P. 1
Carita Sunda Kang Warsa

Carita Sunda Kang Warsa

|Views: 1,090|Likes:
Dipublikasikan oleh Warsa

More info:

Published by: Warsa on Mar 22, 2010
Hak Cipta:Attribution Non-commercial

Availability:

Read on Scribd mobile: iPhone, iPad and Android.
download as PDF, TXT or read online from Scribd
See more
See less

06/07/2012

pdf

text

original

Kumpulan Carita Sunda ieu ku akang ditulis oge dina http://warsa.wordpress.

com sareng http://www.facebook.com/profile.php?v=app_2347471856&ref=pro file&id=1047998196 . Hampura da ieu mah ngan saukur guyona jeung heureuyna urang Sunda, lain rek ngacak-ngacak komo ngagogoreng sajarah jeung sastra Sunda mah, ampun paralun anu kasuhun, mangga ka baraya sadaya sim kuring nyanggakeun sababaraha carpon Sunda ieu, mudah-mudahan tina heureuy ieu aya batina. -Kang Warsa-

Carita Sunda : Kabogoh
Jadi ras inget kana salah sahiji lirik lagu anu unina kIeu " malam minggu, hey si malam panjang'', kuring sabenerna mikir 125 kali lamun kudu percaya yén malam minggu leuwih panjang tibatan malem-malem nu séjénna. Tapi sanggeus dirasa-rasa mah, bener ogé lamun malem minggu téh malem panjang, komo lamun keur anu boga kabogoh mah asa 1000 (sarewu) peuting tah sapeuting téh. Di lembur Ciégang mah kuring katelah Joker Sajati, da tisaprak beger nepika umur lukutan acan pernah boga kabogoh. Teuing kunaon ampir kabéh awéwé caruaeun ka kuring. Padahal lamun ditilik-tilik mah beungeut jeung dedegan moal jauh jeung Dude Herlino. Ngaran mah mémang deukeut jeung manéhna, da ti barang brol ku anu jadi kolot pituin geus dingaranan Didih Somantri Herniawan. Paling keuheul lamun aya anu nyebut, Herniawan ka kuring, komo lamun élég jeung batur saentragan geus maceuh mah sok disebutan Si Burut kuring téh. Kuring teu goréng-goréng teuing, irug mancung, kumis ngajelér paéh, lamun ceuk babaturan mah Si kumis tipis, dina gado aya karang persis Rano Karno, ngan huntu geus ampir béak kari tilu siki deui. Umur mah sarua jeung si Itok anu geus boga incu tilu, nya kana 51 taunan lah umur téh. Ngeunaan pakasaban? Mémang teu saluyu jeung kahayang anu jadi kolot. '' Matak disakolakeun jauh-jauh ka Beukimolhor University ogé sangkan silaing jadi pagawé kantoran, seblu!'' masih kadéngé omongan anu jadi kolot waktu kuring boga niat rék dagang és doger di kampung. Ijazah anu yudisium cum laude jurusan Teknik téh geus bulukan. Ayeuna mah hirup téh rék sakabrangkabrangna baé, kana gawé mah jabrugan, rék ngadon macul, ngaduk atawa ngagali sumur teu weléh dilakukeun ku kuring seja nyambungkeun hirup. Ngan teuing kumaha, dadak sakala dina poé Juma'ah Pahing kuring ujug-ujug boronyony wéh bogoh ka Néng Mis'ah Binti Bapa Ikin Sarnikin.Hiji mojang lenjang, anu geulis ka wanti-wanti, umurna kira-kira 20-taunan, beda 30 taun jeung kuring. Da jeung bapana gé, nyaéta Ikin Sarnikin tea heuleut dua taun gubrag ka dunya téh. Ah, sok sanajan kitu, rék modal nekad wé kuring mah,
1

cinta khan dikelilingi oleh keajaiban..., kitu pan? Keur ngungkapkeun rasa bogoh ieu kuring can boga cara, Ngan ceuk si Olot mah ajak wé ulin ka sawah ceunah, diuk paduduaan dina galengan. Ah, usul anu mustahil. Pokona rék dipegat ku kuring lamun Neng Mis'ah ngaliwat ka jalan. Malem minggu, kuring geus siap-siap rék megat manehna, buuk luis da maké minyak Brisk, dikaméja célé, teu poho minyak seungit disemprotkeun kana kélék. Geus ngarasa cukup, bral miang. Gék kuring diuk handapeun tangkal nangka. Duh mani seueul, anu didagoan Neng Mis'ah ari anu jol kalah si Ocim, bari mawa gitar deuih. Gék manéhna diuk bari tatalépa nanya, genjreng ngagitar, teuing ngalagu naon da walahwah-weuleuhweuh endebay endesut kitu, ceunah laguna Avenged Sevenfold. Duh kesel ngadagoan ti mimiti dur bedug magrib nepika wanci sareureuh budak nu ditungguan can jol ngaliwat. Ah, kagok borontok kapalang belang diontrog siah ka imahna. Jung kuring nangtung, gandeuang ngaléngkah ninggalkeun si Ocim nu beuki ngacapruk ngalaguna téh. Teu kungsi lila kuring geus nepi ka buruan imahna. Hhh, calon mitoha téh tétéla jalma beunghar, mobil aya duana, imah loténg dua tingkat, estu hurung-hérang imahna téh. Modal bismilah kUring ngaléngkah. Ikin Sarnikin horéng aya kénéh di téras imah keur maca majalah. "Assalamualaikum...'' Kuring uluk salam " wa alaikum salam..'' jawab Ikin, '' Duh punten teu aya récéh, pak...'' Mani nyeletit kana ati ari ucap-ucapan jalma beunghar. " Ikin...!''Ceuk kuring. Si Ikin nyidik-nyidik nepika kerung kerung tarangna, hayang awas jeung pasti. ''Yeee, geuning Kang Didih..'' Calon mitoha ngagupayan, '' ari sugan téh saha... sok atuh linggih, kang!'', Gék kuring diuk. '' Tara ti sasari Kang Didih nganjang ka saung butut..'' ah balaga manéh Ikin, maké nyebut saung kana gedong sigrong. Gerentes hate. '' Aya dua hal kuring ka dieu, nu kahiji rék si aturahmi jeung manéh, Kin. Nu kaduana mah aya perlu ka Néng Mis'ah..'' " Oh, Nya kin atuh urang saur heula..'' Sup Ikin asup ka Imah, Teu lila jol manéhna kaluar deui dibarengan ku hiji bidadari. Haté sumeblak. '' Mangga, kang.. ku Iikin dikantun heula, nya!?''
2

Gék si geulis diuk, mani sopan. '' Aya peryogi naon, Mang?'' Ditanya kitu kuring jadi teu puguh rarasaan, jantung dagdigdug,. '' Ki..ki..ki..eu, neng. Mamang téh.. bogoh ka néng. Kapincut kalbu kapanah asmara ku salira. Anu kaimpi-impi mung salira...'' Katénjo ku juru panon, manéhna semu ngarénjag. '' Duh mamang, naon anu dipiharep ti abdi? Jalmi awon, teu harta-teu harti...'' '' Mamang bogoh ka salira geulis..'' '' Nya sumangga atuh ari keukeuh maksa mah. " Ti saprak harita kuring resmi boga kabogoh, unggal tiap poé minggu kuring jalan-jalan jeung manéhna. Réa nu ngomong, '' ih... dasar aki-aki nurustunjung!''. Tapi ku kuring teu didéngé, da kuring jeung manéhna geus jangji pasini, nepika pati. Kampung Ciegang beuki ramé, da kuring rék dikawinkeun ku Ikin ka anakna. Kabéh ogé bati gogodeg, sarua gélona calon mitoha jeung minantu téh, kitu ceunah. '' Kang, tos waé atuh ngéndong di dieu, tuh di kamar luhur kosong...'' Ceuk Ikin dina hiji peuting Enya ogé, rék balik hujan gedé. ''Iya, aa nginap saja disinih...'' Ceuk kabogoh semu kaalem Nya kuring antukna jadi ngéndong di imah Mitoha. Gelap dordar, hujan makIn badag, kadéngé sora angin ngahiuk. Pelengseng bau menyan, seungit kekembangan. Ah teu dipaliré, mending saré. Kadéngé, hayam jago geus kongkorongok, sora manuk piit, barang bray beunta, kuring kagét, da geuning awak geus nyangsaya di handapeun tangkal caringin, luak lieuk ka ditu ka dieu ngan saukur tangkal wungkul. Beu, kuring téh aya di leuweung geledegan geuning. " Manusa!!! Sia teh geus diwadalkeun ka aing ku si Ikin...'' Barang rét ka luhur, gebeg... Buta mani hejo beungeutna. Duh, kuring téh diwadalkeun geuning ku si Ikin Seblu, awas siah Ikin dina waktuna engké dibales kuaing. Kerewek cangkeng aya anu newak, tulang tulang karasa ringsek, kuring geus aya dina sungut buta, rauk sirah kuring digayem, teu karasa geuning... Tah ti harita kuring resmi jadi ririwa, kuring cicing jeung matuh dihandapeun tangkal nangka, si
3

Ocim sering pisan cicing didinya bari ngagenjreng ngagitar, teu nyahoeun lamun ku kuring sok rajeun ditangkeupan. Kacinta kuring ka Neng Mis'ah asli jeung murni dibales ku ngawadalkeun kuring ka buta héjo...

Balandongan 2010

Carita Sunda: Silsilah Ki Codot Selon
Nurutkeun carita ti anu jadi uyut pituin, kira-kira antara taun 60-70an, di beulah kulon wewengkon Cimolonyon ,Kacamatan Gunung Kuuk aya hiji situs anu ngandung sajarah, di dinya téh aya hiji makam karamat Ki Codot Sélon. Unggal poé juma'ah loba anu datang ka éta makam. Rupa-rupa pisan niat anu ziarah téh, aya anu murni ziarah, aya anu hayang gancang manggih batur hirup, ngan lolobana mah datang ka éta makam téh seja néangan kasugihan hirup. Dina danget harita mah, wewengkon Cimolonyon téh bisa kawilang wewengkon anu kasohor ka wilayah-wilayah lain. Da lolobana anu ziarah ka makam karamat téh geuning datang ti sikluk anu jauh. Pangeusi kampung ngara a diuntungkeun ku ayana éta makam karamat téh, sahenteuna panghasilan maranéhna ningkat tina ladang ngajual oléh-oléh keur anu ziarah. Tiiseunna makam karamat Ki Codot ti saprak datangna hiji Kyai ka éta wewengkon, Mama Ajengan Haji Tolib. Ajengan jeung santri-santerina ngalarang ka sakabéh jalma ziarah ka éta makam. Asalna mah urang wew ngkon nganggap yén tingkah Ajengan téh sarua jeung ngaliarkeun taleus ateul. Ngan sanggeus Ajengan méré katerangan, yén pagawéan kitu téh musyrik, lila-lila mah maranéhna nyatujuan kana sikep Ajengan. Ayeuna mah makam karamat anu aya handapeun tangkal huni jeung di riung ku dapuran gombong téh éstuning tiiseun pisan. Ngeunaan saha jeung turunan saha-sahana Ki Codot, can aya hiji katerangan anu pasti. Ngan kira-kira dina mangsa panjajahan Walanda, salah saurang ahli sajarah walanda anu ngaranna Ruud Van Momok Ghuomflock pernah ngayakeun panalungtikan di éta wewengkon. Ha il panalungtikan manéhna nyebutkeun, dumasar kana sababaraha naskah Sunda kuno anu kapanggih di éta makam, nerangkeun, lamun Ki Codot téh masih turunan ka-5 hiji raja Sunda Buhun anu wastana Raden Guguling Kartadinameja anu kungsi jeneng jadi Raja dina tauh 420masehi. Masih nurutkeun éta naskah kuno, KiCodot téh boga ngaran asli Raden Indra Lesmanadikeredinameja , ari anu jadi bapana nyaéta Raden Kuuleun Taranameja alias
4

Raden Ceukay anu nikah sareng Nyi Imas Kancanawati Denok Jhalingkak. Aya deui, hiji naskah kuno anu ditulis ku Resi Sakabrang-kabrangna nyaéta naskah anu judulna Babad Raja Gedé Géngsi nulis dina basa Sunda Kuno, anu eusina; Nguang-ngiung kalakay nangka asmara Kacaritakeun Dina nagara ngaing Iku namina lanang, anak raja si Indra Lesmanadikerenameja Ingsun tara lan wani wadul Wadulne eta jadi mamala ge cilaka Anu pihartieunna kira-kira, di wewengkon ieu pernah aya hiji budak Raja, anu ngaranna Raden Indra Lesmanadikerenameja, ieu lain carita bohong, da bohonh matak dosa Salila hirup, Ki Codot kawilang jalma anu rudin jeung sederhana. Sok sanajan turunan raja tapi manéhna teu adigung komo balaga. Kabéh jalma resepeun ka manéhna. Aya hiji deui versi tina naskah kuno anu di tulis ku hiji Resi, yén Ki Codot téh ngagem hiji kasaktian bisa ngarubah wujud jadi kalong gedé. Ari maotna mah saperti jalma biasa. Kawinna jeung urang kampung rakyat biasa, dipasihan putra ku anu maha Kawasa, wastana téh Raden Aria Martunisbae anu katelah Raden Cingok Tah kitu nurutkrun caritaan ti anu jadi uyut pituin téh. Dina wanci kiwari wewengkon Cimolonyon geus jadi hiji puseur dayeuh. Pasar geus aya, internet geus asup, malah geus loba nu usul lamun éta wewengkon téh kudu diganti ngaranna jadi Hégar Harta Street Avenue. Balandongan 2010 Hampura ka baraya, lain sim kuring rék ngacak-ngacak sajarah, da ieu mah ngan saukur karangan fiksi... kitu tah lurrr,,!!!

5

Carita Sunda : Rohmi Jeung Henni
ILAHARNA jalma anu keur kasimbeuhan ku cai kaasih jeung kakepretan ku hawa kanyaah, sok tumiba mangrupa panyakit bathin. Lain panyakit sabenerna mah, tapi hiji pasifatan anu karasana téh leuwih rongkah alabatan bom Hiroshima atawa Bomna almarhum Nurdin M Top, nyaéta tumuwuhna rasa kasono atawa kadeudeuh ka si dénok jeung si kasép. Saré tara pati tibra, da anu aya dina séngsérang mata téh kokolébatan kalangkang anu jadi kabogoh. Kana dahar nya kitu, lamun teu lapar-lapar teuing mah hamo ngadekeutan boboko, dalah nénjo sangu jeung lalawuhna saperti; beuleum japuh, jéngkol Ngora , jeung sambel tarasi téh sok tara dipaliré, kusabab rongkahna asmara. Ieu téh kaalaman ogé ku Jang Rohmi, anakna Mang Entang Ruswandi- salah saurang guru anu ngajar di SD Jelekong Rumingrang-. Jang Rohmi geus aya saminggu lilana teu daék bijil ti imah. Kana dahar ogé mani cémén, gawéna téh ti isuk nepika isuk ngadon gogoléhéan di luhureun ranjang beusi anu di kulambuan. Sakapeung mah katingali sok bari lalangiran, tulas-tulis dina ke tas sacewir. Nurutkeun ucapan atawa iber tinu jadi indungna mah Jang Rohmi téh keur kapanah asmara ku hiji randa hérang, malah randa béngsrat*) anu kampung padumukanna teh di Désa Ciburungborongwae, hiji pakampungan anu jauh ka lembur anggang ka kota da puguh aya di tutugan Gunung Kewuk. Ari anu jadi kolot, Nyaéta Mang Entang jeung Ceu Entim, ringrang na téh ku sababaraha hal, geus puguh ari ku kalakuan anakna anu dadak sakala siga kaasupan ku jurig Qurés mah, jadi caleuy jeung alum, siga kapuk kaibunan. Leuwih ti éta, anu jadi kolot gé ngarasa risih jeung éra ku tatangga, naha anakna bet kapincut kapanah asmara ku hiji randa kampung? Na euweuh deui kitu aWéwé lain, pan di kampung sorangan gé saabreg awéwé téh malah leuwih ngota lamun rék dibandingkeun jeung Néng Henni mah, aya Neng Imas anakna kuwu Adang nya geulis téh lulusan sakola luhur apan, insinyur pertanian, Néng Lenny santrina Kyai Abdul, Nyi Wiwin putri hiji-hijina suwargi Haji Kohar, jeung réa-réana deui. '' Atuh tanya kadituh ku ema, hayang naon kitu nepika nyiksa awak kitu si seblu téh!'' ceuk Mang Entang semu keuheul. '' Lamun hayang motor da moal teu dicumponan ku apa ogé, éta ceunah hayang hapé, 6

sok tinggal ngomong kituh, hayang BlekBeri, nexian, Nokia, Sony Erikson, komo Hp-hp china mah, moal burung teu dipangmeulikeun!'' " Ih, apana, geus puguh budak urang téh keur kagégéloan ku randa kampung... ku Si Henni!!'' ceuk ibuna. Sajongjonan antara Mang Entang jeung pamajikanna ngaharuleng. '' Ieuh, apana asa panas jeung rawingceuli kami mah ngadéngé ucapan batur, majar si Rohmi téh teu waras, kapéngpéongan ku barang sésa, duh... asa gimana gituu, ibu téh..'' " Heueuh, da sarua atuh apana ogé, bu. Lamun kudu dibéjérbéaskeun mah, tiap indit ka sakola téh sok nutupan beungeut ku tas..'' Dina hiji mangsa Mang Entang ngadatangkeun dukun lepus ti lembur, maksudna keur ngubaran panyakit bathin nu tumiba ka anakna. Ari si dukun lepus ngaranna téh ki codot sélon ceunah mah masih turunan ka salapan Mbah Epong. '' Hésé ieu mah ngubaranna...'' ceuk ki codot selon bari murintil-murintil kumis nu ngajelér sagedé hileud bajra, '' si Rohmi ka pélét ku asihan si Henni..'' '' Atuh ki, kumaha wé, pang narékahankeun sangkan a ihan si Henni téh leupas tina diri Nu jadi anak..'' ibuna luwu-léwé. '' Beurat saratna...'' témbal ki codot '' Tangtu dicumponan, Ki..'' témpas Mang Entang. '' Tong loba tatanya, siapkeun wé duit dua ratus réwu.. engké ku aki dipangmeulikeun sarat-saratna mah..'' Teu loba tatanya, song Mang Entang mikeun duit ka Ki Codot Selon. Sabulan ti harita, Jang Rohmi kalah beuki angot geuringna téh, aWak paranas, geus begang kari kulit anu mungkus tulang, sora peura, kiceup ogé ngan sabedug sakali, geus ngalelempréh luhureun ranjang. Mang Entang mah geus kaditu kadieu néangan tamba, ngan lebeng jeung lapur kantun kabéak-béak sawah dijualan. '' Ma, Rohmi hoyong tepang sareng Henni...'' Kakarak, geus sabulan lilana, Jang Rohmi lémék nyarita. '' Sateuacan Rohmi ngantunkeun...'' '' Duh ujang tong nyarios kitu...'' 7

Antukna, dititah weh si Dampa sangkan néang Henni. Teu kana dalapan jamna, Si Dampa balik deui bari mawa hiji awéwé, gembrot, pipi gemil, komo leungeun jeung suku mah beubeureuhilan. Kabéh nu aya didinya mata simeuteun. Geuning, nu ngaranna Henni téh beuu... '' Tah, ujang Henni téh geus datang...'' ceuk Mang Entang. Kulisik awak nu tinggal tulang téh ngagoléhé ka beulah katuhu. '' Sanés... éta mah sanés Henni...!'' sorana beuki peura. '' Na ari sia Dampa, pan ku aing téh dititah néang Henni!!'' Mang Entang ngambek. '' Da leres pak éta Henni mah..'' '' Leres abdi Henni, pa..'' pokna anu gendut bari kucap-kiceup gumeulis. '' Ahh.. meunggeus aing jadi lieur..'' Dina poé éta pisan, Jang Rohmi ngantunkeun alam dunya. Saméméh tilar dunia manéhna ngaharéwos kanu jadi indungna. '' Ma, nuhun... hampura ujang, ujang tos teu kiat hoyong nepangan Henni..'' Kabéh pangeusi lembur ngarasa sedih ku tiwasna Jang Rohmi nu mawa asih jeung cinta sajati ka pujaan ati, Neng Henni. Dina wanci tunggang gunung, nalika tunggara cirina mangsa, kasedih cirina wanci, cipanon maseuhan pipi, di gigireun kuburan Jang Rohmi, hiji wanoja anu hérang lir bidadari ti sawarga nangtung bari reumbay ku cipanon. Balandongan, Maret 2010 Ditulis nalika akang hayang panggih jeung manehna. *) Randa Bengsrat hartina Randa anu ditinggalkeun maot ku anu jadi salakina bari teu acan dikukumaha, dikukumaha hartina dicabakan atanapi di taeun... hehehe

8

Carita Sunda: Raheut Hate ku Manehna
LAMUN pareng keur cicing hareupeun hawu, bari meuleum sampeu, diharudum ku samping butut, teu poko ngelepus udud daun kawung, dibarengan ku hiliwirna angin isuk, teu poho cai kopi pait sageulas. Ari diuk luhureun jojodog, geus pasti bari milang katunggara, ngitung ka bingung. Da kusabab hate keur gudawang , lain kulantaran raheut kakadek bedog atawa kakeureut raheut ku peso. Da puguh ieu mah gudawangna oge lantaran kanyeunyeurian kusabab bebene direbut batur. Eh, lain direbut ketah, da puguh manehna hayangan kanu lain. Lamunan tinggal lamunan, da geuning ari keur ngarandapan ka sedih mah naon anu katenjo ku panon teh sagala rungseb, nenjo ember siga tutunggul kubur, nenjo cai es rujah kalapa siga dahdir, nenjo mobil ge apan siga beca butut anu ngadon camberut. Diuk dina jojodog asa ngalayang kakalayangan, sok rus ras kana sumeblahna manah, asa hayang teuing ngajol ka jurang anu jero, atawa ngadagorkeun sirah kana tihang listrik. Cai kopi pait teh asa beuki pait, melel, geus teu wawuh deui jeung letah, bener.... sok hayang nyeblokkeun cai kopi kana rarayna anu geulis, nu geus ngaraketan hate, udud daun kawung mah geus puguh, da tidituna oge hangru, bau, asa mingkin hangru, hanyir nu aya. Duh, asa poek mongkleng buta rata kieu alam dunya. Rek lumaku kaditu ka dieu geus teu sumanget, da sumangetna geus beakeun dipaokan ku bebene hate. Komo lamun leungen abus kana saku boh baju boh calana, duit geus beak, gajih sabulan teh ngan saukur beak keur mayar setoran Motor. Keuna ku paribasa nete semplek nincak semplak, kitu salah kieu salah, lamun awak keur tiis mah sagala rupa oge karasa tiisna; Hate asa beuki gudawang, moal bisa diubaran ku karembong beureum, moal bisa dibeukeut ku samping kebat, nalika katenjo bebene hate pangupa jiwa pujaan manah keur digagandong ku kabogohna. Katenjo ku juru panon manehna meni suka bungah, seuseurian, atoh, gumbira, sedengkeun ari kuring ngadon ngolomoh curuk, bari reumbay ku ci panon ngalembereh kana pipi. Bener, katunggara euweuh tungtungna, hayang teuing anu digandong teh labuh, terus anu ngagandongna oge pipilueun labuh, 9

salian ti labuh teh hayang teh sirahna diadu jeung batu cadas, terus katenggar ku tanduk munding mang Ganda. Kitu... hate oge jadi goreng ka batur, sirik pidik jadi cirina ati. Keur ngadon ngalamun hareupeun hawu, gorowok anu jadi nini ngageroan. Duh, geus pasti rek nitah balanja ka Warung atawa maraban hayam jeung embe. Geus puguh awak asa lalungse, kari-kari dititah kudu ngalakonan nu karitu patut. Mending ngasupkeun sirah kana hawu jigana teh, maturan beuleum sampeu dina ruhayna seuneu anu marakbak. Ngan, ari ngalawan kanu jadi nini mah teu wani, da ceuk mang Haji Jajang ge eta teh dosa gede, sanajan keur gering hate, embung ari dikutuk jadi batu atawa arca kunu jadi nini mah. Kapaksa bari ngulapes-ngulapes oge nyamperkeun kanu jadi nini. Masih di harudum ku samping butut, beungeut mah geus puguh leuwih butut alabatan bubuturan jeung topo paranti ngepel. Duh gusti.... Nini nitah ngala cai, kudu nimba di sumur Haji Ook. Mangkaning kudu ngaliwatan ka imah manehna. Rek ngala cai kanu jauh geus puguh waregah, kapaksa sanajan era jeung embung nenjo manehna oge ngala cai teh ka Sumurna Haji Ook. Ember dibawa meni beurat nakeran asa ngajingjing stum jeung beko, samping masih dipake morosot saeutik mah teu jadi masalah, da keur nyeri hate ieuh, buuk masih acak-acakan kusabab can mandi kana tilu poena, awak ngan saukur dibunian ku kaos sangsang kohok, geus teu sumanget barangpake ku papakean anu aralus teh, calana levis, baju cele, kameja jeung kaos merek " Harley Davidson" mah geus teu dipalire. Komo make minyak seungit mah, dalah minyak merek " Bulgary atawa Kenzo" oge geus teu ka ambeu-ambeu acan seungitna. Bulu kelek rangeteng siga hurang anu napel kana bulu bitis, teuing bau teuing heunteu da ku irung mah teu kaangseu-angseu acan. Jantung ratug, manah sumeblak, nalika nenjo manehna keur sasapu hareupeun imah. Rek nguliseud ka pipir kaburu katenjoeun. Dada asa beuki rongkah kaduruk nalika manehna gugupay, lain ku lengueun tapi ku sapi nyere, " Kang Kesinih....!" Pokna teh. Duh kieu geuning ari jalma leutik mah teu ku batur ku deungen pada ngahinakeun. Jigana dianggap runtah kuring teh. Disaruakeun jeung kalakay daun nangka. Bari leumpang lalaunan hate dipinuhan ku amarah kapaksa ngadeukeutan manehna. " Aa, maafin Ijoh ya!" Pokna semu kekelemesan. Nepika katenjo taneuh beureumna oge, moal dihampura ku aing!!! Gerentes hate, da ngadak-ngadak jadi sebel atuh nenjo manehna sok sanajan ceuk batur mah manehna teh kembang desa, awewe panggeulisna, ayeuna mah katenjo ku kuring siga kuntilanak, ririwa, atawa bebegig sawah. " Aa, mau khan Maafin Ijoh!!" Pokna deui, " Aa, orangnya baek dweh!" Ah, siahh... tong loba ngomong, haseum kadengena oge, komo bari luwu -lewe kitu mah, kagok borontok kapalang belang aing mah kumaha engke we, teu sudi ngahampura kana kalakuan awewe model maneh, awewe nu teu satia kana sabda, awewe nu sok jalir kana jangji, awewe anu gampang kabongroy ku harta jeung ku banda, awewe nu teu bisa ngahargaan kana cinta, awewe burunungul, 10

awewe gelo, kitu hate ngagorowok tapi hese dikedalkeunana. " Ya, udah... Ijoh mendingan nyapuin lagi buruan...!" Ceuk manehna, bari sasapu jeung teu nolih deui ka kuring. Kuring ngajugjug bari ngagedir ku amarah ka sumur Haji Ook. Loba pisan awewe anu keur kukumbahan, nyeuseuh jeung ngala cai. Bener.... asa hayang ngajol ngagujubarkeun maneh ka jero sumur mun teu nenjo kanu jadi nini mah. Nimba cai ge dipangpenkeun ember teh ka jero sumur. Kabeh anu aya didinya katenjo kagetna, malah ceu Itoh mah molotot sagala. " Aduh... kunaon silaing teh Sujang.... kos anu kasurupan ku Mbah Lemud siah ngala cai teh. Eta kade ember bisi beulah!" " Hampura , Ma!!" Ceuk kuring bari jung ngangkatkeun ember anu geus pinuh ku cai. Ember ku kuring dilepaskeun, cai ngabayabah ngalembereh dina taneuh, bumi alam asa inggeung, kawas aya lini sayuta skala richter, tetenjoan ranyany kararoneng, geus teu inget kana nanaon deui, waktu nenjo manehna keur ngepel di barengan ku kabogoh anyarna. Silih simbeuh ku cai, saleuseurian, silih udag di buruan, malah si Pepen, kabogoh anyuarna mah siga nu ngahajakeun sok tual-toel kana kana gado manehna. " Aa, Apen, ayo kejar , IJoh!!!" Pokna teh, bari ngadelekan ka kuring, siga nu ngahaja mapanas. Kuring balik, ember kosong dijingjing, samping nyapuan taneuh, cimata ngeclakan euweuh beakna. " Jang, kunaon ari nyaneh!" Ceuk nu jadi nini bari ngusapan kana buuk. " Ujang teh nuju raheut manah, Ma..." " Keun atuh da biasa ari nandangan nu kitu mah. Geus ah ngewa, era ku tatangga..." Sajongjonan kuring cicing. Omongan nu jadi kolot aya benerna. Ucapan nini teu salah, raheut hate mah geus biasa, pasti tumiba ka sakuliah jalma. Tong boroning aing, selebritis oge loba anu putus cinta, jalma-jalma gede oge loba nu raheut hate. Gerentes hate. Berebet kuring lumpat, muru ka Imah manehna. Geus teu panas deui ayeuna mah, waktu manehna silih udag jeung si Pepen. " Ijohhhhhh......... Aa maafin neng!" Ceuk kuring ngagorowok. " Aa.. ayeuna sudah boga semangat deui....!" Ceuk kuring poho samping nyingsat saeutik, " Masih loba keneh ceuk ema oge awewe lain 11

salian maneh Ijoh...!" Manehna jeung si Pepen bati olohok ngebang kadu, mata simeuteun, nenjo kalakuan kuring anu kitu. Bari ngeupeulkeun leungeun, kuring lumpat ka jalan, teu malire loba nu nenjokeun, terus ngagorowok, " Aing Lalanang ti medan laga, lalaki ti tegal jurit, tineung-ludeung moal honcewang komo ringrang, awewe masih keneh loba , awewe masih keneh loba nu nganti aing!! Ieu aing... lalaki sajati, nu moal eleh kusabab raheutna ati....!" Kuring gogorowokan sapanjang jalan. Ceuk batur mah, kuring teh geus jadi jalma gelo da uanggal poe ngadon lumampah kaditu ka dieu bari gogorowokan, jeung ngucapkeun, " Aing lalaki sajati....". BALANDONGAN, MARET 2010

12

You're Reading a Free Preview

Mengunduh
scribd
/*********** DO NOT ALTER ANYTHING BELOW THIS LINE ! ************/ var s_code=s.t();if(s_code)document.write(s_code)//-->