Anda di halaman 1dari 2

Ceurik Rahwana

Banondari, anu lucu,


bojo kakang anu geulis, geuning, anu geulis
Kadieu sakeudeung heula, Akang rek mere pepeling,
aduh geulis, mere pepeling
Geura sambat indung bapa samemeh akang pinasti.

Duh, engkang rungruman kalbu,


pupujan lahir jeung batin, Gusti, lahir jeung batin
Aya naon pangersa tara-tara ti sasari, aduh Gusti, teu
tisasari
Nyauran ragrag cisoca
Abdi mah saredih teuing
Aduh, Enung anu ayu,
nu geulis pupujan Ati, geuning pupujan ati
Akang tangtu ngababatang,
samemeh akang pinasti, aduh geulis, akang pinasti
Arek menta dihampura, lahir tumekaning batin
Pisanggem abdi kapungkur,
lilisan ka lenggah Gusti, geuning, ka lenggah gusti
Ka salira engkang pisan,
ngaturanan temah wadi, aduh Gusti, da temah wadi
Mung engkang kalalanjoan,
ngajur nafsu teu dihiding
Kaduhung, akang kaduhung
kataji nu lain-lain, geulis, nu lain-lain
Kaiwat goda rancana
kagembang ku Sintawati, aduh geulis, ku Sintawati
Geuning kieu balukarna
malindes malik ka diri
Kulu-kulu Bem (Panambih)
Bulan dina mega malang
Langit taya aling-aling
Mega kayas semu biru
Ditabur bentang baranang
Endahna hiasan alam
Tingkariceup tingkaretip
Tepi ka langkung kagagas

Rusras ka jaman ka tukang,


Mung Allah anu uninga
Kaayaan hate kuring
Hese mapalerkeunnana
Heunteu weleh mikaeling
Sanajan dipikir panjang
Nya dalah dikumahakeun
Nu puguh batin nalangsa
Kasawang dina lamunan
Teu beunang mun dipikiran
Nyuat ati sanubari
Geus puguh ari ti peuting
Sumear angin di pasir
Nebak kana dangdaunan
Teu bisa ngedalkeun lisan
Hate ceurik jero ati
Ngumbara asa sorangan

Anda mungkin juga menyukai