Anda di halaman 1dari 5

DONGENG

Dongng mangrupa salah sahiji golongan carita dina wangun prosa (lancaran). Nilik wandana jeung eusina dongng th kaasup rkaan baheula Ilaharna dongng th pikeun barudak. Patempatan anu jadi latarna mindeng ttla gambaran kaayan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa wungkul, tapi og sasatoan, buta, atawa mahluk sjnna.Corak rkaan heubeul anu mindeng ngolah siloka atawa alegori pikeun mungkus tma. WANGENAN

Dongng nya ta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula. Numutkeun kamus dongng th babad meunang ngarka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu mohal jadina . Budi Rahayu Tamsah ntlakeun yn dongng mangrupa carita rkaan anu mr kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Dongng mimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma ka jalma liana, tur teu kapanggih saha nu ngarangna. Lantaran sumebar dina wangun lisan, tks dongng babari robah atawa leungit. Robahna tks th alatan aya anu dihaja jeung teu di haja. PAPASINGAN Dumasar kana eusina dongng dibagi jadi tujuh nya ta 1. Dongng Sasatoan (Fabl) Dongng Fabl nya ta dongng atawa carita rkaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi, ku kituna carita th ngagambarkeun pasipatan, watk, jeung budi manusa. Ilaharna dongng sato (Fabl) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas manusa, upama ba bisaeun nyarita og ngagunakeun akal jeung pikiran. Dongng satobiasana watek palakuna geus dipola. Dina kasusastraan Sunda, dongng sato th pohara lobana. 2. Dongng Babad (Sag) Dongng Sag nya ta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kahirupan manusa di masarakat jeung dina sajarahna. Sag mangrupa carita peperangan di jaman baheula, umumna nyaritakeun tokoh nu lgendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan nu pikaseurieun. Contona : Prabu Siliwangi, Dipati Ukur,Sh Abdul Muhyi,jrrd. 3. Dongng Kahirupan Jalma Biasa (Parabl) Dongng Parabl nya ta dongng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan.

Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda nya ta dongng-dongng Si Kabayan. Lian ti ta, aya og dongng saduran tina sastra deungeun, upamana dongng Abu Nawas, Nasarudin,Si Congcorang,jjrd. 4. Dongng Mit Dongng Mit nya ta dongng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap aramat ku masarakat. Umumna dongng mite th raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana alam gaib. Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana maot. Aya og mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, tanda-tanda alam, jst. Mite di Indonsia dibagi jadi dua golongan dumasar kana tempat asalna nya ta, mite asli Indonsia jeung mite nu asalna ti luar Indonsia, utamana ti nagara India, Arab jeung nagara-nagara sabudeureun Laut Tengah. Nu asalna ti luar Indonsia, umumna geus robah nepi ka siga asli carita ti Indonsia, ku lantaran kitu mite ta ngalaman pross adaptasi. Mite nu asalna ti Indonsia umumna nyaritakeun asal-muasal jagat raya, ayana tingkat dwa, jeung mimiti manusa manggihan kadaharan saperti sangu, jagong,jst. Contona Dongng Dwi Sri, Dongng Nyi Roro Kidul, Dongng Munjung, Dongng Maung Kajajadn, jeung Dongng Ngipri. 5. Dongng Pieunteungeun Dongng Pieunteungeunnya ta dongng anu eusina mangrupa tauladan pikeun kahirupan manusa Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok 6. Dongng Pamuk Dongng Pamuk nya ta dongng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktn hiji jalma tur bisa aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Conto carita pamuk di wewengkon Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu Siliwangi'', Prabu Siliwangi nya ta tokoh anu kaitung sakral di darah Jawa Barat. Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi th nya ta hiji raja nu pernah marntah wewengkon Pasundan. Contona Weasan Aki Sayang Hawu. 7. Dongng sasakala (Lgnda) Dongng lgnda nya ta carita rayat anu dianggap (ku nu boga caritana) minangka hji kajadian nu bener-bener kungsi aya Lumangsungna ta kajadian dina waktu nu can pati lila, sarta tempatna di lingkungan nu geus dipikawanoh ku urang ayeuna. Dongng sasakala mngrupa golongan carita anu geus turun tumurun, sumebar sarta ku balara dianggap mibanda dasar kasajarahan atawa sakumna carita wandal kitu anu geus jadi milik sagolongan masarakat. Palaku utama dina legenda jalma biasa. Dongng legenda biasana nyaritakeun asalmuasalna kajadian. Kajadian hiji tempat, tutuwuhan,sato, atawa barang Papasingan Legenda :

a. Legenda Agama nya ta legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama islam. Legenda nu geus dikumpulkeun diantarana: Syh Siti Jenar di Muka Pengdilan Agama,Sunan Geseng, Syh Abdul Muhyi, Ki Pandan Arang dari Tembayat, jste. b. Legenda Alam gaib nya ta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan mhluk-mahluk nu gaib. Legenda tokah jalma nya ta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi aya kajadianana. c. Legenda tempat atawa legenda wewengkon nya ta carita anu aya patalina jeung hiji tempat, ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung, pasir-pasir, jurang, jsb. Contona saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang, Sasakala Maribaya. Sedengkeun dumasar kana palakuna dongng th kabagi jadi lima nya ta dongng fabl , dongng legnda , dongng sag , dongng parabl , Dongng mit

UNSUR-UNSUR DONGNG 1) Tma, tema nya ta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadngkeun dongng. 2) Galur (plot) osok disebut og jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya ta galur merl, galur mabok tengah, jeung galur campuran. 3) Tokoh carita atawa palaku nya ta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita. 4) Latar (setting), nya ta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongng. 5) Amanat, nya ta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca.Umumna amanat dina dongng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus rngs maca atawa ngadngkeun hiji carita nu sagemblengna

CIRI-CIRI DONGNG 1) Caritana pondok, lanjeuran carita dina dongng biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi alesanana nya ta carita dongng osok didongngkeun ka barudak, nu tangtuna wa kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan. 2) Aya bagian anu pamohalan. 3) Asup kana wangun lancaran jeung ugeran. 4) Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.

5) Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, prots sosial, atawa kahayang nu di sidem. Sanajan dongng ditepkeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun. 6) Sipatna pralogis, nya ta mibanda logika anu bda jeung logika umum. 7) Sipatna tradisional, nya ta sumebarna turun-tumurun. 8) Pola ngadongng sok angger, sanajan

SAJARAH KAMEKARAN JEUNG SUMEBARNA DONGNG Gelarna satra lisan di tatar Sunda kira-kira dina jaman buhun anu dicirian ku ayana pangaruh Hindu.v Dina ieu jaman, sastra anu aya teu kapanggih ngaran pangarangna (anonim) kayaning carita-carita pantun, carita-carita mithologia, pabl-pabl, jangjawokan, asihan, jamp-jamp, kawih, jst. Ttla pisan satra lisan leuwih ti heula ayana tibatan sastra tulis. Sastra tulis aya sabada urang Sunda wawuh kana tradisi tulis. Ku sabab tknologi ayeuna beuki maju, nya ta ku ayana pecitakan, loba dongng anu dimuat dinamajalah jeung surat kabar. Lian ti ta og, aya anu dikumpulkeun jadi buku, di antarana: Dongng disalin kana tulisan, sanggeus tknologi ngambah kana kasustraan sunda, loba dongng anu dibukukeun di antarana : 1) Carita Rayat Sunan Gunung Jati ku Yuliadi Soekardi jeung U.Syahbudin. 2) Carita Rayat Asal Mula Kasultanan Cirebon ku A.Setiawan jeung U.Syahbudin. 3) Babad Tanah Sunda Babad Cirebon ku P.S. Sulendraningrat. 4) Dongng-dongng Sunda, karangan D.K.Ardiwinata, terbit taun 1910. 5) Salaw dongng-dongng Sunda jeung pariboga, karangan C.N. Pleyte, duanana terbit taun 1991. 6) Warnasari Sunda I, karangan J.Kats, terbit taun 1991. 7) Dongng-dongng Sunda II, karangan R.H. Muhammad Musa (saduran), terbit taun 1912. 8) [Dongng-dongng Sunda II, karangan Mas Saleh jeung Ardiwinata, terbit taun 1920. 9) Sakadang Peucang, karangan Sakadadibrata, terbit taun 1931. 10) Dongng-dongng Sasakala II, karangan Sakadibrata, terbit taun 1959. 11) Abu Nawas, karangan Mawarun (sadarun), terbit taun 1980. 12) Ganjaran Kanu Sabar, karangan M.O.Kusman, terbit taun 1980. 13) Beregejed (dongng pikaseurieun), karangan Taufik Faturrahman, terbit taun 1982.

Dongng dirobah jadi wawacan, salain ditulis dongng anu mimitina ngagunakeun basa lancaran bisa dirobah jadi wangun pupuh, nya ta jadi wawacan. PUNGSI DONGNG Kalungguhan dongng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih knh nyekel pageuh tradisi. Dongng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan. Pungsi dongng ti jaman ka jaman robah. Dina jaman masarakat buhun, dongng th henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul upacara-upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan.. Dongng sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak cngng. Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhan dongng th lain wates keur ngabobodo budak cngng hungkul, tapi ngabogaan tujuan sjn lamun dittlakeun di handap: 1) Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan. 2) Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki. 3) Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat. 4) Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh kaayaan tali parantina. 5) Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawan karuhun pikeun bekel hirupna. 6) Ngarah pagawan beurat karasa leuwih hampang. Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun 1975 ttla yn dongng mampuh ngaronjatkeun Itelegence Question (I.Q) budak. Budak kakeunaan ku Virus n Ach (need for Achievement) nya ta virus nu ngamotipasin budak sangkan miboga cara mikir jeung paripolah anu leuwih pisin pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti sammhna tur salawasna bisa ngahontal prstasi kalayan optimal.Panalungtikan sjn nu ngbrhkeun yn dongng bisa mr kani'matan, kasugemaan batin jeung ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu macana. ta hal dibuktikeun ku panalungtikan di Amrika, anu ntlakeun yn barudak turunan Asia di Amrika leuwih cerdas tibatan barudak turunan urang Amrika, sabab warga Asia nu cicing di Amrika teu ninggalkeun tradisi karuhunna, utamana macakeun dongng-dongng ngeunaan karuhun ka budakna.

Anda mungkin juga menyukai