Anda di halaman 1dari 7

BASA SUNDA BAB 4 NULIS SURAT

Disusun Oleh: 1. Debie Septarina 2. Emiyati Nurhasanah 3. Hesti Fuji Astuti Kelas : X. Akuntansi 1

SMK NEGERI 2 KOTA BEKASI Jl. Lapangan bola Rawa BUtun-Cikeuting UdikBantargebang-Kota Bekasi

A. Nulis Surat Samemeh hidep latihan nulis surat, ieu dihandap aya conto surat nu ditulis ku Budi Parangi ka wali kelasna. Pek tengetan! Conto Kerangka Surat

Titimangsa.

Tujul Surat. Salam Bubuka.


Bubuka ......................................................................................................................... Eusi. . Penutup ... Salam Panutup. Nu nulis surat.. Tandatangnan

Conto Suratna:

Bandung, 10 September 2011 Kahatur Ibu Wali Kelas X A SMA Tut Wuri Handayani Sareng Hormat, Mugia Ibu sareng rengrengan guru sadayana aya dina panantayunan Allah Swt. Hatur uninga dinten ieu abdi, Budi Parangi, Kelas XA, Jumaah , 10 September 2011 teu tiasa lebet sakola sapertos sasari, jalaran udur. Saur dokter abdi kedah istirahat. Margi kaserang panyawat gejala tipes. Sinareng ieu serat, abdi oge nyanggakeun surat keterangan udur ti dokter. Mugia ibu ngawidian kanggo istirahat di rorompok salam udur. Neda piduana ti ibu mugia abdi enggal da mang deui, supados tiasa enggal lebet deui sakola sapertos sasari. Sakitu anu kapihatur. Kana perhantosan sareng kasean Ibu, abdi ngahanturkeun nuhun. Hormat abdi,

Budi Parangi

Sabada hidepe diajar nulis surat dines ti pribadi ka lembaga. Pek tengetan ku hidep conto ieu surat dinas ti handap! Ieu salah sahiji conto sirat tina lembaga ka pribadi! ULEMAN Kahatur Ibu Dra. Maryati (SMAN 9) Di Bandung Assalamualaikum warrahmatullahi wabarakaatu Panitia ngulem Bapa/Ibu/Saderek kanggo sumping ngiringan Kongres Basa Sunda IX anu bade dilaksanakeun Kaping: 11-13 Juli 2011 Tempat Hotel Jaya Rasa Cipayun Kabupaten Bogor Kalintang bingahna saupami Bapa/Ibu/saderek tiasa sumping ngaluuhan eta acara dina waktos na. Wasalamu,alaikum warrahmatullahi wabarakaatu Bandung, 20 Juni 2011 Ketua LBSS, Ttd Ketua Panitia, Ttd

H. Us Tiarsa

Drs. H. idin Baidillah, Mpd

Latihan
Sabada hidep negetan contoh sutara dines ti organisasi atawa lembaga di luhur, pek ku hidep tulis conto surat resmi nu dikirim ti organisasina dina kertas polio, upamana ti OSIS, Karang Taruna, RT, RW, Kalurahan, atawa organisasi sejenna. Eusi suratna bebas, kumaha hidep wae, inget perhatikeun struktur suratna, ejahan jeunga tanda bacana!

Tugas
Sabada Hidep latihan nulis surat dines pribadi jeung surat dines ti lembaga ka pribadi, pancen hidep satuluyna nya eta neangan hiji conto surat pribadi jeung surat resmi, upamana surat ondangan, surat tugas, surat keputusan, atawa surat resmi sejenna.

Contona: 1. Surat dines PAMARENTAH KABUPATEN SUMEDANG DINAS PENDIDIKAN SMA NEGERI 1 SUMEDANG Jl. Prabu Geusan Ulun No. 39 Sumedang Sumedang,20 April 2013 Nomor : 13/12/SMA1/2013 Lampiran :Perihal : Uleman rapat Kahatur Orang tua/wali siswa Kelas XII di Tempat Assalamualaikum Wr.Wb. Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Dina harepan urang sadaya dina kaayaan sehat walafiat.Amin. Salajengna dina rangka persiapan Ujian Nasional (UN) siswa-siswi kelas XII SMA Negeri 1 Sumedang 2012/ 2013. Aya hal hal anu penting anu kedah disawalakeun ka Bapa/Ibu orang tua murid, kukituna sim kuring salaku Kapala Sakola, ngulem Bapa miwah Ibu supados sumping dina acara rapat nu bade dilaksanakeun: Dinten/Kaping : 26 April 2013 Tabuh : 09:00/10:30 Tempat : Graha Adinira SMA Negeri 1 Sumedang Kumargi pentingna acara ieu, diharepkeun kahadirannana. Hatur nuhun kana perhatosannana. Wassalamualaikum.Wr.Wb Kapala sakola

Dra. Asep Edi, M.pd

NIP. 19880202 199901 1 001

2. Surat Pribadi

Sumedang, 18 April 2013

Kahatur Nu dipikasono Suhendar Di Garut

Salam deudeuh Kumaha damang? Sabada dua taun urang tos papisah sakola, mugia salira kasih kulawarga aya dina ginanjar kawilujengan. Atuh kuring di Sumedang oge aya dina kaayaan sehat. Sonona mah kuring didieu biasana ngajaran lia nanaon hanteu elmu nu kuring dipikaboga. Urang ngerjakeun PR babarengan, lieur babarengan. Ayeuna mah urang tos pisah sakola, pisah lembur. Mugi - mugi urang sadaya sareng rerencangan nu lian tiasa patepang ririungan deui. Amin ya robal alamin. Sakieu heula serat ti kuring, sanes kuring teu sono mung panangan kuring tos cangkeul nulis hehe. Diantos serat waleranna.

Kuring nu sono,

Tendi Nugeraha Wijaya

Anda mungkin juga menyukai