Anda di halaman 1dari 8

DIGLOSIA

Diajengkeun Pikeun Nyumponan Pancen Mata Kuliah Sosiolinguistik


ti Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd

Disusun ku:
WIWIN WIDANIAWATI
NIM 0910007

PROGRAM MAGISTER PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA


SEKOLAH PASCA SARJANA
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
2010

DAFTAR EUSI
Cover Depan

Daftar Eusi

Panjajap

Bubuka

Panutup

Daftar Pustaka

Pangjajap
Puji sinareng syukur ka Alloh SWT, nu parantos maparin nimat ka simkuring nu sakitu seueurna,
diantawisna simkuring tiasa ngarengsekeun pedaran perkawis diglosia.
Ieu pedaran disusun dina raraga nyumponan pancen matakuliah Sosiolinguistik anu didugikeun
ku kersana Ibu Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd,. mangrupi bagean tina kuliah Sosiolinguistik di
Program Studi Pendidikan basa jeung Budaya Sunda, Sekolah Pascasarjana UPI bandung.
Harepan simkuring , ieu pedaran teh aya mangpaatna boh keur simkuring, boh kanggo sing saha
wae nu maos ieu pedaran, utamina kanggo ngajembaran pangaweruh sabudereun ulikan
Sosiolinguistik.
Hatur sewu nuhun ka sadaya pihak nu parantos ngarojong, dugi ka ieu pedaran tiasa
karengsekeun. Utamina ka pangersa Ibu Dr. Hj. Nunuy Nurjanah anu parantos masihan piwuruk
sareng rarambu kanggo ieu makalah. Oge ka rerencangan mahasisiwa angkatan kadua sareng
katilu Program Studi Pendidikan Basa jeung Budaya Sunda, nu teu weleh ngagedur sumangetna
sareng midulur bari ngadeudeul ku rupining bantosan nu teu tiasa diwincik hiji-hijina.
Pamungkas, tangtosna ieu pedaran teh rumaos heureut pakeun pungsat bahan. Munasabah
saupami ieu pedaran the seueur kakirangan. Ku eta hal, kritik sareng saran ti sadayana kalintang
diajeng-ajengna.

Tasikmalaya, 21 September 2010


Nu Nyusun

BUBUKA
Basa mangrupa salasahiji pakaya sosial nu moal eureun luyu jeung kamekaran pamakena.
Pamikiran manusa jeung tingkah paripolah manusa ditandaan ku gejala alami nya eta
parobahan. Parobahan mangrupa hiji ciri nu ngabedakeun kadar universal umat manusa.
Parobahan ngagunakeun basa lumangsung dina kahirupan, ti hiji suasana ka suasana
lianna. Ieu hal teh bisa nyababkeun parobahan aturan jeung norma. Parobahan basa salawasna
dibarengan parobahan sosial.
Basa nu dipake dina interaksi sosial luyu dumasara kaidah sosial budaya nu didukung
antara anggota masarakatna. Pamahaman kana rupa-rupa kaidah teh relevan, boh sacara praktis
pikeun kaperluan panyatur dina paguneman nu dipake ku masarakat atawa pikeun kajian basa,
utamana sosiolinguistik nu nalungtik ilmu basa dina hubunganna di masarakat.
Pedaran
Istilah diglosia mimiti dipake dina basa Perancis diglossie nu diserep tina basa Yunani
(dwibahasa) ku bahasawan Yunani Ioannis psyycharis. Ahli basa Arab William
Marcais oge ngagunakeun taun 1930 pikeun nuliskeun situasi basa di Arab.
Diglosia nya eta hiji situasi basa nu relatif stabil, dimana aya pembagian fungsional tina
varisi-variasi basa nu aya di masarakat. Maksudna nya eta aya bedana antara ragam formal atawa
resmi jeung non formal atawa teu resmi. Diglosia ngabahas ngeunaan ngagunakeun ragam basa
luhur jeung ragam basa handap dina hiji kelompok masarakat.
Diglosia mimiti diwanohkeun kana literatur sosiolinguistik ku CharlesFerguson (1959) pikeun
ngagambarkeun situasi kabasaan di Yunani, nagara Arab, Swis jeung Haiti.. Di unggal nagara aya
dua basa nu beda. Katharevusa jeung dhimtiki di Yunani, al-fusha jeung ad-dirij di nagara
Arab,schrift, sprache jeung scheizerdeutsch di Swis, francais jeung creole di Haiti. Nu disebut
munggaran nya eta ragam basa luhur(L) nu dipake dina situasi resmi, sedeng nu disebut kadua
disebut ragam basa handap(H) nu dipake dina situasi sapopoe nu teu resmi.
Di masarakat diglosia nu nyarita basa Arab, basa nu digunakeun di imahna versi basa Arab lokal
kalawan aya saeutik variasi diantara pamake nu nyakola jeung nu teu nyakola. Tapi lamun hiji
jalma kudu nepikeun ceramah di masjid atawa nepikeun kulih di paguron luhur, kudu make
ragam basa Arab standar.
Konsep Diglosia numutkeun Furgeson dina Sumarsono jeung Partana (2002:190), para panyatur
hiji basa make ragam nu tangtu dina situasi lianna, satuluyna make hiji situasi nu dijerona aya
dua ragam basa nu hirup babarengan di masarakat.
Satuluyna, Furgeson netelakeun yen diglosia teh diwangun ku 9 rupa, nya eta:
Pungsi
Pungsi nya eta kriteria nu paling penting dina hiji basa. Sabab dina hiji basa aya dua
tahapan nu beda nya eta nu hiji ragam luhur jeung hiji deui ragam nu handap. Pungsi ragam luhur
pikeun ragam formal, sedeng pungsi ragam handap pikeun informal, kekeluargaan jeung santai.
Ragam luhur ngalaman proses basa baku jeung kudu diajarkeun di sakola, tapi teu unggal
jalma ngabogaan kasempetan pikeun diajar. Sabalikna, ragam basa nu dipake dina situasi teu
resmi nya eta ragam basa nu dipake sapopoe di imah. Ieu ragam teu
jadi sasaran proses basa
nu baku.Ku kituna, ragam basa handap henteu nyampak salaku pangajaran di sakola, masarakat
nu ngagunakeunna dianggap handap. Kamampuh hiji jalma kana ragam-ragam basa nunjukkeun
nyakola henteuna hiji jalma. Ku kituna, saha nu ngan ngawasa ragam handap wungkul ngarasa
era sabab nyirikeun tingkat atikanna nu handap.
Prestise
Prestise hubunganna jeung sikep panyatur dina masarakatna. Ragam luhur leuwih unggul, leuwih
gagah jeung leuwih nalar. Ragam handap dianggap leuwih handap, malah ku ayana ge leuwih
dileuleungit. Lamun urang ngacu kana pamanggih Furgeson, bisa disebutkeun yen basa Indonesia
mangrupa ragam luhur, sedng basa daerah mangrupa ragam handap.
Jaman ayeuna basa Indonesia mibanda prestise nu tambah lila tambah luhur, sedengkeun basa
daerah tambah lila tambbbah nyirorot.
Nu dimaksud prestise basa nya eta tingkat rasa kareueus makena basa nu dipake ku panyaturna.
Ku kituna, prestise basa bisa ditingali dumasar sikep panyatur kana basana sorangan, boh
panyatur asli atawa panyatur asing.
Naek jeung turunna pretise basa biasana ditangtukeun ku sababarah hal, nya eta (1) tingkat
kamampuh basa salaku alat komunikasi, jeung (2) tingkat kamajuan masarakat nu ngadukungna
4

(Samuel, 1996:29). Basa Indonesia mimiti luhur prestisena, sabab basa Indonesia ngabogaan
kamampu nu alus. Bangsa Indonesia nu ngadukung basa Indonesia ge keur mekarkeun peradaban
nu ku masarakat modern ayeuna dianggap luhur.
Wangun tradisi nulis
Wangun tradisi nulis ngacu kana lobana kapustakaan nu ditulis dina ragam luhur. Kabiasaan nulis
ayeuna mangrupa tradisi mangsa baheula.
Narimana basa
Ragam handap dipake pikeun komunikasi jeung barudak jeung dipakena diantara barudak nu
nyababkeun ragam handap dipake sacara normal jeung sacara teu sadar makena ge. Ragam luhur
mah sok jadi basa tambahan biasana ngaliwatan pangajaran formal di sakola.
Pembakuan
Ku sabab rasa prestise jeung hal lianna, ragam luhur leuwih diutamakeun dina ngabakukeun basa.
Kamus, tata basa, buku pituduh lapal jeung buku-buku ngeunaan ngagunakeun basa nu bener
ditulis dina ragam luhur.
Stabilitas
Diglosia dipiharep supaya salawasna aya dua ragam basa nu dipake ku masarakat tutur
Tata basa
Ngeunaan ciri tata basa, aya bedana antara kaidah ragam luhur jeung ragam handap, sok sanajan
duanana mangrupa basa nu sarua.
Kabeungharan kecap
Boh ragam luhur, boh ragam handap ngabogaan kabeugharan kecap , tapi dina situasi diglosia
aya kecap nu ngabogaan pasangan, kadang oge aya kecapa dina ragam luhur, dina ragam handap
teu nyampak atawa sabalikna, dina ragam handap aya, sedeng dina ragam luhur teu nyampak.

Fonologi
Sistem sora ragam luhur jeung ragam handap ngawangun struktur fonologi tunggal. Fonologi
ragam handap mangrupa sistem dasar, sedeng unsur-unsur fonologi ragam luhur mangrupa sub
sistem jeung para sistem (sistem luhur), tapi teu bisa disebutkeun aya dua struktur nu beda.
Dina situasi diglosia urang bakal manggihan ayana tahapan basa dina basa daerah nu aya di
Indonesia, saperti b basa Jawa, Sunda, Bali jeung Madura nu masing-masing ngabogaan ngaran.
Dina masarakat Sunda disebut undak-usuk basa, di jerona aya aturan tata basa nu ngatur
tingkatan ragam basa handap jeung ragam basa luhur saperti basa cohag (ragam kasar), basa loma
(ragam pikeun sasama), basa sedeng( ragam sedeng atawa tengah), basa lemes (ragam lemes). Di
jawa aya basa ngoko (tingkat paling handap), krama (tengah) krama inggil (tingkat luhur). Boh
dina basa Sunda, boh dina basa Jawa masing-masing boga ukuran sewang-sewangan nu diaku ku
masarakat pamakena.
Tahapan basa teh ngabogaan fungsi sosial, sok sanajan ayeunan fungsi sosial teh hese diteangan.
Baheula tahapan basa saperti dina basa Sunda jeung basa Jawa bener-bener digunakeun luyu
jeung tahapan sosial masarakatna oge luyu jeung kaayaan suasanana. Dina basa Jawa, contona
krama inggil dipake pikeun sastra ( kaasup tembang) sedeng pikeun paguneman sapopoe
ngagunakeun basa ngoko. Kitu deui dina basa Sunda, waktu hiji budak ngomong jeung saurang
guru teu bisa ngagunakeun basa loma. Tapi kudu ngagunakeun basa lemes.
Makena tahapan basa daerah lain dumasar topik paguneman, tapi ku saha (golongan atawa kelas)
jeung pikeun saha. Di masarakat Bali aya kasta-kasta di masarakatna nu make aturan tahapan
basa. Contona, kasta handap ngagunakeun basa handap pikeun sasamana jeung basa luhur pikeun
kasta nu leuwih luhur.
Status jeung Jarak Sosial

Basa daerah disebut oge basa kahiji atawa basa indung, dina kanyataan makena basa ku
panyaturna dikasangtukangan ku kondisina sewang-sewangan. Kondisi mitra tutur ngawengku
hubungan panyatur jeung mitra panyatur. Ieu hal teh ngawengku status sosial jeung jarak sosial.
Anggapan panyatur kana dua hal ieu nangtukeun panyatur pikeun milih basa nu dipakena.
Status Sosial
Status sosial mitra panyatur mangrupa kondisi mitra panyatur dina suasana nyarita nu
ngawengku: kakuasaan, pakaya tingkat atikan, turunan jeung umur.
Aspek kakawasaan hubunganna jeung sistem stratifikasi sosial ngeunaan kakuasaan nu
ditandaan ku jabatan. Kakawasaan nu leuwih bakal mere kasempetan ka hiji pihak pikeun
ngadalikeun pihak lianna. Dina milih basa, panyatur bakal leuwih sangeunahna dibanding
panyatur nu leuwih handap kakawasaanna.
Tingkat atikan kaasup ciri status sosial nu nangtukeun milh makena basa.Ciri status sosial
hiji jalma nu aya hubunganna jeung atikan bakal kapanggih dina bahan pagunemanna ngeunaan
jejer caritaan nu panganyarna ngeunaan atikan, politik jeung masalah-masalah sosial.
Masarakat ngahargaan atikan hiji jalma salaku bagean tina tingkah paripolah tata krama
dina hirup kumbuh sapopoe. Ku kituna, lamun hiji jalama boga tingkah paripolah nu teu luyu
jeung tatakrama dianggap jalma nu teu nyakola.
Turunan hiji jalma nandakeun status sosial hiji jalma nu jadi pananda kelompok sosial nu
tangtu, ku kituna wajar lamun hiuji jalma ngahargaan jalma dumasar kana turunanna, sabab aya
hal pikareueuseun dina eta turunan.
Tingkat Kaakraban
Salasahiji paktor nu nangtukeun dina milih makena basa nya eta tingkat kaakraban
panyatur jeung mitra panyatur. Kaakraban antara panyatur jeung mitra panyatur bakal aya lamun
duanana ngabogaan rasa deukeut. Ku kituna, diantara duanana moal aya rasa kagok dina
komunikasi, sabab antara panyatur jeung mitra caturna geus aya rasa akrab.
Dina kanyataan hirup sapopoe lamun hiji jalma make basa lemes bakal nimbulkeun rasa
kagok pikeun mitra caturna, tapi lamun nu digunakeunna basa loma bakal nimbulkeun rasa akrab
jeung nyalse.

PANUTUP
Diglosia dipake pikeun nyirikeun ayana panyatur basa nu ngagunakeun rupa- rupa ragam
basa di hiji tempat, dipakena gumantung kabisa, status jeung kaayaan
Ciri-ciri situasi diglosia nu paling penting nya eta ngahususkeun fungsi masing-masing
ragam basa. Ragam basa luhur digunakeun husus dina situasi-situasi formal saperti kagiatan
kaagamaan, biantara, kuliah, siaran warta atawa tajuk rencana nu aya dina koran. Sabalikna
ragam basa handap biasa dipake dina situasi-situasi nyalse saperti paguneman sapopoe di
kulawarga, paguneman jeung babaturan.

Daftar Pustaka
Alwasilah, A. Chaedar. (1993) . Pengantar Sosilogi Bahasa. Bandung: Angkasa.
Arimi, Sailal. (tanpa taun). Ihwal Metode Penelitian Sosiolinguistik. Tersedia:
http://sailalarimi.blogspot.com/2009/04/ihwal metode penelitian sosiolinguistik.html. (7
September 2009).
Aslinda dan Leni Syafyahya. (2007). Pengantar Sosiolinguistik. Bandung: PT.Refika Aditama
Hudson, R.A. (1998). Sosiolinguistik. Bandung: Yayasan Amal Keluarga
Sumarsono. (2002). Sosiolinguistik. Yogyakarta: SABDA & Pustaka Pelajar