Anda di halaman 1dari 4

Nama Kelas

: Hilyattul Aulia : VI

Contoh Pidato Bahasa Sunda 1


Assalamualaikum wr wb Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat. Para wargi anu ku simkuring dipikahormat. Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena. Dina salah sahiji hadits diterangkeun... Inna dhofatu minal iman Nu hartosna : Kabersihan teh sabagian tina Iman Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih. Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih. Para wargi anu mulya. Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten. Wassalammualaikum Wr. Wb.

Contoh Pidato Bahasa Sunda 2 Assalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh Alhamdulillahi robbil alamin. Wassholatu wassalamu ala Muhammadin. Waala alihi washohbihi azmain. Amma badu Bapa-bapa, ibu-ibu anu dipihormat tur dipiajrih ku sim kuring. Teu kakantun hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT. Langkung tipayun sim kuring muji syuur ka Alloh ku ngedalkeun Alhamdulillahi robbil alamin wireh dina ieu waktos tiasa ngadeg di payuneun parabapa, paraibu miwah hadirin kanggo ngadugikeun biantara. Sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka panutan alam, nabi anu pinuji nyaeta Nabi Muhammad SAW. Ka kaluwargina ka parasohabat sareng ka umatna anu taat kana pituturna. Amin ya robbal alamin. Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT. Neda widi ka sadayana, dina ieu waktos sim kuring seja ngadugikeun perkawis program wajib belajar salapan taun anu ayeuna nuju dilaksanakeun. Tujuan pamarentah ngedahkeun sadaya warga nagara ngalaksanakeun wajar dikda 9 taun the sanes kanggo ngahontal cita-cita bangsa Indonesia anu kaunggel dina Tujuan Pendidikan Nasional nyaeta ngahontal masyarakat anu sampurna. Dina babasan urang mah manusa anu cageur, bageur, bener, pinter, tur singer. Kanggo umat islam program belajar the diwajibkeun tur teu diwatesanan 9 taun tapi wajib ti kawit dibabarkeun dugi ka maot. Sakumaha pidawun Rosululloh SAW Tolabul ilmi faridotun ala kullil muslimin walmuslimat minal mahdi ilalahdi. Naging nu dimaksad program wajar dikdas 9 taun mah nyaeta program diajar di pendidikan formal. Murangkalih anu yuswana 7 dugi ka 15 taun kedah diajar di sakola ti SD dugi ka SMP. Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin anu dimulyakeun ke Alloh SWT. Ieu program pamarentah moal tiasa kalaksanakeun upami teu aya gawe bareng ti sadaya lapisan masyarakat, utamina ti para sepuh nu kagungan murangkalih ti yuswa 7 dugi ka 15 taun. Mugi-mugi ku cara rempug jukung sauyunan, gawe rancage sadaya lapisan masyarakat ti kawit pejabat dugi ka rahayat ieu program tiasa dilaksanakeun kalayan hasil nu nyugemakeun. Pamungkas, sadaya pamaksadan moal tenekanan upami teu aya ridho Alloh SWT. Ku kituna urang sami neneda ka Mantenna mugia sadaya paneja urang diijabah. Amiin Ya Alloh Ya Robbal alamin. Rupina sakitu nu kapihatur, bilih aya catur nu ngalantur, aya basa nu teu luyu sareng tetakrama, mugia sadayana jembar manah nghapuntenna. Wassalamualaikum warohmatuloohi wabarokatuh.

Assalamualaikum wr. Wb Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama badu Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat walafiat. Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin. Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas genep. Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilaf abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin. Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT. Wabilahitaufik walhidayah wassalamualaikum wr.wb

HIRUP Oleh Ato Paskal Hirup lir ibarat lengkah Sing ati ati tur tarapti nincak ulah ngan saukur lengkah bari komo jeung dudupak rurumpak bisi manggih beling nu pastina bakal nyugak Hirup jeung kahirupan lir ibarat lengkah jeung tujuan lengkah merenah nu ku dilampah

tinangku barokah tujuan nu ku urang baris kahontal

Panggoda dunya tong dijadikeun alasan pikeun ngalengkah salah lantaran bala tangtuna bakal karasa Kamajuan dunya kudu dibarengan ku motekar akal jeung lengkah nu basajan lengkah merenah kahirupa barokah

Anda mungkin juga menyukai