Februari taun 2014, abdi sakaluarga maen ka daerah
Dago atas. Kadituna subuh subuh. Jalan na teh ngan saukur jalan satapak. Mobil brenti di deukeut batu nu gede pisan. Abdi turun, terus ka batu eta. Sejuk pisan. Ti batu eta abdi ningal Kota Bandung pinuh ku gedung. Asa pagede gede gedung teh. Saatos ti ditu, abdi sakaluarga milari warung. Teu jauh ti tempat batu nu tadi, aya warung leutikn pisan. Abdi sakaluarga masuk weh bari mesen teh panas. Abdi ningal ka sakitar warung. Dipojok, abdi ningal aya awewe nuju tungkul, rambutna panjang, bajuna bodas bersih siga daster. Abdi teh teu mikir nu aneh-aneh. Abdi ngalihkeun pandangan. Pas ningal deui ka pojok, eta awewe tos teu aya. Langsung weh abdi merinding. Abdi nanya ka ibu nu gaduh warung. Ibu warung teh meni kucel kuleuheu tapi bageurna dua jempol. Nah ceuk Bu warung, Naon neng da abdi mah teu gaduh istri. Makin merinding abdi teh. Tapi emangna sok aya wae nu kitu mah. Tos biasa ibu mah. Abdi ngan ngangguk bari nginum teh haneut. Sapartos eta, abdi sakaluarga uih. Pas dijalan, abdi ningali deui awewe nu tadi di warung. Langsung weh abdi nutupan muka make bantal bari ngadoa.