Anda di halaman 1dari 13

B.

SASAKALA
Gunung tampomas
Kacaritakeun, Gunung Ged anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora pohara
pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna kaluar haseup campur
lebu anu hurung. Ieu gunung kawas-kawas ark bitu. Rahayat Kabupatn
Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Kumaha balukarna lamun ta
Gunung Ged bener-bener bitu?
Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan ta bupati th pohara
towksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can kalaporan
g anjeunna parantos uningaeun, kumaha tagiwurna rahayat. Anjeunna teras
ngmutan sangkan bisa nyalametkeun rahayatna
Ku pangjurung kanyaah ka rahayat ta, anjeunna teras nyepi di hiji kamar,
seja mujasmdi neda pituduh ti paradwa. Susuganan ku jalan kitu,
anjeunna tiasa mangadep ka Yang Tunggal, dipasihan pituduh pikeun
nyalametkeun rahayatna.
Ku cengeng-cengengna nu mangadep, alhamdulillah, maksad Kangjeng
Bupati tinekanan. Dina hiji wengi, Kangjeng Bupati ngimpn kasumpingan hiji
aki-aki. ta aki-aki anu nganggo anggoan sing sarwa bodas th, pok
sasauran anca pisan, Putu yang anu kasp, yang geus terang kumaha
kabingung hidep. yang hayang mantuan sangkan rahayat hidep bisa leupas
tina kahariwangna. ta gunung kudu ditumbal ku keris pusaka kagungan
putra dalem anu dijieun tina emas. Poma hidep ulah deuk ngortkeun. Tah,
sakitu ba ti yang.
Sabada sasauran kitu, ta aki-aki th les ba leungit tina impnan Kangjeng
Bupati. Satampina ta ilapat, nggal ba Kangjeng Bupati kaluar ti kamar
sarta teras nyandak keris pusaka.
nggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak Gunung Ged. Rurusuhan da
sieun bitu mantn. Najan rahayat anu keur bingung, nyaksian Kangjeng
Bupati angkat ka puncak gunung mah, teu tgaeun ngantep. Bring ba
naluturkeun.
Sadugina ka puncak Gunung Ged, Kangjeng Bupati teu talangk, ngan lung
ba ta keris th dialungkeun kana kawahna. Rahayat anu tadi naluturkeun
th ngan bati colohok, da ta keris th stu kageugeut pisan Kangjeng
Bupati. Barang ta keris geus dikana-kawahkeun, jep saharita sora anu
ngaguruh pikakeueungeun th jemp. Lini anu geus lila karasa, harita mah
teu karasa naon-naon. Sabada leungit kagtna, timbul kabungah rahayat
th. Ger ba surak bakat ku atoh, sarta tuluy sumujud ka Kangjeng Bupati
tanda nganuhunkeun. Sakabh rahayat ngaikrarkeun seja satia-satuhu ka
anu ngaheuyeuk dayeuh.

ta maksud kasatiaan rahayat th ku Kangjeng Bupati ditampi kalayan


dareuda, bakat ku bingah. Bingah manahna lantaran bisa nyingkahkeun
balai, bingah lantaran bisa nyalametkeun rahayatna.
Tah, nya ti harita pisan ta gunung katelah Gunung Tampa Emas, anu
saterusna robah jadi Gunung Tampomas. Ayeuna mah teu pikasieuneun,
malah mun pareng po per mah sok rajeun dijarugjugan nepi ka
puncakna.wewengkon pariwisata. Boh keur sukan-sukan, atawa ngadon
tatamba pangpangna caina matih pikeun nu katarajang kasakit kulit. Nya
kitu deui Tarogong ayeuna leuwih rame batan kampung Korobokan. Padahal
samemehna mah Korobokan teh puseur dayeuh karajaan Timbanganten. Tapi
ayeuna mah ukur ngaran kampung. Tarogong mah beuki lila beuki rame.
Garut katelah jadi Kota Inten.
Unsur intrinsik:
-Tema:
-Latar:
-Alur:
-Tokoh:
-Amanat:
C. Dongeng Fabel
Sakadang kuya jeung monyet
Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya
ta Sakadang Monyt.
Sakadang Kuya! Sakadang Monyt ngageroan.
Kuk! Tmbal Sakadang Kuya.
Sakadang Kuya!
Kuk!
Sakadang Monyt nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
Keur naon Sakadang Kuya?
Ah keur kieu w, keur moyan.
Ti batan cicing kitu mah mending ngala cab, yu!

Di mana?
Di kebon Patani, mangka cabna geus bareureum.
Embung, ah. Sakadang monyt mah sok gandng.
Moal, moal gandng ayeuna mah.
Nyaan moal gandng?
Moal, nyaan moal gandng.
Hayu atuh ari moal gandng mah.
Bring atuh Sakadang Monyt jeung Sakadang Kuya th indit ka kebon
patani. Barang tepi ka kebon, katmbong cab pelak patani geus arasak
mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor
kana pager, ari Sakadang Monyt ngaluncatan pager. Terus ba ngaralaan
cab, didalahar di dinya knh.
Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah ba ladaeun. Kitu deui sakadang
monyt. Keur kitu, ana gorowok th Sakadang Monyt ngagorowok.
Seuhah lata-lata! Maksudna mah seuhah lada-lada.
Ssst, Sakadang Monyt, ulah gandng atuh!
Sakadang Monyt henteu ngawaro.
Seuhah lata-lata!
Sakadang Monyt! Bisi kadngeun ku Bapa Tani.
Tapi Sakadang Monyt api-api teu ngadng. Gorowok deui ba.
Seuhah lata-lata!
Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyt anu tarik
kadngeun ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani guragiru lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katmbong aya monyt jeung
kuya keur ngaweswes bari seuhah ngadaharan cab.
Beunang siah nu sok malingan cab th! Bapa Tani ngagorowok bari
lumpat muru ka nu keur ngahakanan cab.
Ngadng aya nu ngagebah, gajleng ba Sakadang Monyt ngejat,
trkl kana tangkal kai.

Sakadang Monyt, dagoan! Sakadang Kuya ngagorowok mnta tulung.


Tapi Sakadang Monyt teu malir, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat
gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa
lumpat, leumpang ngaddod ba. Kerewek ba ditwak ku Bapa Tani.
Beunang ayeuna mah nu sok malingan cab aing th. Ku aing
dipeuncit! Ceuk Bapa Tani.
Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan
Pa Tani, isukan kuya rk dipeuncit.
Peutingna, sakadang Monyt rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya,
nu keur cendekul dina jero kurung.
Ssst, Sakadang Kuya, keur naon? Sakadang Monyt nanya.
h, geuning Sakadang Monyt, Puguh kuring th keur ngararasakeun
kabungah.
Kabungah naon Sakadang Kuya?
Nya ta, kuring th rk dikawinkeun ka anak Bapa Tani.
Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?
Enya.
Nu bener Sakadang Kuya?
Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.
Ngadng omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyt ngahuleng
sajongjongan.
Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat? ceuk
Sakadang Monyt.
Tukeur tempat kumaha?
Enya tukeur tempat. Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di
jero kurung.
Ah, embung.
Kuring mah karunya w ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.
Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani th.

Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna


sakadang kuya th lh dt.
Heug ba tukeur tempat, tapi aya saratna, ceuk Sakadang Kuya.
Naon saratna?
Saratna mah gampang. Sammh anjeun asup kana kurung, kuring
kudu di alungkeun heula ka leuwi.
Enya, ntng atuh kitu mah.
Heunteu talangk, Sakadang Monyt ngaluarkeun Sakadang Kuya tina
kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung ba Sakadang Kuya th
dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyt buru-buru balik deui ka imah Bapa
Tani. Sup ba ngurungan manh ku kurung hayam. Ngadedemps ngadagodago beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani.
Kocapkeun isukna.
Manhna, ka mana bedog th? Urang asah, ceuk Bapa Tani ka
pamajikanana.
Rk naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?
Itu urang meuncit kuya di pipir.
Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana th kadngeun ku
Sakadang Monyt. Manhna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing th rk
dipeuncit, lain rk dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rk kabur, geus kagok.
Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang ba atuh Sakadang
Monyt th papahan, ngabugigag kawas bangk.
Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana.
Bapa! Bapa!
Aya naon, Nyai?
Ieu geuning nu dina kurung th lain kuya.
Naon Nyai?
Monyt, jeung siga nu geus pah deuih!

Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka


anakna. Enya ba geuning dina kurung th aya monyt ngabugigag, lain
kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyt dialak-ilik.
Naha bet jadi monyt? Jeung pah deuih.
Enya, ta mani geus jeger kitu, ceuk pamajikanana mairan.
Monyt th dicokot ku Bapa Tani, lung ba dialungkeun jauh pisan.
Barang gubrag kana taneuh, korjat monyt th hudang, berebet lumpat,
kalacat ba nak kana tangkal kai.
Unsur intrinsik:
-Tema:
-Latar:
-Alur:
-Tokoh:
-Amanat:

D. Dongeng Mite
Lutung kasarung
Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti pramswari Niti
Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang,
nu kadua Purbandah, nu katilu Purbadwata, nu kaopat Purbakancana, nu
kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih jeung nu katujuh Purbasari.
Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, bad
tatapa di leuweung.
Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara th lain
Purbararang putra cikal, tapi bet Purbasari, putra bungsu.
Atuh munasabah ba, Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan,
asa dihina asa ditincak hulu. Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung
Cupu.

Kacaturkeun di Kahiangan, Guruminda, putra dwata cikalna, titisan Guriang


Tunggal, ngimpn gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu. Saur Sunan
Ambu, Jung, geura boro pijodoeun hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu.
Tapiulah torojogan, anggo heula ieu raksukanlutung!
Jangglk Guruminda minda rupa jadi lutung, katelah Lutung Kasarung.
Kocap deui di nagara Pasir Batang. Prabu Tapa Ageung ngersakeun hayang
tuang daging lutung. Nya nimbalan Lngsr kudu ments Aki Panyumpit
ngala lutung ka leuweung.
Aki Panyumpit gasik ngasruk leuweung nangan lutung. Tapi dadak sakala,
leuweung jadi sepi taya sasatoan. Bororaah sato kayaning peucang jeung
lutung, sireum og taya nu ngarayap ck wiwilanganana mah.
Aki Panyumpit th mh pegat pangharepan. Barang rk mulang, dina tangkal
peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Ari rk
disumpit, celengkeung th lutung nyoara: h, Aki, bet kaniaya. Ulah
disumpit! Kuring th rk ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya,
hayang nyaho anu dingaranan karaton.
Sukur atuh, sok geura turun, walon Aki Panumpit bengong, aya lutung bisa
ngomong. Singhorng Lutung Kasarung ta. Dwata minda rupa turun ka
dunya.
Lutung Kasarung dibawa ku Aki Panyumpit, dihaturkeun ka karaton. Tapi
barang rk dipeuncit, taya pakarang nu teurak. Sang Lutung teu bisa
dirogahala. Tungtungna mah, saur Ratu, Lngsr pasrahkeun ba ka anak
kami, sugan butuh keur pibujangeun.
Nya atuh ku Lngsr dipasrahkeun ka Purbararang. Ari walonna th bet:
Dak soth ngabujangkeun, lamun jalma nu utama. Mun lalaki turunan
mantri, ari lutung mah sangeuk teuing! Deregdeg lngsr ka putra nu
kadua, teu ditampa. Ka anu katilu, nya kitu knh. Pajarkeun th, lain teu
hayang nampa, ngan sieun ku Si Tth.
Lngsr mulang deui ka Purbararang, pokna th, Nya sok ba atuh, bisi
pajar nampik pasihan rama.
Lutung kasarung tetep di karaton. Belenyeng lumpat ngintip para mojang nu
lalenjang keur ngagembrang ninun.

Keur jarongjong ninun, ari koloprak th taropong Purbararang moncor ka


kolong bal.
Cing Adi, pangnyokotkeun taropong!
Ih, Tth, apan boga bujang lutung, Ck Purbaleuwih.
Cing lutung pangyokotkeun taropong di kolong bal!
Deregdeg lutung lumpat. Ulang-ileng, top taropong dicokot. Ari brwk th
dibbkkeun mani jadi lima, sor disodorkeun!
Jurig lutung, taropong aing sabogoh-bogoh dibbkkeun! Lngsr! Teu sudi
kami mah, anteurkeun Si Lutung ka Si Purbasari di leuweung!
Jut Lngsr turun, Lutung unggeuk, tuluy nuturkeun. Lutung Kasarung
ditampa ku Purbasari.
h Mama Lngsr, geunig Si Tth aya knh adilna. Kajeun lutung, tamba
suwung. Kajeun hideung, tamba keueung nu di leuweung. Kajeun gorng,
tamba jemp nu nyorangan. Hatur nuhun bjakeun ka Si Tth.
Tutas haturan, Lngsr mulang ka karaton.
Caturkeun di sisi leuweung. Purbasari ngagolr dina palupuh sabbk, di
hateup welit sajalon. Lutung kasarung ngangres ningal kaayaan putri. Rep
Sang Putri disirep.
Utun, urang sar jeung kaula. Kula mah banget ku tunduh!
Oaah, Sang Putri, lutung mah tara sar jeung manusa, bisi geuleuheun!
Reup Putri Purbasari kulem tibra pisan.
h, deudeuh teuing. Putri th nalangsa pisan. Aing rk nnda ka Sunan
Ambu, neda sapaat para bujangga, niat misalin Sang Putri meungpeung
sar, gerentes Lutung Kasarung, Guruminda mamalihan.
Raksukan digdogkeun, bray baranang siga bntang, kakaspan Guruminda
kahiangan. Panejana tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajengglng
karatonna, leuwih agrng ti nagara. Purbasari dipangku, dibogkeun dina

kasur tujuh tumpang, disimbut sutra banggala, disumpal ku benang emas.


Jangglk Gurumiinda jadi lutung deui, tapakur di sisi bal kancana.
Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka
nagara. Purbararang, nu gorng budi ti leuleutik, nu gorng lampah ti
bubudak, beuki tambah sirik, beuki tambah ceuceub. Rupa-rupa akal
dikotktak, sangkan aya alesan keur ngarah pati Purbasari.
Mimitna Purbasari diperih pati, kudu bisa mendet parakan Baranangsiang,
leuwi Sipatahunan. Mangka saat sapeuting. Mun teu bukti teukteuk
beuheung keur tandonna.
Ku pitulung Lutung Kasarung, dibantu Sunan Ambu jeung para bujangga, ieu
tanjakan th laksana.
Tuluy Purbasari dititah ngala bantng ti leuweung. Ku kasaktn Lutung
Kasarung, bantng th katungtun ku Purbasari ka nagara.
Purbasari dipents nyieun pakarang tatann tm bingkeng jeung jarum
potong, jeung ditangtang pahad-had ngahuma. Geus tangtu Purbasari
dibr pasir anu pangangar-angarna, ari Purbararang mah di tempat nu
had. Tapi Purbasari unggul knh.
Rupa-rupa kol Purbararang, antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah
olahan, paloba-loba samping, papanjang-panjang buuk, pageulis-geulis rupa.
Tapi rayat jeung jaksa nagara mutus teu welh Purbasari anu unggul.
Tungtungna Purbararang pinuh ku hat dir jeung ujub, ngajak pakasp-kasp
beubeureuh, Sagorng-gorngna beubeureuh manhna, da pubuh manusa,
kakasih Indrajaya. Sakasp-kaspna beubeureuh Purbasari, lutung.
Purbasari lh, tenggekna kari saketokkeun diteukteuk.
Cunduk kana waktuna, Lutung Kasarung manggih putri panyileukanana. Putri
nu sasorot jeung Sunan Ambu, Purbasari. Lutung Kasarung ngagdogkeun
raksukanana, baranyay hurung, jangglk jadi Guruminda deui.
Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanana.
Purbasari ngadeg ratu di Pasirbatang, jadi pramswari Guruminda. Ari
Purbararang jeung sadrkna nu opat deui, dihukum kudu jadi pangangon.

Indrajaya mah dihukum jadi pangarit, dibekelan arit timah. Ngan anu pangais
bungsu, Purbaleuwih, anu welasan ti baheula ka Purbasari, ditikahkeun ka Ki
Bagus Lembu Halang, ciciptaan tina raksukan Lutung Kasarung jadi papatih
di Pasir Batang.
Unsur intrinsik:
-Tema:
-Latar:
-Alur:
-Tokoh:
-Amanat:

E. Dongeng parable
Si Kabayan Ngala Tutut
Cek Ninina, Kabayan ulah hees beurang teuing. Eweuh pisan gawe sia mah,
ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.
Cek
si
Kabayan,
Ka
mana
ngalana?
Cek ninina, Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang
ngagaru
geura.
Leos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya
katembong tututna loba, lantaran caina herang, jadi katembong kabeh.
Tututna
pating
goletak.
Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katembong kalangkang langit dina
cai. Manehna ngarasa lewang ningali sawah sakitu jerona. Padahal mah teu
aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero soteh kalangkang langit.
Cek Kabayan dina jero pikirna, Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina.
Kumaha dialana eta tutut teh? Lamun nepi ka teu beunang, aing era teuing
ku Nini. Tapi eta tutut teh sok dialaan ku jalma. Ah, dek dileugeutan bae ku
aing.
Geus kitu mah Si Kabayan leos ngala leugeut. Barang geus meunang,
dibeulitkeun kana nyere, dijeujeuran ku awi panjang, sabab pikirna rek ti
kajauhan bae ngala tututna moal deukeut-deukeut sieun ti kecebur.
Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut meh sapoe jeput, tapi teu aya
beubeunanganana, ngan ukur hiji dua bae. Kitu oge lain beunang ku leugeut,

beunang soteh lantaran ku kabeneran bae. Tutut keur calangap talapokna


katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput
moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah eta leugeut teh teu
daekeun
napel,
komo
deui
tutut
mah
da
aya
leuleuran.
Di imah ku Nini na didagoan, geus ngala salam, sereh jeung koneng keur
ngasakan tutut. Lantaran ambleng ba, tuluy disusul ku Nini na ka sawah.
Kasampak
Si
Kabayan
keur
ngaleugeutan
tutut.
Cek
ninina,
na
Kabayan,
ngala
tutut
dileugeutan?
Cek Si Kabayan. kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi
ka
katembong
langit.
Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun, brus ancrub ka sawah.
Cek Si Kabayan, hehehey da deet.
Unsur intrinsik:
-Tema:
-Latar:
-Alur:
-Tokoh:
-Amanat:
A. Dongeng sage
Babad Layung LalungseGeus jadi sabiwir hiji, kakoncara ka mana-mana,
lamun baheulana nagara urang th boga julukan nagara maritim. Karajaankarajaan anu aya di Nusantara, Boh anu aya di tatar Pasundan atawa di luar
parahyangan loba kacaritakeun kahbatanna. Ieu disalunyuan ku para ahli
sajarah dunia, saperti Sejarawan Jepang anu ngaranna Sakurata San, dina
buku nu judulna; Hoena Kasikati Pesoku ( Sajarah Pasifik), nulis dina basa
Jepang : akinasohak mitsubishi takunaiki, dakunaiki jugata majuwae.
Makanaku lariazha anu pihartieunna kira-kira, kuring boga bukti-bukti
lamun salah sahiji karajaan geus pernah meuntas nepika palabuan Seizu nu
aya di Jepang.
Sajarawan Sunda sorangan kurang soson-soson ngayakeun panalungtikan
ngeunaan karajaan mana anu pernah ka palabuan Seizu anu aya di Jepang
th? Anu manghrankeun, lolobana anu bener-bener konsern kana hal kieu
th malah ahli-ahli mancanagara saperti; Ricardo Pendi Sumphena
(Spanyol), Adulof Herrypuddiencth (Jerman), Phepen Omant (Vietnam),
Kereshek Gumaransev (Russia), jeung Van Ghuoblogh (Walanda). Para ahli

mancanagara th ngagabung dina hiji lembaga panalungtikan sajarah


Sunda, SHOUN = sundanesse historical organization for united nation.Aya hiji
sajarawan Sunda nu ulubiung dina ta lembaga nyata Profesor DR Encuy
Samsiddin, guru besar sajarah ti Hesehitouth University , California.Hasil
gempungan jeung gaw Nu rancag ti para ahli th nyata kapanggihna hiji
naskah sunda kuno anu umurna th leuwih kolot dibandingkeun naskah
Amanat Galunggung anu ditulis ku Prabu Guru Darmasiksa. Naskah anu
ditulis dina kulit waru th jumlahna ngan dua kaca (halaman), tapi jadi bukti
jeung pituduh ngeunaan karajaan Sunda Kuno. Kabh ahli geus nangtukeun
lamun ta naskah ditulis ku hiji Raja jauh samemeh ayana karajaan-karajaan
di Nusantara saperti Kutai jeung Tarumanagara.Aya dua pada anu jadi lulugu
utama naskah ieu nyata:
Sing sang aha aku
Nu neuleuman babad layung lalungseh
Dia ge nyaho yen nu huninga nerati
ngaing sri peucang kadut raja di
Kartunamarangga, ge sebutna Raja Waluh.
Hartina; saha-saha anu ngaguar ieu naskah nu judulna Layung Lalungs,
bakal ngarti yn anu nulisna th Raden Peucang Kadut, hiji Raja
Kartunamarangga anu disebut og karajaan Waluh.Pada anu ka-dua dina ta
naskah nguningakeun
Dia sing waspada, sri peucang akuna garwa nyimas gelung, anu putrana
raden menak remehanbaya wastana raden keuyeup apu, anak lan incuna
ngaing daradi menak kabeh.
Anu hartina ( manh kudu bener, Raden Peucang boga istri nyata nyimas
Gelung, tuluy boga putra nyata Raden Menak Remehanbaya anu katelah
Raden Keuyeup Apu. Anak jeung incuna bakal jareneng jadi
raja.Panalungtikan teu cukup nepika dinya, da diteruskeun ku panalungtikan
arkeologis. Para ahli ngagali, di beulah wtaneun wewengkon kampung
Waluh Resmi, aya hiji candi leutik anu dibr ngaran Candi Waluh dan
bentukna Buleud tur buleneng kawas waluh.Kabh satuju, lamun Raja
Peucang pernah meuntas lautan , patepung jeung raja Seizu, Pangeran
Huizampeunahawu. Buktina mangrupa ayana sababaraha barang anu sarua
umur jeung Bentukna antara Karajaan Waluh jeung karajaan Seizu.Hasil
panalungtikan ieu, mukakeun deui hiji misteri, lamun urang Sunda kuno th
jalma-jalma lampar, tukang lumampah jauh. Para ahli nyimpulkeun
panalungtikanna dina hiji jurnal anu dibr judul The Journal of Waluh
and Raden Peucang.
Unsur intrinsik:

-Tema:
-Latar:
-Alur:
-Tokoh:
-Amanat: