MIDAMPALAN
(Mantra Kekuatan Tahan Pukul Dan Senjata Tajam)
Midampalan besi gamparan
Nabitis besi tumaritis
Dina pingping besi kuningan
Dina cangkeng besi sangsangkorang
Dina tonggong besi bangkongan
Dina harigu besi singgeman
Dina tak tak besi sampayan
Dina beheung besi lingkeuyan
Dina hulu besi lagaran
Duk timbul batu diliung ku pamentrung
Pamentung gadika sihung
Sihung gadika cai
Komara jag di omyak omyak
Sebatulloh sebattulloh sebattullohdisebat ku wali yuwlloh ini tuhan udah geseng duk timbul
bulu salembar
Awak saking besi persani besi cingcin besi kuningan
Besi waja tumpes pamor cahya ciduh lay ngajadi banyu cahya ngajadilenga yahu waya dunya
yahu waya dunyayahu waya dunya weg ahwegah..wegah hu hak
Laila haillowloh muhammad darrosulluwloh
TABAROK SAHADAT
(Mantra kekuatan tahan pukul membalikan rasa sakit)
Ashadualla ila haillauwloh waashaduana muhammad darrosulluwloh
Utawi guruning wesi iku ireng ireng nging mata lan guruning waja iku puputuhing mata yaiku
gurilap arane sir anu jadi wesi rasa anu jadi waja cipta anu jadi pangrasa pang rasa nu jadi akas
awak sibapa nujadi genggeman awak sibiang nu jadi rasa tepung rasa papada rasa hu ku
kersaning allah taala sukma larang sukma lenggang anu nyeuweu memeh reuneuh anu anak
seda lakian anueun buah anueun nyi mantri manik nyi jangkar iman nyi daun tamaga sukma
tumiba di sari holang maya putih pohaci leka leka atma nu ngaran pare bereum getih terus kana
daging ulah rek jadi madawa dasia aya diaing aing aya disia saencrek sarerehannana besi hidep
kasemaran hu ku kersaning allah ataala.
Sari maya putih pohaci lekeleka atma anu ngaran pare hideung hamperu terus kana bulu ulah
rek jadi madawa dasia aya diaing aing aya disia saencrek sarerehannana besi hidep kasemaran
hu kukersaninga allah taala. Sari maya putih pohaci lekaleka atma nu ngaran pare kuning liat
nyurup kana urat ulah rek jadi madawa dasia aya diaing aing aya disia saencrek sarerehannana
besi hidep kasemaran hu kukersaninga allah taala. Sari maya putih pohaci lekaleka atma
nungaran pare ketan bayah terus kana manah ulah rek jadi madawa dasia aya diaing aing aya
disia saencrek sarerehannana besi hidep kasemaran hu ku kersaning allah taala
Sri beureum metuna kana kulit rukuna hirup sebabna hurip
Sri hideung metuna kana bayah metuna dadi waspada sebna jadi manah
Sri kuning metuna kana urat rukuna liat sebabna bedas
Sri tunggal rasa jati
Sri anu mantak jadi daging
Sri numantak jadi pangrasa cat munggang lantas munggang kakaraton allah hurip waras ilang
bahaya hu kukersaning allah taala
SI LEUGEUT TEURUP
(Mantra pengasihan pemikat)
Sabulan keur gumambang,
dua bulan lumenggang herang,
tilu bulan gumulung putih,
opat bulan sirna putih,
lima bulan ujub unek,
genep bulan mi rupa ukiran sia ti bapa,
tujuh bulan dapur manik,
delapan bulan kanggean balik larangan,
salapan bulan goledag kamaca sare.
Ieu asihan si leugeut teureup
ulah weudi ngadeuleuulah weleh ngadenge
mangka welas mangka asih hatena sia.beunang ku awak aing
Ati allah 2x atimu ya rosullullah ati unni 133 x
Ah siakudu iman ka allah
Kudu iman ka rosullullah
Kudu iman ka hate aing
Singrep 3x
SAHADAT BANTEN
Ashadu sahadat banten sahadat pancerning iman
iman minal massikil ilal magribi
gusti sinuhun sultan ratu bagus ning manusa
papancerning giri pancerning hurip
sareng gusti bagus jung jungan iman tunggal
sahadat iman tauhid maripat islam
gusti sinuhun pasti ratu magelung
TINJA KUMAN
(Mantra mengobati karna kuman atau sirep )
Kuman mati braja mati ,
mati siji mati kabeh
enjuk urip enjuk waras
umate kangjeng nabi muhammad
laillahaillallah muhammad darrosullah
reo sirep cep tiis urip waras 3x
rep sirep adem
TINJA SEMUT
(Mantra pengasihan )
Lur bayuna
larak mana aci putih
sami geus kateureuy nyawana
kapurut kairut kaputer
lailahaillaullah muhammaddarosullallah
atina si.welas asih maring kakaula.
Caranya
- mencubit wanita
ANGKAT JUNGJUNG
(Mantra mengangkat benda berat )
Leteng leteng singo banteng
ango ango ganda sari jungjung tengah
nimbang kapuk hemhem..hem.
JARAN GOYANG
(Mantra Pengikat Wanita )
Cos mencos mega mentang dina tarang
Dangdang sinarang sikemati si jaran goyang
Apa guruh guruh ika si jaran goyang lagi ngamuk
Ceplik mati wurung
mati sida edan sida lengleng sida paleng sidamang
Mangka welas mangka asih
Atine si. Maring isun.
PENGASIHAN
Sing imut pang imut pang imutkeun,
turulung asih pang taralik
sangka bancayana
pang bancanakeun atina si
ningali maring badan isun.
AJIHALILINTAR
(Untuk orang diluar Islam)
Hong ingsun amatek ajiku sigelap ngampar
gebyar-gebyar ana ing dadaku ulalanang guluku,
macan galak ana rai ku surya kembaranane traku,
durga degla kana pupu ku gelap ngamparana pengucap
kugelap sewu suwaraku, ah o aku sigelap ngampar.
(Untuk Orang Islam)
Bismillahirohmannirrohiim
Gelap ngampar kuwang-kuwang midakuraku,
gelap ngampar pengucap kunyaut ora nyunduk,
gajah meta kala anembah rep sirep saking kersaning allah.
AJI CIUNGWANARA
Bismillahirohmannirrohiim
Gebyar sepisan sakehing cahya pada sirna,
gebyar pindosakehing roh pada sirep,
rep sirep sejagade kebyar kepyur sibajul lumayu bubar.
AJI BRAJAMUSTI
Bismillahirohmannirrohiim
Sun matek aji aji kubrajamusti
terap-terap awe-awe kuru-kuru
griya gunning prijikuwatu iteming tanganku.
Sun takantem la illahaillallahmuhammadarasulallah.
ILMUKEBAL
Bismillahirohmannirrohiim
Wewes weruh wewes tani sipaningsih
wesipoteh,wesikoneng, wesiwiru, wesiabangan, wesiireng, wesitunggal golanggo lengwonteng
pangaucap sir munasir salam laillahaillallahmuhammaddarasulallah.
AJIPEMAPAG (GENDAM )
Bismillahirohmannirrohiim
Ratu estu tanpa musuh rasa aing tanpa lawan
iya ingsun ratu agung wong sejagade kabeh
nyai yepoe kinasih anteha nu moal aya ku akiena tea,
maung kuru datang ampun,
oray laki datang ngumpi,
badak galak datang nyembah,
pucuk cau datang sembah nya aing sembahen sia
matak seser matak serab nya aing sembahen sia.
AJI QULHUDERGA
Bismillahirohmannirrohiim
Quluderga balik satomoro satumati,
jelmamoro jelmamati
syetanmoro syetanmati,
butamoro butamati
iblismoro iblismati
malingmoro malingmati
sejo alamati saking pitulung ane allahlaillahaillallahmuhammaddarasulallah.
ASIHAN MANDI
Dengdeuleu sima deuleu
ASIHAN
Seureuh seuri
Pinang nanggeng
Apuna galugaet angen
Gambirna pamuket angen
Bakona galuge sari
Coh nyay, parupat nyay, loeko lenyay
Cucunduking aing taruk harendong
Cucunduking aing taruk paku hurang
Keuna asihan awaking
Asihan si leuget teureup
JAMPE NYIMPEN BEAS
Mangga Nyi Pohaci
Nyimas Alame Nyimas Mulane
Geura ngalih ka gedong manik ratna inten
Abdi ngiringan
Ashadu sahadat panata, panetep gama
Iku kang jumeneng lohelapi
Kang ana teleking ati
Kang ana lojering Allah
SAWER PANGANTEN
Bismillahirohmanirohim.
Panggpunten kasadaya,
Kau nu tua ka nu anom,
Sumawon kanu sepuh mah,
Kaula bade nyembahkeun,
Nyi panganten sareng ki panganten.
Atau dalam Sadat Islam :
Sadat Islam aya dua,
Ngislamkeun badan kalawan nyawa,
Dat hirup tangkal iman,
Ngimankeun badan sakujur,
Hudang subuh banyu wulu,
Parentah Kangjeng Gusti,
Nabi Adam pangyampurnakeun badan awaking,
Sir suci,
Sir adam,
Sir Muhammad,
Muhammad Jaka lalana,
Nu aya di saluhuring alam.
BELAJAR
Allahuma hujud bungbang
Nu hurung dina jajantung
Nu ruhay dina kalilipa
Remet meteng dina angen
Bray padang .. Alllah.
Pangmukakeun kareremet nu aya didiri kula
Bray padang,
Brya caang,
Caangna salalawasna
Lawasna Saumur kula.
JAMPE MASAMOAN
Nu ngariung jiga lutung
Nu ngarendeng jiga monyet
Nya aing mandaha !
Maung pundung datang turu
Badak galak datang depa
Galudra di tengah imah
Kakeureut kasieup ku pohaci awaking
JAMPE UNGGAH
Ashadu sahadat bumi
Ma ayu malebetan
Bumi rangsak tanpa werat
Lan tatapakan ing Muhammad
Birahmatika ya arohmana rohomin
JAMPE TURUN
Allohuma ibu bumi
Medal tapak tatapakan
Turun wawayanging ing Muhamad
Birahmatika ya arohma rohimin.
SINGLAR KA MUSUH
(keselamatan)
Curulung cai ti manggung
Barabat ti awang-awang
Cai tiis tanpa bisi
Mun deuk nyatru ka si itu
Mun deuk hala ka si ta
Anaking palias teuing
ULUK-ULUK
(Asihan)
Uluk-uluk nabi daud
Sawara nabi yusuf
Mangka ngapak ngapung
Ngapak ka jumantara
Rohwana sorana
Dideuleuna aing kasep sorangan
Mangka welas mangka asih
Atine.(wong sejagat buana)
Welas asih maring isun
KIKIRIM IMPEN
(Asihan)
Niat isun kikirim impen
Lagi turu tangi kena
Wis tangi indakna
Tekana merene
Maring badan insun
Mangka welas mangka asih
Atine.(wong sejagat buana)
Welas asih maring isun
RIUNGAN
(Asihan-bersaing)
Riung-riung Siga lutung
Rending-rendeng siga monyet
Rupa sia kawas tunggak kawas rajeg
Rupa aing kawas ratu bidadari
Mangka welas mangka asih
Atine.(wong sejagat buana)
Welas asih maring isun
MERUHKEUN MUSUH
(menciutkan nyali musuh)
Sima aing sima maung
Sima manusa satitik manggiri
Satangkal jeung badan
Marah sia geus kapungkas
Sangkiricik ngaran sia keur leutik
Sangkuricak ngaran sia keur budak
Kapingkas kapungkas amarah sia ku aing
Sing asih Welas asih ka diri aing.
RAJAH
Unu-unu di mana ngedeng
Ngedeng tong di mana-mana
Teuing ti peuting saiang
Pertiwi ti beurang Saiang muntara lulun ali-ali
Batara guru bisi datang
Wisaya ti tukang tulang ka saiang
Batara gamblang bisi datang
Wisaya ti gigir bintih ku saiang
Naga gunting bisi datang
Wisaya ti hareup beulit ku saiang
Ngarajah bisi datang
Wisaya ti luhur tuduhkeun ku saiang
Naga gamblang muhung ruping
Bungtan ku layung batara guru.