Anda di halaman 1dari 3

PANGARUH TEKNOLOGI

Teknologi informasi dina mangsa kiwari geus jadi pangabutuh anu teu bisa dipisahkeun jeung
kahirupan masarakat di kota atawa di desa lain ngan ukur jalma nu boga kapentingan husus di
widang bisnis atawa urusan penting sejena, tapi barudak sakola oge geus diwanohkeun jeung eta
teknologi, nu dipiharep sangkan bisa ngigelan jaman teu katinggaleun kalindes ku wanci nu
beuki maju.
Sumebarna eta teknologi bisa mawa pangaruh nu hade, oge bisa nimbulkeun pangaruh goreng,
hal eta gumantung ka jalma nu ngagunakeun eta teknologi.
Rupa-rupa wujud hasil teknologi diantarana bae Han Phon jeung komputer, di lingkungan
barudak sakola eta dua ngaran geus teu aheng deui. Lantaran eta barang geus jadi kaulinan anu
teu saeutik meakeun waktu jeung waragad, temahna bisa ngalantarankeun barudah sakola poho
kana waktu nu utama keur diajar, tepi teu sakabehna kitu aya oge nu ngamanpaatkeun eta
teknologi keur kaperluan diajarna.
Kaparigelan nonoman dina ngakolakeun eta teknologi kawilang nyongcolang upama seug
dibandingkeun jeung kolot-kolotna, tapi dumasar kana hal eta kolot barudak kudu taliti tur surti
dina nalingakeun ketakna barudak ulah nepika salah lengkah tur pamolah, ku alatan teknologi
anu salah ngalarapkeunanana
Teu kurang ti welasan warnet nu ngadeg meh disaban tempat, warnet-warnet kasebut baris
nedunan pangabutuh barudak sakolah pikeun kaperluan diajar atawa migawe tugas pikeun nu
can ngabogaan komputer atawa leptop sorangan.
Teu saeutik balukar anu goreng alatan teknologi informasi kiwari nu tumerapna ka rumaja, geus
loba kajadian anu kaalaman ku rumaja alatan internet upamana bae malesna diajar, runtagna
ahlak alatan lalajo pintonan nu teu payus keur barudak, jual beli barang haram jeung sajabana.
Kahariwang kolot, alatan eta teknologi geus jadi alesan pikeun nalingakeun budakna sangkan
teu jadi korban pangaruh gorengna, tapi manfaatna kawilang gede kacida pikeun kamajuan
sagala widang.
Komputer jeung sabangsana kacida pisan pentingna dina sagala widang, boh kusabab bisa
ngarengsekeun urusan kalawan gancang tur rapih, ngawasa elmuna kacida diperlukeunana
pikeun ngungkulan jaman jeung ngjawab tangtangan kahirupan.

KASAIMBANGAN HIRUP
Assalamualaikum Wr.Wb.,
Puji syukur mangga urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Alloh SWT anu parantos maparin
kanikmatan iman sinareng Islam dugi ka dangeut ieu urang sadayana masih dina kaayaan sehat
walafiat sahingga tiasa ngalaksanakeun salah sahiji kawajiban hirup urang sadayana nyaeta
ngalaksanakeun ibadah jumat di masjid ieu.
Sholawat sinareng salam mugia tetep kacurahlimpahkeun kanggo junjungan urang sadayana,
Nabi Muhammad SAW., ka para sahabatna, ka para tabiit tabiin anu satia dugi akhir zaman anu
insya Alloh kalebet oge urang sadayana.
Dina kasempetan ayeuna khotib masihan wasiat khususna kanggo pribados nyalira sareng ka
jamaah jumat sadaya, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan ka Alloh
SWT ku ngalaksanakeun sagala parentahna sareng ngajauhan sagala laranganna supados
kenging ridho ti mantenna. Alloh SWT nyiptakeun manusa teh kalayan makhluk anu
panghadena di dunya ieu, jeung dibere akal sarta nurani. Sajabi ti janten hamba Alloh oge janten
kholifah di bumi anu dipaparin kawajiban pokok nyaeta ibadah. Dawuh Alloh SWT dina surat
adz-dzariat ayat 56 : Jeung Kuring (Alloh) henteu nyiptakeun jin jeung manusa teh teu aya lian
pikeun maranehna kacuali nyembah ka Kawula. Nyembah dina harti luas nyaeta sagala rupa
bentuk pangabdian atawa ibadah nu hade didasaran parentah Allah jeung sakumaha Rasulullah
parantos nyontohkeun dina ngalaksanakeunna, boh ibadah langsung ka Alloh (Hablu minalloh)
atanapi ibadah kasasama manusa (hablu minannas). Sajabi ti eta oge, manusa teh kudu bisa
ngalola jeung ngamanfaatkeun naon-naon nu ku Gusti Alloh ciptakeun di dunya ieu pikeun
kasejahteraan hirup manusa sebab nu kitu teh masih keneh kaasup kana ibadah.
Hadirin Rohimakumullah,
Urang sadayana yakin yen sagala urusan dunya nu disinghareupan baheula nepi ayena ieu,
sanajan urang ngadekul teu euereun-eureun beurang jeung peuting moal aya beakna jeung
tungtungna salila hawa masih kaluar tina irung, pagawean jeung pangabutuh teh bakal datang.
Salaku jalma nu boga iman mah kudu bisa ngatur jeung ngatasi perkara eta. Sabab lamun urang
teu bisa ngatur jeung ngabatasan pangabutuh hirup urang leuwih bahayana leungiteun
kabahagian

hirup

jeung

kasaimbangan

hirup

dina

kahirupan

sapopoe.

Alloh Maha Adil nyiptakeun kabeh mahluk teh aya pasanganna samodel langit jeung bumi,
daratan jeung lautan, halodo jeung hujan, lalaki jeung awewe leuwih tina hal eta jasmani jeung
rohani. Patali tina sakian ciptaan nu hade, geus sakuduna urang bisa miara jeung ngatur sanajan

sawareh oge nu aya kaitan jeung hajat (pangabutuh) urang salaku manusa supaya bisa maju,
lancar, sauyunan tur saimbang, utamana mah pangabutuh jasmani jeung rohani eta.
Kasaimbangan dina pandangan Islam teh nyaeta mangrupikeun faktor nu penting, malahan jadi
tujuan jeung cita-cita hirup keur muslim. Sakumaha parantos ditetelakeun dina Al-Quran surat
Al-Baqoroh ayat 201 :Jeung di antara maranehna aya jalma anu ngadoa : Nun gusti,
pasihan diri kami kasaean di dunya sareng kasaean di akherat sareng piara diri kami tina siksa
seuneu naraka. Leuwih jelasna deui Rasululloh ngadawuh dina hadits nu diriwayatkeun ti
Ibnu Asyakir : Jalma nu niggalkeun urusan dunya ngan saukur pikeun akherat teh lain jalma
nu hade, kitu oge jalma nu ninggalkeun urusan akherat ngan saukur pikeun dunya kacuali
lamun manehna meunangkeun dunya jeung akherat babarengan sabab dunya teh jalan keur ka
akherat jeung urang teh ulah jadi beban keur batur.
Hadirin Rohimakumullah,
Tina ayat Quran jeung hadits di luhur meunang kasimpulan sapertos kieu :
1. Urang sadayana dituntut kudu bisa nyaimbangkeun miwah kapentingan lahiriyah duniawiyah
jeung kapentingan ruhaniyah ukhrowiyah, ulah dugi kabeurat sabeulah komo lamun
mentingkeun salah sahijina. Duanana kudu saimbang, sajalan, sauyunan jeung saarah. Sakumaha
conto saimbang jeung saarahna rel kareta api teu bisa jangkung sabeulah, sabab bisa
ngakibatkeun kareta api nyangeyeng malahan bisa tiguling.
2. Dunya teh mangrupikeun jambatan keur nuju akherat. Dunya ieu lain tujuan sabab fana nu
sawaktu-waktu geus ditangtukeun ku Gusti Alloh pasti bakal ancur jeng binasa ka asup manusa
nu bakal balik nyinghareupan ka nu nyiptakeunana nyaeta Alloh SWT.

Hadirin Sidang Jumat Rohimakumulloh,


Mung sakieu rupina khutbah nu tiasa didugikeun dina kasempetan ayeuna, mugia aya manfaat
khususna kanggo khotib sareng umumna ka para jamaah salaku kaum muslimin. Mugia Alloh
SWT maparin kakiatan Iman tur kataqwaan dina ngalaksanakeun kahirupan urang sadayana
sahingga tiasa ngajalankeun parentahna sareng ngajauhan sagala laranganna nu akhirna Gusti
Alloh maparin karidhoan-Na. Amin Ya Robbal alamin.
Wassalamualaikum Wr.Wb.

Anda mungkin juga menyukai