P. 1
Carita Pondok Sunda

Carita Pondok Sunda

|Views: 2,037|Likes:
Dipublikasikan oleh Carita

More info:

Published by: Carita on Nov 28, 2009
Hak Cipta:Attribution Non-commercial

Availability:

Read on Scribd mobile: iPhone, iPad and Android.
download as RTF, PDF, TXT or read online from Scribd
See more
See less

01/14/2013

pdf

text

original

Carpon Dadi Margana

TUNGGUL RAHAYU

Sajrutna ti Saung huma, hate keukeuh ngemu kahemeng. Ulat pamulu Bah Kandi anu robah ngadadak jadi terus kapikiran. Baheula kungsi nyatru tina banget ku teu doa lamun tea mah Anjeuna pareng boga minantu samodel kuring. Papacangan jeung Tini anu eukeur sumedeng geugeut-geugeutna, dipaksa dipegatkeun saharita. Kungsi kagegeringan, angot basa ngadenge Tini dikawinkeun mah. Rada leler meueusan sabada osok milu dagang ngampar, masar tipeuting di Ciroyom jeung jenatna anu jadi Bapa. Nungguan tilu tampir mimitina mah. Aya Bawang beureum, Kacang beureum, Cengek, Cabe kalan-kalan sasamaraan naon wae kumaha parengna aya barang kiriman. Ti dinya eungkeut-eungkeut mimiti wani nyalo meulian operkeuneun, ecerkeuneun ka anu sejen. Sanggeus kaerong pimodaleun cukup. Henteu nyalo deui, tapi ngider neangan tebaseun Empet, Sosin, Bayem, Bawang daun kadangkala ngabajong Dukuh, Peuteuy tangkalan, iangkeuneun ka Pasar Andir, Caringin, Ciroyom atawa ka Antri Cimahi. Sawaktu-waktu osok oge ngeusian ka Cibitung Bekasi, pundah-pindah neangan lolongkrang punjulna harega. Ti harita hirup mimiti aya menyatna. Bisa neundeun miraweuy, aya

tempokeuneunana batur. Make kabedag meuli imah, nyengsarkeun meuli kebon jeung mobil Colt paragi narik sayuran. Bari nekeh leumpang ka pasirkeun, uteuk mah tetep masih dilimpudan ku pikiran ngeunaan tingkah paripolah Bah Kandi cikeneh, tina ulat pamulu, rengkak paripolah anu robah 180 darajat jauh mela-melu jeung katukang-tukang. Sonder uah-aeh ngaku ngajak ngobrol panjang lebar sagala. Tina obrolanna oge gorehel kapeletik, simanahoreng rumah tanggana Tini teh henteu kungsi lila, teuing naon anu jadi pasalna, asa teu hayang nyaho

1

Carpon Dadi Margana

make jeung tetelepek tatanya ngeunaan eta hal Jeungna deui basa tadi ngobrol oge kuring mah asa loba ngabetemna, Bah Kandi we anu cuih mah, sagala diomongkeun. “Heuy !………kamana yeuh ? Katonggoh !” Lamunan ngeunaan Tini jeung Bah Kandi buyar sapada harita. Kabangbalerkeun ku anu ngagorowok, teu katangen jelemana mah. Tapi kana sorana mah hamo bireuk deui, kapirengna mah Mang Omat, biasana keur tunggon huma wayah kieu mah. “Enya Mang ka tonggoh, puguh nempo peuteuy alaeun !” “Nyimpang heula atuh ! da mekel ari cai-cai wae mah”. “Moal Mang rusuh ! Engke deui we mun pareng”. “Nya jug atuh ari rusuh mah! satadina hayang we ngobrol, geus lila teu ngabako jeung Ujang “ Dina ngakuna Mang Omat pasti jeung enyana, lain tawar gatra tamba bau sungut! Ngan sok asa kapiring leutik ari rek nyimpang heula teh. Geus jadi sabiwir hiji di lembur mah majarkeun teh, Nyi Isah anakna Mang Omat hahadean jeung kuring, padahal mah ngan saukur omongan batur wungkul, sapedah meureun kuring anu lelengohan keneh mindeng katempo ubral-obrol jeung Mang Omat anu boga anak parawan meujeuhna kawinkeuneun. Saanjogna ka anu dituju, teu diengkekeun deui kuring ngulincer tatanggahan nengetan tangkal peuteuy akuan. Hate reugreug, tangkal peuteuy weuteuh teu aya anu ngagunasika. Seuh-seuhanana mah katungguan beurang jeung peuting ku anu boga kebon anu kabeneran keur tunggon pare huma. Wanci reup-reupan kuring pamitan, teu poho ngeupeulan duit ka anu boga kebon, dadakuna mah keur meuli gula kopi. Kacoceng sakitu mah wajar, dadakuna gede hate. Kaerong ladang peuteuy anu nampeu ka jalan jajahan oge jigana geus bisa ngagantian duit pameulian. Encan tilu tangkal anu ngajajar beulah kulon, mulung bati mah tidinya we!

2

Carpon Dadi Margana

Sieun kaburitan di jalan, teu sumpang-simpang balikna mah. Pairing-iring jeung anu ngarekot ngabengkot pucuk sampeu, daun gedang jeung kanikir, iangkeuneun ka Pasar Antri. Baheula mah kungsi kuring oge mulung muntah meulian pucuk gedang, sampeu jeung kanikir teh. Megatan anu nanggung ti Boregah jeung Pakuhaji, kadieunakeun mah haroream. Barangna riba, nyahunyud gagarubang, ari batina henteu sabaraha. Teu karasa cape balikna mah, kawantu mudun. Tambah-tambah kaselang ku ngobrol jeung anu ngarekot nanggung, puguh warawuh. Maranehna teh urang Pasir Kiara anu boga kebon di Boregah. Papisah jeung anu nanggung di Cidahu, kuring mah ngiciprit ngidul, nyampeur bawang daun jeung tomat. Iangkeuneun engke subuh ! ********************** Tilu poe satutasna ngaroris tangkal peuteuy di Boregah. Harita carangcang tihang, dagangan bawa ti lembur amrin henteu nyesa saeutik-eutik acan. Mokaha peuting eta mah bati teh rada mucekil, sasat kabeneran boga peuteuy anu buahanna nyalah mangsa, encan katimpahan ku peuteuy ti daerah sejen. Beres kukud, balitungan heula ka anu boga warung. Urut dahar sakali reujeung urut ngopi, ngaroko. Harita keneh langsung balik. Ti Pasar Antri naek angkot jurusan ka Pasar Luhurkeun, lebah parapatan Citeureup turun. Ti dinya angkeuhan teh rak badarat bae, susuganan meunang tebaseun, nambahan sosin sakotak alaeun, anu ijiran mah paling bijil tujuh koli, neangan deui tambahna supaya jejeg jadi samobileun. “Moaaaaaaaaaal…. mincuk ? Aya sayur tahu kalandep Ema!” Ceu Rukmanah sorana kadenge mani ngengkreng peuntaseun jalan. “Moaaal, Isuk deui we Ceu ! Jawab kuring teu eleh ngengkreng. Puraga bae nembal

3

Carpon Dadi Margana

teh. Lain teu inget ka nu jadi indung! Biasana oge matuh, balik masar teh nyimpang heula ka warung Ceu Rukmanah. Ti saprak kaserang struk dua taun ka tukang, jadi tik-tik brek Ema teh. Aya oge anu osok purah bunta-bantu di imah geus opat poe teu ngelol-ngelol deui, pundung ! Majarkeun teh teu kuat di cerewedan wae ku anu jadi indung. Tara kaprak-keprek masak ti harita oge Ema mah, dicarek! Melang, sangu jeung deungeuna mah sok ngeteng we ti warung, unggal balik masar! Isuk ieu mah meunang bati teh rada mucukul, meuli asakan teh ti Pasar Antri bae, rada onjoy ngahajakeun mincuk gepuk, dipihapekeun tadi subuh ka supir anu narik sayuran. Lebah legok Dase, leumpang teh kandeg heula. Dadakuna naksir sosin bajongeun. Meujeuhna alaeun, bogana Mang Sama. Hargana mah geus paheut. Hanjakal jeung anu bogana henteu jonghok. Rada hareneg oge! Semet talatah wae ka anu aya didinya, pangmupulihkeun engke sore rek diala. Nepi ka imah kira-kira wanci haneut moyan. Angkanan moal waka sare, sakalian mandi rek ngeprek nyeuseuh heula. Inget bae kana seuseuhan, kalacat ka tengah imah. Pangling asa raresik. Meja makan make jeung ditaplakan sagala rupa. Tadi oge basa di buruan, asa rada beda tetenjoan teh. Kahemeng beuki ngalimpudan sirah. Nempo kamar geus aya anu meresan. Rarat-reret nyampeurkeun sarigsig jandela. Sidik dina gantar pamoean di gigireun imah, rantuy ku popoean pakean kuring. Sajongjongan ngahuleng ngaraga meneng, naha saha ? anu beberes! Sareat anu jadi indung mah batan sakitu. Saprak geubis di pancuran, Anjeuna janten lumpuh sabeulah. Eungkeut-eungeut damang meueusan, sabada tatamba ka Pa Tansil, Mantri suntik urang Cisarua. Ngan tetep panangan kiwana mah teu acan tiasa diobahkeun.

4

Carpon Dadi Margana

“Tunduh meureun nya, sarekeun angguran mah!” Kadenge soanten Ema ti patengahan. “Moal waka Ma! puguh aya anu bade ditaroskeun” Tembal teh bari nyampeurkeun ka anu nuju calik di tengah imah. “Heran meureun hidep teh nya! Nempo imah jadi raresik. Satadina ku Ema moal waka diobrolkeun ayeuna bisi hidep tunduh keneh, ngarasakeun bisi jadi kandeuw kana sirah, maksud teh engke we dimana hidep geus hudang sare, ku Ema rek dicaritakeun!” “Henteu Ma ! pitunduheunana oge jadi lus-les laleungitan” Alatan ngemu kahemeng, kawasna mah pitunduheun teh ngadak-ngadak sirna. “Saencan Ema nyarita satarabasna, Ema peupeujeuh! Hidep ulah salah harti, anu engkena ngabalukarkeun jadi bangbaluh. Ema sieun kasedih anu baheula kungsi tumiba ka diri hidep ayeuna kasuat-suat deui” “Enya….. sok atuh Ema, carioskeun tong asa-asa ! Jadi panasaran abdi mah” “Nyi Tini anu beberes teh Ujang ! Samalah hidep oge kudu nyaho tadi peuting Bah Kandi katut bojona, kira-kira wanci Isa nganjang ka dieu. Apaleun Anjeuna teh geuning Ema keur gering” Ngadenge omongan Ema cikeneh, hate ngaranjug oge. Teu nyangka ku peta paripolah Bah Kandi sakulawarga. “Nyarita naon wae Bah Kandi teh Ma” Banget ku panasaran kuring tumanya deui ka anu jadi indung. “Loba anu diomongkeunana mah, ngan ari intina mah Anjeuna teh miharep pisan lamun hahadeanana Hidep jeung Nyi Tini baheula, diteruskeun deui ayeuna” Sajongjonan mah Kuring ngabetem, mikiran Bah Kandi anu asa nongtorogan henteu boga kaera.

5

Carpon Dadi Margana

Nempo kuring ngahintul wae, pok anu jadi indung teh nyarita deui. “Peuting tadi oge Ema mah teu mere putusan nanaon! Kacindekanana mah sagala rupana aya di diri hidep. Ema kacida salahna lamun wani-wani mere harepan bari jeung henteu badami heula jeung anu jadi anak” “Nya nuhun pisan atuh ari kitu mah !” “Satadina Ujang pikeun anu jadi indung mah. Saencan ninggalkeun alam karamean. Aya pamenta ti anu jadi anak teh, hayang we heula nyaksian Ujang kurenan! Hayang ngasaan hirup diriung ku anak incu. Rek neangan naon deui atuh hidep teh. Bekel keur rumah tangga mah asana geus leuwih ti cukup. Cing inget Sujang moal aya anu beunghar bubujangan”. Ngadenge cariosan Ema bieu, anu nyata loba benerna. Kuring ngan ukur bisa ngaheruk, anu antukna dina hate tumuwuh rasa salah, asa dosa ka anu jadi Indung. Meujeuhna pikeun Ema, dina umur anu geus sakitu kakolotanana, nyaksian anak anu ngan hiji-hijina hirup ngarumah tangga, boga anak pamajikan. “Keueung lamun dibalakakeun sabenerna mah Ema teh Ujang! Lamun pareng ditinggalkeun ku hidep, Ema teh sok ceurik sorangan, mimindengna manghariwangkeun ka diri hidep lamun tea mah Ema geus tilar dunya. Wuri-wuri dipundut ku anu kagungan oge, asa lalugina lamun tea mah geus laksana nyakseni hidep aya anu ngawulaan, boga batur pakumaha lamun tea mah jaga Ema geus euweuh dikieuna. Cing sawang ku hidep nepi ka lebah dinya!”. Dina geter soantena, katara jiga ngemu kasedih anu pohara, anu salila ieu disidem ku anjeuna. Kuring kakara sadar, salila ieu geus tambelar ka anu jadi indung. Geuning kabutuh kolot teh, teu cukup ku dijamin dahar pakena wungkul, aya leuwihna ti eta. Bruh-breh dina sawangan, ngabayangkeun anu jadi indung cungelik sorangan dina kaayaan peuting

6

Carpon Dadi Margana

jempling bari salira geus teu walagri sehat sabiasa deui. “Isukan ge ngomongna mah Nyi Tini teh rek kadieu deui cenah Ujang! teu dicarek ku Ema teh. Pangrasa Ema mah asa bungah we anu aya! Henteu cuang-cieung euweuh batur teuing. Eukeur mah teuing kumaha ti baheula oge Ema teh geus banget ku nyaah ka jinisna teh !”. Ngadenge cariosaan Ema cikeneh, hate anu tadina teuas alabatan batu, ngadakngadak jadi leyur. Kacua, kaceuceub ka Tini jeung kulawargana anu kungsi ngaraheutan hate sapada harita sirna, kasilih ku caritaan hiji indung anu ngemu kahayang jeung harepan ti anu jadi anakna.

Identitas Pangarang : Dadi Margana Alamat: SMKN 3 Cimahi Jl. Sukarasa No. 136 Citeureup Cimahi Utara No. Telp. 6628404 / 6627522 No. Hp. 76537763

7

You're Reading a Free Preview

Mengunduh
scribd
/*********** DO NOT ALTER ANYTHING BELOW THIS LINE ! ************/ var s_code=s.t();if(s_code)document.write(s_code)//-->