Anda di halaman 1dari 6

Legenda Panji Boma

Dina Babad Panjalu atawa carita ti Dayeuhluhhur nyebutkeun yen Anjungsari


teh salah saurang putri ti Karaton Pakuan Pajajaran nu ngungsi ka wilayah
Karajaan Panjalu dina mangsa Pajajaran meh runtag di gempur ku pasukan ti
Cirebon jeung Banten. Bukti ayana arus pengungsi ti Pakuan Pajajaran ka Kawali
jeung Panjalu di catet ku pagawe pamarentah Belanda nu ngarana J.Olivier. Ti
Desember 1821 nepi ka taun 1827 manehna ngalanglang kaayaan wilayahwilayah Priangan jang laporkeuneun ka pusat. Hasil investigasi dicatet dina
bukuna anu judulna Tafereelen en merkwaardigheden uit Oost-Indie (Kajadiankajadian jeung hal-hal penting ti Hindia Timur)
Harita manehna kungsi nyakseni rupa-rupa parabot jeung barang sejenna anu
dibarawa ku nu ngungsi, kaasup diantarana naskah-naskah kuno. Kawali jeung
Panjalu kaasup daerah nu dijugjug sabab aya hubungan historis nu raket antara
Pajajaran jeung Karajaan Kawali. Baheulana Kawali mangrupakeun Karajaan
luluhur Pajajaran. Sang Pamanah Rasa atawa Sri Baduga Maharaja Ratu Haji di
Pakuan Pajajaran anu katelah Prabu Siliwangi, keur leutikna cicing di Kawali
kalayan di asuh ku akina, Prabu Niskala Wastu Kancana anu ngahyang di
Nusalarang, Situ Lengkong Panjalu. (Sang Lumahing Nusalarang). Jadi kaharti
mun arus pengungsi ti Pajajaran sabagean lumpat ka Wilayah Kawali jeung
Panjalu.
Harita kakawasaan di Kawali dicepeng ku raja wilayah anu katelah Maharaja
Sakti atawa Maharaja Kawali. Ngeunaan tokoh ieu identitas anu sabenerna can
kaungkap sagemblengna. Ngan cek kuncen Karamat Panaekan Dayeuhluhur
Jatinagara, Maharaja Sakti teh raina Panji Boma anu jadi raja wilayah di
Dayeuhluhur. Maharaja Sakti jeung Panji Boma teh pada-pada mikabogoh Putri
Anjungsari anu nganjrek di Karajaan Panjalu. Kusabab kitu, nya Raja Panjalu
nyieun saembara anu eusina yen dua raja eta kudu paheula-heula nepi ka Panjalu
dina waktu nu geus ditangtukeun.
Panji Boma jeung Maharaja Sakti dua raja nu kawentar sakti jeung gagah. Ngan
Maharaja sakti mah leuwih pinter. Pas dina waktuna saembara. Panji Boma mah
ngapung naek kana sintung kalapa sedengkeun Maharaja Sakti ku kapinteranana
nyumput dina pesak baju kere Panji Boma bari teu kanyahoan kunu bogana.
Memeh nepi ka Panjalu, Panji Boma ngarasa hanaang, nya anjeuna lungsur heula
neangan cai nginum. Ku sabab suwung, baju kere na di kepretkeun kana gawir. Ti
dinya kaluar cinyusu anu mingkin lila mingkin ngabadagan. Tempat eta kiwari
jadi Situ Ciater, jarakna 500 meter ti Situ Lengkong Panjalu.
Samemeh Baju Kere Panji Boma di kepretkeun, Maharaja Sakti nu nyumput na
pesakna, gancang kaluar bari tuluy mesat muru Karaton Panjalu, jadi nu
pangheulana nepi sakaligus jadi pinunjul dina saembara eta. Kalayan jembar Panji
Boma narima eleh. Singket carita, sanggeus rengse babadamian nangtukeun waktu
jatukrami, duanana mulang babarengan. Palebah lembur anu ayeuna katelah
Selamaya, Maharaja Sakti nyaritakeun lalakon manehna nyumput dina Baju

Kere. Kusabab ngadongengna semu moyok, lila-lia Panji Boma ngarasa ambek.
Keur mah teu hasil meunangkeun mojang kameumeutna, katambah-tambah
hayoh wae di gonjakan ku Maharaja sakti, antukna jadi amarah badag.
Tina heureuy, jadi parea-rea omong, manjang kana pasea, tungtungna der garelut.
Sarwa pada sakti jeung gagah. Ngan lila-lia Maharaja Sakti kadeseh sabada Panji
Boma mesat pedang pusakana. Lebah dinya titis tulis nasib Maharaja Sakti nepi
na waktuna, sirahna ditugel ku pedang Panji Boma dugi ka papisah jeung awakna.
Ahengna, awak Maharaja sakti langsung ngaleungit. Sedengkeun sirahna mah
ngagoler. Hanjakal mah memang tara tiheula, ningali adina binasa ku polahna
sorangan, Panji Boma ngarasa sedih liwat saking. Sirah maharaja Sakti gancang di
pulasara di bawa ka Dayeuh Luhur. Sapanjang jalan, getih ngareclakan kana
taneuh nu diliwatan. Tempat eta kiwari katelah Taneuh Beureum. Lokasina sisieun
walungan Cimuntur nu jadi tapel wates Kacamatan Kawali jeung Kacamatan
Jatinagara.
Sedengkeun sirah Maharaja Sakti robih janten Arca atawa disebutna batu Sirah
Maharaja Sakti. Nepi ka taun 1980-an, sirah arca ieu masih aya keneh di Karamat
Panaekan ngan kabehdieunakeun leungit aya nu maling. Ngeunaan hal eta
dijentrekeun ku Muhidin (70 th) kuncen Karamat Panaekan Malihan mah sanes
batu sirah Maharaja Sakti waenu ical teh nanging sareng, punten- Batu
Kokontolan, Batu Lawang gada, Batu Papatih jeung hiji batu mionir. Ical na teh
enjing-enjing tabuh dalapan. Saur nu ningal mah ditaekeun kana mobil carry
bodas. Kiwari di karamat teh kantun 3 siki batu mionir sareng 3 gundukan
batu. Kitu oge pedang panjang jeung baju kere Panji Boma leungit sabada
diinjeum ku salah saurang warga masyarakat Dayeuhluhur.
Maotna Maharaja Sakti di bewarakaeun ka karajaan Panjalu anu aya di
wewengkon Gunung Sawal. Padahal poe isukna ninggang dina wanci hajat
pangantenan. Teu kacatur kumaha riweuhna kaayaan harita. Mangkaning
ondangan geus nyebar kamana-mana. Kacida wirangna mun nepi ka bolay teh.
Antukna Raja Panjalu menta pertanggungjawaban Panji Boma sangkan daek
ngaganti Maharaja Sakti jadi panganten. Nya disanggupan ku Panji Boma. Ngan
raja Panjalu menta sarat sangkan rombongan Panji Boma ulah telat datang ka
Panjalu. Sarat eta oge disanggupan ku Panji Boma malah make jangji sagala anu
eusina mun kuring telat datang ka Panjalu, kajeun teuing bolay teu jadi kawin
Kulawarga Karajaan Dayeuh luhur gancang tatahar. Nyiapkeun Bebekelan jeung
harta banda seserahan. Hal eta tibalik jeung kaayaan di Karajaan Kawali anu
masih keneh kalimpudan kasedih saprak pupusna Maharaja Sakti. Untung we,
lantaran kawijaksanaan para sesepuh ti dua karajaan, tragedi nu tumiba ka
Maharaja Sakti henteu manjang jadi peperangan. Sabab salian ti masih keneh
padudulur, kajadian eta murni insiden nu teu kahaja, jeung sifatna pribadi teu
mamawa ngaran karajaan.
Kacaturkrun rombongan geus siap. Harita wanci geus reup-reupan. Nu
ngabringkeun teu kaitung lobana. Panghareupna prajurit Karajaan salian saged
mawa pakarang jang jaga-jaga di jalan, oge mawa oncor jang nyaangan jalan.

Barisan kadua kulawadet karajaan ngaping Panji Boma ditumbu ku barisan nu


ngarangkut harta seserahan panganten bareng jeung rahayat rek milu nyakseni.
Barisan pamungkas di kawal ku barisan Prajurit karajaan. Abringan teh ngaleutngaleut ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang. Peuting baranang ku
cahaya oncor, tingkaretipna jiga sisit naga. Kitu mun di wawas mah.
Sanggeus ngaliwatan Winduraja, rombongan mimiti mandeg mayong. Aya
kaanehan nu karasa ku nu naranggung barang, saprak anjog di lelewek urut
galungan Panji Boma jeung Maharaja sakti. Barang-barang nu di bawana mingkin
karasa beurat. Nepi ka tungtungna rombongan teh eureun da nu maranggul jeung
nu naranggung ting jaloprak teu kuat mawa babawaanana. Najan barang sagede
peureup oge karasa puluhan kati beuratna. Sagala cara pikeun ngungkulan
masalah eta di kerahkeunkeun, kokolot karajaan hantem mapatkeun jampe
panyinglar jurig. Saban nu apal kana jangjawokan teu eleh deet milu
tinggerendeng. Tetela kabeh ge teu hasil. Angger teu kaangkat. Kitu deui basa
Panji Boma nyoba-nyoba ngangkat barang, bari ngetrukeun kasaktenna, kalah kah
gogobrot kesang, barang-barang teh teu ongget-ongget bangun aya nu maseuk
kuat kacida. Anehna hiji ge diantara rombongan euweuh nu inget kana kajadian
galungana Panji Boma jeung Mahara Sakti. Justru lebah dinya teh, tempat
ngaleungitna raga Maharaja Sakti. Engkena tempat eta katelahna Selamaya (Sela
= ngahalangan, maya=samar).
Lajuning carita. Kusabab muru waktu sangkan ulah kabeurangan, tungtungna
harta seserahan teh ditinggalkeun, ku jalan dirungkupan ku taneuh. Bakat ku loba
teuing, gundukan taneuh teh jadi mangrupa pasir leutik anu disebut Anjung. Di
tempat eta boga kaahengan nyaeta nepi ka kiwari tara aya pepelakan atawa
tatangkalan nu jadi, iwal ti jukut. Ti baheula nepi ka ayeuna angger kitu. Panji
Boma neundeun batu badag sabage tanda yen didinya aya harta pendeman
manehna. Ngan hanjakal lalampahan teh kaburu kapegat ku sarangenge padahal
karaton Panjalu jauh keneh. Antukna Panji Boma teu nuluykeun maksudna, ngan
angger ari nepungan Raja Panjalu mah dipentingkeun pikeun sasadu. Ku Panji
Boma di dongengkeun ngeunaan halangan harungan nu karandapan ku
rombonganana.
Raja Panjalu nu weruh disemuna dijelaskeun yen nu nyababkeun barang-barang
jadi beurat teu bisa diangkat teh lantaran, kahalangan ku raga gaib Maharaja sakti
nu teu rido Anjungsari rerendengan jeung Panji Boma. Sabab sabenerna
Anjungsari teh samemehna geus bobogohan jeung Maharaja Sakti ti jaman keur
di Pajajaran keneh ngan hubunganana rerencepan. Jadi teu aneh mun Anjungsari
ngungsina ka wewengkon Panjalu, henteu milu jeung rombongan sejen nu
ngungsi ka Pulasari Pandeglang. Tangtu tujuanana pikeun ngadeukeutan Maharaja
Sakti anu dibenum jadi raja wilayah Kawali.
Panji Boma teu apaleun kana love story na Maharaja Sakti, da mun apal mah moal
maksakeun bogoh komo deui milu saembara mah. Sedengkeun pikeun Maharaja
Sakti ayana saembara eta jadi jalan pikeun ngaresmikeun hubunganana, sabab
harita Anjugsari keur kakandungan. Naha atuh henteu kawin ti baheula ?
samemeh kajadian panji Boma tepung jeung Anjungsari, jigana aya hiji rahasia

anu nyimbutan Anjungsari basa nganjrek di Pajajaran nu nyababkeun


hubunganana jeung Maharaja Sakti teu wani terang-terangan alias backstreet.
Mungkin wae Anjungsari teh geus dijodokeun kanu sejen, atawa Anjungsari teh
salah sahiji selir pangawasa Pajajaran harita.
Sakadar keur ngabanding-banding, aya katerangan meunang nyutat tina buku
Sejarah Jawa Barat kenging Drs. Yoseph Iskandar nyaeta dina mangsa Pajajaran
Sirna Ing Bumi. Didinya dijelaskeun sabada Sang ratu Dewata pupus teras
digentos ku putrana anu jenenganana Ratu Sakti dina taun 1551 M. Ratu Sakti
nyaeta raja Pajajaran nu kaopat nu boga sifat kejem jeung telenges. Kalakuanana
sakadaek sakahayang teu malire kana etika nagara. Rahayat nu teu dosa rea nu
dipaehan bari dirampas harta bandana kalayan euweuh kaera. Ka kolot teu teu
babakti, ka pandeta teu ngahormat. Ratu Sakti oge kungsi ngarebut rara hulanjar
atawa mojang nu geus tunangan. Puncak ka teu etisanana nyaeta basa anjeuna
ngawin indung terena nu geus jadi rangda.
Tah kusabab kalakuanana goreng kabina-bina antukna Ratu Sakti diturunkeun
tahtana taun 1551 M. Ngan ti saprak turun tahta teu kacaturkeun lalampahan Ratu
Sakti teh. Naha manehna dipiceun ? dipaehan ? atawa ngan ukur diturunkeun
pangkatna. Misalna jadi penguasa wilayah satingkat adipati ? taya nu nyaho. Ngan
mun di jiga-jiga mah boa-boa Ratu Sakti teh Maharaja Sakti tea. Sedengkeun
Anjungsari leuwih merenah disaruakeun jeung rara hulanjar tea. Meureun eta ge.
Sabab tokoh-tokoh eta hirup dina dua alam. Lalakon Ratu Sakti hirup dina alam
sajarah nu geus kasusud, sedengkeun Maharaja Sakti, Panji Boma jeung
Anjungsari hirup na alam legenda anu can nepi disebut sajarah.
Balik deui kana lalakon Panji Boma. Sabada rengse nguping katerangan ti Raja
Panjalu, Panji Boma mulang deui ka Dayeuhluhur. Ngan tisaprak harita Panji
Boma ngecagkeun kalungguhanana salaku raja. Anjeuna ngisat diri, ngalalana
pikeun ngasah jiwa jeung ragana sangkan leuwih asak. Panji Boma di kurebkeun
di Dayeuhluhur nu aya di Jawa Tengah. Sabenerna lalakon Panji Boma aya buku
babadna. Ngan hanjakal buku eta leungit taun 1980-an. Panjang sareng rame.
Tilu dinten nembe tamat, harita abdi oge nuju budak keneh. Cek Muhidin nu
kungsi ngadangukeun eusi carita Babad Panji Boma ti Mahmudin bapana.
Hanjakal lalakon Panji Boma ti Muhidin teu lengkep sakumaha eusi bukuna.
Muhidin semet nyaritakeun gurat badagna wungkul bari sapotong-sapotong.
Sedengkeun sumber sejenna aya dina carita Galur Panjalu, eta ge ngan saukur
pancakaki dina silsilah Arya Sacanata. Disebutkeun yen Arya Sacanata teh putra
Dipati Natabaya anu nikah jeung Apun Emas. Ari Apun Emas teh nyaeta putra
Maharaja Kawali jeung Anjungsari. Najan kateranganana ngan sakotret tapi geus
mere gambaran tina perkara raketna hubungan antara Maharaja Sakti jeung Apun
Anjung. Sabab dina buku babad Panjalu teu kacaturkeun tokoh nu ngarana Panji
Boma. Ti generasi Apun Emas nu dipigarwa ku Dipati Natabaya nepi ka turunanturunanana ngabogaan silsilah jeung riwayat anu jelas sabab rata-rata nyepeng
kalungguhan jadi bupati atawa pangagung penting di kabupaten-kabupeten nu
sumebar sa tatar sunda.

Karaton nu Can Rengse


Di sabudeureun Batu Susun kurang leuwih aya opat karamat anu lokasina teu pati
pajauh. Nyaeta Karamat Buyut Landung Sataun, Karamat Buyut Gangsa,
Karamat Astana Ageung, jeung Karamat Pasarean. Diantara opat karamat eta nu
dianggap boga pangaruh keur warga Cikupa nyaeta Karamat Astana Ageung.
Tokoh Buyut Landung Sataun jeung Buyut Gangsa Margadipa mangrupakeun
Tokoh ulama Islam nu gede jasana dina nyebarkeun Agama Islam di wewengkon
Sikahurip, Cigintung jeung Cikupa. Sedengkeun Karamat Pasarean nyaeta sumber
cai nu dipercaya ku sawareh warga ngandung kakuatan magis. Cek beja mah
didinya teh sayangna oray sabab loba liang cai di sabudeureunana. Caina di
kamalirkeun pikeun nyaian pasawahan jeung dipake kabutuhan sapopoe ku
masyarakat.
Riwayat Karamat Astana Ageung mah masih keneh napel na ingetan kuncenna
nyaeta Abah Sopandi (80 th). Anjeuna geus 18 tahun ngarawat Astana Ageung.
Karamat Astana Ageung mangrupa komplek pamakaman kuno to abad 14. jumlah
makamna aya kana 12 tetengger. Tokoh nu boga peran utama ayana dina jero
wangunan anu katelahna Eyang Mandala Pandita Sakti jeung Putri Geulis
Sapoe. Duaanana asalna ti Pajajaran masih keneh rerehai Prabu Siliwangi.
Waktos sumping ka Cikupa diiring-iring ku 40 ponggawa. Sedengkeun Putri
Geulis Sapoe di aping ku 2 emban anu jenenganana Nawangwulan sareng
Nawangsari. Sumpingna ka daerah dieu teh ngungsi margi harita Cirebon nuju
ngagempur Pajajaran. Cek Abah Sopandi. Malahan mah Abah Sopandi oge
nyebutkeun ngaran raja anu ngawasa Karajaan Panjalu nyaeta Prabu Cakradewa
anu puseur pamarentahanana aya di wewengkon Gunung Sawal.

Jigana ngaran Eyang Mandala Pandita Sakti jeung Putri Geulis Sapoe teh lain
ngaran sabenerna, saukur gelaran atawa lalandian wungkul. Eyang Mandala
Pandita sakti nepi ka danget ieu can kakoreh saha-sahana. Ngan ari Putri Geulis
Sapoe mah bisa di jentrekeun ku katerangan ti salah saurang kokolot di lembur
Cigintung (samemeh Cikupa). Cenah mah Putri Geulis Sapoe teh nyaeta calon
panganten istri anu teu janten nikah. Disebut geulis sapoe teh pedah anjeuna
dina poe eta didangdanan sageulis-geulisna pikeun ditikahkeun. Ngan hanjakal
panganten pamegetna teu sumping alatan kamusibahan. Cek eta kolot nu
ngarana embung ditulis.
Nilik tina katerangan eta jigana Putri Geulis Sapoe teh taya lian ti Anjungsari nu
gagal diistrenan alatan Maharaja Sakti kaburu tiwas ku Panji Boma. Sedengkeun
batu-batu anu geus mangrupa kontruksi wangunan, atawa Batu Susun tea, bisa
jadi eta teh tempat atawa kaputren anu geus disiapkeun ku Maharaja Kawali keur
Apun Anjung. Ngan hanca gawena teu dituluykeun da kapegat manten ku ayana
musibah. Kitu deui ngeunaan ngaran Walungan Rompe. Nepi ka ayeuna walungan
eta tara disebut Cirompe sakumaha ilaharna ngaran walungan sejenna (Cimuntur,
Citanduy, Cisadane, Ciliwung jrrd), keukeuh urang Cikupa mah nyebutna
Walungan Rompe. Tah, cek kokolot diluhur dijentrekeun ngaran walungan eta

dicokot tina kajadian basa Putri Geulis Sapoe malidkeun rampe kembang
pangantena awahing ku sedih jeung kuciwa liwat saking. Nya ti harita walungan
teh disebut Rompe.
Ti saprak Anjungsari ngalahirkeun Apun Emas, ceunah mah Anjungsari teh
pindah ka Selamaya ka lebah wewengkon tempat nguburkeun harta banda Panji
Boma nalika rek seserahan tea. Nya maksud na mah meureun rek ngadeukeutan
raga gaib kakasihna nyaeta Maharaja Sakti. Matak ngaran pasir leutik eta disebut
Anjung sawatara taun katukang loba masyarakat nu kawenehan ningali putri
geulis ngurilingan Pasir Anjung. Nepi ka tungtung taun 1980 mah aya keneh nu
sok kawenehan. Ngan saprak tangkal Caringin jeung batu badagna ditugar jang
nyieun jalan, geus tara aya nu kawenehan deui.
Cek nu ngawarung peuntaseun Pasir Anjung mah Nyi Putri teh ngalih ka beh
wetan. Aya kajantenan aheng saprak batu sareng tangkal caringin di tugar,
harita taun 80-an, nuju haneut moyan ngadadak aya angin ageung kacida anu
asalna ti Anjung maju ka kalerkeun, malihan bumi anu kalangkunganana ratarata rareksak, tiharita Apunianjung tara aya nu kawenehan ningal, rupina ngalih
panginten jalaran batu sareng caringinna di tugar.
Boma. Diantarana, nepi ka taun 80 an, ka Pasir Anjung jeung Batu Susun sok aya
nu jaroh nyiar harta kakayaan. Dina mangsa eta keneh, hubungan masyarakat
Winduraja Kawali jeung Dayeuhluhur Jatinagara kurang harmonis alatan kajadian
gelutna Panji Boma jeung Maharaja Sakti, kaasup mitos nu nyebutkeun yen urang
Dayeuh Luhur jeung urang Kawali teu meunang ngajodo kawin, samemeh
rawayan awi atawa sasak gantung Cimuntur nu nepungkeun dua daerah eta can
jadi sasak tina beton.
Kabehdieunakeun hubungan warga di dua daerah eta raket deui. Jigana, legenda
Panji Boma geus meh kapopohokeun utamana ku generasi kiwari, katurug-turug
sasak beton geus diwangun kalayan tohaga. Warga Dayeuhluhur (sakumaha
dijelaskeun ku Kuncen Muhidin) rata-rata kahirupanana basajan, jarang aya nu
nanjung dina masalah kakayaan. Mitos ieu disababkeun harta banda Karajaan
Dayeuhluhur geus pindah bageanana ka wewengkon Winduraja nalika Panji
Boma rek seserahan tea. Wallahu Alam.

Anda mungkin juga menyukai