Anda di halaman 1dari 18

KELIPING

BIANTARA JEUNG PAGUNEMAN

NAMA

KELAS

: X-IIS 1

STUDY

: BAHASA SUNDA

SMA NEGERI 1 BANTARUJEG


2014/2015

BIANTARA
1. Biantara Ngeunaan Kabersihan
Assalamualaikum Wr. Wb.
Wilujeng Enjing Sadayana.
Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas X nu dipikacinta.
Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos
maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah
urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.
Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha
pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga
lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang
kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak,
meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah
kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.
Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala
kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang.
Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.
Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep
saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Hatur nuhun kana perhatosanana.
Wassalamualaikum wr.wb.
2. Biantara Ngeunaan Pendidikan
Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh
Alhamdulillahi robbil alamin. Wassholatu wassalamu ala Muhammadin. Waala alihi
washohbihi azmain. Amma badu

Bapa-bapa, ibu-ibu anu dipihormat tur dipiajrih ku sim kuring.


Teu kakantun hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT.
Langkung tipayun sim kuring muji syuur ka Alloh ku ngedalkeun Alhamdulillahi robbil alamin
wireh dina ieu waktos tiasa ngadeg di payuneun parabapa, paraibu miwah hadirin kanggo
ngadugikeun biantara.
Sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka panutan alam, nabi anu pinuji nyaeta
Nabi Muhammad SAW. Ka kaluwargina ka parasohabat sareng ka umatna anu taat kana
pituturna. Amin ya robbal alamin.
Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT.
Neda widi ka sadayana, dina ieu waktos sim kuring seja ngadugikeun perkawis program wajib
belajar salapan taun anu ayeuna nuju dilaksanakeun.
Tujuan pamarentah ngedahkeun sadaya warga nagara ngalaksanakeun wajar dikda 9 taun the
sanes kanggo ngahontal cita-cita bangsa Indonesia anu kaunggel dina Tujuan Pendidikan
Nasional nyaeta ngahontal masyarakat anu sampurna. Dina babasan urang mah manusa anu
cageur, bageur, bener, pinter, tur singer.
Kanggo umat islam program belajar the diwajibkeun tur teu diwatesanan 9 taun tapi wajib ti
kawit dibabarkeun dugi ka maot.
Sakumaha pidawun Rosululloh SAW Tolabul ilmi faridotun ala kullil muslimin walmuslimat
minal mahdi ilalahdi.
Naging nu dimaksad program wajar dikdas 9 taun mah nyaeta program diajar di pendidikan
formal. Murangkalih anu yuswana 7 dugi ka 15 taun kedah diajar di sakola ti SD dugi ka SMP.
Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin anu dimulyakeun ke Alloh SWT.
Ieu program pamarentah moal tiasa kalaksanakeun upami teu aya gawe bareng ti sadaya lapisan
masyarakat, utamina ti para sepuh nu kagungan murangkalih ti yuswa 7 dugi ka 15 taun.
Mugi-mugi ku cara rempug jukung sauyunan, gawe rancage sadaya lapisan masyarakat ti kawit
pejabat dugi ka rahayat ieu program tiasa dilaksanakeun kalayan hasil nu nyugemakeun.
Pamungkas, sadaya pamaksadan moal tenekanan upami teu aya ridho Alloh SWT. Ku kituna
urang sami neneda ka Mantenna mugia sadaya paneja urang diijabah. Amiin Ya Alloh Ya Robbal
alamin.
Rupina sakitu nu kapihatur, bilih aya catur nu ngalantur, aya basa nu teu luyu sareng tetakrama,

mugia sadayana jembar manah nghapuntenna.


Wassalamualaikum warohmatuloohi wabarokatuh.

3. Biantara Ngeunaan Lingkungan


Assalamuallaikum...Wr..Wb
Bapak-bapak kalih Ibu-ibu anu ku sim kuring di pihormat , Langkung ti payun mangga urang
panjatken puji ka gusti anu maha suci, puja kagungan anu maha kawasa, syukur kagungan Allah
nu maha gofur. Salawat sareng salam mugi-mugi di kucurkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi
Muhammad Rosulullah S.A.W. atuh teu hilap urang sadaya anu janten umatna mugia kenging
rahmat sareng safaat ti manten-na jaga di yaomil akhir Amin Yarobal Alamain.
Ibu-ibu, wargi hadirin sadayana. Ku ngalangkungan ieu acara Alhamdulillah urang tiasa kempel
ngariung pa teuteup wajah di ieu tempat mugi kenging ridho Allah Swt. Amin Yarobal
Alamain.
Wargi hadirin sadayana, sim kuring utusan ti darma wanita kecamatan Bantarujeg, panginten
urang moal wanoh pami teu wawala, moal apal pami teu patepang. Naon atuh anu bade di
carioskeun teh? Teu aya sanes seja nutur jalur carita lingkungan nu aya di sabudeuren
wewengkon sim kuring nyaeta kacamatan Bantarujeg.
Wargi hadirin sadayana ; upami ku urang di titenan hiji-hiji nikmat ti Allah Swt. Tangtos moal ka
etang

anu

pantes

sareng

payus

ku

urang

di

tafakuran

sareng

di

syukuri.

Syukur dina istilah Islam,


Syukur nyaeta urang tumarima wireh sadaya nikmat ti Allah Swt sareng urang tiasa
ngalaksanakeun sadaya kawajiban anu di parentahkeun ku Allah Swt sareng ninggallkeun naonnaon anu di larang ku Allah Swt.Hirup sareng kahirupan urang aya dina hiji lingkungan ieu teh
mangrupakeun anugrah ti Allah Swt sapertos sim kuring hirup di lingkungan kecamatan
Bantarujeg hiji kacamatan anu tebih tina karamean, lingkungan nu teu kinten tebih tina
kasampurnaan naon anu dipiharep ku pamarentah jaman kiwari, Bantarujeg anu disebat desadesana aya di pagunungan ti desa ka desa jalan naek turun anu jumlah sadayana 13 desa. Rupina
Bantarujeg kadua paling ujung anu kalebet kabupaten majalengka, tiap para padamel anu di

tugaskeun ka bantarujeg sok nyebatkeun di buang, padahal anu tos ngalaman hirup di lingkunga
Bantarujeg sadayana oge sok ngaraos nyaman sareng betah.
Tapi sok sanaos tebih ti kota kabupaten, Alhamdulillah di lingkungan Bantarujeg aya salah sahiji
sumber daya alam mangrupa batu anu tiasa di reka-reka warna-warni bentukna sareng tiasa di
manfaatken kanggo kaperyogian masyarakat Bantarujeg khususna. Salain ti eta tiasa oge di
kintun kasetiap pelosok-pelosok bahkan dugikeun ka aya anu tos tiasa di ekspor ka luar negeri.
Sagedengeun ti eta aya deui hiji batu anu kacida gedena tur matak resep ningalina, upami saur
bahasa Indonesia-mah di sebatnateh gunung yang tidak berbaju nyaeta gunung buligir namina,
anu legana kinten-kinten sahektar, tah ieu teh hiji gunung anu tiasa di anggo rekreasi ku
masyarakat ti setiap pelosok, salain ti eta sok biasa oge di anggo taman rekreasi ku murang kalih
sakola upami nuju liburan sakolana, katambih deui ku masyarakat anu ti luar kabupaten
Majalengka, padahal eta gunung mung sakadar gunung tanpa aya wahana anu di jieun ku jalma
estuning dadamelan Allah Swt. Sok kitu deui upami masyarakat lingkungan bantarujeg tiasa
ngarawat ka eta tempat rekreasi panginten tiasa nambahan kana panghasilan masyarakat desa
Silihwangi. Mung panginten kanggo ningkatkeun sumber daya alam eta teh kedah meryogikeun
modal, ieu nu janten implengan warga masyarakat atanapi lingkungan Bantarujeg.
Bu, ayeunamah lingkungan Bantarujeg teh teu kakantun-kantun teuing, boh tina soal
pendidikan, ekonomi, sosial. Margi satiap lingkungan tos aya sumber daya alam kanggo
ningkatkeun hirup jeung kahirupan masyarakat.Rupina sakitu anu tiasa kapihatur caritra
ligkungan di sabudeureun kacamatan Bantarujeg, kirang sareng langkungna neda di tawakuf anu
saageung-ageungna.
Billahi taufik walhidayah,
Wassallamualaikum warahmatullah wabarokatuh.
4. Biantara Ngeunaan Ngamumuk Kandaga Budaya Sunda
Assalamualaikum Wr.Wb.
Bapak kalih ibu anu bade ngaregepkeun biantara-biantara simkuring, urang titenan kahirupan

kiwari seueur pisan tontonan ti luar nagara urang, dipikaresep ku barudak ngora, anu sepuh oge
sami Jati kasilih ku junti teu minosea kana seni budaya, margi di Indonesia ti sabang dugi ka
maroke seueur pisan seni budaya.
Di pulo Jawa bae aya budaya Jawa jeung Sunda.
Ku hal kitu dina biantara ayeuna bade bantun tema Ngala lele kasamawa meunang dua,
ngamumule kandaga Budaya Sunda.
Naon atuh ari budaya the? Ceuk emutan simkuring Budaya the hiji kamonesan atanapi
kapanigelan, boh dina seni atanapi dina kaolahan, tangtos ibu bapak tumaros naha kadaharan
make lebet kana budaya?. Urang ngabantun conto: babantal, comro, misro, nutuan bubuy
bawang, tutuan sareng cikur, beuleum sampeu ditambih parud kalapa gegetuk ngarana moal aya
di Amerika, iwal Obama meureun apaleun, pedah kungsi di Indonesia.
Dina widang seni di latar Sunda seueur pisan, aya rengkong, reog, celempungan bajidor,
jaipongan, wayang golek, sareng nu sanesna. Budak ngora ayeuna sok ngaleos upami ngadangu
kacapi, suling. Kop nu kitu mah keur nu huisan. Abdi mah resep rok en roll, dag, dig, dug jreng..,
bress, hebat euy.
Padahal upami dilenyepan, ngemprangna sora kendang, ngerelikna sora suling kabawa angin
peuting, hawar-hawar cianguran matak nyerep kana hate sumanambah kana bayah, kendang
penca mani ngemprang, hut, het anu ngigelna kiwari ampir sirna. Nu matak ahli seni budaya
atawa pamarentah geus nyieun wadah sapertos IPSI, ngawangun sanggar pikeun ngamumule seni
budaya , utamina di tatar sunda kango urang mah. Piraku ari urang Amerika bisa kana budaya
Sunda ari urang teu resep, teu malise, heunteu reueus urang kudu jadi benteng budaya Sunda.
Wargi-wargi sadaya sakitu nu kapihatur tina tanahal, garehal teu keuna kana undak usukna basa,
sakali deui umajak ka balarea urang mumule seni budaya urang.
Urang Jepang bisa nyieun pedang, urang reureus bisa nyieun jodang, tong mangmang tong
hariwang kang Darso ge bisa hirup senang.
Wassalamualaikum Wr.Wb.

5. Biantara Ngeunaan Internet


Assalamualaikum.wr.wb
Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang
panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta
hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu.
Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu
parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna Pangaruh
Internet Ka RumajaHadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring
hoyong medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ; pangaruh internet
tina segi positif sareng tina segi negative.Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet
tiasa diakses dimana wae, cukup modal hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku
ngamodal duit sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di unggal juru jalan, rek di kota atanapi di
desa, ayeuna mah geus loba warung anu ngajual jasa internet atawa anu mana sok disebut
warnet.Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae
anu aya di internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang ngabalikeun
talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon hubunganna jeung siswa ? tangtu pohara
seueurna hubungannana internet di jaman kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu
namina informasi sareng elmu. Internet teh nyaeta media anu pang efektifna sarta gampang
diakses dimana wae jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh
bisa oge disalah gunakeun jeung salah dina narepkeunana. seueur pisan fasilitas internet
minangka sarana kriminalitas atanapi asusila.Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji
contona nyaeta :Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs situs,
gambar gambar, atawa video video anu teu sawajarnaKacanduan gim online nepikeun ka
poho kana sagalaBisa katipu tina iklan iklan di internetTapi aya oge segi positifna :
Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun
guru nerangkeunBisa nambah rerencangan dina jejaring social, jsbRumaja nyaeta makhluk anu
rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja biasana sok nurutkeun anu dominan anu aya
disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun urang bisa bijak ngagunakaeun internet keur
kamajuan diri sarta pribadi urang sorangan.Sakitu wae biantara ti simkuring, hatur nuhun atos
merhatikeun, akhirul kecap.
Wassalamualaikum wr.wb

6. Biantara Ngeunaan Kaagamaan


Assalamualaikum Wr. Wb.
Puji sareng sykur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina dinten ieu urang tiasa
ngariung patepung lawung, salawat sareng salam mugi tetep ngocor ka kanjeung Nabi
Muhammad SAW sareng ka kaluwargina katut kopara sohabatna anu gaduh kamuliyaan, teu
hilap ka sadaya umatnaAmin..
Hadirin anu dipikahormat !
Beriman kana qodo sareng qodar jeung seueur ngandung manfaat diantarana nyaeta bisa
nguangatkeun kaimanan jeung katakwaan, bisa nyadarkeun yen saenyana sagala sesuatu anu
kajadian eta tos diatur ku Alloh swt, sareng ayana qodo jeung qodar bisa numbuhkeun kateguhan
hate jeung kasabaran sabab musibah atawa rintangan nu dihareupan eta ngarupakeun katetepan
Allah swt, jadi heunteu aya hiji mahluk anu mampu ngarubahna salain izin ti Allah swt, hiji jalmi
moal bisa ngahindar atawa ngelak ti katetepan Allah sanajan manehna nyamuni.
Iman kana qoda sareng qodar bisa numbuhkeun ti Allah, sareng bisa ngadorong pikeun terus
ngucapkeun syukur ka Allah swt, upami usahana tiasa untung sabab sadar yen kauntunganana
ngarapkeun karunia ti Allaoh swt, kaimanan kana qoda sareng qodar bisa ngadorong kanggo
bersikap tegar, sabar, sareng henteu putus asa, dina mayunan musibah.
Jeung upami urang meunang musibah jadi bacaan anu sae anu kudu urang ucapkeun nyaeta
bacaan istirja
Anu hartosna :
saenyana sagala sesuatu anu gaduh Allah swt sareng saenyana nyan Allah urang sadaya mulih.
Sakieu heula ti abdi, upami aya cariosan anu marenah di hate, abdi nuhun di hapeunten wal affu
mingkum.
Wassalamualaikum wr.wb

7. Biantara Ngeunaan Perpisahan

Assalamualaikum Wr. Wb.


Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama badu
Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana
dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat walafiat.
Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad
SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah
taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat,
nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat
dina raraga acara perpisahan kelas salapan.Henteu karaos parantos tilu taun urang aya didieu. Nu
mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilaf abdi
ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru
anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru
sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna
kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru
kenging walesan ti Allah SWT. Amin.Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya.
Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah
datang ti Allah SWT.
Wabilahitaufik walhidayah wassalamualaikum wr.wb

8. Biantara Ngeunaan Kabudayaan


Assalamualaikum Wr. Wb.
Ibu guru anu ku simkuring dipihormat. Teu kalangkung rerencangan sadayana. Langkung ti
payun, mangga urang sami-sami muji syukur ka Gusti Nu Mahaangung, margi mung barokah
sareng rohmat mantenna urang tiasa ruing mumpulung dina kasempatan ieu.
Hadirin sadayana, dina danget ieu sim kuring bade nepikeun pidato ngenaan watek budaya
Sunda. Ari sunda teh asalna tina kecap su anu hartina alus anu ngabogaan unsur kana kasaean.
Watek sunda anu ku simkuring dipimaksad nyaeta cageur, bageur, singer, jeung pinter.
Harti kecap sunda teh luhur pisan nyaeta gumilang. Harti kecap eta heuteu ngan dilarapkeun dina

panampilan , tapi aya dina manah urang sunda sadayana. Dina kahirupan urang sunda seueur
pisan kabeungharan seni jeung budayana. Salah sahijina nyaeta Tarling. Tarling singketan tina
gitar suling, mimiti munculna di wewengkon Cirebon jeung Pantura iawa barat jaman Balanda,
taun 1935-an.
Tarling pepek ku sarupaning kamonesan. Aya seni sarimpi, jeung tari topeng minangka bubuka
acara. Pareng nincak bulan hajatan teu di desa teu di kota, masarakat rea nu nanggap tarling.
Harita tarling kaitung anu pangpayuna diogan ku nu boga hajat. Mung pangaruh dangdut anu
diwanohkeun dina taun 70-an ngajadikeun tarling direformasi jadi Tarling dangdut. Beuki dieu
tarling klasik kadeseh ku organ tarling anu teu merlukeun modal gede. Beuki dieu kasenian
tarling beuki kadesek ku kasenian modern pangaruh tina globalisasi, jiga music pop jeung rock.
Seni gitar suling atawa tarling cirebonan anu kungsi dopikaresep kiwari ukur waasna . lagu-lagu
taling ngan ukur kadenge dina kaset . komo sangeus ditinggalkeun ku maestro-maestrona.
Para hadirin sadayana, urang teh keudah ngiring ngamumule kasenian urang. Kasenian anu jadi
kabeungharan urang tong neupi kageugeus ku kasenian luar anu ngajadikeun urang poho kana
kasenian jeung kakayaan budaya sorangan.
Sakitu wae ti simkuring , pamungkasna mugi-mugi taopek sareng hidayah gubrag ka urang
sadaya.
Wassalamualaikum Wr. Wb.
9. Biantara Ngeunaan Kamendekaan
Assalamualaikum.wr.wb
Bapak kapala sakola anu ku simkuring dipikahormat, bapak/ibu guru anu dipikahormat sareng
hadirin tamu uleman nu ku simkuring dipikahormat saderek sadaya ti kelas tilu sareng adi-adi
kelas hiji anu ku simkuring dipikacinta.Puji syukur urang sanggakeun ka tuhan nu maha esa anu
geus ngalimpahkeun rahmat na ka urang sadaya jeung urang tiasa kumpul didieu dina kaayaan
sehat

walafiat.

Hadirin anu salinggihPikeun nyambut HUT kemerdekaan indonesia anu ka-65 pendidikan anu
tos aya salama ieu, hayu urang tingkatkeun pelajaran anu leuwih bermutu sareng pangajaran
atawa pangarahan ti guru anu propesional sarta pangarahan sareng perhatian ti orang tua.
Hadirin anu salinggih.

Salain ti eta urang sadaya kudu inget ka para pajuan atawa pahlawan anu geus mempertaruhkeun
jiwa ragana kanggo negara uarang nyaeta negara nega indonesia, sareng jasa-jasa guru anu geus
ngabimbing urang, ngajarkeun urang sadaya pikeun urang tiasa jadi penerus bangsa anu alus
atawa pikeun berguna ka bangsa jeung nagara.
Hadirin anu salinggih.
Kirana teu kenging deui aya perpecahan sarta permusuhan, pembunuhan , sareng seueur deui
kajadian anu sanesna. Mudah-mudahan jeung samangat 45 urang ngabangun nagara ku sifat anu
sayang-menyayangi, saling ngahormatkeun , tolong-menolong, pikeun terjalina kaharmonisan
saperti nu urang harapkeun, pikeun jadi nagara anu sejahtera. Ku kituna hayu urang sukseskeun
reformasi gelombang ka-2 pikeun terwujudna kahirupan berbangsa nu makin sejahtera,
demokratis, sareng berkeadilan.
Hadirin anu salinggih.
Rupina cekap sakieu biantara ti simkuring. Hapunten bilih aya saur teu kaukur basa teu kareka
atanapi ucap anu kirang dina larapna.
Wasslamualaikim.wr.wb

10. Biantara Ngeunaan Bahaya Rokok

Assalamualikum Wr.Wb
Ibu Guru pangajar anu dipihormat,
Sarta Rerencangan sadaya anu dipikareueus,
Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur kahadirat Allah SWT, nu parantos
masihan mangpirang-pirang nimat ka urang sadaya, utamina nimat sehat sahingga urang sadaya
tiasa kempel di kelas ieu. Teu hilap solawat sinareng salam hayu urang panjatkeun ka junjungan
urang sadaya Muhamad SAW ka kulawargina, para sohabatna, sarta urang salaku umatna dugi ka
akhir jaman, amin.
Kuring ngadeg didieu teu aya lain nyaeta bade ngadugikeun tema nyaeta bahaya bahaya roko.
Sapertos ibu sarta rerencangan sadaya mun nu nami na roko tos teu asing deui di golongan
barudak sakola sapantaran urang. Tapi ayeuna mah ti mimiti budak sakola nu ngangge seragam

bodas beureum, bodas biru, komo bodas biru tos hampir sadaya nyobian nu nami na roko. Komo
tos aya nu jadi pecandu roko. Kabiasaan para pelajar ngaroko teh lantaran karayu ku iklan iklan,
ku rerencangan na, sarta kasalah pahaman mun roko tiasa ngajadikeun diri urang tenang, tapi eta
teh salah pisan. Roko tiasa nenangkeun urang, tapi ukur sasaat, ai bahaya namah bakal karaos
salilana. Bahaya roko teh diantara na resiko kanker, paru-paru, jantung, impotensi ,
ti sagi reproduksi, ngroko
di umur dini bisa ngabalukarkeun impotensi sarta ngurangan jumlah sperma dina lalaki sarta ngu
rangan tingkat kesuburan dina wanoja. Eta mung sababaraha contoh bahaya roko, tapi seueur
keneh bahaya bahaya roko nun lain.
Jalmi anu ngaroko teh sami eujeung ngasupkeun racun ka diri sorangan, mun kasar namah nu
ngaroko teh sami sareng bunuh diri sacara lalaunan. Jalmi nu ngaroko oge sami sareng ngaduruk
artos, komo pelajar mah sami sareng ngadurukan artos kolot urang nu tos banting tulang milarian
artos kangge ngabelaan urang, tapi artos namah malahka di durukan.
Rerencangan sadaya, nu teu acan nyobian roko kahade ulang cobi cobi ngaroko lantaran bahaya
roko teh seueur pisan sareng nimbulkeun resiko beurat sampe ngakibatkeun maot ku bayaha
bako na. Nu tos jadi pacandu roko, hayu urang enggal lirenan kabiasaan awon eta. Langkung sae
upami artos nu biasa di durukan eta urang kempelkeun kangge meser anu leuwih mangmapaat.
Tos seueur korban gara gara roko, tong sampe urang jadi korban saterusna.
Dupi mung sakieu nu tiasa kuring dugikeun, hapunten bilih aya kasalahan aya kata kata anu
magut kanu ati. Margi kasampurnaan datang na ti Allah SWT, kasalahan datang na ti diri abdi
nyalira. Mugi mugi biantara kuring ieu mangpaat kangge sadayana.
Wassalamualikum Wr.Wb

PAGUNEMAN

1. Paguneman Ngeunaan HUT Bandung


Desi: Neng, dupi ari di kampung Eneng pami HUT Bandung sok aya lomba-lomba tara?
Eneng: osok, mung tara sarame dinu sanesna, da nu ngiringanna tara seueuran.
Desi: naha? teu rarame panginten lomba-lombana?
Eneng: ah da nu ngaramekeun mah pamaenna rek sakumaha teu rame lombana ge Des.
Panginten teu level ngiringan nu karitu teh.
Desi: muhunnya da pidunya we orang kota mah. Tapi ari saur abdi mah, ngeusi acara HUT
Bandung teh mending ku sholawatan sasarengan, maos yasin sasarengan, ngadu'a sasarengan,
teras merogramkeun ngarencanakeun Bandung ka hareupna sangkan leuwih alus.
Eneng: muhun ogenya daripada ku hura-hura teu puguh mah, duit hambur, Alloh teu suka,
lingkungan bala, alah satuju pisan Des abdi mah.
2. Biantara Ngeunaan Tugas
Dina hiji poe wanci bada ashar, aya barudak anu keur gawe bareng. Eta kelompok teh aya 2
urang asli Sunda jeung 2 urang asli jawa di imahna Siti.
Jecko : Assalamualaikum.. kulonewun! (logat jawa medok)
Siti : Waalaikum salam, mangga kalebet! (Siti ngajorowok ti dapur)
Jecko : Punten Nduk, kulo boten gowo mangga!
Isah : (Keur aniprek bari mukaan buku)
Duh! Ujang kasep lain buah mangga tapi sok kadieu lebet!
Jecko : Oh! Kotah, nduk nuwun sewu yo. Kulo duduk ujang kulo ikuh
Jenengane kulo Jecko alias jawa kowek.
Isah : Ih teu disebatkeun nami anjeun oge abdi mah tos apal,
Nami anjeun ti baheula teh jecko, Euh Dasar !!
Siti : (mawa nginum jeung opieun)
Atos atuh nya parasea wae!
Jecko : Opo sih, Atos ?? Watu tah??
Isah : Eh dasar jawa-jawa teu ngartos-ngartos wae! (Isah gogodeg)
Siti : Mas maksute kulo, atos iku, wesan bae!
Jecko : Oo!! (Jecko unggeuk)
Inah : (Inah nu titatadi cameutem karek ngomong)

Hayu atuh urang ngerjakeun tugas teh, ngobrol naon deui,


Maraneh teh abdi mah teu ngarti ?
Siti : Nya matakna di ajar ngarah bisa.
Inah : Heueuh lah kumaha Siti wae lah!
Siti : Iyeu lain tugas teh nyieun karangan fiksi!
Isah : Au ah poek urang mah!
Inah : Eh ke heula kan Jecko can bisaeun basa sunda kumaha atuh ?
Siti : Kan ayeuna bari cena diajar.
Isah : Ditampi nya! (naros Siti bari nyandak endog puyuh)
Jecko : Opo iku, Enok tah?
Siti : Lain enok Jeck, endog!
Jecko : IyoEnnookk
Isah : Endog didieu mah aya oge Ceu Enok nyaho teu?
(Kabeh sareuri, ngan tinggal si Jecko ngahuleng)
Isah : Inah maneh mah jempe wae
Inah : Atuh da lieur abdi mah teu ngartos da aya si Jecko, atos nya..
Abdi mah uih heula. (beberes buku)
Siti : Ih.. kumaha? ieu ge can beres, tereh magrib deuih? (Siti bingung)
Isah : Nya atos atuh yu Ieu tuh abdi meunang sms dipiwarang uih.
Jecko : Duh goro-goro kulo ngomong jowo bae, kerja kelompoke ora
dadi, soale jenengan ora podo mboten ngertos opo sing kulo
omongne tapi kulo ne ikut wangsul ae yo??
Siti : Sing ati-ati ning dalane yo!
Isah : Siti ke dinten minggon urang teraskeun nya..
Inah : Enya, nya engke urang bari liliwetan.
Jecko : Iyo kulo setuju setuju
(Jecko abrag-abragan bungah)
Assalamualaikum (kabehan)
Siti : Waalaikum salam
3. Biantara Ngeunaan Berobat

Pasien

: Dokter, kuring gering mata unggal nginum kopi pasti kumat.

Dokter

: Ah euweuh hubunganna ngopi jeung gering mata

Pasien

: Ih Dokter, tempo ieu mata mani beureum!

Dokter

: Eh enya. Beureum pisan siga urut ditonjok

Kabeneran di meja dokter aya kopi sagelas


Dokter

: Cikan praktekeun kumaha nginum kopi teh !

Pasien ngagoak tarik .. tapi tetep nginum kopi dokter nepika beak saat jeung hampashampasna.
Dokter

: Teundeun heula sendokna ulah diantepkeun na gelas, pantesan nyeri mata kacolok ieu

mah!!!
4. Biantara Ngeunaan Miling Proklamasi
Hilman : "Agustusan taun 2014 ayeuna mah sigana bakal ram geura Pop."
Popi : "Naha ku naon kitu?"
Hilman : "Enya, apan umur kamerdkaan nagara urang th panceg 69 taun."
Dwi : "Ah, enya. Di tempat urang rk aya raraman naon wa, nya?"
Agus : "Alusna mah diayakeun pertandingan man bal, sing ram pisan."
Hilman : "Ngan kana man bal wa manh mah."
Agus : "Ih, da enya, mun aya man bal mah resep. Naon resepna psta Agustusan ukur tarik
tambang, balap karung, balap sndok, jeung man rebutan mah?"
Avip : "Yeuh, ari miling proklamasi th udaganana lain ukur resep jeung ram. Anu penting
mah urang kudu sukuran. Kapan merdka th meunang hs cap, tur kudu ditebus ku
pangorbanan anu kacida gedna."
Agus : "Alah, kawas enya manh nyaho jeung milu ngalaman."
Avip : "Heueuh, sayah g ceuk bja, cenah kitu nebus kamerdkaan th. Urang mah ayeuna ngan
kari senangna. Barang gubrag ka dunya th nagara geus aman. Teu ngamalan ririweuhan, teu
kungsi hirup balangsak."
Popi : "Ih, mani kawas kolot Avip mah ari nyarita th."
Dwi : "Kapan bakal jadi kolot engk g, lain?"
Avip : "Enya lah..."

Agus : "Pokokna mah psta Agustusan th kudu ram, nya ta ku ngayakeun pertandingan man
bal."
Hilman : "Ih, manh mah geus kana man bal deui atuh!"
Agus : "Ari enggus, lamun uing resep, rk naon? Manh mah kitu ari ka nu resep man bal th
sok sirik."
Popi : "Enggeus, Hilman, tong dilayadan si Agus mah, tara dak lh omong!"
5. Biantara Ngeunaan Kaleungitan Duit
Barbara: Jessicaa naha Anjeun kasampak kitu hanjelu?
Jesicca: Kuring ngabogaan sawatara masalah Barbara.
Barbara: Naon anu Lumangsung jeung Anjeun Jes?
Jessica: Kuring pohara bingung Alatan duit kuring leungit.
Barbara: Naon? Naha Anjeun serius? Sarta iraha?
Jesicca: Kamari.Kuring sieun pikeun nyarita kalawan ibu kuring ngeunaan hal ta.
Barbara:
Jesicca, lamun Anjeun ngabogaan sawatara masalah Anjeun kudu nyarita kulawarga Anjeun>
Jesicca: Enya, tapi kalawan saha? Ayahku henteu di imah kuring.
Barbara: Nurutkeun pamadegan kuring, Anjeun kudu nyarita kalawan ibumu, sarta Anjeun kudu
nyarita ngeunaan masalahAnjeun. Ibumu baris mengerti jeung Anjeun.
Jesicca: Naha Anjeun mikir kitu?
Barbara: Baruk enya, ulah sieun Jesicca, Kabhanana alus.
Jesicca: Hemzz,, ok, kuring baris nyarita jeung Ibu.
Terimakasih kuring pikeun bongbolongan Anjeun Barbara.
Barbara: Hatur nuhun Jesicca henteu hanjelu deui ok,,

6. Biantara Ngeunaan Hayang Motor


Di isuk-isuk po, Arya hayang meuli sapdah motor. mangka pendekatan arya
pande pikeun ngaregepkeun bongbolongan timanhna
arya: Hai pande,

Pande: Hai Arya,


Arya: pande, kuring hayang meuli sapdah motor isukan. Haruskah kuring meuli Ninja
bermotor atawa supra bermotor?
Pande: kuring pikir, Anjeun kudu meuli motor Ninja.
Arya: Naha kitu?
Pande: Alatan kuring hayang meminjamnya, he he....
Arya: ta ideu anu alus, tapi duit kuring teu mahi. Naha Anjeun ngabogaan rekomendasi naon
og?
Pande: Naha kau henteu meuli sapdah?
Arya: Wow, ta ideu anu pohara alus
Pande: Enya,
Arya: Bisakah Anjeun marengan kuring pikeun meuli manhna?
Pande: Enya kuring bisa,
7. Biantara Ngeunaan Liburan
Eric: Hi,Arfan. Kumaha wartos anjeun poe ieu?
Arfan: Hi Eric. Abdi sae-sae wae. Kumaha kalawan Anjeun?
Eric: Abdi sae-sae wae. Kumaha liburan Anjeun?
Arfan: Eta metot pisan. Abdi mios ka seueur basisir di Indonesia
sepertos,Parangtritis,Kuta,Ujung Satia,sarta seueur basisir anu langkung endah.
Eric: Eta kitu nyenangkeun abdi ngamanah.
Arfan: Nya tangtos wae. Abdi resep Indonesia sarta abdi megatkeun yen dina sadaya liburan
abdi,abdi kedah ngadatangan tempat di Indonesia.
Eric: disangka ku kuring kitu. Aya kitu seueur tujuan liburan di nagara urang anu tiasa
dieksplorasi sarta didatangan. Jabi basisir,Anjeun atos ngadatangan tempat-tempat sanes?
Arfan: Henteu. Basisir nyaeta tema liburan abdi sarta kumaha liburan Anjeun?
Eric: Abdi rasa ieu teh liburan nyongcolang dina hirup abdi.
Arfan: Benarkah? Naon anu Anjeun pigawe?
Eric: Abdi meakkeun sadaya wanci abdi kanggo ngagabung kalawan pausahaan bapa kuring.
ditu,abdi diajar seueur perkawis ngeunaan bisnis sarta kumaha pengelolaan bisnis bapa kuring.

Barobah kaayaan saurang pangusaha nyaeta impen abdi sarta abdi sepertos meunangkeun
kasempetan sabot abdi didamel kalawan seueur pagawe ditu.
Arfan: .Abdi ajeng Anjeun bade barobah kaayaan entrepreneur nyongcolang di Indonesia.
Eric: hatur nuhun Arfan.

Anda mungkin juga menyukai