Anda di halaman 1dari 4

ADAT ISTIDAT TATAR SUNDA

A. Upacara Adat Mangsa Kakandungan


1. Upacara Kakandungan Opat Bulan
Jaman baheula, masarakat Tatar Sunda, lamun aya aww anu keur
ngandung 2 atawa 3 bulan teu acan disebat hamil, masih keneh disebat
nyiram. Sanggeus luwih 3 bulan nembe disebat hamil. Upacara
kakandungan tilu bulan jeung lima bulan dipigaw minangka bja ka
tatangga sarta baraya yn aww ta geus enyaan hamil. Tapi ayeuna
kacenderungan masarakat ngalaksanakeun upacara dina mangsa
kakandungan nincak umur opat bulan, lantaran mangsa kakandungan
opat bulan ieu, mangsa ditiupkeunna roh ka jabang bayi ku Alloh SWT.
Biasana upacara kakandungan opat bulan ieu dilakasanakeun kayalan
ngondang pangaosan pikeun ngabacakeun doa salamet, biasana doa
nurbuat jeung doa nua sanesna, supados bayina mulus, sampurna,
sarehat jeung salamet.
2. Upacara Kakandungan Tujuh Bulan/Tingkeban
Upacara Tingkeban nyata upacara anu diayakeun nalika nu keur
kakandungan nincak umur tujuh bulan. ta hal dilaksanakeun sangkan
orok anu aya di jero kandungan sarta anu ngababarkeunna baris salamet.
Tingkeban asalna tina kecap tingkeb, hartina tutup. Maksudna si ibu anu
keur ngandung tujuh bulan teu meunang sapatemon jeung salakina nepi
ka opat puluh po sanggeus ngajuru, sarta ulah digaw anu beurat, sabab
kandunganna geus ged. Hal ieu pikeun nyingkahan tina hiji hal anu
henteu dipikahayang.
Dina prak-prakanana ieu upacara sok diayakeun pengajian babarengan
sarta biasana maca ayat-ayat Al-Quran, nya ta surat Yusuf, surat
Lukman sarta surat Maryam. Lian ti ta ditataharkeun og parabot pikeun
upacara ngamandian nu keur kakandungan, sarta anu utama nyata rujak
kanistren anu diwangun ti 7 rupa bungbuahan. Ibu nu keur kakandungan
dimandian ku pinisepuh kulawarga deukeut anu dipingpin ku
saurang paraji sacara
bagilir
kalayan
ngagunakeun
7
lembar
lawon samping batik anu dipak gunta-ganti unggal guyuran sarta
dimandian ku cai kembang tujuh rupa.
Sanggeus rngs dimandian biasana ibu nu keur kakandungan
didangdanan tuluy dibawa ka tempat rujak kanistren anu geus
disiapkeun Tuluy ibu anu keur kakandungan ngajual ta rujak ka barudak
sarta para smah anu hadir dina ta upacara, sarta maranhanana

meulina ngagunakeun talawengkar, nya ta kentng anu geus dijieun


buleud kawas duit kencring. Nalika ibu nu keur kakandungan
ngajual rujak, salakina mah miceun ssa parabot mandi, kawas cai ssa
dina jajambaran, kembang, jsb. Ssanggeus rujak kanistren bak kajual,
runtuyan upacara adat tingkeban rngs dilaksanakeun.

3. Upacara Kakandungan Salapan Bulan


Upacara kakandungan salapan bulan dilaksanakeun nalika umur
kandungan nincak salapan bulan. Dina ieu upacara diayakeun pangaosan
supados bayi nu dikandung lahir salamet dina waktosna. Dina ieu
upacara dijieun bubur lolos. Maksadna, supados dimudahkeun waktos
ngalahirkeun, lolos. Ieu bubur lolos biasana dibagikeun jeung sangu
tumpeng atawa leeutan nu sanes.
B. Upacara Kalahiran sarta Mangsa Bayi
1. Upacara Miara Tembuni
Tembuni/placenta dianggep dulur si bayi. Ku lantaran ta, teu meunang
dipiceun sagawayah, nanging kudu diayakeun upacara pikeun
nguburkeunna atawa malidkeun ka walungan. Barengan jeung bayi anu
dilahirkeun, tembuni (placenta) anu kaluar biasana dirawat, dibersihan
sarta diasupkeun ka pependil, dicampur ku samara uyah, asem sarta gula
bereum, ditutupan ku lamak bodas, dibr liang paranti hawa (lkan).
Pependil diais ku sinjang sarta dipayungan, biasana ku paraji, dikuburkeun
di hareupeun imah. Aya oge nu dipalidkeun ka walungan sacara adat.
Upacara panguburan tembuni dibarengan ku pembacaan doa salamet
sarta nepikeun hadiah atawa tawasulan ka para leluhur sarta ahli kubur.
2. Upacara Puput Puseur
Sanggeus orok leupas tali puserna, biasana diayakeun salametan. Tali
puser anu tos lepas tea ku indung beurang diasupkeun kana kanjut
kundang. Saterasna, puseur ditutupan ku bnggol nu geus tibungkus ku
lamak atawa kapas, maksud dina upacara ieu nyata sangkan puseur
budak teu dosol. Upacara ieu sok dihijikeun jeung mere ngaran ka budak,
bari maca doa salamet, nyayagikeun bubur beureum jeung bubur bodas.
Aya kapercayaan tali puseur (tali ari-ari) teh lebet kana baraya orok nu
kudu dijaga. Aya oge baraya orok nu tilu deui nyaeta tembuni/placenta,
pabungkus, jeung kakawah. Tali ari, tembuni, pabungkeus, jeung kakawah
biasa disebut dulur opat kalmia pancer, nyaeta opat baraya jeung

kalimana salaku udel orok. Kabeh eta kudu dijaga mih isukan mun geus
dewasa bisa hirup rukun jeung barayana (lanceuk jeung adina), ku kituna
kacapaina kabagjaan.
3. Upacara Ekah (Aqikah)

Saleresna kecap ekah asalna tina basa Arab, tina kecap aqiqatun, anu
artina anak kandung. Upacara ekah nya ta salametan nebus jiwa budak
pikeun pamasihan Gusti Alloh atanapiungkapan rasa syukur parantos
dipasihan putra ku gusti Alloh jeung ngarepkeun budak engkena jadi
budak anu sholeh jeung sholehah anu bisa nulungan kolotna di akherat.
Dina palaksanaan upacara ieu biasana diayakeun sanggeus bayi nincak
umur 7 po, atawa 14 pe, tiasa og sanggeus 21 pe. Kalengkepan anu
kudu disadiakeun nyata domba atawa kambing kanggo dipeuncit, lamun
budak lalaki dombana kudu dua (kacuali kanggo nu teu mampu cukup
saekor), sarta mun budak aww ngan saekor wae.
Domba anu rek dipeuncit kanggo upacara ekah tea kudu nu alus, anu
memenuhi syarat kanggo kurban. Salanjutna domba eta dipeuncit ku
ahlina atawa ajengan nganggo pembacaan doa salamet, sanggeus eta
tuluy dimasak sarta dibagikeun ka handai tolan.
4. Upacara Cukuran/Marhaban
Upacara cukuran dimaksadkeun pikeun mersihkeun atanapi nyucikeun
rambut orok tina sagala rupi najis. Upacara cukuran atanapi marhabanan
the mangrupi ungkapan sukur ka gusti nu maha agung anu parantos
masihan putra anu parantos babar ku jalan salamet. Upacara cukuran
dilaksanakeun dina waktos orok yuswana 40 dinten.
Dina palaksanaana bayi digolerkeun ka tengah-tengah para ondangan
disertai perlengkapan bokor nu diisian cai kembang 7 rupa sarta gunting
anu digantungan perhiasan emas mangupa kalung, cincin atawa gelang
kanggo nyukur buuk bayi. Mimitan eta, para ondangan ngadoa sarta
berjanji atawa disebut marhaban atawa pupujian, nyaeta muji sipat-sipat
nabi Muhammad saw sarta ngabacakeun anu ngagaduhan hartos wilujeng
wedal bathin dunya aherat. Dina wanci marhabaan eta pisan buuk orok
digunting sakedik ku sababaraha jalmi anu berdoa dina wanci eta.

Anda mungkin juga menyukai