Anda di halaman 1dari 3

Dongeng Sasakala: SITU LENGKONG

Jaman baheula, anu jumeneng raja di nagara Cipanjalu, jujulukna Prabu Cakradewa. Anjeunna
kagungan putra pameget hiji, kakasihna Prabu Borosngora.

Barang putrana geus sawawa, ku ramana dipiwarang ngalalana nyiar pangabisa.

Sanggeus mangtaun-taun lilana di pangumbaraan, anjeunna mulih deui ka bali geusan ngajadi.
Sasumpingna, ramana ngayakeun pesta, sarta nanggap ronggeng sagala, ramena teu kira-kira.

Barang Prabu Borosngora keur baksa, ku ramana katingali, dina palebah cecekolan aya capan, anu dina
mangsa harita kasohor ngaranna, nya eta: Hujun Kulan. Ari hartina jadi ciciren, yen sakur anu make
cap, geus asup jadi lid pakumpulan, anu ngamuhit kana elmu kalahiran.

Waktu Kangjeng Raja ningal eta cap, pohara ngaraos kagetna, sarta bendu kabina-bina, munggah
ngageter salirana. Lajeng ngandika bari nunjuk, "Eh, Borosngora! Kumaha asalna nu matak maneh
boga cap dina cecekolan; naha maneh geus nyieun peta kitu? Ongkoh ceuk Ama bareto, pacuan maneh
rek cacampuran jeung jalma anu ngalampahkeun elmu sihir. Lamun maneh panting boga kahayang,
nya muntang ka Nu Kawasa."

Teu lila ti harita, Prabu Borosngora ku ramana dipaparin gayung, pikeun ngala cai, tapi karancang lir
ayakan, sarta saurna, "Ayeuna maneh kudu indit deui, sarta ulah waka balik, lamun tacan bisa nyiuk
cai ku eta gayung, nepi ka caina cicing di jero."

Ti dinya Prabu Borosngora angkat sakaparan-paran, ngajajah Pulo Jawa, neangan pandita anu
kakoncara jero elmuna, nyungsi wiku nu kagurnita linuhung, anu pibasaeun nyiuk cai ku eta gayung,
nepi ka caina cicing di jero. Tapi luput, taya nu bisauen.

Tina geus ngaraos poek akal, leos anjeunna ka Mekah, ngadeuheus Kangjeng Nabi Muhammad SAW
sarta sagala kasesahna diunjukkeun kabeh.

Ku Kanjeng Nabi Muhammad SAW, anjeunna dipaparin kuluk, baju toro jeung cis.

Kangjeng Nabi miwarang nyiuk cai ku gayung tea tina sumur. Ku Prabu Borosngora dijalankeun,
sakumaha dawuhna Kangjeng Nabi. Barang pek nyiuk cai, kacida kageteunana, ningali cai dina
gayung taya nu ragrag sasakeclak.

Sanggeus nganuhunkeun ka Kangjeng Nabi, tuluy anjeunna mulih ka Panjalu. Sasumpingna, gancang
unjukan ka ramana, yen maksudna enggeus hasil.

Ramana teu kira-kira bingaheunana. Harita kenegh gayung teh terus dicandak, cur cer cai Jamjamna
dicicikeun kana rawa, anu teu jauh ti dinya. Dadak sakala rawa jadi situ hiang, anu ayeuna katelah Situ
Lengkong tea.

Sasakala Cigondewah

Jaman baheula, aya karajaan anu ngaranna Karajaan Sindangsari. Ari anu jadi rajana katelah Bagnda
Raja Singa Mandala. Raja anu adil tur wijaksana. Bagnda Raja kagungan putri anu keur sumedeng
rumaja putri, nyata Putri Mayang Sawitri. Putri geulis bawa ngajadi, ndah bawa ti kudrat.

Kageulisan Putri Mayang Sawitri geus kawentar ka mana ka mendi. Loba pangran jeung raja anu
boga maksud pikeun ngalamar, tapi kabhanana ditolak ku Putri Mayang Sawitri.

Bagnda Raja Singa Mandala kacida hariwangna, dumh sakabh pangran jeung raja ditolak
lamaranana. Bagnda sieun raja-raja anu ditolak lamaranana th nyerang ka Nagara Sindangsari.

Hiji waktu Raja Jaya Dilaga ti Nagara Margaasih datang jeung rombonganana. Maksudna taya lian,
rk miharep ka Nyi Putri Mayang Sawitri. Tapi nu ieu g sarua deuih ditolak lamaranana. Atuh
Bagnda Raja Singa Mandala th beuki geumpeur kacida. Sok sieun Raja Jaya Dilaga bendu, tuluy
nyerang karajaan manhna.

Teu jauh tina panyangka, amarah Raja Jaya Dilaga geus teu katahan, lantaran lamaranana ta ditolak.
Anjeunna ngajak perang ka Raja Singa Mandala.

Raja Singa Mandala teu bisa nolak kana tangtangan Jaya Dilaga. Anjeunna sayaga nyiapkeun
balatentara di karajaan-ana. Sakabh balatentara Sindangsari mak pakarang panah jeung gondwa
pikeun mapag perang.

Wanci subuh, balatentara Sindangsari ngajugjug ka tem-pat perang. Tangara perang geus ditabeuh.
Prajurit Sindangsari ngaleut ngeungkeuy ka pangperangan. Bari teu poho mawa panah jeung gondwa
ta.

Kira-kira wanci manceran, perang campuh dimimitian. Singhorng paraprajurit Margaasih leuwih kuat
tinimbang paraprajurit Sindangsari. Ari sababna, jumlahna leuwih loba sarta pakarangna leuwih
samakta.

Paraprajurit Sindangsari kadsh, sarta loba nu palastra, gugur di mdan jurit, teu kuat ngayonan
musuhna. Malahan Raja Singa Mandala og perlaya sapada harita. Ningali ramana perlaya, Putri
Mayang Sari nyabut keris, rk terus labuh geni, mahan manh, tga kana nyawana sorangan. Ngan
creb w, keris th ditubleskeun kana beuteungna. Sarta harita knh og Putri Mayang Sari nemahan
pati ku kerisna sorangan. Ningali kaayaan kitu mah, ngarasa puas hat Raja Jaya Dilaga th. Manhna
ngarasa sugema, sabab anu nganyerikeun hatna geus sah ti alam dunya.

Ku sabab di ta tempat th loba paraprajurit Sindangsari anu perlaya, sarta marak senjata panah jeung
gondwa, nya ti harita ta tempat th ku Raja Jaya Dilaga dingaranan Cigondwa. Nu ahirna robah jadi
Cigondwah, anu asalna tina gondwa tadi.

Sasakala Majalengka
Dina abad ka XVI, di wewengkon Majalengka ayeuna aya tilu Karajaan Cakra Ningrat
ngaheuyeuk karajaan-karajaan Rajagaluh, Pucuk Umum di Talaga jeung Nyirambut Kasih ratu
Sindangkasih.
Nyirambut Kasih lain bae geulis kawanti-wanti, tapi deuih kawendar sakti. Ratu anu gede wibawa
jeung gede komara, sarta jadi panutan masyarakat.
Sabagian tina wewengkon Sindangkasih teh masih mangrupa leuweung di antarana tutuwuhana
aya anu disebut tangkal maja, anu khasiatna pikeun nyageurkeun kasakit muriang. Teu jauh ti
Sindangkasih, di Cirebon aya Syeh Arif Hidayatulloh. Jaman harita di Cirebon sumebar kasakit
muriang. Loba anu kaserang. Syarif Hidatulloh ngutus Pangeran Muhamad jeung Siti Armilah pikeun
neangan buah maja sangkan urang Cirebon anu katerap panyakit muriang calageur deui, nya terus bae
utusan teh arindit nya bae, salian ti rek neangan buah maja teh, Pangeran Muhamad jeung Siti Armilah
boga tujuan sejen nyaeta rek nyebarkeun Agama Islam.
Tantaran utusan ti Cirebon daratangna ka Sindangkasih heunteu permios heula, Nyi Rambut Kasih
heunteu sakarun wewengkon kakawasaanna di tincak ku jalma lain. Nyirambut Kasih ngawatek
kasaktianana. Leuweung nu asalna pinuh ku tangkal maja teh langsung ngaleungit. Eta utusan teh teu
manggih anu diteanganana, lantaran tangkal maja anu tadina loba teh jadi eweuh.
Majane langka, majane langka ceuk utusan dina basa cirebon, nu maksudna majana euweuh.
Nya neulah bae jadi Majalangka terusna dirobah jadi Majalengka.
Sanajan anu diteanganana teu kapanggih oge, pangeran Muhamad jeung Siti Armilah henteu terus
mulang ka Cirebon, ceuk angkeuhanana sugan wae dina hiji waktu mah bakal manggihan tangkal
Maja, Jadi eta utusan teh teu eureun-eureun neangan tangkal eta, bari sakalian nyebarkeun agama
Islam.
Sabada ngawurukan bagbagan agama islam kabalarea disaumbara tempat Pangeran Muhamad
terus matuh digunung Margatapa, ari Siti Armilah itikap satekah polah pikeun ngaislamkeun Nyi
Rambut Kasih ngan keukeuh teu hasil Nyi Rambut Kasih tetep kana agamana, tapi kaahirnamah
ngahiang. Sabada ditinggalkeun kukarajaan Sidang Kasih aya dina kakawasan Cirebon sarta saterusna
mah Majalengka. Pangeran Muhamad tilar dunya, dimakamkeun di Marga tapa, ari Siti Armilah mah
dimakamkeun di tukangeun Pendopo Kabupaten Majalengka, ayeuna anu katelahna makam Ki
Bedeng Badori.

Anda mungkin juga menyukai