Anda di halaman 1dari 1

Humor

Manuk gagak macok kupat Kecok deui kecok deui Diwedak reujeung di sipat Dekok deui dekok deui Cikaracak ninggang batu Laun laun jadi legok Tai cak-cak kanu huntu Laun laun nya di lebok Jaka sembung make bedak Teu nyambung dak

Moh.Sidiq Al-Rasyid XI IPA 2

Karya : Bratakusuma, R.E.

Piwuruk
Lamun urang ninun kanteh Ulah resep make poleng Lamun urang leutik keneh Ulah resep ngomong goring Meugeus diangkir ku jeungjing Geura ganti ku kahiang Meunggeus pelesir ti peuting Geura ganti ku sambeang Sing getol nginum jajamu Nu guna nguatkeun awak Sing getol neangan elmu Nu guna dunya aherat
Karya : Bratakusuma, R.E.

Piwuruk Baju kutud heureut pola Dikelin teu dijalujur Mun teu cucud ti sakola Arisin balik ka lembur Ka kulah nyiar kapiting Ngocok lobak bobodasna Ulah sok liar tipeuting Osok loba gogodana Susuru opat ngajajar Katinggang ku daun jati Guguru kapalang ajar Cara kembang burung jadi
Karya : Bratakusuma, R.E.

Anda mungkin juga menyukai