurung batan kanjut ruyung. pangmancatkeun aing ka sang windu-rarang. ka basuka ka basuki. nu badag seuweu kaula. ka betara naga raja. cacap pangkat disalin deui. saca maruih inten. nu aran di jero kurungan aing. ka sang rumuhun. nu putih tunggaling aing. hula ilahuma. darma mangjantenkeun. dungkuk aing dungkuk sang yuga. ret ka manggung. ret ka manggung. dipegateun jaman ratu maesa berhala. nu lembut mah seu-weu ratu. aki soleh soteh. cacap pangkat disalin deui. ka betari naga danti. make dicokotan deui. ti ka ret. ci peucang ka tebeh wetan. rasa sajagat. ka guru putra hyang bayu. nya aing nu tunggal putih. salah ngucap. kukus aing me-nyan putih. isropil. nya kudu make parawanten. ijrail. ahirjaman. narowongan ka ati sun. diri sang ratu luhung. ngenta widi ti nu sakti. ahung lungguh tanpa buana. ka lawe laut. putih batankembang pacing. ka ti pati samar. sang yuga sang racik seda. siliwangi ti pakuan limbangjaya. kahandapka sang nugrahan. turunkeuneun ka incu putu. nya sia mah nya nurmaya. aci tumang balang paksa. gunung rompang candra lentang. gunung raksa cakrabancana. kiyen sadina mangku anggawa nur sakti. didamaran tengah poe. mugi kersa ngahampura. Kocap. siliwangi nya pakuan. mangka terus ka nu ngasuh. ti tengah cirancamaya. . lembut batan me-rang buuk. tak tibakena ciancamaya. mangka datang ka nu wenang. aci buana. cihaliwung nunjang ngidul. minkail. neut malik ti luhur. nya sia mah nya nurmaya.ratu gumilang. dumeh cariosan rek ditukil. isun ring kong koncong. susukan tanjakan bankjaran kembang. cisadane nunjang ngaler.. sup asup kana parungpung buuk. sang karancang na tungtung letah. nyanghulu ka gunung guruh. lain munah. pikeun pageto. nu hejo awaking. tampalirih ngaraning parukuyan. tipadaleman. dua sarerah sagala. sumebar papadang ati. jabrail. Bul putih ngaraning kukus. su-paya berekah salamet. mun bener asuhan aing. munahan jeung nyebutkeun. tangkalna ngaheuleut. ingetan diguratgurat. nu herang di lingga omas. gampang balik. awaking nu seda sakti. guriang tan katingalan. ratna gumilang ngaraning menyan. nyanghulu ka gunung guruh. pepet ka heuleut. ti laer mandele. badag batan merang henca. ti tengah cinembarang herang. disuhunkeun pitulungna. sakaol cet recet. ka sadayana bae. wadukan hulu. putih aing jeung tarima. jisim kuring. keur naon eta diinjeum. keur meujeuh nu ngukus muja.. ret nangkuban. sarang tumeka ning badan. Ahung ku sang rarawana. tilu pangkat majar ahung. eusina dewata dua. bilih luput nyebut. ka betara kabetari. sing kuring na tungtung biwir. nu lungguh di lingga wulung. da herang dijero raga. estuning estulah saeutik. teu kenging kaluluhuran. kang ngelun ka manggung. isun sakti. cit peujit. nunjang ka bukit bu-rangrang. kiruh ti hilir ti girang. geus tueuk ceu-rik. mustakil damel jati kaula. waras waluya.

bisina mada-madawi. raden kian santang. kula mung neda ngaapal. dingaran sumangga wenang. bising aya setan anu ngewa-ngewa. ecekan guguluntungan. tamba sepi nu di bumi. hurip jaya di kurungan. Hurip nu ngarajah.sang ku paeh oray buana. neukteuk beuheung rawana. bumi munah. basa nyusuk cihaliwung. ahung guru sang seda tunggal. nya kacapi nya awaking. Caturkeun. sang tunggal sang rajah punah. hol langit. sang pamunahing rajah. kula teh megat-keun apus. hyang wisesa. babu awah. iku teka gustine raratu galuh. mopoyakeun nu baheula. tukuh buana. mana usik ku pamilih. sunda babut. sumuwuh pamunah ratu. ngadu-dukuh di jambuluwuk. salamet ta kula mipir baribis. ka punah kapara wisesa. sakecap tamba buagan. mulya kara-kara ista. basa mengkong cisadane. usik nyaring sari nu kasih. cacap pangkat disalin deui. sadayana. cuang diajar mupulihkeun nu bihari. tambailang kalagian. diguratkeun. Raden Panji arummangu. aya di handap. Neda agung nya paralun.neda panjang pangam-pura. mangka harus batan calung. langit munah. palias kula ngadatangkeun mah. raden palawiru. sora daek jeung kacapi. tamba lebur pituturan. aya di manggung. roh betan kaula. ahung guru sang seda malela. hyang nu seda mah puguh bae. urang cuang caritakeun. tanah lemah tukuh bumi. sang ku paeh oray buana ti handap. aing nu wisesa di buana pancatengah. da aing mada-madawi. bapa adam. cacap pangkat disalin deui. ratu wisesa. hol bumi. sunda ngawih. manusa lawas. hurip jaya di kurungan. asup sukma bayu ka kurunganana. sunda becik. ka sang ratu teja gelangan. maya lenggang kancana. ahung buta kasunian. kumendeng megat jalan kumarintang. pada sirna. cacap pangkat disalin deui. maya mas. pangmu-nahkeun aing itu. ngaler-ngetan sora nu reh. mangkana tanghi ti peuting. ilang tanpa ka-rana. neda panjang da pangampura. da teu nerus narutus. cacap pangkat disalin deui. ti manggung. setan lawas. hol setan. hurip jaya di buana. nya aing katelahna. diguritkeun. nya aing si anggawenang. ora bayane. mangka hurip nu dilalakonkeun. narajang alas. neda panjang pangampura. Agung kula nya peralun. hol manusa. da puguh . bising aya jurig anu nyiliwuri. Ahung guruh limanputih lalakina. cacap pangkat disalin deui. hurip jaya di buana. neut hudang sarinu rarang. ngabalungbung tampa puhun. ngababakan di jambudipa. mangkana hudang ti beurang. sang batara susuk tunggal. Ahung guru pucuk hyang bayu. cacap pangkat disalin deui. tamba euwah-euwah da-tang. agung kula nya paralun. mana hudang ku tarima. kantun neda mulus rahayuna. pangmunahkeun aing ieu. sup asup ka pusereun agung. sang batara susuk tunggal. ratu patanjala seda. marteda ka nu kawasa. aing nu wisesa di buana pancatengah. pangaitkeun aing kacapi. mangka ngear batan gangsa. Ahung buta kasundulan. maha mulya. sang punah sang darma jati. dat musna sirna. si dengdang si ngawangngawang. Kun paya kun. aing nu nangtung si nguwung-ngu-wung. sabeulit tamba pamali. tamba rehe nu dibale. ulah sindang barang geusan. isun jaluk sora sia. tes manetes. kawisesa ku awaking. kana pucuk gebang pondok lontar.

nu agung di gunung bubut. agung kula nya paralun. watekna mah bising perang tampa sangkan. tambaga direka kuda.anu gelar urang caritakeun. nu rancage di angenna.. Cupu dicupuan deui. nu calik dina panitih. neda agung kaula nya paralun. merangan geger landesan. watekna mah bilih perang tampa puhun. ku nu bisa ngabujangga. pan luput kula ba-yuan.lungguhing galuring pantun. ti citeres. niat kaula megatkeun ka tampa laranganana. megatkeun kaula ka tampa laranganana. eukeurna kumpul mungpulung. neda panjang pangampura. pating haleuang. pencaring ti mundingwangi. pindingan. merangan geger landesan. niat kaula megatkeun ka tampa laranganana. ti kahiangan. eusina mustika jalma. ngembat papatan caritana nu ba-heula. nu seler ti ranggalawe. Palias kula munnyaturkeun menak ti sabeulah luhur. anu tuhu urang caturkeun. diteundeun di jalan gede. pating derengdeng. diseuweuan da ratu agung. Seja kula rek diajar. ku nu seda tan kabuka. mun bener kula asuhan. pangcalikanana ku kuningan. Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah handap. merangan geger landesan. nu ngancik dina panitih. neda agung nya paralun. . eusina putra patutan. niat kaula megatkeun ka tampa laranganana. kahudangkeun tihang panggung. ti kahiangan. weruh-weruh wijaksana. ti mendi picaritaeun. diwadahan ku cupu manik. watekna mah bilih perang tampa sadap. paranti neundeun carita. Tanjak barat ka pajajaran. astagina. nyukcruk seuweu ratu nu bahayu. merangan geger landesan. ditilaman ku sarat tangan. tambahan ti citeresan. watekna mah bilih perang tampa pulur. emas direkakeun gajah. tunda eta di hanjuang siang. ngahudang ngaraga wayang. di ngaran panji haleuang. pencaring ti mundingwangi. kakipaskeun taken wayang. palias ditunda dinya. watekna mah bilih perang tampa seler. nu salat dina pangucap. Nyokot bari ninggalkeun. sacekan sareanana. Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah wetan. neda panjang pangam-pura. Salian ti ratu kulon. kajambak tuang paparas. seler patih ranggalawe. sok teundeun di handeuleum sieup. merangan geger landesan. bakalan kajenggut tuang kukuncung. ti citeres. panjangna sadeupa mider. kacokot tuang jojompong. gebyar. dibuka ku nu maliwat. nu tirih ti siliwangi. rek mapaykeun seuweu raja nu baheula. niat kaula megatkeun ka tampa laranganana. mun salah kula pagahan. kuningan direka munding. lamun kulon kadi katon. neda panjang da pangampura. citeres ti kahiangan. Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah kidul. dituruban ku mandepun. putra patimu jeung ratu. nu ngujur dina pangambung. suksila raja betara. direkakeun gajah depa. handapeun caringinkurung. ka sadaya nubakal dicarioskeun. nu menta dilalakonkeunana. Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah kaler. eh. nu calik di gajah depa. ku nu sakti tan kabudi. nu muter di karantenan.

"Kakang bakal sim kuringmah. ulah samarganing taun. kakang ayeuna widian.. najan windu kula moal welwh ngantos.." "Inggih duka ayana mah dimana." "Pek ulah undur kalayuan. teu tepang deui jeung raja. kula sanggem ngantosan". nam buru-buru urang bisi kalepasan. terus ka raja. moal daek seba ka raja. biwir handap jeung nu luhur." .. kula ngantosan. ngan bae numutkeun ari aya ngaranna mah. jeung bokor salongo.payung agung gelang gading. temen maneh hayang mawa. naon nu dibawa?" "Kakang bakal sim kuring mah. ulah beu-rang peuting ge mangga. da kaula ge teu terang.. cunduk ka ratu seba ka menak. yen kakana teu acan datang. di dieu di mega malang. sebakeun ka nu jadi raja". lamun mawa barang eta. ulah leumpang kalayatan. ti tadi ge moal daek cunduk ka ratu. urang cuang pulang deui bae.Ngariung para nu jangkung.." "Teu langkung sakumaha pangersa sampean. ka nagara urang." "Bener ceuk pangucap mah gampang. tinimbang ka ratu. sing hasil nya pa-maksadan. ngerakeun ku deu-ngeun-deungeun. kakang bakal. kuda bulu landak. papatong jang-jang salaka. disebakeun ka menak. ka nagara urang. mangga ilari. Peklamun maneh tetela. nunjang lemah. lamun bae keresa maha." "Beu. eta kaula daek. sebab lengoh ka-lempohan. si kakang sapanjang namgtung bumi.kakara ngadenge.bayi. mangga urang cuang pulang deui bae. daek-daek dicunduk-keun ka ratu. "mas ratu!. ngajajar … Ujaring cinarios.. embe bulu songket.. mangka daek ngantian di dieu." "Inggih mangga kang bakal. cirining teu acan hasil pamak-sadan." Ditinimbang ku raden.mangga. muga-muga diparinan salamet. nu dikantun kula.teu kersa mah sawios.rek angkat. wirang temen ku deungeun-deungeun. kalicangket jangjang mayang. perkara jimat anjung wesi bagbagan wesi. sarta muga-muga sing laksana paneda. di mega malang!" "Inggih. ulah peuting. lamun mawa anjung-anjung wesi jimat. tapi nu enya di endi ayana eta?. cundukkeun ka ratu. "tutug timus perele panteg.bulan. di mendi atuh nu kitu ayana?..kakang bakal. kajeun teuing te-lat di jalanan. lampah ratu kembang panyarikan.. eusinamunding bulu hiris. muga-muga salamet sampean nu angkat. kudu aya banda barangna. anjung wesi bagbagan wesi jimat.mangga kakang bakal." "Beu. ari ngucap sok sembarangan. hayang dibelakeun ku si ka-kang. kadar mawa puyuh sahiji. sar-ta dungakeun. "tinimbang kami teu tepung deui jeung ratu." "Mangga.ana kitu.

kuda ramenantak!. kana kaluput-lepat kula. sok. bejana nu bogaeun. ulah bobad ula goro. bagea sampean!". diurus ku dewek!" "Ieung. kumis baplang sangga dulang." "Sok bejakeun ka dewek!. sam-pean kang bakal". papatong jangjang salaka.lanceuk. Embe bulu songket. ratu kembang panyarikan." "Sok adi serahkeun ka dewek.. goletrak teu aya naon-naon. ramenantek!. ratu kembang pa-nyarikan. pamugi-mugi hampura. menta beja di mana nu aya. payung agung gelang gading. anjung wesi bagbag jimat.. gadang ngantun-keun saderek.inggih kula mah. ngaranna ge kula kakara nyaho.. kalicangket jangjang wayang. ka nagara buana larang... rek ka mana.Kacarios ratukembang panyarikan. sia serahkeun ka dewek.. gajah ramenantak!. coba-coba dewek menta anjung wesi. bagbagan we-si. diwuluku digagacek… diurus ku dewek!" "Ieung. dipalar modar ku dewek. kacarios buana pancatengah kaliwat. kolear. lamun teu mere barangna. bujeng-bujeng kula ngagaduhan nu kitu. kolear. ulah bohong ulah bobad.. sok bejakeun ka dewek. "neda adi!".. di mega malang.sok!" . bilih sampean teu percanteun mah. rek namyakeun kamaneh.pangampura. munding bulu hiris.. dewek datang teu dihormat adi!" "Ieung. sok ngaget-ngaget ka kula. eusina kuda bulu landak. jalma nu taya ka-inggis karisi.. bebas nagara disambut. mangga ilari di patempatan kula.. "mangga launan. Kcarios. kolear.... "Adi.. taya karempan taya kasieun..raka ari sampean. ancur lemburna." "Maneh diperih pati. da teu ngadenge-denge beja-na. langlang-lingling. ti mega malang. bebas nagarana disambut.raka? "Dewek nu matak ka dieu datang. "Tas ti mana sampean?". serahkeunadi!" "Inggih kula teu ngagaduhan. anjung wesi bagbagan wesi..kaula nu matak ge teu ngadenge-denge. bening kesit mudunna.. handapeun buana tengah. Sasumpingna raden ka nagara buanan larang. gejlig. paralak. diwuluku… digagacek... kuda ramenantak gajah ramenantak.. kacarios mudunna raden. kolear. teu mere bejana. nu kasebat. ancur leburna." "Piraku adi?. "Permisi mas ratu". ayeuna luput teu bisa nyerenkeun buktina. Ka mana raden nya mudun?. jeung bokor salongo. lamun teu gableg..leuleuyan. bejakeun ka awak sok!" "Ieung. kamana nya ragrag?.lamun gableg.

"ah. kasebat tumenggung rangga walian." "Moal adi!. "ah.. tapi sampean poma-poma. nu gaduh-na tumenggung rangga walian.. bakating ku sieun. "lian ti eta aya deui raka!". kajaba di nagara buananyungcung. "kacaraios ietuk jimat kabuyutan.. ulah bebeja meunang kabar ti awak. lebah mendi adi?".. teuas tulang liat kulit. "sapala-sapira-sipil!". eta nubogaeun anjung wesi. nyiger saputer karaton.. "ayeuna dewek permisi adi!". alamat sieun dirurug nagara ku-la. "aduh.sapala-sapira-sipil!" . "kacarios aya oray laki.sapala-sapira-sipil!". "naon adi?". totosa bojana kulit.. "aya deui raka!".sapalasapira-sipil!"..kitu adi?". gada racak. masing nyata". lain waja. lain batu. "Ieung.. "naon adi!". nyandak pedang jeung tumbak. ngan sampean upami datang ka sampe bisa.sing heman. "tiwuan ge sagede hayam bibit. kaduana buana nyuncung. dumeh aya ponggawa kitu petana. kapaksa. sagede catang kalapa. bagbagan wesi jimat saeusina. sadaya pada batoton.Kuda ramenantak gajah ramenantak. sok! sok!" "Kula ari terang mah henteu.. kasebat nu bo-gana. "naon adi!". anu gaduhna enjang buana. aya deui buana?" "Inggih ceuk beja mah aya.raka. "naon adi!". "Kacarita kupara ponggawa bae.ari buana nyungcung. pagerna ge paripaos lain awi."aya deui raka!". eta nyandak jimat. ngan ngadenge beja wungkul.. adi!" "Inggih leres alon heula.naha handapeun negara maneh. sampean kira-kira bisa ngarepeh-keunnana?".raka. tohaga perkawis nu jaga negara.adi?". "waliwis putih sagede tampir.. "beu. hiji nagara galendor. "dewek rek ka nagara buana nyungcung. "Na hade. "hileud sagede gulungan kasur!. sampean kinten-kinten sanggup?" "Jah. "naon adi?". "ah. "ah. "enggih. lamun sampe bisa laksana. lain beusi". "enggih leres. "sapala-apira-sipil!". alon heula masing tetela. "kutan? ku naon pagerna. "ieu handapeun buana kula.adi?".... nutup muka ku manehna. "rek ka mana raka?. yen meunang beja ti awak"." "Ceuk beja di dieu nu boga?". salapis deui". matana lir mata simeut.. "aya deui raka!". ngagolang di tengah jalan!".. sampean kinten-kintenna moal sieun?"." "La-la-la. tumenggung rangga walian. sampean moal sieun?". "lian ti dinya aya deui raka!".lain kayu. kocapna gagah. peupeujeuh ulah bebeja. sebab eta tu-menggung rangga walian..leres". "kampaan beusi ngahalangan jalan. saputer karaton nyi-ger. sampean moal sieun?". sok bejakeun!. tapi eta perkara di nagara buana nyungcung.raka!" "Beu. sampean moal sieun?".sagala sapira sipil!".sapala-sapira-sipil!". "aya deui raka!". "naon adi?".raka!.

kapan kula kabawah perentah..ayeuna dewek permisi. "kok! kok!".. lajeng matek ajian panerus bumi. "Aya deui adi?". riab. copong molongpong. meunang kabar beja. goletak mati.. ratu kembang panyarikan mudunna.. aya terus kalakuan pan balik!. "ah.ieu jalma.. bakat kesit. ku urang nagara buana nyungcung. Kacarios. kasebat nagara buana nyngcung... anu katelah rangga walian". jebot!. ti kuda ramenantak gajah rame-nantak. "teu salah ceuk beja. kolear."beu.. ditonjok oray. ti nagara buana rarang.adi!".. sampean moal si-eun."Tah ku kituna raka. blak nangkarak.. jeblag!. maksa-maksa temene sabodo. teu salah cek beja. cek bejana bae. nu gaduhna enjang buana. sakuriling bangking. "enggeus sakaterang kula sakitu. goletak modar. jero atina. handapeun nagara. kan maksa-maksa.. disepak buta. nyandak pedang reujeung tumbak. pada nyandak pakarang.. "Wah.. kolear. ka wani-waningambah ka nagara dieu. ku tumenggung rangga walian. ponggawa saputer karaton. aneh kuda ramenan-tak. ditampiling welis. ti buana rarang.gih.. Datang kanagara.. kaler kidul. dilalarkeun kalimahna. kon ba-lik!" Kacarios teu diitung najan buta sagedena. kulon wetan.. lajeng raden teh mudun. byar. riab cekot. kolear. riab..yeuh!". da kula terang mah henteu". kumaha carana. nyangking keris. matana lir mata simeut bae. nyorang ka nagara galendor. jeblag!. kolear.sapala-sapira-sipil!".raka?" "Ah.. "Wakadalah. "rek ka mana sampean?".. "sebaba kula sieun dirurug. jeung gadana. teu ana paran solonong. pada batoton. Raden rut-ret ningali. lajeng raden mudun terus.mangga raka.. "wah teu sapira kadigjayaanana oray!" Aya welis sagede tampir. barang ningali ka karaton.ponggawa!" Kacarios raden. tutug timus parele panteg.ponggawa. atawakumaha ieu jalma kanyahona?". riab. "o-o-lakada-lah". "rek ka buana nyungcung!". Ngemplang narawangan.. lamun sanggem sampean.tetela nyata. kitu sipilkieu sipil. tapi poma-poma upama sampe dugi ka hasilna. ulah nyebatkeun meunang beja ti awak. gemblung. "moal adi!" Kacarios.ieu ponggawa endi?.. "wah teu sapira kadigjayaan!" .... ceuk kuda ramenantak. oray sagede catang kalapa!". kolear.. nagara buana pancatengah... nyata wadya bala ponggawa.. jeung eta perkawis nu jagana. "inggih. "moal adi!". "Beu. launa mudun terus. oray sagede catang kalapa!" Raden sanggeus patepang jeung oray. saputer karaton nyiger. ratu kembang panyarikan. siga anu mere jalan ka handap.raka!".

ngong!. diteunggeul ku peureup. ngong!. Yuzar.2006.blogspot.html . goletak modar.com/2008/06/carita-pantun-kembang-panyarikan-jawa.Aya tiwuan sagede-gede hayam bibit. "tiwuan teu sapira mati!" Sumber: Purnama. 2005) http://uun-halimah. “Analisa Struktural dan Nilai Cerita Pantun Kembang Panyarikan dari Kabupaten Ciamis” (Laporan Hasil Penelitian Balai Kajian Sejarah dan Nilai Tradisional Bandung. jebot!.

You're Reading a Free Preview

Mengunduh
scribd
/*********** DO NOT ALTER ANYTHING BELOW THIS LINE ! ************/ var s_code=s.t();if(s_code)document.write(s_code)//-->