Anda di halaman 1dari 9

Nama

: HADYAN FARREL NUGRAHA

Kelas

: XI IPA 5

No.Absen

: 07

Tugas

: CARPON BASA SUNDA

Lantai Luhur? Whos Scare? Saha nu sieun?


Karya : Hadyan FN
Kuring maca buku di teras imah. Lantaran, di jero mah panas.
Duka, pedah mendung sugan? Bade turun hujan? Novel nu karek
dibeli kamari, ayeuna the di baca. Resep atuh da, horror-horror kitu.
Teu lila, ponsel kuring kedip-kedipan. Aya sms. Saha nya? Pas
ditempo, ti si Ani, batur kuring. Tos lami teu pependak, padahal mah
sa sakola. Ayeuna mah ulinna jeung batur anyar. Ka kuring mah
jarang pisan ngobrol, pependak ge sombong teu pernah nyapa. Tara
ngajak ulin bareng jeung babaturan. Nya teu nanaon sih, tapi da asa
males bae ka jalmi nu kos kitu mah. Baheula bae, sok ulin. Ayeuna?
Teuing lah.
Teu lila, hujan. Kuring langsung asup ka imah sambari mawa
novel eta.
...
Bu, abdi mangkat nya ka sakola kuring salim ka ibu. Bapa tos
mangkat tiheula ka kantor.
Enya, bismillah heula, ati-ati nya
Enya
...
Oh enya, perkenalkeun name abdi teh Hans Bramantya.
Babaturan mah sok manggil na Hans. Kuring teh murid pindahan ti
sakola SMA 1 Suka Maju ka SMA 2 Suka Maju. Nya teu aya beda na
sih, tapi bedana ngan tilu. Batur anyar, guru anyar, jeung
lingkungan anyar. Di SMA 2 ieu teh aya hiji batur kuring, nami na
Ani. Enya eta.

Anyar pisan, karek kamari kuring teh pindah. Lantaran, pun


bapa pindah bumi na ka nu caket ieu sakola. Ah duka lah, sebenerna
mah teu daek kuring teh, Nyaah. Tapi da kumaha.
Hari pertama jadi murid anyar, beneran na ge kuring culangcileung teu puguh. Naha? Da teu aya nu kenal. Kantin. Kuring basa
eta ka kantin, ti dinya, kuring meunang batur anyar, namina Andi.
Sakelas deuih, tuh da ari aya nu kenal mah rada bae..
Eh, ieu teh nu ti kelas XI IPA 5 kan? Saurna ka kuring nu nuju
ngahuap sasendok bakso. Kuring ngalieuk, neleg heula eta bakso nu
aya di mulut kuring. Manehna calik di dekeut kuring.
Enya, eh ieu teh saha nya? Kuring nginget-nginget da teu
inget sakumaha ge..
Manehna seuri bae, Haha, sok pohoan kieu da kuring teh apan
sakelas jeung maneh, Andi
Kuring seuri, garing. Bari teu jadi ngahuap bakso. Manehna
tuluy nangtung, sambari mesen ka palayan nu lewat ka dekeut meja
kuring. Terus calik deui.
Kumaha, resep henteu? Ceuk manehna deui.
Naon na nya? Kuring pura-pura teu nyaho, sabenerna mah
nyaho sih arah cariosan nu ka Sakola ieu.
Kuring nyilangkeun sendok jeung garpuh, akhirna ngajawab
Nya.. resep sih, tapi asa teh kuring mah teu dianggap kieu. Naha
mereun atuh kuring mah murid anyar, nu teu bisa nanaon
Hus! Ulah kitu atuh. Engke ge enggal dekeut ka nu sejen
Teu kungsi lila pesenan si Andi dongkap.
...
Ayeuna kuring keur di kantin deui, ayeuna mah duaan jeung
batur kuring nu kamari.
Andi teh rompok na di mana? Kuring nyela ngomong pas
dahar.
Encan si Andi ngajawab, aya si Ani jeung gerombolan na lewat
meja kuring jeung Andi. Sombong pisan, nyapa ge henteu, padu ge
ngalieuk teu jelas. Kuring mah padu, Hih bae pas ngalewat.
Makarep, teu mkiran kuring ngacibir sorangan, si Andi
ngadenge tapi.

Oh enya Han, terang henteu? Manehna langsung nanya kitu,


aya naon? Jiga nu sieun-sieunan kitu atuh.
Naon?
Di sakola ieu teh, aya lantai nu pangluhurna. Eta teh tilas
kelas, ngan ditutup lantaran parantos aya mutilasi salah sahiji
siswa Si Andi carita, teu Tarik tapi ngomongna.
Ah sugan? Terus-terus?
Sok gentayangan apan, hii.. sasakola ieu teh terang sadaya.
Sok sieun mun uih leuwih ti jam 4 teh
Hah? Terus kuring kedah kumaha? Enya sih, kuring the gaduh
indera kagenep. Tiasa ningal nu kos kitu. Tapi da biasa bae.
Oh sapertos eta.. Kuring nginum jus jeruk, si Andi gelenggeleng hulu bae.
Maneh teu sieun?
Kuring seuri bae, lucu sih, mereun Naon nya, da tos biasa
ningal nu kitu mah
Andi melongo bae, jiga nu kaget bari teu ngartieun, Maneh
gaduh.. mata batin?
Kuring ngangguk bae. Si Andi kalah teh ngajentik jari, Tarik,
saisi kantin narempo kabeh ka dieu. Naon sih duh sok araraneh bae
teh.
Tong gandeng dih Kuring rada molotot ka Andi, ngalanjut
pernyataan Nya mun kieu mah, kuring panasaran, beneran,
kumaha mun engke cuang ngalongok ka luhur?
Ka luhur ka mana sih? Teu ngajak-ngajak yeuh?
Aya nu ngajawab pertanyaan kuring. Lain si Andi, tapi sora
awewe. Pas ngalieuk..
Eh geuningan maneh sih?? Kuring kaget, si Ani.
Naon sih Han, ntong so kaget kitu naha, ih asa pendak ka
saha bae Si Ani jeung batur hiji awewe na tuluy diuk hareupeun
kuring jeung Andi.
Kuring rada sinis.

Ih kamari-kamari mah sombong nemen ari maneh the,


ayeuna jadi kieu? Kasambet naon sih ni? Kuring nyeletuk ka si Ani.
Andi jeung hiji batur awewe si Ani seseurian.
Si Ani nyarita. Yen maneh na teh jarang ngomong jarang naon
the lain ku tanpa sabab. Lantaran, manehna isin ka kuring. Terus,
manehna ge teu enak lantaran baheula teh pernah ngarusak laptop
kuring pas sataacan na. Aneh kitu geuningan, cicing lantaran hal nu
teu penting. Naon da laptop eta mah emang tos rusak. Ceuk Ibu ge
teu nanaon, tinggal ge meser deui. Si Ani bae nu terlalu lebay. Jadi
na the ngarasa bersalah nemen. Duh ai batur.
Tos atuh ni, ulah di perpanjang. Nu kitu bae teh. Ceuk kuring
bari seuri, si Ani manyun bae.
Eh maraneh teh ntos kenal? Tanya si Andi ka kuring jeung
Ani. Kaget-kaget kitu.
Kuring jeung si Ani ngangguk babarerengan bari nyengir. Duh
asa teh resep, kuring bisa arulin deuih. Nuhun atuh lah. Eh, ayeuna
teh arurang nuju nyarita soal jurig nu di lantai luhur. Ditambih, aya
batur deui namina Santi. Ieu baturna si Ani. Bageur pisan, tadi ge
ditraktir apan. Duh meni bungah pisan. Nu dikira kuring teh salah..
Ni, caritakeun geura sok, si Han palay terang cenah Saur si
Andi.
Nya kieu caritana.. baheula, aya budak sakola ieu nu pinter
pisan. Lalaki. Dipikaresep ku guru, murid sejen oge. Tapi, budakna
teh aya kalainan jiwa. Atawa, psikopat mun ceuk jama pinter mah
Si Ani narik napas, Nya jadi, aya hiji situasi. Si budak eta teh,
sebut bae si A. Di bully ku budak tiluan. Nah, sih A teh dibabukan
nepi ka babak belur, di lantai luhur eta. Si A diece, ku budak tiluan
eta, sampe si A beweh nya
Kuring ngadenge carita eta bari dahar bakso.
Nah pas eta, si budak eta nyokot tas na, muka eta tas.
Nyokot.. gunting. Terus na bunuh diri di dinya. Bari nyumpahan, erek
ngabales ke budak tiluan eta
Kuring resep weh miring carita na. Si Andi jeung si Santi mah
apan tos terang jadi na biasa bae. Kuring nyuruput jus melon, Jadi?
Ayeuna oge, hayu lah cuang ka luhur! Mendakan eta budak!
Asa api-api kuring teh. Tuh kan, ditempoan deui. Isin ih isin.

Hayu bae sih, tapi ngotak atuh ih da siang keneh ayeuna


mah! Si Ani nyarekan kuring, henteu nyaanan sih.
Muhun.. bener.. abdi ge bade ngiring, sakantenan hoyong
terang Si Santi ngomong. Sopan pisan budak teh.
Ok, atuh engke uih sakola, cuang kumpul di taman sakola.
Kumaha? Usul si Andi.
SATUJU!!
...
Ayeuna jam 3 sore. Kumpul di taman, nuju ngebralkeun
masalah lantai luhur eta. Kuring ngagaduhan usulan nu langsung di
tarima. Jam 8 wengi, opatan ieu bade ka lantai luhur. Ntos sih ijin ka
orangtua, carita n amah aya kagiatan di sakola. Teu detail sampe
ngomong bade ngungkap eta lantai luhur. Nya meren bae, atuh
moal diizinan mun ngomong kitu mah.
Di sakola ieu aya panjaga sakola, kuring tos apun ijin oge ka
maranehna. Ayeuna, tinggal ngomongkeun masalah perbekalan bae.
Lain ciki jeung nginuman. Tapi, camera jeung lampu petromak +
senter. Kuring panasaran ka ieu kajadian. Naha geh eta ngadekem
bae di dinya, bari nyngsieunan barudak kitu. Ah, teuing sih.
Jadi, jadi kan? Si Andi ngomong, basa arurang keur caricing.
Katingali aya manuk hideung hiber di luhur. Gagak mereun.
Jadi lah, tong ngarang coba Kuring nyolot, bari miceun
bungkus roti ka tong sampah.
Eh enya, kumaha mun ayeuna geura kumpul di rompok
kuring, kumaha? Saur Ani.
Kuring awalna mikir, lantaran si Andi jeung Santi langsung
satuju, kuring daek teu daek kudu satuju oge.
Enyalah, jam setengah dalapan atuh sok lah tong ngaret,
kudu gewat, nya? Ceuk kuring, bari aya guludug.
Barudak enggeuk bari nangtung, terus ribut teu puguh bari
lulumpatan. Hujan deuih. Argh! Ieu kan acuk kangge besok! Buru ah
lumpat oge, nyusul barudak!
...
Jam setengah..

Untung hujan na teh teu lila, ayeuna kuring jeung si Santi nuju
aya di ruang tamu rompok na Ani. Untung pisan atuh, ibu jeung
bapa Ani kenal keneh ka kuring. Sugan mah tos hilap, eh ari namina
tos kenal pisan mah kumaha atuh.. kenal bae, nya?
Si Ani tos ngambek bae, nempoan bae jam dinding nu muter,
nungguan si Andi nu tacan datang-datang.
Si Andi ka mana sih? Nyasar sugan? Ani kukulutus bae,
manehna nempo ka kuring, Han, buru coba sms ka si Andi, ih meni
lami, kaburu peuting yeuh!
Si Ani.. ari tos ngambek kieu sok teu sabaran. Ah apal kuring
mah si Ani kumaha. Da ti smp tos bareng. Ngan sabulan teu pendak
mah sugan ngaruh? Sugan poho? Henteu da.
Saurna, nuju di.. encan kuring rengse ngomong, aya sora
gera-gero ti luar. Si Andi mereun.
Buru-buru arurang tiluan ka luar, nempoan saha nu gera-gero.
Naha ari tos ka luar, teu aya sasaha. Sepi bae. Dih asa serem
kumaha kitu.
Andi.. tong nyingsieunan sih.. Si Santi nyarios ka halaman
imah Ani nu lega tur sepi.
Kuring ngarasa, nu ngageroan teh lain jalmi. Maksudna, aya nu
iseng. Tapi kuring ulah sampe ngomong nu sabenerna, ulah nyieun
mental turun ka dua gadis ieu.
Ah, mereun jalmi iseng. Tos lah, nam cuang kalebet nungguan
Andi Kuring ngabohong. Ani jeung Santi masih lungak-longok
nempoan. Eh, teuing naon, manehna nempo..
Eh!! Eta tah, Si Andi!! Si Ani jurat-jerit ribut teu puguh.
Andi donkap. Berarti tos lengkap. Ani kalebet, ijin kaluar ka ibu
jeung bapa na. Ayeuna, nu ditunggu-tunggu teh karek dimulai.
...
Sakola nu di isuk mah resep katingal na, ayeuna mah asa
keeung. Entos mah caket kebon. Poek, tapi untungna aya lampu nu
samar-samar. Anehna, geuningan teu aya panjaga sakola sih? Ka
mana nya? Kuring muka gerbang, sora na ngagema. Aya sasatoan
nu hiber ti tangkal caringin di tengah sakola. Hawa tiis, nusuk
nembus jaket.
Ih, serem nya Komentar Ani.

Nya mereun atuh, da teu aya orkes Bales Andi.


Si Santi seuri gumeulis bae, kuring fokus ka jalanan nu ka
lantai pangluurna, caket kelas XII.
Bulan caang, samar-samar aya sora serigala di sora langkah
arurang. Si Santi rapet ka si Ani, sieun. Duh karunya teuing sih.
Tangga ka lantai luhur tos aya dihareupeun. Kuring nempo
heula sakedeng tangga eta nu ngajulang. Andi nyaangan petromak,
kuring siap jeung senter.
Siap? Ayeuna, hayu ka luhur kuring ngomando.
Tok..tok..tok..
Ayeuna, aya di ruangan lantai luhur. Bau, debuan, pokokna
mah teu kaurus. Ah, poek, loba beurit deui.
Kuring ngendap ka sisi ruangan. Ditempoan ku kuring. Aya
bercak darah garing, jeung tulang..
Ieu nanaonan sih? Kuring ngomentar. Andi jeung nu sejen na
leumpang ka kuring.
Emang naha Han? Tanya Andi.
Kuring nyekel eta tulang, Ieu tulang naon?
Ani jeung Santi ngajerit.
Duka atuh, kuring teu apal. Ani apal? Ceuk Andi.
Hen..henteu Ani gemeteran.
Whus..
Angin lewat, merinding, teu lila, di ruangan eta aya sora budak
nu ceurik lirih. Bari serem-serem kitu. Kuring langsung neangan eta
sora. Nu teu lain, ti budak nu bunuh diri di dieu. Andi nenangkeu Ani
jeung Santi. Kuring lempang ka kamer dina eta ruangan. Senteran..
Kuring nempo.. aya budak, make seragam, nu pinuh ku getih.
Mata na molotot, nyorot. Kuring ngalonjak. Waspada.
Saha maneh? Tanya kuring ka eta budak.
NAHA MANEH KA DIEU?? HAH?! Sora na ngagema, matana
angger molotot.
Kuring ngadengus, Heh, keur naha? Ngadekem kieu, keur
naha!? Kuring emosi.

Budak nu lain manusa eta the nodong keun gunting nu pinuh


ku cairan bereum ka kuring.
Erek naha? Bales dendam? Heh, padu nyaho Kuring angger
tenang.
Budak eta teh ngamuk, kamer eta diobrak-abrik. Kuring mah
datar bae nempo kalakuan eta. Eweh gawe.
Rengse? Kuring erek ngomong
NAHA?!! Budak eta angger serem.
Heh, ai maneh teh waras teu sih? Nyadar atuh, ulah
ngaganggu bae budak nu nimba ilmu. Ieu teh sakola, jug indit Ceuk
kuring.
MANEH GE KUDU NYAHO! KURING GE BOGA HAK HIRUP, TEU
KOS KIEU!
Kuring geleng-geleng, Heh eling, ai maneh kos kieu ulah
saha? Ulah maneh sorangan! Naha mun kuring mah moal daek kieu,
maneh bae nu salah!
Kuring narik napas, Hiji deui, manusa diciptakeun geus aya
takdir na, kudu berjuang, ulah nyerah kos maneh! Ayeuna, maneh
kikieuan erek naha? Mending indit, ulah neangan perkara
Maneh budak bageur, budak pinter, kuring mah kecewa
nemen ka batur kuring mun kos kieu teh. Dendaman, teu alus. Geus
lah, menit ngahareupan maneh mah
Kuring indit. Andi, Santi, jeung Ani nempokeun bae kuring.
Gemeteran kitu. Karek salangkah kuring leumpang, budak eta
ngomong tukangeun kuring.
Nya.. kuring salah? Nada ngomong na mulai rendah.
Kuring teu ngalieuk, Enya
Kuring kudu kumaha? Manehna nanya deui.
Tinggalkeun sakola ieu, ambeh lantai luhur bisa dipake jeung
tenang
Wuss..
Angin ngahembus, aya cahaya caang pisan ti budak eta. Pas
cahaya padam, manehna leungit.
Akhirna.. indit

...
Samenjak eta kajadian.. lantai luhur eta ayeuna jadi kelas deui,
sapertos samula. Tentram, teu aya desas-desus deui. Kuring, Andi,
Ani, jeung Santi ayeuna keur di kelas eta. Sakedar nempoan.
Haha, lantai luhur? Saha nu sieun? ceuk kuring.
Ih, so pisan jadi jalmi teh, dasar murid anyar Ambek si Ani.
Tos ah, cuang ka kantin nam? Ajak si Andi.
Hayu.. kuring traktir nya? Tawar si Santi.
Akhirna, arurang ka kantin. Sakola jadi tenang, bebas dipake
sampe peuting. Da teu aya aturan nu teu meunang di sakola leuwih
ti jam opat. Eh engke.. eta saha sih? Aya budak nu.. ngalayang,
hiber, bari pucet kitu? Teuing ah.
-TAMAT-

Anda mungkin juga menyukai