Anda di halaman 1dari 2

Ciung Wanara

Kacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita th nya ta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji Dwi Naganingrum, ari nu kadua Dwi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan. Barang nepi kana waktuna, Dwi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasp jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Dwi Naganingrum og ngalahirkeun, diparajian ku Dwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Dwi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Dwi Naganingrum th ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu sastuna diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy. Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Dwi Naganingrum. Terus nitah Ki Lngsr supaya mahan Dwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pdah ngalahirkeun anak anjing. Dwi Naganingrum dibawa ku Lngsr, tapi henteu dipahan. Ku Lngsr dislongkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh Galuh. Ari kandaga anu dipalidkeun ta, nyangsang dina badodon tataheunan lauk Aki jeung Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang nang tataheunanana kacida bungahna meunang kandaga th. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho yn di jerona aya orok alaki anu mulus tur kasp. Gancangna budak th dirawu dipangku, dibawa ka lemburna nya ta Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak. Kocapkeun budak th geus ged. Tapi masih knh can dingaranan. Hiji po budak th milu ka leuweung jeung Aki Balangantrang. Nnjo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka Aki Balangantrang ngaranna ta manuk. Dijawab ku Aki ta th ngaranna manuk ciung. Tuluy nnjo monyt. Nanyakeun deui ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, ta th ngaranna wanara. Budak th resepeun kana ta ngaran, tuluy ba mnta supaya manhna dingaranan Ciung Wanara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju. Ayeuna Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasp sarta gagah pilih tanding. Ari endogna ta, disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun. Dina hiji po, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sabab rk nepungan raja di Galuh. Inditna bari nglk hayam jago ta. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih Purawesi katut Patih Puragading. Nnjo Ciung Wanara mawa hayam jago, ta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan. Pruk ba hayam th diadukeun. Hayam patih lh nepi ka pahna. Patih dua ngambek, barang rk ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja. Ari Ciung Wanara papanggih jeung Lngsr. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana mak tandon. Lamun hayam Ciung Wanara lh, tandonna

nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun hayam raja nu lh, tandonna nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun raja tur diaku anak. Gapruk ba atuh hayam th diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara th kadsh, terus kapahan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka lingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja lh nepi ka pahna. Luyu jeung jangjina Ciung Wanara dibr nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah deui, beulah wtan dibikeun ka Hariang Banga. Ku kabinkasan Ki Lngsr, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungna nya ta Dwi Naganingrum. Lila-lila rka perdaya Dwi Pangrenyep th kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Dwi Pangrenyep th ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi. Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun yn indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara. Der atuh tarung. Taya nu lh sabab sarua saktina. Tapi lila-lila mah Hariang Banga th kadsh ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun ka wtaneun Cipamali. Tah, harita kaayaan Galuh jadi dua bagian th. Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari wtaneunana dicangking ku Hariang Banga. Tina Pangajaran Sastra Sunda, karya Drs. Budi Rahayu Tamsyah

Anda mungkin juga menyukai