Anda di halaman 1dari 2

Lutung Kasarunng

Karya : Saini KM
Aya hiji satria anu luhur elmuna, jembar pangabisana tur kasep pilih tanding, ngaranna Guru
Minda. Manehna cicing sareng Sunan Ambu nu janten ibuna.
Dina hiji peuting manehna ngimpi tepung jeung putri anu kacida geulisna, kageulisan eta putri teh
sami sareng kageulisan Sunan Ambu. Eta impian di bejakeun ka Sunan Ambu sarta Guru Minda
nyebutkeun yen manehna hoyong boga bojo ka eta putri.
Sunan Ambu surti kanu kahoyong ingkang putra, pok anjeunna nyarios :
Anaking,,, Guru Minda ! kahoyong hidep bakal laksana asal hidep sanggup ngajalankeun 3 syarat
Guru Minda

: Rawuh kanjeng ibu, naon syaratna teh ?

Sunan Ambu

: syaratna nyaeta hidep kudu robah wujud jadi lutung, turun tikahiangan
ngajugjug ka bumi, tur di cicing di leuweung. Kumaha hidep sanggup ?

Guru Minda

: Rawuh kanjeng ibu, ingkang putra sanggeum ngalakonan syarat ti kanjeng


ibu,,, ingkang putra neda piduana!

Sunan Ambu

: Bral geura miang anaking,,, sing keyeng ngahontal cita cita hidep !

Gancangca carita,,,
Guru Minda anu geus robah wujud jadi lutung, tuluy turun ti kahiangan ngajugjug ka bumi tur
cicing di leuweung. Di leuweung Guru Minda kahujanan, kapanasan, kadaharan ge sakapanggih
panggih, tapi Guru Minda teu ngarasula sabab manehna keyeng hayang laksana cita cita.
Dina hiji poe aya hiji wanoja ka leuweung bari di anteur ku dua pangiring sarta tuluy di
taringgalkeun sanggeus dipangnyieunkeun saung keur cicing eta wanoja.
Eta wanoja teh ngaranna Purbasari putri bungsu Prabu Tapa Agung ti karajaan Pasir Batang, Purbasari
teh gaduh lanceuk genep nyaeta : Purbararang, Purbaendah, Purbadewata, Purbakancana,
Purbamanik sareng Purbaleuwih.
Purbasari teh di usir ku lanceuk nu panggedena anu ngaran Purbararang. Pangna manehna di
usir sabab lanceukna nu cikal hayang hayangen jadi ratu.
Purbasari kacida atoheunana panggih jeung lutung teh, manehna teu ngarasa keueung sabab di baturan
ku lutung. Lutung ge nya kitu atoheun pisan, sabab Purbasari teh nyaeta putri anu kungsi panggih dina
impian tea.
Mang bulan-bulan di leuweung lutung marengan Purbasari nu prihatin sabab terus terusan
diteungteungingan ku Purbararang.
Purbararang maksa ka Purbasari pikeun nohonan dengdemna, diantarana ngajak paalus-alus ngahuma,
pangeunah-ngeunah nyieun kadaharan sarta pakasep-kasep kabogoh.

Kalawan sabar Purbasari narima pangajak Purbararang, bari di baturan ku lutung, Purbasari
leuwih unggul boh ngahuma, boh nyieun kadaharan, ngan palebah pakasep-kasep kabogoh mah
Purbasari ukur bisa ceurik sabab rumasa moal bisa ngayonan da teu bogaeun kabogoh.
Dina prungna saembara, Purbararang lempang dangah,,,,,,,, adigung ngarasa yakin bakal
meunang, sabab nyaho Purbasari teu bogaeun kabogoh, sedeungkeun manehna geus boga Indrajaya
anu gagah calon pisalakieunana.
Harita Indrajaya geus midang di pakalangan anu lalajo surak bawaning ku suka. Indrajaya...
Indrajaya... Indrajaya !
Purbararang ngareret ka Purbasari, Pok ngomong Hey Purbasari, tah ieu Raden Indrajaya
anu kasep tur gagah calon pisalakieun kuring, saha pisalakieun maneh? Lamun lain Lutung anu
goreng etamah. Purbasari cicing teu ngajawab, ngan ret ka lutung pok ngomong, Utun memang
nu pantes jadi pisalakieun kuring mah ngan anjeun.
Ngadenge caritaan Purbasari, sakadang Lutung alias Guru Minda munajat kanu Maha kawasa
bari manfatkeun ajian kasakten ti Sunan Ambu.
Kersaning Nu Maha Kawasa, sakolepat lutung robah wujud balik deui ka asal jadi satria nu kasep pilih
tanding.
Purbararang eleh deui, manehna ceurik balilihan... menta di hampura sarta nyerenkeun deui
karajaan Pasir Batang ka Purbasari. Ahirna Purbari jeneng jadi Ratu di barengan ku Guru Minda nu
jadi panutanana.

Anda mungkin juga menyukai