Assalamualaikum wr.wb
Sampurasun nu kasuhun ka pupuhu SMAN 1 Sumedang, pupuhu Dinas Pendidikan,
komite sakola, guru-guru SMAN 1 Sumedang, bagea ka siswa-siswi SMAN 1 Sumedang, ibu
miwah bapak, saderek sadayana, kum ka dulur-dulur nu pengkuh mitra baraya nu satia kana
basa jeung budaya sunda.
Sateuacana sumangga urang sasarengan nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti
Nu Maha Agung anu parantos maparin kasehatan sareng kakiatan ka urang sadaya.
Alhamdulillah ku jalaran nikmat ti manten-Na dina danget ieu urang tiasa kempel ngariung
di ieu tempat dina raraga Paturay Tineung Kelas XII SMAN 1 Sumedang.
Sholawat sinareng salam, urang sanggakeun ka jungjunan alam Nabi Muhammad
SAW. , ka para kulawargana, para sohabatna, kalih urang salaku umatna. Amin.
Langkung tipayun simkuring seja nyanggakeun pangwilujeng, rehna siswa-siswi kelas
XII parantos lulus Ujian Nasional taun 2011.
Sateuacana, didieun aya sababaraha rupi acara. Simkuring bade medarkeun heula
runtuyan acarana diantawisna:
1. Bubuka
2. Mapag Pupuhu
3. Aosan Ayat Suci Al-Quran
4. Pidangan lagu ti Paduan Suara SMAN 1 Sumedang
5. Laporan ti pupuhu panata calagara
6. Laporan ti pupuhu OSIS
7. Pidangan tarian (mangrupi tari merak ti wawakil siswi kelas XI SMAN 1 Sumedang
8. Kedal lisan ti wawakil kelas XII
9. Pidangan seni angklung ti Lingkung Seni Sunda SMAN 1 Sumedang
10. Kedal lisan ti pupuhu sakola
11. Pidangan lagu ti Paduan Suara SMAN 1 Sumedang
12. Kedal lisan ti komite sakola
13. Kedal lisan ti Dinas Pendidikan
14. Pidangan upacara adat prosesi paturay tineung kelas XII
15. Doa
16. Pidangan kasenian gondang
17. SMANSA Award
18. Bewara siswa/siswi berprestasi
19. Pembagian STTB
20. Panutup
Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga urang kawitan wae ieu acara ku
aosan basmallah sasarengan. Bismillahirrahmanirrahim.
Hadirin anu ku simkuring dipihormat, salajengna hayu urang nyakseni mangrupi
pidangan prosesi mapag pupuhu SMAN 1 Sumedang miwah rengrengan. Mangga
dilajengkeun ku panumbu catur kasenian.
Hadirin, salajengna hayu urang sami-sami regepkeun aosan ayat suci Al-Quran anu
seja didugikeun ku saderk ka saderekdihaturanan.
Nincak kana acara nu kaopat. Urang nyakseni mangrupi pidangan lagu ti paduan
suara SMAN 1 Sumedang.
Salajengna nyaeta laporan ti pupuhu panata calagara. Ka saderek..dihaturanan.
Lajeng, acara nu kagenep nyaeta laporan ti pupuhu OSIS. Ka saderekdihaturan.
Nincak kana acara nu katujuh, hayu urang sami-sami nyakseni mangrupi pidangan
tari merak ti wawakil siswi kelas XI SMAN 1 Sumedang.
Salajengna, acara nu kadalapan nyaeta kedal lisan ti wawakil kelas XII. Ka
saderekdihaturanan.
Lajeng, acara nu kasalapan nyaeta mangrupi pidangan seni angklung ti Lingkung Seni
Sunda SMAN 1 Sumedang. Wilujeng nyakseni.
Salajengna, acara nu kasapuluh kedal lisan ti pupuhu sakola. Bapak Drs. H Masduki
Heryana M.M anu ku simkuring dipihormat dihaturanan.
Nincak kana acara nu kasabelas mangrupi pidangan lagu ti paduan suara SMAN 1
Sumedang. Wilujeng nyakseni.
Salajengna, acara nu kaduabelas kedal lisan ti komite sakola. Bapak anu ku
simkuring dipihormat dihaturanan.
Salajengna, acara nu katilubelas kedal lisan ti pupuhu Dinas Pendidikan. Bapak
anu ku simkuring dipihormat dihaturanan.
Ayeuna urang nincak kana acara puncak, mangrupi pidangan upacara adat prosesi
paturay tineung kelas XII. Mangga dilajengkeun ku panumbu catur kasenian.
Lajeng, acara nu kalimabelas nyaeta doa. Ka saderek..dihaturan kanggo mingpin
doa.
Salajengna, acara nu kagenepbelas mangrupi pidangan kasenian gondang. Hayu
urang sami-sami nyakseni.
Nincak kana acara nu katujuhbelas nyaeta SMANSA Award. Naon atuh SMANSA
Award teh?
Acara nu salajengna nyaeta beware siswa/siswi berprestasi.
Lajeng, acara nu kasalapanbelas, hayu urang nyakseni kelas XII dibaragi STTB.
Ibu miwah bapak anu ku simkuring dipihormat. Runtuyan acara parantos
dilaksanakeun. Mugi-mugi ieu acara teh aya mangpaatna. Rupina ieu acara teh urang
pungkas wae, simkuring Hanifah Alshofa Nurul Aini sareng Deden Kurnia Syam neda
dihapunten samudaya kalepatan. Hatur nuhun kana perhatosannana. Mangga urang tutup
ku aosan hamdallah sasarengan. Alhamdulillahirabbilalamin.Wassalamualaikum wr.wb