P. 1
Modul Pangajaran Basa Sunda

Modul Pangajaran Basa Sunda

|Views: 15,922|Likes:
Dipublikasikan oleh Carita

More info:

Published by: Carita on Dec 01, 2009
Hak Cipta:Attribution Non-commercial

Availability:

Read on Scribd mobile: iPhone, iPad and Android.
download as RTF, PDF, TXT or read online from Scribd
See more
See less

04/29/2013

pdf

text

original

KOMPETENSI DASAR Ngaregepkeun bahasa jeung eusi biantara MATERI POKOK Conto Biantara INDIKATOR  Ngaregepkeun biantara kalayan

daria  Nyatetkeun eusi jeung jejer biantara anu dianggap penting  Bisa nyieun conto eusi biantara  Bisa nyaritakeun deui eusi biantara  Bisa mairan eusi biantara

A. BAHAN AJAR
BIANTARA BAPAK CAMAT DINA ACARA PASANGGIRI IBING PENCA

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh Sugrining Puji Sinareng sukur mangga urang sanggakeun ka Gusti Alloh anu murbeng Alam. Kalawan rahmat sareng kurnia Anjeuna, dina dinten ieu, pasanggiri ibing penca sa-Kota Cimahi tiasa dikawitan, luyu sareng rarancang panitia. Sim kuring, wawakil ti pihak pribumi, langkung ti payun seja ngahaturkeun nuhun ka panitia, atuh langkung jembarna ka PPSI Kota Cimahi, anu parantos milih sareng nangtoskeun ieu wewengkon kacamatan pikeun lumangsungna acara ibing penca. Rupina wae hal ieu teh dumasar kana hiji kapercantenan wireh sim kuring saparakanca, hususna ti lingkungan formal pamarentahan kacamatan, baris tiasa ngalaksanakeun amanat panitia, ku sim kuring katampi 1

pisan. Pamugi wae dina prungna, ti ngawitan dugi ka lekasanana, henteu seueur nguciwakeun. Salajengna, sim kuring ngahaturkeun wilujeng sumping ka sakumna rombongan patandang ; wilujeng tandang dina pasanggiri, pamugi sing aya dina kalancaran. Hadirin hormateun sim kuring, Minangka wawakil ti pihak pribumi, sim kuring neda sih hapunten, hususna ka rombongan patandng anu tebih-tebih sarumpng ka dieu, bilih wae panampian ti pihak pribumi kirang nyugemakeun; boh dina tata-titina, boh dina leresan nyadiakeun sagala rupi kaperyogian anu patali sareng kalumangsungan ieu acara. Sanes teu hoyong langkung sae, namung kumaha da buktosna ukur tiasa sakieu-kieuna. Pamugi wae ageing tawakupna. Halhal anu kirang nyugemakeun ti pihak pribumi, pamugi ulah ters teras dicandak mulih ka daerah masing-masing. Sim kuring kersa nampi janten pribumi teh teu aya maksad sanes, tapi estuning ngaraos kajurung pikeun ngiring ngadeudeul kagiatan anu raket patalina sareng miara budaya warisan titinggal karuhun urang, nyaeta penca. Urang tos pada terang yen penca teh sanes ngan wungkul ngandung ajen seni, tapi deui katapisan bela diri. Anu mawi disebatna ge bagean tina elmuning kasantikaan. Perkawis hal et amah teu kedah dipedar langkung tebih, margi anu ayeuna araya di payuneun sim kuring teh tos kalebet ahlina, bilih wae engke dianggap mapatahan ngojay ka meri. Hadirin anu mulya, Sim kuring yakin, ku ayana alpukah ngayakeun pasanggiri penca reh sanes wae ukur pikeun miara seni budaya, tapi deui aya udagan anu langkung tebih, nyaeta pikeun ngawangun karakter manusa. Ari margina, dina penca teh ngandung rupi-rupi ajen kahirupan, ti ngawitan palasipahna tug dugi ka aplikasina. Ku seueurna anu ancrub kana kagiatan penca, utamina para nonoman, dipiharep tiasa nyangking pasipatan percaya diri, jujur, sareng ludeung nanjeurkeun bebeneran katut kaadilan di masarakat. Ku ayana ieu pasanggiri, mugi-mugi wae eta udagan teh tiuasa kahontal. Miara sareng ngamumule seni budaya daerah teh masing napak aplikasina dina kahirupan kiwari sareng anu bade dongkap. Sareng deui, miara seni budaya daerah teh janten bagean tina miara seni budaya nasional Indonesia. Kapan kitu anu kaunggel dina GBHN oge. Jalaran kitu, urang teu kedah ngaraos ringrang sareng rempan, da ieu tarekah urang teh sajalan sareng kawijaksanaan pamarentah. 2

Pamungkas pisanggem, kuring ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak anu parantos ngiring rumojong kana lumangsungna ieu acara. Mangga wilujwng tatndang, wilujeng ngetrukeun kaweruh sareng kamampuh, dumasar kana sipat sinatria. Padungdung totonden tarung Nya tarung di pangadegan Adeg-adeg Sunda luhung Hung manggung di pakalangan Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh (Dicutat tina Buku Tatang Sumarsono) KANDAGA KECAP • • • • • Sugrining, hartina ampir sarua jeung; sagala, sakabeh Pasanggiri, hartina Perlombaan Luyu, hartina sarua jeung anu dipikahayang atawa dipimaksud Saparakanca (dan kawan-kawan = Bhs. Indonesia) Wireh, hartina ampir sarua jeung sabab

B. SOAL-SOAL LATIHAN
I. PILIHAN GANDA Jawab pananya di handap ku cara milih jawaban A, B, C, D atawa E anu dianggap ku hidep pangbenerna! 1. Kecap Patandang dina Eusi Biantara di luhur sarua hartina jeung… a. Panitia b. Pamilon c. Tukang Silat 2. Ngahaturkeun nuhun ka panitia, atuh langkung jembarna ka PPSI Kabupaten Garut. Pihartieun jembarna dina kalimah kasebut… a. hususna b. ti payun c. ti dinya d. ti eta d. Nu Lalajo e. Anggota

3

e. umumna 3. Ti ngawitan dugi ka lekasanana, henteu seueur nguciwakeun. Lekasanana ngandung harti… a. awalna b. ahirna c. seueurna 4. Miara seni budaya daerah teh janten bagean tina miara seni budaya nasional Indonesia. Sasaruaan kecap pikeun kecap miara dina kalimah diluhur… a. mertahankeun b. ngumpulkeun d. ngamumule e. ngingu d. mindengna e. mimitina

c. ngagunakeun 5. Jalaran kitu, urang teu kedah ngaraos ringrang sareng rempan. Kecap rempan dina eta kalimah bisa diganti ku kecap… a. bakal b. moal c. kudu II. NGAJAWAB PANANYA Jawab pananya di handap kalawan singet tur jentre! 1. Dina raraga acara naon Pa Camat biantarana teh ? ……………………………………………………………………….……………. …………………………………………………………………………………….. 2. Naon sababna Pa Camat dugi ka kersa nampi janten pribumi dina eta acara ? ……………………………………………………………………….……………. …………………………………………………………………………………….. 3. Naon sababna Seni Penca bisa ngawangun karakter manusa ? ……………………………………………………………………….……………. …………………………………………………………………………………….. ……………………………………………………………………….……………. …………………………………………………………………………………….. 4. Dina Eusi Biantara di luhur aya kalimah anu unina “ Mangga wilujeng tatandang, 4 d. kitu e. hariwang

wilujeng ngetrukeun kaweruh sareng kamampuh, dumasar kana sipat sinatria”. Tuliskeun deui kalimah di luhur kalawan maka basa jeung pamikiran hidep sorangan ! ……………………………………………………………………….……………. …………………………………………………………………………………….. ……………………………………………………………………….……………. 5. Terangkeun ku hidep naon pihartieunana Mapatahan ngojay ka meri ! ……………………………………………………………………….……………. …………………………………………………………………………………….. ……………………………………………………………………….……………. Standar Ketuntasan Belajar Minimal (SKBM) Peunteun Paraf Guru

5

KOMPETENSI DASAR Nyaritakeun Pangalaman MATERI POKOK Pangalaman INDIKATOR  Bisa neangan jejer carita anu pikaresepeun  Bisa nepikeun kalimah bubuka anu kaitung alus  Bisa nyaritakeun pangalaman sorangan dina jejer carita anu alus  Bisa nganggeuskeun carita ku bagean panutup anu alus

A. BAHAN AJAR
Samemeh hidep diajar nyaritakeun pangalaman, baca ieu conto pangalaman di handap! SURAT KABAR BASA SUNDA Sababaraha taun ka tukang, di ruang tunggu Bandara Frankfurt, Jerman. Keur anteng nundutan, dikatuhueun ujug-ujug ngabedega lalaki kolot anu pakulitana bule. “Is this seat taken ?” (‘Ieu korsi teh aya anu ngeusian ?”) Pokna bari ngetrokeun tongkatna kana korsi. Najan tadina aya anu ngadiukan gancang di jawab : “No, no, Sir…It’s free (henteu, henteu… kosong) Tidinya ngobrol ngaler ngidul. Nyahoeun asal teh ti Indonesia, terus nyusul tepus nanyakeun ti kota-kota manana. Ditembalan satarabasna, ti Bandung, digawe jadi wartawan Pikiran Rakyat (PR). Teu wudu ngagurubug waktu nanya deui bari make basa Sunda : Kumaha Bandung, kumaha Cianjur teh? Eta lalaki anu nagarana Meneer Goesman teh, sihoreng kungsi jadi Administratur Perkebunan Aragbintana, di Cianjur Kidul. Malah Cianjur jeung Bandung geus dianggap tempat lahir banjar karang pamidanganana. Ahir taun 1950 ninggalkeun Cianjur, sanggeus pamarentah nganasionalisasi perkebunan anu dikawasa ku Walanda. Goesman terus matuh di

6

nagri Walanda sarta jadi tanaga ahli perkebunan enteh Srilangka. Goesman nanyakeun Koran PR, Sipatahunan, jeung Mangle. Waktu dibejakeun PR oge boga surat kabar mingguan basa sunda, Galura, Gusman giak pisan menta dikirim Galura maneuh. Sono, kana basa Sunda jeung budaya Sunda. Tetela Koran atawa majalah basa sunda teh bisa nyerep jeung napel ka anu macana. Nu matak, parapajuang dina ngahudangkeun sumanget kemerdekaan nerbitkeun atawa ngamangpaatkeun koran Sunda. Ku kituna dina kilas balik 100 tahun Pers Jawa Barat anu bakal diungkeb deui dina Hari Pers Nasional (HPN) di Bandung (7-12 Pebruari 2006), pers Basa Sunda meunang tempat husus. Dina sejarah pers di urang, Bandung boga catetan husus. Koran Indonesia asli munggaran, hartina dikokolakeun ku bangsa urang, Medan Prijaji, medal di Bandung taun 1907.Anu boga alpukahna Raden Mas Tir to Soerjo. Ceuk ukuran harita, oplah Medan Prijaji kawilang badag, sumebar di Batavia, Bogor jeung Bandung. Medan Prijaji medal tepi ka taun 1912, lantaran Tirto Adi Surjo dibuang manten ka Maluku. Ari koran basa Sunda munggaran, nyaeta Sora-Merdika, pingpinan Moh. Sanoesi, edisi ka-3 taun ka-1 medal tanggal 1 Mei 1920. Aya anu nyebutkeun koran basa Sunda munggaran teh Sunda Berita. Ngan tacan jentre iraha medalna. Lian ti eta, dina jaman pergerakan oge medal Soemanget, diasuh ku Tunggono, mingguan basa sunda Pajajaran pingpinan Haris Soema Amidjaya, Pendawa, pingpinan Gatot, jeung Siliwangi anu dipingpin ku Ema Brata Koesoema. Koran basa Sunda sejena, Masa Baroe, Sapoedjagat, Simpaj, Istri Merdeka. Kacatet oge, Panglima, Tawekal pingpinan Harsono, Sipatahoenan (1923) pingpinan Ahmad Atmadja jeung Bakri Suraatmadja nu kabehanana terbit munggaran di Tasikmalaya, Galoeh di Ciamis pingpinan Arsim Karna Winata, Balaka pingpinan Ikik Wiradikarta. Sinar Pasoendan, pingpinan Ali Ratman sarta pingpinan redaksina Imbi Djajakoesoema jeung wakilna O.K. Yaman, redaktur harian Moh. A.Afandi jeung Iding Wangsawidjaja (Iding Wangsawidjaja kungsi jadi sekretaris Bung Hatta). Eta koran basa Sunda teh ku kaom nasionalis dipake alat perjoangan. Diantara koran basa Sunda tadi anu pangnyongcolangna jeung gede komarana nyaeta Sipatahoenan nu saterusna kantor redaksina pindah ka Bandung sarta kungsi jadi koran harian. Wartana lolobana ngeunaan kahirupan masarakat sarta nembongkeun sikep mihak ka Soekarno. Jaman 7

Jepang teu medal. Taun 1950 dipingpin ku Moh. Kurdi, Sipatahoenan medal deui, tapi ngan kuat tepi ka taun 1985. Sanggeus merdeka, koran basa Sunda nu anyar patingpucunghul di sababaraha daerah di Jawa Barat. Sinar Madjalengka (1948) di Majalengka, Warga (1954) nu dipingpin ku Eeng di Bogor, Kalawarta Kudjang (1956) di Bandung, majalah Mangle(1957) di Bogor anu ditaratas ku RH Oeton Muchtar jeung Ny. RHE Rochmika Sudarmika (kantor redaksina taun 19 62 pindah ka Bandung). Mangle tepi ka ayeuna terus medal kalayan mayeng saminggu sakali. Awal taun 1960-an Ajip Rosidi nerbitkeun majalah Soenda. Di Bandung, taun 1972, medal Giwangkara, Gondewa jeung Galura. Taun 1975, Galura jadi anak penerbitan Pikiran Rakyat. Masarakat Sunda, boh nu aya di Jawa Barat boh nu cicing di luar Jawa Barat, kudu reueus ku reana media cetak basa Sunda anu dina jaman colonial ngadeudeul pejoangan bangsa. Atuh ayeuna, lian ti media informasi, hiburan jeung atikan, oge jadi media control social ti baheula mula, media cetak Sunda panghareupna dina ngamumule jeung ngaronjatkeun budaya Sunda sarta nanjeurkeun komara budaya Sunda. Goesman paling henteu nuduhkeun pungsi media cetak basa Sunda, nya eta pikeun ngmumule jeung ngaronjatkeun budaya Sunda sarta nanjeurkeun komara budaya Sunda, memang karasa jeung penting pisan. Saperti ceuk Goesman, budaya Soenda leuwih anteb mun ditulis atawa dicaritakeun dina basa Sunda. Goesman oge sacara teu langsung negelingan, media basa Sunda bisa dipake cirri yen urang Sunda masih pageuh nyekel budaya Sunda. (Syafik Umar) Mingguan Galura, 44/17/2006 KANDAGA KECAP • • • • • • • Ngabedega, nangtung ; ngajanteng Singhoreng, ari pek teh Matuh, netep ; tempat cicing ; nganjrek Munggaran ; mimiti Jentre ; jelas Komarana ; wibawa ; charisma Diungkeb ; dipaluruh

8

• •

Galura ; omabak Nanjeurkeun ; nangtungkeun

B. SOAL-SOAL LATIHAN
I. Maham Eusi wacana Pangalaman Jawab ku hidep sakur pananya di handap ieu ! 1. Pangalaman naon anu karandapan ku Syafik Umar basa di Bandara Frankfurt Jerman teh? …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… 2. Naon sababna Meneer Goesman bet bisaeun basa Sunda ? …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… 3. Naon mangpaatna surat kabar pikeun masarakat harita ? …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… 4. Naon judul koran anu panagheulana medal, dimana medalna ? …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… 5. Pikeun naon fungsina media basa Sunda ceuk Goesman ! II. Latihan Susun kecap-kecap ieu di handap dina wangun kalimah ! Upama teu apal hartina, ilikan dina kandaga kecap ! 1. Ngabedega …………………………………………………………………………………………… 2. Singhoreng …………………………………………………………………………………………… 3. Matuh ……………………………………………………………………………………………

9

4. Munggaran …………………………………………………………………………………………… 5. Jentre …………………………………………………………………………………………… Standar Ketuntasan Belajar Minimal (SKBM) Peunteun Paraf Guru

KOMPETENSI DASAR Maca warta tina Surat Kabar / Majalah / Internet MATERI POKOK Warta (Berita) INDIKATOR  Bisa milihan, neangan warta anu parenting tina surat kabar / majalah  Bisa maca warta kalayan lafal, lentong jeung intonasi anu bener  Bisa nengetan informasi tina warta anu dibacana  Bisa nyaritakeun jeung ngajelaskeun deui warta anu kungsi dibacana A. BAHAN AJAR

PERSIB KAREUEUS WARGA JAWA BARAT

10

Waktu kacida pisan nyerelekna, Persatuan Sepakbola Indonesia Bandung Nurutkeun buku “Sejarah Lintasan Persib” anu disarungsum ku R. Risnandar Soendoro,

anu

leuwih sohor ku sesebutan Persib, teu karasa tanggal 14 Maret 2009 teh umurna geus 76 taun. Gumelar jeung tumumuhna Persib anu lahir taun 1933, henteu leupas tina ngagedurna sumanget rasa nasionalisme pikeun ngamerdekakeun bangsana tina kakawasaan kaum kolonialisme bangsa Walanda. Sawadina lamun tea mah Persib geus jadi bagean anu hese dipisahkeun tina hirup kumbuh masarakat Bandung jeung Jawa Barat. Jauh samemeh gumelarna Persib, di Bandung persisna taun 1923 geus aya kleup maen bal Bandoeng Inlandsche Votbal Bond (BIVB). BIVB teh mangrupa hiji organisasina kaum nasionalis anu aya di Bandung, arinyana lamun maen biasana sok ngagunakeun lapangan Tegalega ayeuna. Teu pernah kaungkeb kasang tukangna, saterusna BIVB bubar, muncul dua kleup gantina, nyaeta Persatuan Sepak Bola Indonesia (PSIB) jeung National Voetbal Bond (NVB) Dina tanggal 14 Maret 1933, dua pakumpulan maen bal anu aya di Bandung ieu mufakat jadi hiji beungkeutan kleup, nya ti dinya mimiti kacatet gumelarna Persib. Dina taun eta keneh di Bandung, urang-urang Walanda anu aya di Bandung nyieun hiji beungkeutan maen bal anu dingaranan Voetbal Bond Bandung & Omstreken (VBBO). Masarakat Bandung harita leuwih resepeun lalajo VBBO. Anu jadi sababna, lantaran lapangan anu sok biasa dipakena aya dijero kota, kawas lapangan bogana UNI atawa SIDOLIG. Saterusna Kleup-kleup anu kacatet dina beungkeutan VBBO, diantarana UNI jeung SIDOLIG, resmi ngalebur jeung Persib. Samalah, VBBO kalawan iklas masrahkeun lapangan UNI, SIDOLIG (ayeuna Stadion Persib) jeung SPARTA (ayeuna stadion Siliwangi). Jaman Jepang kumawasa di Nagara urang, Persib kungsi ganti ngaran jadi Rengo Tai Iku Kai tapi henteu lana kituna teh, kaburu manten Jepang eleh ku Sekutu, Bibit berewit mimiti mucunghul satutasna kakawasaan pindah leungeun ka Sekutu, Walanda anu datang deui ka lemah cai usaha satekah polah sangkan VBBO bisa hirup deui jiga baheula, ngan alusna Persib ku alpukahna dr, Musa, Munadi, H. Alexa jeung R. Sugeng bisa Persib saterusna bisa hirup-hurip nepi ka ayeuna, samalah tumuwuh jadi hiji kleup anu dipikareueus ku urang Jawa Barat oge dipikagimir di tingkat Nasional. Mudah-mudahan salalawasna Persib langgeng jaya bisa ngukir prestasi anu bisa nyeungitan Bandung hususna 11 mertahankeunana.

jembarna Jawa Barat sakabeh. (Meunang nyarungsum tina Internet) KANDAGA KECAP • • • • • • • • • • Reueus, bangga (b. Indonesia) Disarungsum, disusun Tumuwuhna, berkembangnya (b. Indonesia) Hirup kumbuh, hidup sehari-hari (b. Indonesia) Sawadina ; Sawajarna Arinyana ; Maranehna Bibit berewit, rongrongan (b. Indonesia) Dipikagimir ; dipikasieun Jembarna ; Umumna Kasang tukang ; Latar belakang (b. Indonesia)

B. SOAL-SOAL LATIHAN
I. Maham Eusi bacaan 1. Naon Kasang tukang anu jadi sabab Persib gumelar ? …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… 2. Terangkeun ku hidep kajadian samemeh taun 1933, anu aya hubungana jeung Sejarah Persib ! …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… 3. Naon sababna Masarakat Bandung harita leuwih resepeun lalajo Voetbal Bond Bandung & Omstreken (VBBO) ? …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… 4. Satutasna kakawasaan pindah ka Sekutu masalah mimiti muncul. Naon masalahna anu tumiba ka Persib teh ? …………………………………………………………………………………………… 12

…………………………………………………………………………………………… 4. Tuliskeun perasaan anu nyangkaruk di diri hidep, ngeunaan Persib dina wangun karangan ! (dua paragrap) …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………………… ……………………………………………………………………………………………

Standar Ketuntasan Belajar Minimal (SKBM)

Peunteun

Paraf Guru

13

KOMPETENSI DASAR Nulis Wangun Surat MATERI POKOK Wangun Surat INDIKATOR  Bisa mikawanoh wangun surat  Bisa nulis salam bubuka surat anu hade  Bisa nulis bubuka surat anu bener dina basa anu sopan  Bisa nepikeun maksud surat kalawan jentre  Bisa nulis surat kalawan maksud anu gembleng  Bisa nulis surat pribadi kalawan wangun anu umum  Bisa nulis panutup surat kalawan hade jeung sopan  Bisa ngagunakeun basa Sunda anu merenah  Bisa menerleun surat pribadi anu babaturan

A. BAHAN AJAR
Conto Surat Resmi

01000900 01000900 PEMERINTAH KOTA CIMAHI 00037800 00037800 DINAS PENDIDIKAN 00000200 00000200 OSIS SMK NEGERI 3 CIMAHI 1c000000 BIDANG STUDI KEAHLIAN : SENI, KERAJINAN, DAN PARIWISATA 1c000000 00000400 00000400 Jl. Sukarasa No. 136 Cimahi Utara Telp/Fax (022) 6628404 00000301 00000301 08000500 08000500 00000b02 00000b02 00000000 00000000 05000000 05000000 0c029e01 0c029e01 13010400 13010400 00002e01 00002e01 18001c00 18001c00
14

15

=================================================================== ============ Cimahi, 12 Maret 2009 No : 10/OSIS SMKN 3/ III/ 2009 Lampiran : Hal : Uleman

Kahatur : Rengrengan Pangurus OSIS SMKN 3 Cimahi di Tempat Tumali sareng ayana sababaraha hal anu bade dipadungdengkeun dina raraga mayunan acara ngareuah-reuah miemut milangkala Poean Kamerdikaan Republik Indonesia anu ka-63 kanggo tingkat SMKN 3 Cimahi. Pangurus OSIS SMKN 3 Ciamahi ngulem parawargi kanca mitra Rengrengan Pangurus OSIS SMKN 3 Cimahi kanggo hadir dina : Dinten Waktos Kaping Tempat : : : : Ahad 12ºº dugi ka rengse 15 Maret 2010 Kelas XII Tata Busana 1

Jalaran kacida pentingna acara kasebat di luhur, ku kituna pamugi sadayana tiasa sumping tepat waktos. Kana sagala rupi pangdeudeulna, sim kuring ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti kabingahan

16

Pupuhu OSIS SMKN 3 Cimahi

Juru Serat OSIS SMKN 3 Cimahi

Gustaman Kartasasmita

Kania Gumati

B. SOAL-SOAL LATIHAN
I. PILIHAN GANDA Jawab pananya di handap ku cara milih jawaban A, B, C, D atawa E anu dianggap ku hidep pangbenerna! 1. Surat anu dikirimkeun ti salah saurang keur sobatna atawa babaturanana disebut surat… A. dines B. resmi C. nota 2. “Dipadungdengkeun dina raraga….” Kecap Dipadungdengkeun dina conto surat Ngandung harti… A. Dipaseakeun B. Dimasalahkeun C. Dipikiran 3. Basa anu digunakeun dina surat resmi mah biasana basa… A. lemes B. sopan C. loma 4. Bedana surat pribadi jeung surat dines nyaeta… A. teu make kop jeung nomer surat B. teu make titimangsa 17 C. teu make salam bubuka D. dikirimkeun ti instansi D. isarat E. lemes keur sorangan D. Diropea E. Diriksa D. resi E. pribadi

E. ditandatangan ku kepala 5. Ciri-ciri surat resmi nyaeta… A. romantis B. make kop surat, nomer, lampiran, prihal C. make kop surat, nomer, jeung eusi D. tujuan, titimangsa, panutup surat E. eusi surat ditujukeun ka instansi 6 . Ngaran lembaga atawa ngaran instansi dina surat remi disebut… A. kop surat B. lampiran C. alamat surat D. perihal E. panutup surat II. PANCEN 1. Jieun kalimah bubuka pikeun surat pribadi anu ditujukeun pikeun babaturan hidep ! ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. 2. Tulis rupa-rupa salam bubuka dina surat pribadi ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. 3. Tulis kalimah panutup surat pribadi anu ditujukeun pikeun babaturan hidep! ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. 4. Jieun surat pribadi pikeun babaturan anu baheula sakelas waktu di SMPanu ayeuna 18

sakola di kota sejen! ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. 6. Jieun surat pribadi pikeun ka kolot hidep anu eusina ngabejaan yen hidep ayeuna geus mimiti asup sakola deui sarta boga babaturan anyar anu balageur. ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. ………………………………………………………………………………………. Standar Ketuntasan Belajar Minimal (SKBM) Peunteun Paraf Guru

19

KOMPETENSI DASAR Maca Puisi MATERI POKOK Sajak INDIKATOR  Bisa maca sajak kalwan lafal jeung lentong sarta ekspresi anu luyu  Bisa maca sajak kalawan sikep anu hade  Bisa ngajentrekeun tehnik maca sajak  Bisa ngomean cara maca sajak anu can luyu

A. BAHAN AJAR
Conto Sajak

AKI JEUNG BALON

beurat teuing lengkah aki ngukur jalan kota bandung geus biasa ku aki mah dilengkahan dibaturan ku sobat ngaran rancatan kakapalan kukudaan tarompet henteu tinggaleun geus biasa unggal poe ka unggal budak nawarkeun ujang, eulis, yeuh tingali barang aki 20

geura galeuh keur ameng engke di bumi aki! Abdi mah da hoyong balon deudeuh teuing kasep di aki mah henteu aya niupna ge aki mah geus teu kawasa ripuh teuing da kedah nganggo tanaga ari aki sakieu nya kakolotan mending oge kasep ieu kokoleceran lamun angina muterna teh aduh ku lelet pisan resep teuing engke ameng lulumpatan aki! Ka dieu ! ketang da abdi mah moal meuli ulah kitu kasep bet abong ka aki-aki ceuk sepuh mah kasep ngaheureuyan teh pamali hiji dua lengkahna teuing ku beurat aya hate milu lewang paur umurna bret pegat teuing di mana si aki tetep nya matuh boa dina iuh tanjung atawa dipayung layung ngan nu nyata kulitna asak ku poe aki, mun ngajoprak sisi jalan saha teuing anu nulungan aki, mun ngajoprak di jambatan di mana nya pamatuhan aki, mun umur pegat di jalan saha anu ngarawatan aki! aki! rek ka mana lamun panon poe sare

(Dicutat tina Sipatahoenan, Nopember 1960)

KANDAGA KECAP • • • • Rancatan, alat paragi nanggung Galeuh,lemesna tina meuli Lelet, muterna kerep jeung gancang Matuh, cicing

B. SOAL-SOAL LATIHAN
21

I.

Jawab saluyu jeung parentah ! 1. Naon nu ngarangsang (ngamotivasi) ka panyajak tepi ka manehna ngedalkeun pangalamanana ? ……………………………………………………………………………………………… ………………………………………………………………………………………………. 2. Kumaha pamanggih panyajak basa manehna nenjo jeung nyaksian aki-aki anu dagang balon ? ……………………………………………………………………………………………… ………………………………………………………………………………………………. 3. Amanat naon anu ditepikeun ku panyajak ka urang ? ……………………………………………………………………………………………… ………………………………………………………………………………………………. 4. Ku naon dina sajak kalimahna tara pati kaharti atawa malibir? ……………………………………………………………………………………………… ………………………………………………………………………………………………. 5. Naha rancatan dina sajak Aki jeung Balon ku panyajak disebut sobat? ……………………………………………………………………………………………… ……………………………………………………………………………………………….

Standar Ketuntasan Belajar Minimal (SKBM)

Peunteun

Paraf Guru

22

KOMPETENSI DASAR Diskusi Kelompok MATERI POKOK Sawala INDIKATOR  Bisa nangtukeun jejer anu rek didiskusikeun  Bisa nangtukeun saha-sahana anu pantes jadi panyatur ngawakilan pamilon  Bisa nepikeun materi eusi sawala  Bisa nulis pananya, kamandang, saran jeung bantahan anu ditepikeun ku pamilon  Bisa ngajukeun argument nu sifatna ngadukung atawa ngabantah kamandang ti pamilon sejen.

A. BAHAN AJAR
Baca jeung regepkeun ieu naskah sawala di handap. Samemehna heug tangtukeun heula ku hidep, saha anu jadi panyatur, panumbu catur jeung anu jadi pamilon ! Panumbu catur : Saderek sadayana, sim kuring saparakanca ti kelompok V bade medar perkawis manfaat tempe pikeun kasehatan. Nanging sateuacan kelompok V ngdugikeun materina, sim kuring bade ngawanohkeun saurang-saurangna. Panyaji aya tiluan, nyaeta 1) Saderek Dana 2) Saderek Dini 3) Saderek Danu 4) Anu kabagean pancen janten notulen nyaeta saderek Dina. Atuh sim kuring Danu kapapancenan janten moderator. Saderek sadayana, supados teu nyangkolong kana waktos, mangga ka saderek Dana, Dani sareng Dini kanggo ngadugikeun materina. Panyatur 1 : hatur nuhun ka Saderek Danu anu parantos maparin waktos ka sim kuring kanggo ngadugikeun materi perkawis mangpaat tempe pikeun kasehatan. Saderek, sim kuring bade ngawitan medar tina rupi-rupi olahan tempe, diantawisna aya tempe goring, tempe beuleum, tempe bacem, oseng tempe, 23

atawa sambel goring tempe, kiripik tempe, gorengan tempe, jeung ruparupa olahan sejena. Eta anu ditataan teh ngan sabagean leutikna. Tangruna wae rea deui olahan sejena. Panumbu Catur : Tah kitu saur saderek Dana mah. Salajengna anu baris ngadugikeun teh ku panyaji ka-2. Kinten-kinten naon anu baris didugikeun, mangga urang barandungan. Panyatur 2 : Sim kuring baris ngadugikeun pamanggih saurang ahli anu parantos nalungtik perkawis rusiah gizi jeung nutrisi anu aya dina tempe. Sakumaha anu didugikeun ku Prof. H. Unus Suriawiria, ahli kadaharan ti ITB, netelakeun yen 1) samemeh diolah jadi tempe, kacang kadele ngandung protein, lemak, karbohidrat, mineral, jeung vitamin; 2)sabada diolah jadi tempe kalawan bantuan ragi tempe, ngandung protein, asam amini, mineral, vitamin (A, B12, jeung C), antibiotika (Pangpangna antibakteri), antivirus, zat anu ngatur awak, antioksidan, jeung lasetin. Dina lasetin aya senyawa anu bisa nyengker atawa nyageurkeun panyakit jantung koroner (PJK). Panumbu Catrur : Saderek sadaya, nembe saderek Dani parantos ngadugikeun perkawis ruparupa kandungan senyawa kimia anu aya dina tempe. Salajengna mangga urang sami-sami dangukeun panyaji anu ka-3, nyaeta saderek Dini. Kintenkinten naon anu baris didugikeun mangga urang bandungan Panyatur 3 : Saderek sim kuring mah mung bade ngdugikeun kasauran Prof. Unus Suriawinata, saurna sajaba ti tempe teh seueur keneh kadaharan sejena anu gede mangpaatna pikeun kasehatan awak urang anu moal eleh ku kadaharan-kadaharan impor. Urang ulah kabongroy ku fast food. Panumbu catur : saderek sadayana, panyaji ka-1 nepi ka-3 tos ngadugikeun pedaranana. Tah salajengna bilih ti para saderek aya anu teu jelas, dipaparin waktos kanggo ngadugikeun patalekan. Atuh ayeuna mah mangga ka para saderek dihaturanan kanggo ngadugikeun rupa-rupa pananya atanapi saran ka kelompok V Pamilon : Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun parantos dipaparin waktos kanggo tumaros. Anu bade ditaroskeun ka rengrengan panyatur ti kelompok V teh nyaeta naon wae kadaharan sejena anu sarua bahanna tina 24

sabangsaning kacang-kacangan ? Panumbu Catur : Tah kitu patarosanana teh. Kadaharan naon wae anu saurna bahanna dijieun tina kacang-kacangan ? Mangga waleranana mah nyanggakeun ka kelompok V Panyatur 1 : Kadaharan anu sejena sajaba ti tempe teh diantarana, tahu tina kacang kadele, oncom mah sabangsa kacang suuk. Atuh anu sanesna deui sapertos dodol kacang beureum, dodol kacang hejo, bubur kacang hejo. Eta maksadna anu ditaroskeun ku saderek teh ? Panumbu catur Pamilon : Kumah saderek panaros. Eta anu dimaksad ku saderek teh? : Muhun, leres pisan. Geuning seueur nya kadaharan anu dijieun tina tempe teh! Hatur nuhun. (Sumber utama : artikel Unus Suriawinata Mangle) KANDAGA KECAP • • • • • • • ngawanohkeun, ngawawuhkeun pancen, tugas kapapancenan, dibere tugas nyangkolong, ngurangan ngadugikeun, nepikeun kabong(b)roy, kabita baris, arek, adek

25

KOMPETENSI DASAR Nyaritakeun pangalaman MATERI POKOK Carita pangalaman INDIKATOR  Bisa nangtukeun jejer carita anu penting jeung pikaresepeun  Bisa nangtukeun bubuka kalawan hade  Bisa nepikeun pangalaman dina runtuyan carita  Bisa nulis ngagunakaeun bahasa anu sopan jeung jentre  Bisa nyarita kalawan sikep anu hade

A. BAHAN AJAR
Conto Pangalaman Gara-gara suku tikait

Basa kuring keur sakola di SMP. Ekstrakurikuler di sakola anu paling dipikaresep teh nya eta Pramuka. Teuing ku naon lamun nempo budak sakola anu make saragem pramuka sok resep nempona, asa katinggali kewes jeung gagah. Ti SD kelas 3 mimitina mah ngilu ilu biung dina kagiatan pramuka teh. Mimindengna kuring mah sok kapeto wae jadi ketua regu. Tara nolak lamun ku babaturan dipilih jadi ketua, atoh we anu aya bisa mimpin jeung boga anak buah. Dina sakitu taun lilana ilu biung dina kagiatan pramuka loba manggihan pangalaman anu pikaresepeun, pikaseurieun, pikaambekeun jeung pikasediheun. Salah sahiji pangalaman anu moal poho nepi ka iraha oge, nya eta basa ngilu kagiatan kemah bersama tingkat Kabupaten anu diayakeun dina taun 2008. Harita kuring jadi salah saurang utusan ti kacamatan Cicalengka. Kajadianana mah basa beres kagiatan sesen ka-hiji dina poe panutup. Kagiatan 26

dieureunkeun heula, diselang ku ISOMA (Istirahat, sholat jeung Makan). Samemeh Isoma, sakabeh ketua regu kudu lapor heula ka Barak pusat. Dina waktuna keur laporan salamet, lancar euweuh kajadian nanaon. Ngan basa rek mundur, teuing pedah diheureuyan wae ku kaka Pembina anu kabeneran dipikaresep, kuring henteu pati konsentrasi. Basa rek mundur anu maksudna sakaligus balik kanan, teu ku hanteu suku ti kait kana tali tenda. Teu antaparah deui, gedebut! Harita kuring labuh nangkuban. Anu leuwih pikaeraeunana mah erok anu harita keur dipake nyingklak nutupan sirah. Nempo pamnadangan jiga kitu, ngan gerr… anu keur araya didinya saleuri, nyeungseurikeun kasial diri. ……………………………………………………………………………………. (Sumber PPM Mangle) KANDAGA KECAP • • kewes, pantes ilu biung, pipilueun

B. SOAL-SOAL LATIHAN
I. Jawab saluyu jeung parentah ! 1. Ekstrakurikuler naon anu dipikaresep ku tokoh “kuring” dina bacaan di luhur ? ……………………………………………………………………………………… ……………………………………………………………………………………… 2. Basa keur kagiatan naon tokoh “kuring” nyaritakeun pangalamana ? ……………………………………………………………………………………… ……………………………………………………………………………………… 3. Jieunkeun karangan paragraf panutup dina bacaan “Gara-gara suku tikait" ……………………………………………………………………………………… ……………………………………………………………………………………… ……………………………………………………………………………………… ……………………………………………………………………………………… ……………………………………………………………………………………… 27

………………………………………………………………………………………

28

You're Reading a Free Preview

Mengunduh
scribd
/*********** DO NOT ALTER ANYTHING BELOW THIS LINE ! ************/ var s_code=s.t();if(s_code)document.write(s_code)//-->