Nyi Ndit : Heh! Sia keur naon di kebon aing! Maneh rek maling?
Kabayan : Henteu Nyai.
Nyi Ndit : Ah sia! Alesan wae! Ngaku weh ari rek nyopet mah!
Kabayan : Bener Nyai, teu bohong!
Nyi Ndit : Demi naon sia, Kabayan?
Kabayan : Demi Nyi Iteung, Nyai!
Nyi Ndit : Alah, sia! Nyopet mamawa ngaran pamajikan! Hayu milu jeung urang! Urang
ka imah Pa RT!
Kabayan : Duh, nyai! Ulah atuh! Bener abdi teh teu nyopet! Sok mana barang buktina!
Nyi Ndit : (Mariksa Kabayan) Heueuh geuning, euweuh! Jung geura mangkat, sia! Ulah
kadieu deui!
Kabayan : (Lumpat) Dadah, Nyai!!
Kabayan balik ka imahna. Dipapag ku Emak jeung Iteung.
Iteung : Euleuh, akang! Tos dongkap?
Emak Kabayan : Meunang teu Nangka teh?
Kabayan : Meunang atuh, mak! Kolot jeung gede deuih!
Iteung : Mana atuh Nangkana, Kang?
Kabayan : Hoh? Can nepi eta Nangka?
Emak Kabayan : Hah? Nepi kumaha, Kabayan?
Kabayan : Si Nangka teh dipalidkeun, dititah balik tiheula ku kuring! Geuningan can
nepi? Apan eta Nangka teh tos kolot, piraku teu nyaho jalan balik!
Iteung : Heueuh nya, Kang! Eta Nangka teh geuning teu nyaho jalan balik!
Emak Kabayan : Ari sia! Ku belet-belet teuing, Kabayan! Maenya Nangka bisa balik
sorangan! Teu hideng!
Kabayan : Yeuh, si Nangka nu teu hideng mah, Mak!
Emak Kabayan : Hah, ngimpi naon, kuring teh boga anak belet kos sia!
Emak langsung mangkat. Kabayan sareng Iteung, ngantosan eta Nangka di sisi ragasi,
tapi Nangkana teu datang-datang.