Anda di halaman 1dari 10

jaipongan nya ta hiji wanda seni tari nu lahir tina krativitas seniman asal Bandung, Gugum

Gumbira. Perhatiannana kana kasenian rahayat nu salasahijina nya ta ketuk tilu nyababkeun
anjeunna wanoh bener-bener kana perbendaharan pola-pola gerak tari tradisi nu aya dina
kiliningan/bajidoran atawa ketuk tilu. Gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung
sababaraha ragem gerak mincid tina sababaraha kasenian di luhur cukup miboga inspirasi
keur ngamekarkeun tari atawa kasenian nu kiwari dipikawanoh minangka jaipongan. Kiwari
jaipongan sering dipak keur hiburan dina acara kawinan jeung sunatan, utamana di darah
Subang jeung Karawang.

Sajarah
Samemeh wangun seni pertunjukan ieu mucunghul, aya sababaraha pangaruh nu
ngasangtukangan wangun tari pergaulan ieu. Di Jawa Barat misalna, tari pergaulan
mangrupakeun pangaruh tina Ball Room, nu biasana dina pintonan tari-tari pergaulan teu
leupas tina ayana ronggng jeung pamogoran. Ronggng dina tari pergaulan henteu ukur
fungsi keur kagiatan upacara, tapi keur hiburan atawa cara gaul. Ayana ronggeng dina seni
pintonan mibanad daya tarik nu ngondang simpati kaum pamogoran. Misalna dina tari Ketuk
Tilu nu kacida dipikawanohna ku masarakat Sunda, diperkirakeun kasenian ieu kasohor
sakitar taun 1916. Minangka seni pintonan rahayat, kasenian ieu ukur dirojong ku unsurunsur basajan, saperti waditra nu ngawengku rebab, kendang, dua siki kulanter, tilu siki
ketuk, jeung goong. Pon nya kitu deui gerak-gerak tarina nu henteu mibanda pola gerak nu
baku, kostum penari nu basajan minangka lambang karahayatan.
Marengan mudarna jenis kasenian di luhur, urut pamogoran (panongton nu aktif aktif dina
seni pintonan Ketuk Tilu/Dogr/Tayub) pindah perhatiannana kana seni pintonan Kiliningan,
nu aya di daerah basisir kaler Jawa Barat (Karawang, Bekasi, Purwakarta, Indramayu, jeung
Subang) katelah Kiliningan Bajidoran nu pola tarina jeung pintonannana mibanda sasaruaan
jeung kasenian samemehna (Ketuk Tilu/Dogr/Tayub). Ayana tarian dina Topeng Banjet
cukup dipikaresep, hususna di Karawang, nu sababaraha pola gerak bajidoran dicokot tina
tarian dina Topeng Banjet ieu. Sacara koreografis tarian ieu masih mintonkeun pola-pola
tradisi (Ketuk Tilu) nu ngandung unsur gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung
sababaraha ragem gerak mincid nu jadi dasar ciptana tari Jaipongan. Sababaraha gerak-gerak
dasar tari Jaipongan lian ti Ketuk Tilu, Ibing Bajidor sarta Topeng Banjet nyaeta Tayuban
jeung Pencak Silat.
Mucunghulna tarian karya Gugum Gumbira awalna disebut Ketuk Tilu kamekaran, nu
memang sabab dasar tarian eta mangrupakeun kamekaran tina Ketuk Tilu. Karya munggaran
Gugum Gumbira kacida kentelna keneh ku kelir ibing Ketuk Tilu, boh tina segi koreografi
atawa iringannana, nu satuluyna tarian ieu jadi populer kalayan sebutan Jaipongan.

Wayang golek
Wayang mangrupakeun bentuk tater rahayat nu populr pisan. Masarakat mindeng
ngahubungkeun kecap "wayang" jeung "bayang", dumasar pintonan wayang kulit nu

mintonkeun hirupna bayangan/kalangkang wayang dina layar. Di wewengkon Tatar Sunda,


nu pangpopulrna mah wayang golk.
Wayang golk aya dua rupa: wayang golk papak (cepak) jeung wayang golk purwa. Iwal ti
wayang wong, pintonan wayang dimankeun ku dalang nu mingpin pintonan sakaligus
ngalagukeun suluk, nyoarakeun antawacana, ngatur gamelan, ngatur lagu, jsb.

Tumuwuh
Sakumaha alur carita pawayangan umumna, dina pintonan wayang golk og biasana boga
lalakon-lalakon anu boh galur atawa caranganana dicokot tina carita Ramayana jeung
Mahabarata kalawan migunakeun basa Sunda nu diiring ku gamelan Sunda (salndro), nu
diwangun ku dua saron, peking, selentem, bonang, bonang rincik, kenong, sapasang goong
(kempul jeung goong), ditambah kendang (hiji kendang Indung jeung tilu kulanter), gambang
jeung rebab.

Karakter wayang golk Arjuna, anggota Pandawa, tokoh pawayangan nu kawentar ku


kagandanganana.
Ti taun 1920-an, salila pintonan wayang golk th teu welh dibarengan sindn. Malah harita
mah sindnna bisa leuwih kawentar batan dalangna, utamana nalika jaman Upit Sarimanah
jeung Titim Patimah taun 1960-an.
Dina pintonan wayang golk, lalakon nu ilahar dipintonkeun nyata lalakon carangan,
lalakon galur mat teu pati mindeng. Ieu bisa dijadikeun cicirn kaparigelan dalang dina
nyiptakeun lalakon carangan nu alus tur matak dipikaresep. Dalang wayang golk nu
kawentar di antarana Tarkim, R.U. Partasuanda, Abng Sunarya, Entah Tirayana, Apek, Asp
Sunandar Sunarya, R.H. Ccp Supriadi, Dd Amung Sutarya, Manan Dd Sutarya, App
Hudaya, jld.
Pola pangadegan wayang golk nyata (1) Tatalu, dalang jeung sinden naik panggung,
gending jejer/kawit, murwa, nyandra, suluk/kakawn, jeung biantara; (2) Babak unjal,
pasban, jeung bbgalan; (3) Nagara sjn; (4) Patepah; (5) Perang gagal; (6)
Panakawan/goro-goro; (7) Perang kembang; (8) Perang raket; jeung (9) Tutug.
Najan mibanda fungsi rlijius (misalna dina ngaruwat), wayang golk kiwari leuwih dominan
dipak salaku seni pintonan hiburan rahayat nu mibanda fungsi nu luyu jeung pangabutuh
lingkungan masarakat, boh spiritual atawa materil. Hal ieu bisa ditempo dina sababaraha
kagiatan masarakat nu diramkeun ku pintonan wayang golk, di antarana hajat/kariaan

Kacapi

Ti Wikipdia, nsiklopdia bbas


Kacapi mangrupakeun waditra musik Sunda anu dipak minangka pakakas musik utama dina
Tembang Sunda atawa Mamaos Cianjuran sarta kacapi suling.
Kecap kacapi dina basa Sunda og ngarujuk kana tangkal sentul, anu dipercaya kaina dipak
pikeun nyieun pakakas musik kacapi.

Wangun

Wincikan unsur nada dina hiji Kacapi Parahu


Nurutkeun wangun fisikna, aya dua rupa kacapi:
1. Kacapi Parahu atawa Kacapi Gelung ; jeung
2. Kacapi Siter
Kacapi Parahu nyata hiji kotak rsonansi anu bagian handapna henteu ditutup supaya jadi
tempat kaluarna sora. Sisi-sisi wanda kacapi ieu dijieun sahingga mirupa parahu. Di mangsa
katukang, kacapi ieu dijieun langsung tina kai ku cara dipahat.
Kacapi siter mangrupakeun kotak rsonansi kalayan widang rata anu sajajar. Sarupa jeung
kacapi parahu, liangna ditempatkeun dina bagian handap. Sisi bagian luhur sarta handapna
ngawangun trapsium.
Pikeun dua rupa kacapi ieu, unggal talina ditalikeun kana hiji sekrup leutik dina sisi katuhu
beulah luhur ta kotak. Kacapi-kacapi ieu bisa dipanteng dina sistem: plog, sorog/madnda,
atawa salndro.

Ayeuna, kotak rsonansi kacapi dijieun ku cara ngelm sisi-sis genep widang papan.
Angklung nyata alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, diulinkeun ku cara
dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) sahingga ngahasilkeun sora nu ngageter
dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag atawa nu leutik. Laras
(nada) nu dipak angklung tradisional Sunda biasana salndro jeung pelog

Sajarah
Dina kasenian Sunda, nu migunakeun alat musik tina awi di antarana angklung jeung calung.
Anapon awi nu sok dipak nyieun ieu alat musik biasana tina awi wulung (awi nu kelirna
hideung) jeung awi temen (kelir bodas). Sada nu kaluar tina angklung jeung calung asalna
sarua, nyata tina solobong awi nu ngelentrung lamun ditabeuh (diadu).
Angklung geus dipikawanoh ku masarakat Sunda ti jaman karajaan Sunda, di antarana pikeun
ngagedurkeun sumanget dina pangperangan. Fungsi angklung pikeun ngahudang sumanget
ieu jadi sabab dicaramna ieu kasenian ku pamarntah jajahan Hindia Walanda.
Kasenian angklung kiwari leuwih mekar deui, ku ayana unsur ibing luyu jeung
kapentinganana, misalna dina upacara ngarak par kana leuit (ngampih par, nginebkeun)
jeung dina mangsa mitembeyan melak par (ngaseuk). Pon kitu deui dina mangsa pann
jeung srn taun, nu ilaharna aya acara arak-arakan nu kadang dibarengan og ku rngkong
jeung dongdang

Rog

Ti

Rog nya ta salah sahiji kasenian budaya anu asalna ti Jawa Wtan sarta Ponorogo dianggap
minangka dayeuh asal Rog anu sabenerna. [1] Rog mangrupa salah sahiji budaya
wewengkon di Indonsia anu masih kentel kana hal-hal anu mistik sarta lmu kebatinan anu
kuat.[1]

Sajarah
Dina sajarahna aya lima vrsi carita populr anu ngembang di masarakat ngeunaan asal-usul
Rog sarta Warok, tapi salah sahiji carita anu pangkacelukna nya ta carita ngeunaan ka wani
Ki Ageng Kutu, saurang abdi karajaan dina mangsa Bhre Kertabhumi, Raja Majapahit
pamungkas anu ngawasa dina abad ke-15. [1] Ki Ageng Kutu ambek alatan ayana pangaruh
kuat ti pihak Cina ka rajana dina pamarntahan sarta paripolah raja anu korup, manhna og
nempo yn kakawasaan Karajaan Majapahit baris lekasan. [1] Manhna tuluy ninggalkeun raja
sarta ngadegkeun paguron, manhna mengajar barudak ngora seni bela diri, lmu kekebalan
diri, sarta lmu kasampurnaan jeung harepan yn barudak ngora ieu baris jadi bibit pikeun
bangkitna deui karajaan Majapahit. [1] Sadar yn pasukanana saeutik teuing pikeun ngalawan
pasukan karajaan, mangka Ki Ageng Kutu nepikeun maksudna ngaliwatan pintonan seni
Rog, anu mangrupa "sindiran" ka Raja Bra Kertabumi sarta karajaanana. [1] Pagelaran Rog
jadi cara Ki Ageng Kutu ngawangun lalawanan masarakat lokal ngaliwatan katnaran Rog.
[1]
Dina pintonanna Rog aya topng ngawangun hulu singa anu dipikawanoh minangka
Singa Barong, raja leuweung, anu jadi simbol pikeun Kertabumi, sarta diluhurna mak bulubulu meraknyarupaan kipas buta anu ngagambarkeun pangaruh kuat batur Cinanya anu
ngatur sagala paripolahna. [1] Jatilan, anu dipankeun ku nu ngibing gemblak anu nak kudakudaan jadi simbol kakuatan pasukan Karajaan Majapahit anu jadi babanding kakuatan
warok, anu aya di tukangeun topng badut beureum anu jadi simbol pikeun Ki Ageng Kutu,
paman sorangan sarta ngangkut beurat topng singa barong anu beuratna leuwih ti 50 kg
ngan ukur ku ngagunakeun huntuna.[1] Kawntarna Rog Ki Ageng Kutu pamustunganana
ngabalukarkeun Kertabumi nyokot tindakan pikeun nyerang ka paguronna, sarta paguron
dicaram pikeun ngajarkeun lmu warok . [1] Tapi murid-murid Ki Ageng Kutu tetep
nuluykeunana sacara reureunceupan. [1] Sanajan kitu, Kasenian Rog sorangan sok
dipintonkeun pikeun jadi pintonan populr disabudeureun masarakat.[1] Tapi kiwari, jalan
caritana ditambahan saluyu jeung carita rahayat Ponorogo nya ta Kelono Sewondono, Dewi
Songgolangit, and Sri Genthayu.[1]

Calung nyata pakakas musik Sunda anu mangrupa prototipe (purwarupa) tina angklung.
Bda jeung angklung, cara mankeun calung mah ku cara nakol (wilahan, bilah) awi anu
disusun nurutkeun titi laras (tangga nada) pentatonik (da-mi-na-ti-la). Jenis awi pikeun
nyieun calung lolobana tina awi wulung (awi hideung), tapi aya og anu dijieun tina awi
temen (awi pulas bodas). Sajaba dihartikeun salaku pakakas musik, calung og jadi istilah
sebutan pikeun seni pintonan. Aya dua wangun calung Sunda anu dipikawanoh, nyata calung
rantay sarta calung jingjing.

calung
Kamekaran
Jenis calung anu ayeuna mekar sarta dipikawanoh sacara umum nyata calung jingjing.
Calung jingjing nyata jenis pakakas musik anu geus lila dipikawanoh ku urang Sunda,
contona di wewengkon Sindang Heula - Brebes, Jawa tengah, sarta bisa jadi mangrupa
kamekaran tina wangun calung rantay.
Di Jawa Barat, wangun kasenian ieu dirintis popularitasnya nalika para mahasiswa
Universitas Padjadjaran (UNPAD) anu kagabung dina Departemen Kesenian Dwan
Mahasiswa (Lembaga kesenian UNPAD) mekarkeun wangun calung ieu ngaliwatan
kreativitasnya dina taun 1961. Numutkeun salah saurang panaratasna, Ekik Barkah, yn
dijieunna calung jinjing katut pintonanana kailhaman ku wangun kaulinan dina pintonan rog
anu ngadumaniskeun unsur nakol, unggut sarta lagu dina hiji pintonan.
Saterusna dina taun 1963 wangun kaulinan sarta tatabeuhan calung leuwih dimekarkeun deui
ku parakanca ti Studiklub Teater Bandung (STB; Koswara Sumaamijaya dkk), sarta antara
taun 1964 - 1965 calung leuwih dimasyarakatkeun deui ku parakanca di UNPAD minangka
seni pintonan anu boga sipat hiburan sarta informasi (penyuluhan (Oman Suparman, Ia
Ruchiyat, Eppi K., Enip Sukanda, Edi, Zahir, saparakanca), sarta grup calung SMAN 4
Bandung (Abdurohman dkk).
Saterusna muncul grup-grup calung di Bandung, contona Layung Sari, Ria Buana, Glamor
(1970) jrrd, nepi ka danget ayeuna, muncul ngaran-ngaran idola paman calung diantarana
Tajudin, Nirwan, Odo, Uko Hendarto, Adang Cengos, jeung Hendarso. Kamekaran kasenian
calung kacida onjoyna di Jawa Barat. Ieu hal th ngabalukarkeun ditambahanana sawatara
pakakas musik dina calung, contona kosrk, kacapi, piul (biola), komo kiwari mah aya anu
dilengkepan keyboard jeung gitar. Unsur vokal pohara dominan dina calung, ku kituna ra
muncul vokalis calung kawntar, kawas Adang Cngos, sarta Hendarso.

Cianjuran
Ti Wikipdia, nsiklopdia bbas

Tembang Cianjuran
Cianjuran mangrupakeun seni vokal Sunda nu dibarengan ku waditra kacapi indung, kacapi
rincik, suling, jeung rebab. Asalna mah, di tempat borojolna, Cianjur, kasenian ieu th
disebutna mamaos. Dingaranan tembang Cianjuran soth ti taun 1930-an, anu lajeng
dikukuhkeun taun 1962 dina Musawarah Tembang Sunda sa-Pasundan di Bandung.

Sajarah
Mamaos kabentuk dina mangsa pamarntahan bupati Cianjur R.A.A. Kusumaningrat (1834
1864) anu sok ngarang ieu tembang di hiji wangunan nu disebut Pancaniti. Kusabab kitu,
anjeunna katelah Dalem Pancaniti.
Mimitina, mamaos ditembangkeun ku lalaki, sarta kakara ilahar diteuleuman ku wanoja kira
parapat abad ka-20. Ti harita, mimiti panembang wanoja pating pucunghul, kayaning Rd. Siti
Sarah, Rd. Anah Ruhanah, Ibu Imong, Ibu Ooh, Ibu Resna, jeung Nyi Mas Saodah.
Mamaos th dimekarkeun tina seni pantun, nu ciri utamanya nya ta ayana kacapi katut cara
mankeunana. Lalaguanana og ampir sakabhna tina carita pantun, diantarana carita Pantun
Mundinglaya Dikusumah. Tuluy, ieu seni soara th mekar og migunakeun beluk (mamaca),
degung, sarta tembang macapat Jawa: pupuh. Lagu-lagu mamaos nu dicokot tina seni pantun
disebutna lagu pantun atawa papantunan, atau disebut og lagu Pajajaran, dicokot tina
ngaran karaton Sunda di Bogor bihari. Lagu-lagu nu asalna tina bahan pupuh disebut
tembang, nu duanana nurut kana aturan rumpaka. Ka dieunakeun, aturan nyieun rumpakana
jadi leuwih bbas, bisa nyampur.
Dina mangsa pamarntahan bupati RAA Prawiradireja II (18641910), mamaos sumebar ka
wewengkon lianna, nu utamana diluluguan ku Rd. c Majid Natawireja (18531928).
Anjeunna sering diulem ngawulang mamaos ka kabupatn-kabupatn di Priangan, di antarana
ku bupati Bandung RAA Martanagara (18931918) jeung RAA Wiranatakusumah (1920
1931 & 19351942). Nalika ieu mamaos sumebar ka wewengkon sjn, lajeng ieu seni
soara th jadi katelah tembang Cianjuran. Kitu og nalika radio NIROM Bandung taun 1930an nyiarkeun ieu kasenian, disebutna th tembang Cianjuran.

Pintonan
Sabenerna istilah mamaos mah ukur nujul ka lagu-lagu nu polana pupuh
(tembang), lemesna tina mamaca: seni maca buku carita wawacan ku cara
ditembangkeun. Buku wawacan nu migunakeun aturan pupuh ieu aya nu
dilagukeun ku thnik rancag jeung thnik beluk.

Lagu-lagu mamaos larasna pelog (degung), sorog (nyorog, madenda), salndro, jeung
mandalungan. Dumasar kana asal jeung watek laguna, mamaos digolongkeun kana
sababaraha wanda: papantunan, jejemplangan, dedegungan, jeung rarancagan. Kiwari, aya
og tambahan jenis kakawn jeung panambih salaku wanda nu mandiri. Lagu-lagu mamaos
tina jenis tembang lolobana migunakeun pola pupuh kinanti, sinom, asmarandana,
dangdanggula, jeung sababaraha pupuh lianna.
Mari bergabung dengan komunitas Wikipedia bahasa Indonesia!

[tutup]

Degung
Dari Wikipedia bahasa Indonesia, ensiklopedia bebas
Belum Diperiksa

Musik dari Indonesia

Gong dari Jawa


Garis waktu Contoh
Ragam
Klasik Kecak Kecapi suling Tembang Sunda Pop Dangdut Hip hop Keroncong
Gambang keromong Gambus Jaipongan Langgam Jawa Pop Batak Pop Minang Pop
Sunda Qasidah modern Rock Tapanuli ogong Tembang Jawa
Bentuk tertentu
Angklung Beleganjur Calung Gamelan Degung Gambang Gong gede Gong
kebyar Jegog Joged bumbung Salendro Selunding Semar pegulingan
Musik daerah
Bali Kalimantan Jawa Kepulauan Maluku Papua Sulawesi Sumatera Sunda

Gamelan degung
Degung adalah kumpulan alat musik dari sunda.
Ada dua pengertian tentang istilah degung:

degung sebagai nama perangkat gamelan

degung sebagai nama laras bagian dari laras salendro ( berdasarkan teori Raden
Machjar Angga Koesoemadinata).

Degung sebagai unit gamelan dan degung sebagai laras memang sangat lain. Dalam teori
tersebut, laras degung terdiri dari degung dwiswara (tumbuk: (mi) 2 (la) 5) dan degung
triswara: 1 (da), 3 (na), dan 4 (ti).

Daftar isi

1 Gamelan Degung

2 Sejarah

3 Perkembangan

4 Perkembangan di luar negeri

5 Sumber rujukan

Gamelan Degung
Ada beberapa gamelan yang pernah ada dan terus berkembang di Jawa Barat, antara lain
Gamelan Salendro, Pelog dan Degung. Gamelan salendro biasa digunakan untuk mengiringi
pertunjukan wayang, tari, kliningan, jaipongan dan lain-lain. Gamelan pelog fungsinya
hampir sama dengan gamelan salendro, hanya kurang begitu berkembang dan kurang akrab
di masyaraka dan jarang dimiliki oleh grup-grup kesenian di masyarakat. Hal ini menandakan
cukup terwakilinya seperangkat gamelan dengan keberadaan gamelan salendro, sementara
gamelan degung dirasakan cukup mewakili kekhasan masyarakat Jawa Barat. Gamelan
lainnya adalah gamelan Ajeng berlaras salendro yang masih terdapat di kabupaten Bogor, dan
gamelan Renteng yang ada di beberapa tempat, salah satunya di Batu Karut, Cikalong kabuki
Bandung. Melihat bentuk dan interval gamelan renteng, ada pendapat bahwa kemungkinan
besar gamelan degung yang sekarang berkembang, berorientasi pada gamelan Renteng.
Ada gamelan yang sudah lama terlupakan yaitu KOROMONG yang ada di Kp. Lamajang
Desa Lamajang Kec. Pangalengan Kab. Bandung. Gamelan ini sudah tidak dimainkan sejak
kira-kira 35 - 40 tahun dan sudah tidak ada yang sanggup untuk menabuhnya karena gamelan
KOROMONG ini dianggap mempunyai nilai mistis. Gamelan KOROMONG ini sekarang
masih ada dan terpelihara dengan baik. Untuk supaya gamelan KOROMONG ini dapat
ditabuh, maka kata yang memegang dan merawat gamelan tersebut harus dibuat Duplikatnya.

Anda mungkin juga menyukai