Anda di halaman 1dari 12

CONTOH ESAI SUNDA

sumber:ajip-rosidi.com

DI AJAR MACA

Basa kuring asup ka kelas hiji Sakola Rayat (ayeuna mah Sakola Dasar), dina pangajaran maca,
ngagunakeun buku Diajar Maca (mun henteu salah kitu judulna). Poho deui saha nu ngarangna. Ngan dina
éta buku, murid anu kakara diajar maca cara kuring, diajar ngéjah. D-i d-i … Didi; Y-o y-o …. Yoyo ….. W-
i w-i ….. Wiwi jeung saterusna. Murid diwanohkeun heula kana aksara, boh anu aya soraan (vokal), boh anu
henteu aya soraan (konsonan). Ngan ku lantaran euweuh soraan, aksara lambang konsonan mah sok
ditambahan ku “e” heulaeunana. Jadi “Ed-i .. di, Ew-i …. wi, En-a …. na” jeung saterusna.

Ngajar maca cara kitu téh disebut diajar ngéjah. Ku sabab jumlah aksara Rum anu dina basa Sunda disebut
aksara Latén téh ngan ukur sawatara likur, atuh méméh anggeus kelas hiji ogé murid téh kabéhanana geus
apaleun kana sakabéh aksara. Lamun budak geus apaleun kana sakabéh aksara, hartina manéhna baris
bisaeun maca naon baé, pangpangna anu dina basa Sunda atawa dina basa séjén anu sistim éjahanana henteu
béda, cara upamana basa Indonésia.

Tapi dina taun 1960-an, para sarjana anu kakara mulang diajar di nagara Kanguru dina raraga Rencana
Kolombo nganggap yén sistim ngéjah téh tinggaleun jaman. Anu dianggap bener mah anu disebut “sistim
global”. Ari dasar falsafahna nyaéta ku lantaran urang dina waktu nénjo kecap téh henteu saaksara-saaksara
tapi sagemblengna, cara ari urang ningal karéta api henteu sagerbong-sagerbong, tapi saruntuyanana. “Sistim
global” téh digunakeun di nagara-nagara nu ngagunakeun basa Inggris, sabab dina basa Ingris mah aksara
téh henteu salilana sarua diunikeunana, upamana aksara “u” henteu salilana diunikeun “u”, lamun mandiri
dibaca “yu”, tapi lamun di antara dua konsonan sakapeung dibacana “a” cara dina “but”, tapi sakapeung “u”
cara dina “put”. Kitu deui aksara “i”, lamun mandiri dibaca “ai”, tapi lamun bareng jeung aksara séjén, béda-
béda ngunikeunana, sakapeung dibaca “ai” cara “time” dibaca “taim”, tapi sakapeung dibaca “i” cara dina
“bit”. Aksara “a” sakapeung dibaca “éi” cara dina “take”, tapi sakapeung dibaca “a” cara dina kecap
“answer”. Aksara “o” biasana dibaca “o” cara dina kecap “long”, tapi lamun aya dua sakapeung dibaca “a”
cara dina “blood”, tapi sakapeung “o” baé ngan rada panjang cara dina “door”. Sakapeung deui “o” téh
dibaca “wa” cara dina “once”. Cindekna sora unggal aksara dina basa Inggris mah henteu angger, béda jeung
dina basa Sunda anu salilana angger. Aksara “a” diunikeun “a” sanajan di mana baé diperenahkeunana, jeung
dihijikeun jeung aksara naon baé gé. Kitu deui aksara “u”, “i”, “o”, “é”, “e”, “eu” tara robah unina naha
mandiri, naha saheulaeun atawa sapandeurieun konsonan, atawa di antara dua konsonan, angger baé.

Kitu deui aksara konsonan dina basa Sunda mah angger diunikeunana di mana baé tempatna. Béda jeung
dina basa Inggris, apan konsonan “g” sakapeung dibaca “g” cara dina kecap “egg”, sakapeung dibaca “j”
cara dina kecap “logic”. Kitu deui konsonan rangkep “gh” (sakapeung diunikeun “g” cara dina “ghost”,
sakapeung “h” cara dina “though”, sakapeung “k” cara dina “lough”), “t” (sakapeung “t” cara dina “hit”,
sakapeung “c” cara dina “tulip”) jeung réa-réa deui.

Ku lantaran kitu dina pangajaran maca di nagara-nagara nu ngagunakeun basa Inggris aya mataajaran anu
disebut “spelling”, nyaéta nu ngajarkeun kumaha nuliskeunana saban kecap. Sabab dina hakékatna basa
Inggris mah sarua jeung basa Cina, apan Kanji gé saban kecap téh dilambangkeun ku aksara nu cara nulis
jeung garis-garisna kudu diapalkeun. Lamun salah nyieun garis atawa garisna aya nu kurang atawa aya nu
leuwih, diunikeunana jeung hartina baris béda. Kecap-kecap dina basa Inggris ogé kudu diapalkeun susunan
aksarana, lamun kaliru baris béda ngunikeunana sarta béda hartina deuih.

Jadi para pakar urang anu ngawanohkeun sistim global dina ngajarkeun maca basa Indonésia jeung Sunda
téh, saenyana mah ngan tuturut munding bari henteu ngarti yén pasipatan unggal basa téh béda-béda. Naon
anu alus jeung merenah pikeun basa Inggris, tacan tangtu merenah jeung alus pikeun basa Sunda jeung
Indonésia, sanajan aksara anu digunakeunana sarua tur asalna ti sumber budaya Barat. Komo deui da pikeun
ngalaksanakeun sistim global mah, barudak téh kudu dibarengan ku réa maca, hartina kudu réa buku sangkan
dina waktu diajar réa papanggih jeung “runtuyan gerbong” anyar. Di nagara-nagara maju tempat para pakar
téa diajar, buku geus henteu jadi masalah. Perpustakaan anu lengkep aya di tiap sakola. Béda jeung di urang.
Dina taun 1960-an waktu sistim global téa mulai dilaksanakeun, buku masih jadi barang langka, sarta sakola
anu bogaeun perpustakaan masih ancal-ancalan. Akibatna barudak SD nepi ka kelas 4 masih kénéh tacan
lancar maca. Hartina jutaan budak jadi korban “ékspérimén” para pakar anu kabisana ngan tuturut munding.

Luyu jeung pasipatan basa Sunda, aksara Latén anu digunakeun pikeun nuliskeun basa Sunda ayeuna paling
merenah diajarkeun ku sistim ngéjah cara Ed-i … di, Ew-i ….. wi, En-a ….. na, Em-o …. mo jeung
saterusna.

Pangajaran maca téh tujuanana sangkan barudak bisa maca, nyaéta bisa ngunikeun runtuyan lambang anu
mangrupa aksara téa jadi kecap. Bisa jadi kecapna tacan kahartieun ku budak anu macana, tapi ngahartikeun
mah léngkah kadua sabada si budak bisaeun macana. Sabada terangeun kana kecapna jeung cara
ngunikeunana, lamun tacan ngarti kana hartina, si budak bisa nanyakeun ka guruna, ka kolotna, ka lanceukna
atawa ka babaturanana anu geus ngartieun. Lamun geus nyampak, nanyana bisa kana Kamus. Hanjakal tacan
aya kamus éka-basa Sunda anu praktis keur barudak.

Gerakan Kasundaan

GEUS lila aya kateusugema di kalangan urang Sunda, ku sabab dina balantika nasional langka
urang Sunda anu meunang kapercayaan pikeun nyangking kalungguhan penting. Éta kateusugema
téh sok diupahan ku ngabobodo manéh, ngarasa dianaktérékeun, atawa nyalahkeun sipat urang
Sunda anu cenah “sok ngaheulakeun batur”, “henteu karooh ku kalungguhan”, “daék éléh sungkan
meunang”, jeung sabangsana.

Dianak-térékeun – henteu mustahil. Tapi naon sababna merenahkeun diri jadi “anak” lain jadi
“bapa” atawa “indung”? Sanajan tangtu baé, masih kudu dipaluruh sacara obyéktif naha enya aya
anak téré jeung anak teges di lingkungan nagara Républik Indonésia. Naha timbulna rasa
dianaktérékeun téh lain ngan ku lantaran mémang urang Sunda éléh dina persaingan nasional anu
saenyana mah lumangsung sacara fair?

Lamun enya kitu, kateusugema ku nyalahkeun batur téh istuning kaliru. Sabab di alam démokrasi
nu jadi dasar nagara Républik Indonésia, saenyana euweuh anak téré atawa anak teges, henteu aya
bapa téré atawa indung téré, da kabeh sélér kalungguhanana sarua satata. Mémang kungsi aya
mangsana urang Sunda ngarasa henteu sugema ku ayana kawijakan “ko” jeung “non” pamaréntah
anu nyababkeun réa urang Sunda anu kapabel nyekel kalungguhan di pamaréntahan Jawa Barat
digésér ku sabab dianggap “ko”, diganti ku nu henteu kapabel tapi anyar datang ti Yogya nu
dianggap “non” – anu réréana urang Jawa. Kana ayana kawijakan pamaréntah anu maliding sanak,
timbul gerakan kasundaan dina taun 1950-an nu puncakna ngayakeun Kongrés Pemuda Sunda.
Gerakan kasundaan harita babarengan jeung gerakan di daérah-daérah lianna anu pada-pada ngarasa
henteu sugema ka pamaréntah Pusat anu didominasi ku urang Jawa anu beuki déngdék ka kénca ku
sabab dina Pemilu munggaran (1955) di luar sangkaan sareréa, PKI jadi partéy kaopat nu unggul
pemilu, nepi ka Presidén Sukarno keukeuh hayangeun ngawangun “kabinét kaki empat”. Tapi para
formatur kabinét anu ditugaskeun ngawangun “kabinét kaki empat” téa teu aya nu sanggupeun.
Kabinét nu disusun ku PM Ali Sastroamidjojo gagal nyanghareupan gerakan-gerakan daérah, nepi
ka bubar. Presidén Sukarno ngaluarkeun “Konsépsi Presidén” (1957) nu intina dua hal: kahiji,
ngawangun Kabinét Gotongroyong anu ngajak PKI asup jadi anggota kabinét jeung kadua
ngawangun Déwan Nasional anu jadi panaséhat pamaréntah tur anggota-anggotana diwangun ku
wakil-wakil golongan fungsional jeung wakil-wakil daérah, dipingpin ku Presidén ku anjeun.
Presidén ku anjeun anu milihan anggotana. Sabada Kabinét Ali Sastroamidjojo bubar, Presidén
Sukarno ngangkat warganegara Dr. Ir. Sukarno jadi formatur sarta ngagunakeun wewenang
Panglima Tertinggi dina kaayaan perang (SOB) ngangkat jalma-jalma jadi anggota kabinét nu teu
meunang nolak. Nu diangkat jadi Perdana Mentri kabinét nu dingaranan Kabinét Karya téh Ir.
Djuanda Kartawidjaja, urang Sunda. Tugasna antarana nyanghareupan gerakan-gerakan daérah.
Sukarno gé bisaeun nurutan Walanda ngalakukeun adu domba.

Para pamingpin gerakan daérah nu umumna para panglima di Sumatera jeung Sulawesi (jadi kabéh
gé tentara) dina rapat di Sungai Daréh (Januari 1958) ngadongsok presidén sangkan ngabubarkeun
Kabinét Karya anu diwangun sacara henteu sah da presidén diangkat jadi formatur mah ngalanggar
UUDS 1950 (nu jadi UUD nu sah harita), bari ngusulkeun sangkan Bung Hatta jeung Sultan
Hamengku Buwono IX asup kana kabinét. Tapi pangdongsokna anu ditungtungan ku ultimatum téh
henteu diwaro, nya tuluy ngawangun “kabinét tandingan” PRRI. Akibatna Pamaréntah Pusat
ngirimkeun pesawat AURI ngabom Painan. PRRI dianggap “pemberontakan”. PRRI henteu
manggapulia nyanghareupan kakuatan militér Pamaréntah Pusat.

Kongrés Pemuda Sunda (KPS) diayakeun dina bulan Novémber 1956 ku para pamuda (béda jeung
di daérah séjén, lain ku tentara) ngawangun Déwan Komando Pemuda Sunda (DKPS) anu tugasna
ngalaksanakeun kaputusan-kaputusan KPS sacara hukum, antarana mangaruhan Konstituante nu
anyar diistrénan sangkan ngarobah struktur nagara tina kesatuan jadi federasi. Tapi dina bulan Méi
1957, para anggota DKPS ditangkepan kalawan tuduhan rék ngarobah struktur nagara sacara illegal.
Ditangkepanana waktu keur ngayakeun silaturahmi Lebaran nu dituduh ngayakeun rapat gelap.
Dokumén Kaputusan KPS nu geus diumumkeun dina pérs jeung dikirimkeun ka lembaga-lembaga
pamaréntah jeung masarakat, dianggap bukti yén rék ngarombak struktur nagara da dina kaputusan
DKPS aya pameredih sangkan nagara kesatuan RI dirobah jadi federasi. Sabada méh opat taun
ditahan tanpa prosés, para angota DKPS dikaluarkeun, da tuduhanana teu aya buktina.

Sabada para anggota DKPS ditarangkepan tur PRRI jeung Permésta dianggap pemberotakan,
beunang disebut tara kadéngé aya gerakan kasundaan atawa gerakan daérah lianna. Dalah dina
widang kasenian, kabudayaan jeung basa ogé henteu kadéngé kecétna. Tuduhan provinsialistis,
séparatis, federalis jeung sabangsa jadi ririwa anu ngareunteutkeun haté jalma anu hayang
ngayakeun kagiatan kadaérahan, kaasup ngayakeun kagiatan kasenian jeung kabudayaan.

Sabada Presidén Sukarno dirorod tina kalungguhanana ku gerakan nu disebut Angkatan 66,
organisasi-organisasi kasundaan milu ramé nyokong Orde Baru nu dibobotohan ku Jéndral Suharto,
bari ngapeskeun Orde Lama, nyaéta pamaréntahan anu dipingpin ku Presidén Sukarno. Basa
pamaréntah Orde Baru ngadegkeun Golongan Karya (Golkar) pikeun nyanghareupan Pemilihan
Umum 1971, organisasi-organisasi kasundaan cara Paguyuban Pasunda, Pasundan Istri jllna arasup
sarta aktif di Golkar.

Dina ahir taun 1966 Sudam I Divisi Siliwangi ngadegkeun organisasi pamuda, Angkatan Muda
Siliwangi (AMS), nu digunakeun pikeun nyokong pamaréntah Orde Baru dina numpes Orde Lama.
Dina Pemilu taun 1971, AMS aktif nyokong Golkar sarta pamingpinna aya nu diarangkat jadi
anggota parlemén boh di DPR boh di DPRD. Ku sabab tujuanana ogé ngunggulkeun “perjuangan”
Orde Baru, atuh soal kasundaan mah tara jadi acara utama, ngan sakasampeurna baé.

Kakara sabada sadar yén sihoréng anu ngawakilan Tatar Sunda dina perjuangan Orde Baru téh
réréana lain urang Sunda, tur urang Sundana ngarasa kadéséh da éléh visi jeung taktik, soal
kasundaan muncul jadi isu di kalangan élit Sunda kaasup nu aya di Golkar. Kakara engeuh yén nu
dariuk jadi wakil rahayat di DPRD Jawa Barat, geuning réréana lain urang Sunda.
Ti harita timbul deui sumanget kasundaan téh, komo sabada aya Undang-undang Otonomi Daérah
mah. Sasatna méh unggal bulan aya organisasi kasundaan diadegkeun, ngan hanjakal réréana mah
sabada ngayakeun salametan rongkah (“déklarasi”) dina waktu ngadegkeunana di hotél sigrong téh,
tara aya kadéngé naon kagiatanana. Umumna oriéntasina ngan usaha sangkan milu kabagian proyék
pamaréntah atawa sangkan urang Sunda jeneng nyekel kalungguhan di tingkat nasional atawa
daérah, da dianggap lamun aya urang Sunda dijungjung lungguh jadi pejabat téh tanda kaunggulan
ki Sunda. Sikep kitu téh pandangan kaom priyayi anu nganggap kalungguhan jadi ménak hiji
préstasi. Alam pikiran kaum priyayi nu jiwana biasa teuing ulun-kumawula téh, masih gedé kénéh
pangaruhna di kalangan para élit pamingpin Sunda nepi ka kiwari cara anu didémonstrasikeun ku
ayana Tim Indepénden nu diwangun ku organisasi-organisasi “bercorak kasundaan” anu
ngahaturkeun panuhun ka presidén sangkan maparin 20% tina jabatan penting nasional ka urang
Sunda bari ngasongkeun 160 ngaran urang Sunda anu cenah piliheun presidén. Béh dieu
ngasongkeun sapuluh ngaran anu dianggap merenah jadi menteri. Nu maak hélok, para anggota Tim
Indepénden téh aya dina daftar 160 urang Sunda anu merenah jadi gegedén tingkat nasional jeung
dina daftar 10 urang pimenterieun. Bubuhan geus aya ti dituna paribasa ngeupeul ngahuapan
manéh.

Tujuan gerakan kasundaan kuduna lain kalungguhan, tapi usaha sangkan urang Sunda, pangpangna
rahayat pépéték, meunang kasempetan sajembar-jembarna pikeun ngarépréséntasikeun diri jeung
pribadina dina widangna masing-masing. Lamun urang niténan balantika nasional, karasa pisan
kurangna urang Sunda méh dina sagala widang. Éléh ku urang Minang, Batak, jeung Bugis nu
jumlahna jauh sahandapeun urang Sunda. Naha ku lantaran urang Sunda henteu miboga
kamampuh? Tacan tangtu. Anu sidik, urang Sunda apan asor pisan kabisana da rata-rata urang
Sunda sakolana ngan 7 taun, hartina henteu tamat SMP-SMP acan. Sabalikna urang Sunda nu
mareunang atikan luhur, umumna pala putra ménak heubeul atawa ménak anyar anu mibanda
méntalitas priyayi, anu ngarep-ngarep dijenengkeun ku nu dibendo. Da ceuk pikiranana hirup nu
utama mah kudu nyekel kalungguhan di pamaréntahan, sanajan gawéna ngan ukur sembah kuriling
atawa jadi pakacar.

Padahal urang Sunda kakara maju, lamun élmuna luhung dina sagala widang, wani tandang ngadu
kamampuh parebut préstasi tina gawé nyata anu karasa mangpaatna ku balaréa. Tapi urang Sunda
luhung élmuna lamun sakola téh lain ngan ngudag ijazah jeung gelar, tapi enyaan ngudag élmuna.
Para kaom élit Sunda boga kawajiban pikeun ngusahakeun sangkan sakabéh urang Sunda bisa
meunang atikan anu cukup nepi ka dina waktuna tarung dina médan kahirupan nasional, bisa
unggul ku sabab parabotna samakta. Harkat jeung martabat urang Sunda moal unggah ngan ku
baramaén ménta-ménta kalungguhan, tapi ngan lamun urang Sunda réa némbongkeun préstasi nu
pikasérabeun dina sagala lapangan kahirupan di tingkat nasional.

Ngan pikeun nepi ka dinya, kudu aya parobahan méntalitas urang Sunda, tina méntalitas tukang
baramaén jadi méntalitas jiwa anu mandiri. Nu gedé kapercayaan dirina, tur dirojong ku élmu jeung
kamampuh dina metakeunana bari karasa mangpaatna ku balaréa.***

Khutbah ku Basa Sunda

Baheula mah khutbah téh kudu dina basa Arab baé, padahal jama’ahna henteu ngalartieun basa
Arab. Béh dieu khutbah ku basa Arab geus beuki langka, sabab mémang henteu aya larangan
khutbah ku basa nu lain basa Arab. Di Tatar Sunda (kaasup Banten) mimiti khotib khutbah dina
basa Sunda atawa Indonésia. Tapi ka dieunakeun, khutbah dina basa Indonésia beuki populér,
sabalikna nu khutbah dina basa Sunda beuki ngurangan.

Di masjid-masjid di Bandung, geus langka anu khutbahna ku basa Sunda. Alesanana  “henteu kabéh
jamaah bisaeun basa Sunda, da réa nu lain urang Sunda”. Tapi anu khutbah ku basa Indonésia,
sanajan jama’ahna kabéhanana urang Sunda anu tanwandé ngalartieun basa Sunda,  lain ngan di
kota gedé cara Bandung baé. Dalah di masjid kacamatan cara Cilimus (Kuningan), khutbahna
(jeung katerangan anu ditepikeun ku ahli masjid saméméh khutbah) ditepikeunana ku basa
Indonésia. Naha sikep kitu téh ku lantaran hayang ngabuktikeun rasa kabangsaan? Wallahu’alam,
tapi rasa kabangsaan mah henteu kudu ditepikeun ku basa Indonésia. Suratkabar Sipatahoenan anu
dina basa Sunda dina mangsa samémeh perang digolongkeunana kana surat kabar nasional, sabab
eusina némbongkeun sikep kabangsaan. Hal éta némbongkeun yén rasa kabangsaan gé bisa
ditepikeun ku basa Sunda - atawa basa dérah lianna. Pikeun jadi Indonésia, urang Sunda henteu
kudu eureun jadi Sunda.

Naha ku lantaran ngagéhan ka nu kabeneran aya jalma anu henteu bisaeun basa Sunda jadi jama’ah
di dinya? Sikep ngagéhan malah ngahormat ka sémah téh cenah salah sahiji sipat urang Sunda anu
cenah némbongkeun kaluhungan budina. Tapi naha enya nyarita (dina hal ieu khutbah) ku lain basa
Sunda duméh aya jamaah nu lain urang Sunda téh némbongkeun kaluhungan budi? Naha ciri
kaluhungan budi téh leuwih mentingkeun sémah, manan pribumi anu jumlahna leuwih réa?
Wallahu’alam. Tapi sikep kitu ogé bisa jadi gambaran tina jiwa katut sikep anu henteu istikomah,
henteu yakin kana diri sorangan, ku sabab geus biasa ngawula kana kapentingan batur.

Kungsi milu Juma’ahan di masjid Turki deukeut Amsterdam, nagara Walanda. Éta masjid disebut
kitu sabab diadegkeun ku komunitas urang Turki anu hirup di Walanda. Jama’ahna réréana urang
Turki, sanajan réa muslim bangsa séjén, kaasup Walanda gé nu sok saralat di dinya. Saméméh salat
Juma’ah, aya pangajian anu ditepikeun dina basa Turki. Dina waktu salat, khutbah ditepikeun dina
basa Turki. Lain henteu tarerangeun yén aya bangsa séjén anu milu salat di dinya anu henteu
bisaeun basa Turki, tapi maranéhanana mentingkeun ngawedelan kaimanan bangsana nu tanwandé
leuwih merenah ditepikeun ku basa Turki, sanajan maranéhanana hirup di pangumbaraan.

Sabalikna waktu Juma’ahan di masjid Indonésia di Den Haag, khutbah ditepikeun dina basa
Walanda anu titatarajong ku khotib urang Indonésia. Padahal di masjid éta téh jamaahna réréana
urang Indonésia sanajan mémang aya bangsa séjén ogé, di antarana aya duaan atawa tiluan urang
Walanda nu bisa jadi moal ngartieun kana basa Walanda anu digunakeun ku khotib.

Nu kasaksian di masjid Indonésia di Den Haag sarua jeung nu ayeuna biasa kasaksian di masjid-
masjid di Tatar Sunda jeung Banten. Khotib anu khutbah dina basa Indonésia  di Tatar Sunda gé réa
anu basa Indonésiana titatarajong. Naha atuh maksakeun teuing khutbah dina basa Indonésia? Naha
lain dina basa Sunda baé? Boa-boa geus hésé néangan khotib anu lancar lamun kudu khutbah dina
basa Sunda téh.

Agama mah lain ngan urusan uteuk (akal) baé, tapi jeung rasa deuih. Numatak leuwih merenah
ditepikeun ku basa indung. Béda nyantélna ka nu ngadéngékeun lamun ditepikeun ku basa indung
mah. Yén basa indung penting, kabuktian ku dihormatna ku UNESCO nu ngayakeun “Poé Basa
Indung” dina bulan Fébruari.

Yén basa indung baris leuwih nyerep kana sanubari nu ngabandunganana, kahalartieun ku para
pandéta Kristen jeung Katolik, anu di garéja-garéjana béh dieu beuki réa diulik jeung diajarkeun
basa indung. Dina misa gé basa Sunda geus réa dipaké. Lalaguan Sunda digunakeun dina acara-
acara kaagamaan. Réa garéja anu ngayakeun kagiatan basa jeung kasenian daérah.

Nu matak sikep para ulama jeung khotib-khotib di masjid di urang nu nganggap leuwih hadé henteu
ngagunakeun basa Sunda dina khutbah Juma’ah, mutuh matak hélok. Padahal apan urang Sunda
mah réréana ngagem agama Islam, hartina di imah gé dina urusan agama ngagunakeun basa Sunda,
basa indungna. Jadi kana baris leuwih nyerepna lamun ngabandungan khutbah di masjid dina basa
indungna. Ku henteu digunakeunana basa indung, nyaéta basa Sunda, dina khutbah di masjid-
masjid  atawa tablég di majlis-majlis pangajian, sacara henteu langsung milu maéhan basa Sunda.
Nyaéta ku sabab henteu méré kasempetan kana basa Sunda sangkan hirup tur tumuwuh dina widang
anu paling subtil, nyaéta widang agama, widang kayakinan. Bisa jadi konsékwénsi tina henteu
ngagunakeun basa Sunda dina khutbah jeung tablég ayeuna baris maéhan basa Sunda  téh henteu
nepi ka kapikireun ku para pangurus masjid jeung para khotib, da tara mikir jangka panjang. Bisa
jadi karagéteunana engké lamun hal éta geus kajadian.  Nu matak ironis, engké mah garéja-garéja
anu malah ngagunakeun basa Sunda dina kagiatanana téh.

Wajib Nyarita Basa Sunda

Di sawatara kabupatén di Jawa Tengah aya kawijakan anu ngudukeun para karyawan di kantor-
kantor lingkungan pemda nyarita basa daérah (Jawa) sapoé dina saminggu. Lamun aya anu (poho)
ngagunakeun basa Indonésia, didengda. Kawijakan kitu téh ayeuna geus ditarurutan di Jawa Barat.
Aya kantor-kantor anu kiwari ngudukeun para karyawanna nyarita ku basa Sunda sapoé dina
saminggu. Lamun aya nu ngarempak, didengda.

Saliwatan mah éta kawijakan téh jiga anu némbongkeun kanyaah kana basa daérah. Cara kitu cenah
baheula dilaksanakeun di saban HIS. Para murid sapopoéna kudu  (jadi 6 poé dina saminggu)
nyarita ku basa Walanda, lamun aya anu nyarita ku lain basa Walanda didengda. Di sawatara
pasantrén ogé cara kitu téh ditarurutan. Para santri sapopoéna kudu nyarita ku basa Arab jeung
Inggris, lamun nyarita ku basa Indonésia atawa daérah, didengda.

Cara kitu téh mémang  ngajurung para murid (HIS) atawa para santri (pasantrén) leuwih soson-
soson diajarna basa asing. Tapi sacara henteu langsung hal éta gé ngahudangkeun anggapan para
murid jeung para santri yén basa nasional jeung basa daérah mah lain basa anu luhur ajénna, ku
kituna henteu kudu disanghareupan sacara daria. Dianggapna, baris bisa ku sorangan ieuh.

Kawijakan ngagunakeun basa daérah di kantor-kantor, sanajan ngan sapoé baris nimbulkeun
masalah praktis, sabab ayeuna mah di kantor mana di Jawa Barat jeung di Banten anu karyawanna
kabéhanana urang Sunda? Karyawan anu lain urang Sunda lamun kalungguhanana jadi bawahan
tangtu baris nurut kana kawijakan kapala kantorna, sanajan henteu mustahil dina haténa mah
gegelendeng. Lain hartina henteu aya anu hideng sorangan nyarita ku basa Sunda, da réa urang
peuntas anu sameméh aya kawijakan kitu gé sok nyararita ku basa Sunda, sakapeung basa Sundana
leuwih alus manan réréana urang Sunda. Almarhum Livain Lubis upamana, apan urang Batak, tapi
basa Sundana jeung rengkuhna geus Nyunda pisan. Kiwari réa paranakan Cina anu basa Sundana
leuwih bérés manan réréana urang Sunda. Dina taun 1950-an, basa Sunda paranakan Cina téh kasar
jeung “sia-aing” baé, ayeuna mah apan barudak urang Sunda anu ana pirajeunan nyarita basa Sunda
“sia-aing” jeung kecap “anjing” baé anu murubut diucapkeunana téh.

Naha kawijakan kudu ngagunakeun basa Sunda atawa basa daérah lianna di luareun Jawa Barat
baris gedé pangaruhna kana kamekaran basa Sunda? Cara ilaharna “mode” atawa “fashion”,  ngan
baris jadi bahan obrolan. Henteu mustahil malah pada ngageuhgeuykeun - paling henteu di
tukangeun.

Lamun enya hayang ngaronjatkeun harkat basa daérah, dina hal urang di Jawa Barat jeung Banten,
basa Sunda, henteu aya deui jalanna salian ti pamaréntah daérah ngaluarkeun Perda (Peraturan
Daérah) — anu luyu jeung wewenangna - anu ngangkat basa Sunda jadi basa resmi di sagigireun
basa Indonésia. Ku ayana éta Perda, basa Sunda lain baé bisa digunakeun jadi panganteur di sakola-
sakola, tapi bisa digunakeun di Pangadilan deuih, nepi ka urang lembur anu henteu (pati)  bisaeun
basa nasional bisa nepikeun pamanggih atawa kasaksianana kalawan laluasa.
Nepi ka ayeuna saban sakitan atawa saksi urang lembur nu henteu (pati) bisaeun basa nasional kudu
nyarita dina basa  nasional, nepi ka henteu mustahil aya ha-hal anu nimbulkeun salah tafsir ti pihak
hakim atawa jaksa nu matak ngarugikeun nu didakwa.

Ayana Perda nu ngangkat basa daérah jadi satingkat jeung basa nasional, henteu pasalia jeung
Undang-undang Otonomi Daérah. Hartina aya dina wewenang para bupati jeung walikota katut para
anggota DPRD-na.              Lamun basa daérah sacara resmi geus disaruakeun kalungguhanana
jeung basa nasional, tacan ngandung harti yén balaréa baris ngajénan kana basa daérahna. Masalah
numuwuhkeun pangajén kana basa daérah moal bisa kaungkulan ku ayana Perda. Sacara umum
ayeuna aya anggapan yén basa daérah (lain ngan basa Sunda ku urang Sunda baé) téh
kalungguhanana handapeun basa naisoal, basa Indonésia. Tapi basa nasional gé dianggap leuwih
handap kalungguhanana manan basa deungeun, pangpangna basa Inggris. Numatak di mana baé,
para pakar urang lamun nyarita kudu baé diselang ku sawatara ungkara basa Inggris, meureun
ambéh katangar yén inteléktual. Geus puguh ari direumbeuy ku kecap-kecap basa Inggris mah,
istilah atawa kecap anu aya basa Indonésiana ogé ngahaja diganti ku kecap Inggris kayaning
“pilihan” diganti ku “opsi” (tina “option”) padahal saméméhna digunakeun kecap Walanda
“inisiatif”, “pemilih” diganti ku “konstituén”, “potongan” (harga) jadi “diskon” padahal saméméhna
dipaké kecap “korting” tina basa Walanda; jll. Dalah kecap kosta anu geus maneuh jadi kecap
Indonésia ogé diucapkeunana ayeuna mah nurutan basa Inggris, “universitas”, diucapkeun 
“yuniversitas”, “produk” diucapkeun “prodak”,  “internasional” diucapkeun “international” (cara
dina basa Inggris) jllna.  Komo para présénter télévisi mah, ateul cungcurungan jigana lamun henteu
némbongkeun yén bisa basa Inggris téh.

Masalahna henteu cukup diungkulan ku Perda atawa paraturan lianna. Sabab hal éta patali jeung
sikep katut méntalitas bangsa urang anu nganggap sagala anu datang ti bangsa adijaya kudu
diturutan sabab dianggap leuwih luhur ajénna. Hal ieu ngan bisa diungkulan ku atikan, boh di imah
boh di sakola. Padahal ayeuna mah di TK jeung di SD ogé geus réa anu ngajarkeun basa Inggris.
Malah di sawatara daérah basa Inggris téh diasupkeunana kana ……. muatan lokal!

Diajar Maca

Basa kuring asup ka kelas hiji Sakola Rayat (ayeuna mah Sakola Dasar), dina pangajaran maca,
ngagunakeun buku Diajar Maca  (mun henteu salah kitu judulna). Poho deui saha nu ngarangna.
Ngan dina éta buku, murid anu kakara diajar maca cara kuring, diajar ngéjah. D-i d-i  … Didi; Y-o
y-o …. Yoyo ….. W-i w-i ….. Wiwi jeung saterusna. Murid diwanohkeun heula kana aksara, boh
anu aya soraan (vokal), boh anu henteu aya soraan (konsonan). Ngan ku lantaran euweuh soraan,
aksara lambang konsonan mah sok ditambahan ku “e” heulaeunana. Jadi “Ed-i .. di, Ew-i …. wi,
En-a …. na” jeung saterusna.

Ngajar maca cara kitu téh disebut diajar ngéjah. Ku sabab jumlah aksara Rum anu dina basa Sunda
disebut aksara Latén téh ngan ukur sawatara likur,  atuh méméh anggeus kelas hiji ogé murid téh
kabéhanana geus apaleun kana sakabéh aksara. Lamun budak geus apaleun kana sakabéh aksara,
hartina manéhna baris bisaeun maca naon baé, pangpangna anu dina basa Sunda atawa dina basa
séjén anu sistim éjahanana henteu béda, cara upamana basa Indonésia.

Tapi dina taun 1960-an, para sarjana anu kakara mulang diajar di nagara Kanguru dina raraga
Rencana Kolombo nganggap yén sistim ngéjah téh tinggaleun jaman. Anu dianggap bener mah anu
disebut “sistim global”. Ari dasar falsafahna nyaéta ku lantaran urang dina waktu nénjo kecap téh
henteu saaksara-saaksara tapi sagemblengna, cara ari urang ningal karéta api henteu sagerbong-
sagerbong, tapi saruntuyanana.  “Sistim global” téh digunakeun di nagara-nagara nu ngagunakeun
basa Inggris, sabab dina basa Ingris mah aksara téh henteu salilana sarua diunikeunana, upamana
aksara “u” henteu salilana diunikeun “u”, lamun mandiri dibaca “yu”, tapi lamun di antara dua
konsonan sakapeung dibacana  “a” cara dina “but”, tapi sakapeung “u” cara dina “put”. Kitu deui
aksara “i”, lamun mandiri dibaca “ai”, tapi lamun bareng jeung aksara séjén, béda-béda
ngunikeunana, sakapeung dibaca “ai” cara “time” dibaca “taim”, tapi sakapeung dibaca “i” cara
dina “bit”. Aksara “a” sakapeung dibaca “éi” cara dina “take”, tapi sakapeung dibaca “a” cara dina
kecap “answer”. Aksara “o” biasana dibaca “o” cara dina kecap “long”, tapi lamun aya dua
sakapeung dibaca “a” cara dina “blood”, tapi sakapeung “o” baé ngan rada panjang cara dina
“door”. Sakapeung deui “o” téh dibaca “wa” cara dina “once”. Cindekna sora unggal aksara dina
basa Inggris mah henteu angger, béda jeung dina basa Sunda anu salilana angger. Aksara “a”
diunikeun “a” sanajan di mana baé diperenahkeunana, jeung dihijikeun jeung aksara naon baé gé.
Kitu deui aksara “u”, “i”, “o”, “é”, “e”, “eu” tara robah unina naha mandiri, naha saheulaeun atawa
sapandeurieun konsonan, atawa di antara dua konsonan, angger baé.

Kitu deui aksara konsonan dina basa Sunda mah angger diunikeunana di mana baé tempatna. Béda
jeung dina basa Inggris, apan konsonan “g” sakapeung dibaca “g” cara dina kecap “egg”, sakapeung
dibaca “j” cara dina kecap “logic”. Kitu deui konsonan rangkep “gh” (sakapeung diunikeun “g”
cara dina “ghost”, sakapeung “h” cara dina “though”, sakapeung “k” cara dina “lough”), “t”
(sakapeung “t” cara dina “hit”, sakapeung “c” cara dina “tulip”) jeung réa-réa deui.

Ku lantaran kitu dina pangajaran maca di nagara-nagara nu ngagunakeun basa Inggris aya
mataajaran anu disebut “spelling”, nyaéta nu ngajarkeun kumaha nuliskeunana saban kecap. Sabab
dina hakékatna basa Inggris mah sarua jeung basa Cina, apan Kanji gé saban kecap téh
dilambangkeun ku aksara nu cara nulis jeung garis-garisna kudu diapalkeun. Lamun salah nyieun
garis atawa garisna aya nu  kurang atawa aya nu leuwih, diunikeunana jeung hartina baris béda.
Kecap-kecap dina basa Inggris ogé kudu diapalkeun susunan aksarana, lamun kaliru baris béda
ngunikeunana sarta béda hartina deuih.

Jadi para pakar urang anu ngawanohkeun sistim global dina ngajarkeun maca basa Indonésia jeung
Sunda téh, saenyana mah ngan tuturut munding bari henteu ngarti yén pasipatan unggal basa téh
béda-béda. Naon anu alus jeung merenah pikeun basa Inggris, tacan tangtu merenah jeung alus
pikeun basa Sunda jeung Indonésia, sanajan aksara anu digunakeunana sarua tur asalna ti sumber
budaya Barat. Komo deui da pikeun ngalaksanakeun sistim global mah, barudak téh kudu
dibarengan ku réa maca, hartina kudu réa buku sangkan dina waktu diajar réa papanggih jeung
“runtuyan gerbong” anyar. Di nagara-nagara maju tempat para pakar téa diajar, buku geus henteu
jadi masalah. Perpustakaan anu lengkep aya di tiap sakola. Béda jeung di urang. Dina taun 1960-an
waktu sistim global téa mulai dilaksanakeun, buku masih jadi barang langka, sarta sakola anu
bogaeun perpustakaan masih ancal-ancalan. Akibatna barudak SD nepi ka kelas 4 masih kénéh
tacan lancar maca. Hartina jutaan budak jadi korban “ékspérimén”  para pakar anu kabisana ngan
tuturut munding.

Luyu jeung pasipatan basa Sunda, aksara Latén anu digunakeun pikeun nuliskeun basa Sunda
ayeuna paling merenah diajarkeun ku sistim ngéjah cara  Ed-i … di, Ew-i ….. wi, En-a ….. na, Em-
o …. mo jeung saterusna.

Pangajaran maca téh tujuanana sangkan barudak bisa maca, nyaéta bisa ngunikeun runtuyan
lambang anu mangrupa aksara téa jadi kecap. Bisa jadi kecapna tacan kahartieun ku budak anu
macana, tapi  ngahartikeun mah léngkah kadua sabada si budak bisaeun macana. Sabada terangeun
kana kecapna jeung cara ngunikeunana, lamun tacan ngarti kana hartina, si budak bisa nanyakeun
ka guruna, ka kolotna, ka lanceukna atawa ka babaturanana anu geus ngartieun. Lamun geus
nyampak, nanyana bisa kana Kamus. Hanjakal tacan aya kamus éka-basa Sunda anu praktis keur
barudak.

Heurin ku Létah
Paribasa heurin ku létah dina basa Sunda ngagambarkeun jalma anu henteu laluasa nepikeun
kereteging atina ku rupa-rupa sabab. Bisa jadi ku sabab rék barangpénta sieun dipersabenan. Bisa
jadi ku sabab ngarasa éra, henteu kaduga da ngarasa manéhna mah lain jalma anu satata jeung anu
diajak nyarita. Bisa jadi henteu wani ku sabab bisi disalahkeun, atawa dianggap teu merenah.

Dina éta paribasa digambarkeunana jalma anu rék nyarita henteu laluasa téh ku sabab sungutna
kaheurinan ku létah, hartina pinuh ku létah nepi ka hésé rék nyarita. Biasana ku sabab henteu wani
ngedalkeun kereteging atina da kahalangan ku rupa-rupa karémpan. Pangpangna lamun kudu
nyarita di hareupeun gegedén. Urang Sunda mah geus ratus-ratus taun hirup biasa ngawula, akibat
tina kungsi dijajah ti jaman Mataram dina abad ka-17. Lain baé basa Sunda gé disina nurutan basa
Jawa ngagunakeun unggah-ungguhing bhasa atawa undak-usuk basa anu ngahaja dijieun pikeun
ngabéda-bédakeun harkat jelema. Akibatna ana nyanghareupan gegedén atawa pangagung, henteu
weléh ati-ati ari nyarita, bisi salah, sabab ceuk aturan undak-usuk basa mah salah nerapkeun kecap
téh jadi dosa anu pohara gedéna, nepi ka dianggap dusun meledug nu jauh ka bedug.

Sanggeus jadi bagian nagara Républik Indonésia anu démokratis ogé, méntalitas sieun ku gegedén
jeung pangagung, nepi ka ngarasa heurin ku létah, masih kénéh kandel. Lain baé nyanghareupan
gegedén éksekutif tapi nyanghareupan gegedén législatif ogé sarua. Kitu deui ari nyanghareupan
gegedén yudikatif.

Padahal apan gegedén législatif téh formalna mah wakil rahayat. Hartina jadi gegedénna téh ku
lantaran dipilih ku rahayat. Tugasna satungtung jadi wakil rahayat téh apan mangnepikeun
gerentesing ati rahayat anu diwakilanana, ngabéla kapentingan rahayat anu milihna. Sangkan
terangeun kumaha saenyana kaayaan, kahayang jeung pikiran rahayat, para wakil rahayat téh kudu
meunang asupan ti rahayat anu diwakilanana. Lamun rahayat sorangan henteu wani nepikeun
pikiran jeung kahayang anu aya dina haténa, kumaha para wakil rahayat téa terangeunana kana
kaayaan jeung kahayang nu diwakilanana. Lamun teu aya nu méré bahan-bahanna, kumaha wakil
rahayat rék memperjuangkeunana? Kitu sotéh lamun urang percaya yén wakil rahayat téh maksudna
rék memperjuangkeun nasib jeung kapentingan rahayat, hartina lamun para wakil rahayat téa
terangeun kana tugasna jeung hayangeun ngalaksanakeunana.

Dina jaman kiwari anu rék ngipuk démokrasi, kawani nepikeun pikiran jeung kahayang téh jadi
hak, malah kawajiban unggal warganagara. Ngan lamun warganagara wani jeung ngarasa bébas
nepikeun kereteging atina jeung kahayangna, wakil rahayat bisa berjuang pikeun ngahontalna.
Hartina lamun kasaksian yén para wakil rahayat henteu ngalaksanakeun kawajibanana ngabéla
kepentingan rahayat, rahayat ulah rék ngarasa heurin ku létah negor wakilna. Ngan lamun ti dua
pihakanana, nu ngawakilan jeung anu diwakilanana pada-pada niat babarengan ngabéla kepentingan
bangsa jeung nagara (kaasup rahayatna), pamaréntahan baris jalan sakumaha mistina.

Nu jadi masalah di urang di Indonésia dina ngipuk démokrasi, rahayat henteu réa ilubiungna ku
sabab sering ngarasa heurin ku létah, da tacan dibiasakeun nyarita bruk-brak di hareupeun
pangagung, bubuhan geus lila teuing rahayat urang mah hirup di alam féodal. Anu kudu nurut baé
kana paréntah kaum ménak anu jareneng, anu dianggap leuwih terang kana sagala hal anu patali
jeung kahirupan pamaréntahan. Lamun nepikeun kereteging atina satarabasna sieun dibenduan, hég
waé engké kahalangan réputasina dina kapangkatanana. Numatak (atawa mangkaning) urang Sunda
mah pangsieuneunana leungiteun bisluit, da nganggap hirupna gumantung kana bisluit, sanajan
sapoéna paling henteu maca ayat anu mangrupa jangji yén moal gumantung salian ti ka Allah paling
henteu 17 kali. Dina prakna mah sieun kénéh ku dunungan anu sawenang-wenang manan ku Allah
anu cenah Maha Kawasa tur Maha Welas Asih tur aya firmanNa anu nyaurkeun yén nya Anjeunna
anu baris ngajamin rezeki mahlukNa.
Palebah dieu sidik yén ngajak sangkan wani nyarita bruk-brak, henteu heurin ku létah téh lain
pagawéan gampang. Rahayat anu geus ti luluhur béh ditu kénéh sikepna kumaha kersa nu dibendo
baé, henteu babari dirobah méntalna sangkan bisa nyarita tatag nepikeun pikiran jeung
pamanggihna. Sangkan tatag nepikeun pikiranana, apan kudu dilatih ti leuleutik barudak téh dilatih
nyusun pikiran, ngedalkeunana dina susunan kalimah anu rapih sarta ngagunakeun arguméntasi anu
babari kahartieun ku nu diajak nyarita. Pangajaran nyarita di sakola jigana geus lila henteu
mentingkeun hal éta. Nu matak lamun ngabandungan nu nyararita, asa tara puguh alangujurna, nu
penting ramé kadéngéna. Di antara bangsa urang ayeuna timbul anggapan yén ngadu arguméntasi
téh pacowong-cowong ngomong, patarik-tarik nyarita. Malah lamun perelu ditungtungan ku ngadu
peureup jeung siku. Adegan anu adu jotos di gedong perwakilan rahayat geus sering kajadian.

Kudu ditéangan carana kumaha sangkan barudak urang ti leuleutik kénéh ulah diajar jeung
dibiasakeun ngarasa heurin ku létah, tapi kudu diajar nyusun pikiran jeung nyusun arguméntasi
pikeun rebut bener jeung ngabéla kapentingan balaréa. Démokrasi baris tumuwuh dina alam ngadu
bebeneran ku pikiran jeung arguméntasi lain ku pacowong-cowong jeung paheuras-heuras
genggerong, komo deui ku tonjok jeung jotos mah. Komo deui ku paréa-réa balad anu daraékeun
ngarurug sarta nyaremkeun pihak anu henteu sapamadegan jeung dirina bari ngagunakeun ancaman
jeung kakerasan mah.***

Si Kabayan

Saha urang Sunda anu henteu terang ka si Kabayan? Salian ti jadi tokoh dongéng anu baheula mah
sok ditepikeun ku nini jeung aki ka incu, ayeuna mah ditulis jadi buku sarta dijieun filem sagala.
Dina majalah basa Sunda sok aya lulucon anu tokoh utamana si Kabayan. Di Banten béjana aya
makam anu disebut makam si Kabayan. Wallahu’alam naha enya anu dikubur di dinya téh si
Kabayan anu sok jadi tokoh dongéng téa, atawa si Kabayan nu séjén deui.

Si Kabayan tokoh dongéng mah fiksi, ngan aya dina hayalan anu nyaritakeun atawa nuliskeunana,
jadi mustahil aya bungkeuleukanana nepi ka kudu dikubur sagala. Tapi henteu mustahil kétang
sabada dikubur, kakara caritana sumebar bari jeung ditambahan atawa diréka-réka ku ahli carita.
Enya henteuna kitu tanwandé kudu dipaluruh heula sacara ilmiah.

Si Kabayan téh dipikaresep pisan ku urang Sunda. Buktina nu nyieun carita nu tokohna si Kabayan
henteu béak-béak. Bari jeung lamun dititénan pasipatan tokoh si Kabayan téh henteu salilana
konsisten. Maksud téh dina saban carita sipat si Kabayan téh henteu salilana sarua. Sakapeung
digambarkeun pangedulan, teu nyaho di cedo, wani kurang ajar ngaheureuykeun mitoha. Sakapeung
digambarkeun jadi tukang tipu anu resep ngabobodo batur kaasup mitohana sorangan. Cindekna
unggal pangarang anu nyiptakeun carita si Kabayan bisa ngagambarkeun pasipatan tokohna luyu
jeung kahayangna. Ku sabab kitu henteu kudu heran lamun Utuy T. Sontani (1920—1979) dina
taun1957 nyebutkeun yén si Kabayan téh manusa nu geus teu naon-naon ku naon-naon. Maksudna
manusa nu geus henteu kapurba deui ku rupa-rupa rasa anu biasa mangaruhan jelema. Hartina ceuk
Utuy mah si Kabayan téh manusa nu geus ngungkulan kamanusaanana. Alias manusa pinunjul.
Tapi dina dramana anu ditulis ku Utuy dina basa Indonesia nu judulna Si Kabayan (1959),
digambarkeun si Kabayan téh jadi dukun anu dianggap wacis jeung sakti, tapi saenyana mah
ngaheureuykeun jalma-jalma anu daratang marénta tulung ka inyana.

Utuy ngabandingkeun tokoh si Kabayan anu geus teu naon-naon ku naon-naon téh jeung tokoh
Sang Kuriang anu digambarkeun dina librétona Sang Kuriang (basa Indonesia 1959, basa Sunda,
1963) jadi manusa individualis anu gnan percaya ka dirina pribadi baé. Manéhna embung ngaku
Dayang Sumbi téh indungna, sabab terangna ngeunaan hal éta téh ti nu lian. Tangtu saréréa ogé
kitu, da waktu dijurukeun mah apan kabéh manusa gé tacan hideng, kumaha rék terangna saha anu
ngajurukeunana?
Ceuk Utuy, éta dua tokoh anu béda-béda sipatna téh mangrupa kakayaan batin ki Sunda. Sang
Kuriang anu ngan percaya ka dirina sorangan jeung si Kabayan anu nganggap yén nu lian téh ngan
aya pikeun diheureuykeun, dijadikeun kaulinan. Dirina sorangan mah apan geus teu naon-naon ku
naon-naon.

Nepi ka kiwari interprétasi Utuy ka dua tokoh dongéng titinggal karuhun Sunda téh tacan aya nu
ngabantah. Hartina tacan aya nu lian anu méré interprétasi orisinal boh ngeunaan si Kabayan boh
ngeunaan Sang Kuriang.

Naha anggapan Utuy yén si Kabayan téh manusa nu geus teu naon-naon ku naon-naon téh bener?

Lamun urang niténan dongéng-dongéng si Kabayan anu kungsi aya dina khazanah sastra Sunda,
boh lisan boh tinulis, anggapan Utuy téh luyu jeung kanyataan. Si Kabayan anu aya dina dongéng
cara anu dimuatkeun dina disertasina Maria Coster-Wijsman Uilen spiegel-verhalen in Indonesie in
het biezonder in de Soendalanden (1929), henteu ngagambarkeun hal éta. Nu nyampak ngan carita
pikaseurieun tur cara umumna carita pikaseurieun (lain ngan dina basa Sunda baé), réa anu jorang
anu ku sawaréh mah baris dianggap henteu merenah dibaca di lingkungan jalma sopan. Nu matak
waktu Balé Pustaka nyusun buku Si Kabayan (1932) dumasar kana dongéng-dongéng anu aya dina
disertasina Maria Coster-Wijman, nu dipilihan téh ngan carita anu ”aman” baé, nyaéta anu henteu
nyigeung-nyigeung parabot reproduksi jelema.

Keur umumna urang Sunda si Kabayan téh lain tokoh idéal. Moal aya urang Sunda anu nganggap si
Kabayan téh idolana. Lamun aya jalma nyebut ka baturna, “Silaing mah kawas si Kabayan!”, tangtu
éta téh lain ku sabab baturna téa némbongkeun parangi anu pujieun, atawa ku sabab geu
némbongkeun préstasi anu nyongcolang.

Tapi Si Kabayan angger jadi tokoh anu dianggap has Sunda. Ku sabagian urang Sunda jeung ku
umumna nu lain urang Sunda si Kabayan dianggap representasi urang Sunda. Citra ngeunaan urang
Sunda henteu bisa leupas tina citra si Kabayan. Jalma tukang heureuy anu tara pisan daria, anu dina
nyanghareupan konflik jeung masalah jalan kaluarna ku bobodoran.

Tangtu baé anggapan yén urang Sunda téh sarua jeung si Kabayan, henteu bener. Anggapan yén
urang Sunda téh henteu bisa daria, henteu bisa nyanghareupan konflik téh salah. Dina sajarah
Républik Indonésia, urang apan nyaksian munculna Ir. Djuanda dina waktu nagara nyanghareupan
krisis kadaérahan dina ahir taun 1950-an. Kitu deui munculna H. Ali Sadikin nu suksés ngawangun
Jakarta jadi kota métropolitan di tengah parobahan Orde Lama ka Orde Baru. Dina tipologi Utuy,
duanana moal kagolongkeun ka si Kabayan anu geus henteu naon-naon ku naon-naon, tapi ka Sang
Kuriang anu ngawangun talaga buatan dina jero sapeuting. Tapi aya henteu aya nu sok
ngaidentifikasi Sang Kuriang ka urang Sunda. Leuwih réa anu ngaidéntifiaksikeunana téh ka si
Kabayan.

Pikeun ngarobah citra ngeunaan diri hiji bangsa atawa sélér, henteu babari. Citra urang Sunda téh si
Kabayan lain citra anu positif, tapi citra Sang Kuriang ogé henteu matak agul (ku sabab turunan
anjing jeung babi nu ku budaya jeung kayakinan urang Sunda kiwari sorangan lain sato anu mulya,
malah najis). Lamun urang Sunda hayang miboga citra anu positif, kudu nyieun légenda anyar
upamana ku némbongkeun préstasi anu luar biasa dina ngawangun Indonesia jadi bangsa nu
dipihormat ku bangsa lian, lain jadi bangsa paria nu ngan bisa ngékspor babu jeung kuli sarta
gawéna kekeleyengan néangan hutang. Ngan lamun aya urang Sunda anu préstasina diaku ku lain
ku urang Sunda baé, lain ku sélér lian sabangsa pada-pada urang Indonésia baé, citra yén urang
Sunda téh si Kabayan anu kabisana ngan bobodoran ku sabab henteu bisa ngungkulan masalah anu
disanghareupan bisa leungit.

Anda mungkin juga menyukai