Anda di halaman 1dari 18

NASKAH DRAMA BASA SUNDA

Disadur bbas tina carpon yasana Yosph Iskandar

PERANG TAYA TUNGTUNG

Diropa Janten naskah drama ku Irvan Mulyadie

NASKAH DRAMA BASA SUNDA

PERANG TAYA TUNGTUNG

Naskah Drama Basa Sunda

PERANG TAYA TUNGTUNG


Disadur bbas tina carpon Yosph Iskandar
Diropa Janten naskah drama ku Irvan Mulyadie

PROLOG :
Dina hiji mangsa, manusa bakal sadar. Yn sirik pidik jeung jail kaniaya th ahlak anu
panggorng-gorngna. Dunya jadi sepi tina maling. Towong tina rampog. Teu nysa anu korupsi,
kolusi sumawona nu ngadon npotisme dina saban hal og. Euweuh kariweuh jeung paciweuh,
sarta teu aya nu parasa marebutkeun harta jeung pangawasa.

Harita hirup manusa th kabh dieusiean ku mangrupa-rupa pagawean had. stuning nulung
kanu buth nalang ka nu susah balangsak. Jalma-jalma paboro-boro kana amal ibadah, babakti ka
nu maha suci. Anu antukna hirup th jadi walatra.

Dayeuh jadi simp. Sakabh manusa aribadah kalayan khusu jeung soson-soson ka Alloh SWT.
Ceuk paribasa mah, euweuh warung nu buka-buka acan. Ti dinya stan-stan, iblis jeung
sajabaning jurig, iprit, tuyul, jenglot, drakula, vampir, kuntilanak jeung sajabana ngarasa geus teu
guna deui. Godaan-godaan maranhna teu dipalir saeutik og ku manusa.

BABAK I
SABADA PROLOG DIBACAKEUN, LALAUNAN LAMPU TH NYAANGAN
PANGGUNG. FOKUS KA TENGAH-TENGAHNA NU GEUS AYA SAURANG NONOMAN
NU MAK PAKAN SING SARWA BODAS BARI MADEP KANA ALQURAN. SIMP
PISAN. TEU LILA TI HARITA, NGALANGLAUNG GELIK AYAT-AYAT AL-QURAN NU
NERANGKEUN KAJADIAN NU PATALI JEUNG PO QIAMAH.
SABADA RNGS DIBACAKEUN, KAREUNGEU MANGRUPANING SORA-SORA
TINGCOROWOK MANI RANG MATAK KETIR, PACAMPUR JEUNG SORA MUSIK NU
CAMPUH MATAK EUNDEUR RARASAAN. LAMPU SRUT-SROT JIGA RK
NGCSKEUN YN NA PANGGUNG TH KEUR NGAGAMBARKEUN KAAYAAN PO
AHIR. BARENG JEUNG PELEDUGNA HASEUP GUN SMOKE NU MINUHAN TA
PANGGUNG.
KATINGALI, TINGPARECENGHULNA RAGA BADAG BANGSA STAN NU KEUR
PABUIS TEU PUGUH TUJU. LALUMPATAN BARI NANG PANYUMPUTAN.
TINGJERWT, TINGJARERIT, SUMAWONA LOBA NU NGOCAK AWONGAWONGAN BARI SUMAMBAT TULUNG-TULUNGAN NAHAN KANYERI JEUNG
HAWA PANAS NU BEUKI NYONGKAB.

Disadur bbas tina carpon yasana Yosph Iskandar

Diropa Janten naskah drama ku Irvan Mulyadie

NASKAH DRAMA BASA SUNDA

PERANG TAYA TUNGTUNG

AYA KANA MEMENITANNA KAJADIAN TA TH. BEUKI LILA SORA-SORA


NGAJAUHAN. LAMPU OG LALAUNAN PAREUM. KAAYAAN SALIN JINIS JADI AYA
DI PATEMPATAN NU MANGRUPA ALAM SING SARWA AHNG. TEUING DI MENDI
TEMPATNA MAH. NU PUGUH, NGAJNTRKEUN YN DI ETA TEMPAT TH
NGADEGNA KARAJAAN STAN IDAJILANATULLAH. NU RAJANA TAYA LIAN IBLIS
NU KUNGSI NGAGODA NABI ADAM SANGKAN NUANG BUAH KHOLDI TA.
KATMBONG RAJA IBLIS KEUR MENEKUNG DINA KORSI KARAJAANNA.
MANHNA JIGA KEUR BINGUNG. RUMAHUH, NGAGEREM, KADANG NANGTUNG,
LUJAG-LJG TEU PUGUH LAKU, TERUS DIUK DEUI. GOREHEL MUKA BISLUIT
(SK/Surat Keputusan ti pangeran) DIBACA, DITITENAN BULAK BALIK. SUP,
DIPESAKAN DEUI. TAPI NINGALI PAROMAN BEUNGEUTNA KAWAS AYA NU
DITUNGGUAN. TULUY NOROWCO JIGA NGOMONG KA DIRI SORANGANNA.
Raja Iblis

: (ngagerendeng) Kurang ajar mangkeluk th, kurang ajar ! Dasar stan teu
nyakola diparntah ku dwk gancang-gancang th kalahka har-har. Santy
pisan, hah. Ngagoda si wewelek th meureun ka aing. Abong-abong stan gawena
purah ngagoda, kanu jadi raja sorangan g maranhna wani ngaheureuyan. Dasar
kawalat. Bener-bener bangkar warah, dan. dan pisan......(Diuk deui. Rumahuh.)
Heueuh kana kitu na mah, dwk th geus lila pisan can manggih deui laporan nu
pikabungaheun. Nyata laporan-laporan nu nerangkeun hasil godaan bangsa stan
ka papada manusa. Beuki lila jeung beuki dieu, laporan th ngan saukur
kagagalan malulu. Puah....!(nyiduh) Hayang nyaho dwk mah, naha bener atuh
manusa th geus geus euweuh pinapsueunna? Geus teu bisa kagoda deui ku
mangrupa cara og? Teu ngarti.

Da baheula mah, Adam og nu pangkatna nabi, jeung kangarananna bapa ti


bapana sakabh manusa, geus kagoda ku dwk mah. Sina metik buah khuldi,
mak Siti Hawa nu jadi cukang lantaranna harita th. Tapi, na ayeuna.....Piraning
og ngagoda bangsa manusa biasa , mani euweuh nu sahulueun gableg
pangabecus th. Dasar stan th geus garoblog kabh. dan. dan !

(Sabot Iblis keur ngomong sorangan, dua badga satiana datang ngadeuheus.
Ngadeukeutan bangun nu sieun. Hormat rengkuh bari teu kapalir ieuh ku raja na mah.
Iblis terus ngocoblak bangun nu anteng ngitung kabingung.)

Raja Iblis

: Beu, beu......Cilaka ana kieu kajadianna mah. Kami sarra moal aya batur
sangsara pikeun hirup dina naraka. Kacida bakal simpna naraka th atuh.....
Palias, ketir meureunan.....

Setan I

: Sumuhun kanjeng raja,......Hiks... (ngalimba jeung luwa-lw jiga rek ceurik)

Setan II

: Leres pisan nu nembe ku salira dicarioskeun th. Lamun urang teu bisa deui
ngagoda sakumna umat manusa, nyata anak incu adam ta, mangka urang moal
gaduh batur hirup nandangan kasusah di naraka. Mangkaning urang th bakal
Disadur bbas tina carpon yasana Yosph Iskandar

Diropa Janten naskah drama ku Irvan Mulyadie

NASKAH DRAMA BASA SUNDA

PERANG TAYA TUNGTUNG

nandangan siksaan keur salalawasna. Hiyy.....amit-amit kedah ngabayangkeuna


og. Kacipta w nalika malaikat jabaniah nu kakoncara telengesna th ngacungngacung gegendir cucuk nu didamel tina seuneu rewuan taun ta. Tuluy dina
leungeun kencana ngamang-ngamang rant beureum meunang meuleum. Rk
lumpat, da urang th geus puguh mo bisa lumpat. Da rante cucuk ta ge meulit
murilit kana sakujur awak. Pamohalan bisa hanjat th......

(Sabot Stan II keur nyarita, Raja th kalah keuheuleun. Muncereng. Tapi karak rk
cunghap bahamna geus kapiheulaan nyarita. Stan I reuwaseun. Gancang manhna th
ngadeukeutan ka Stan II bari pepeta. Tapi Stan II mah kalah terus cumarita. Awahing
ku napsu, antukna mah Raja th nyampeurkeun bari nutupan sungut Stan II nu jiga keur
ngahajakeun ngawawaas siksa naraka. Gantawang w....)

Raja Iblis

: Gandeng sia teh, jurig......!!! Kurang ajar. Cucungah siah wani-wani ngomong
kitu hareupeun dewek. Jeung sia teh jiga nu teu nyakola pisan deuih. Datangdatang ujug-ujug ngilu nimbrung cumarita. Goblog siah. Euweuh kasopanan
pisan, matak naon atuh saria th bbja atawa ngetrok panto heula. Lain jol-jol
asup. Hayang diparieuskeun siah ku dwk?! (Stan I jeung Stan II ting
purungkut) Jawab siah goblog.....!!!

Stan I + II

: Ampun kanjeng raja, ampun.....teu pisan-pisan abdi mah.

Raja Iblis

: Naha atuh saria teh bet wani-wani?

Stan I

: Sumuhun kanjeng Raja, manawi th salira nyabda ka abdi......

Stan II

: Muhun manawi th ka abdi....

Stan I

: Da abdi mah mo kumawantun, komo deui bad cucungah mah....

Stan I I

: Leres, sami abdi og kitu....

Stan I

: Hapunten, kanjeng raja....

Stan II

: Hapunten abdi og, nya.....

Stan I

: (Ngalieuk ka Stan II) Na ari manh ngan nurutan wa omongan uing. Tuturut
munding, sing kratif atuh montong jadi plagiat wa. Pikasebeleun.

Stan II

: Lah atuh euy, kitu-kitu wa bet dimasalahkeun. Keun jeung babaturan ieuh.

Stan I

: Lain sual babaturan nu kieu mah, kehed.... Prinsip, nyaho. Awas siah mun
nurutan deui.

Raja Iblis

: Hy, anak-anak stan.....na keur naon saria th kalah patingkecewis kitu?


Ngaromongkeun dwk, hah?

Stan I

: Sans kitu kanjeng raja.....

Stan II

: Muhun sans kitu......

Raja Iblis

: Keur naon atuh? (geregeteun)

Stan I + II

: (parebutan ngomong) A..eu...itu....etah.....

Disadur bbas tina carpon yasana Yosph Iskandar

Diropa Janten naskah drama ku Irvan Mulyadie

NASKAH DRAMA BASA SUNDA

PERANG TAYA TUNGTUNG

Raja Iblis

: Sing waras atuh ngaromong th. Hiji-hiji.

Stan II

: Kieu, Kulan.. sim kuring saparakanca tos nedunan kahoyong salira.

Raja Iblis

: K, nu mana tea nya? Poho deui dewek mah.

Setan II

: Su...sumuhun ta ta geuning. Anu ku gamparan diparntahkeun ka sim kuring


duaan. Perkawis taeun ta. Piraku gamparan hilap deui.

Raja Iblis

: Na ari silaing, geus puguh dwk mah poho deui. Jeung sing ngarti atuh maranh
th. Yeuh, ari nu ngarana pamingpin mah wajar wa pohoan g. Pan geus puguh
loba pisan urusan. Na keur naon atuh loba asistn og ari kudu inget kana sautak
saeutik mah. Bejad atuh sirah dwk.

Stan II

: Ke, pami kana jangji-jangji og tiasa hilap kitu?

Raja Iblis

: Sarua atuh belegug.....Ceuk kami oge pamingpin mah loba uruseunna. Ngarti?

Stan I + II

: (bareng) Yaktos gamparan......

Stan I

: (semu ngaharwos ka Stan II) Paingan atuhnya euy, baheula mah di alam
dunya, loba pisan pamingpin pohoan. Singhorng th dicontoana w ku raja
urang.

Stan II

: Dasar teu gaul manh mah. Pan poho kana jangji th salasahiji pelajaran utama
tina kurikulum bangsa urang mah. Ceuk teorina mah ta th nu disebut hianat ta.
Sabab mun pamingpin bisa nedunan kana sagala rupa jangjina, amanah ta
disebutna, sawarga deuleu pangwalesna th. Sawarga !

Raja Iblis

: Jadi kumaha, tah ?

Stan II

: Kieu atuh , gamparan.....kamari, basa tujuh ratus taun kapengker, salira th


masihan parntah ka sim kuring duaan kanggo ngempelkeun sakumna umat stan,
ti kawit stan-stan nu awakna th baregung da tugasna ngagoda jalma-jalma
sholh, og sareng setan-setan bucitreuk nu purah ngasuh jalma-jalma munapk,
tukang ngalajur hawa nafsu, tukang tipu, tukang lacur, gorombolan KKN jeung
sajabina. Malihan mah ti jaman para nabi tug dugi ka jaman umatna nabi
Muhammad kiwari, sadayana parantos kaulem.
Numutkeun catetan rapat bangsa stan, momen ieu th kalebetkeun kana books of
record di Lauh Mahfudz. Nyata acara nu pang ged-gedna dina sajarah
lumangsungna umat stan diciptakeun ku gusti Alloh. Nya dina danget ieu pisan
waktosna th. Sakantena reunian, acara na th kayaning silaturahul....

Stan I

: (motong kalimah) Naon, euy....dedengean teh silaturahul?

Stan II

:Heueuh

silaturahul.......ari

parntah

Alloh

mah

silaturahmi

nyata

mamanjangkeun duduluran jeung ibadah. Tah ari silaturahul mah parntah ti raja
iblis, hartina th mun panggih jeung papada mahluk th keun ba silih
beubeutkeun og, meunang rk ngagosip kagorengan batur, komo nepi ka pasa
silih pahan og, kawas dina widang pulitik manusa geuning, malah mun nepi ka
kitu th, dileler hadiah deuleu.....

Disadur bbas tina carpon yasana Yosph Iskandar

Diropa Janten naskah drama ku Irvan Mulyadie

NASKAH DRAMA BASA SUNDA

PERANG TAYA TUNGTUNG

Raja Iblis

: Hmmmm......(ngadhm)

Stan II

: Nu saterasna kanjeng raja, sim kuring bad nguningakeun, yn pamingpinpamingpin stanna mah parantos kempel di buruan karaton. Nu tos ngeusi daptar
hadir th salah sawiosna aya Raja Jurig Jarian, Raja Iprit, Ratu Kuntilanak, Buta
Hejo, Tuyul Banting, Vampir, Drakula, sareng .......(nginget-nginget)

Stan I

: Malihan mah kanjeng raja, stan-stan nu dipelak di plant-plant luareun bumi


oge aya. Si Alien ta geuningan..... Teras stan sabangsaning nu ngageugeuh
gunung-gunung, nu purah tunggu lautan sapertos Nyi Roro Kedul g aya. Tos
hmpak sadayana kanggo ngadangukeun naon-naon nu bad didugikeun og
diparntahkeun ku salira.

Stan II

: Leres, kaulanun.......

Raja Iblis

: (Seuri nyakakak) Mmmmh, ......kitu nyah. Alus, alus pisan pagawan th. Tapi
dwk rk nanya heula euy ka maranh. Cik, ari tadi kamarana heula saria th?
Didagoan saeneng-eneng ti tatadi bet karak norojol wayah kieu?

Stan I

: Aduh-aduh....hatur pangapunten sateuacanna kanjeng Raja Iblis. Tadi th di


payuneun karaton aya bancang pakewuh saalit. (ka stan II) Nya?

Raja Iblis

: Na aya naon kitu?

Stan II

: Kieu, pangersa......tadi abdi duaan th dicaregat ku jurig-jurig jarian nu keur


ngamuk ngawut-ngawut sagala rupa. Maranhna demonstrasi minangka na mah.
Boga kahayang nungtut kana saban kawijakan-kawijakan ti nagara iblis ieu.

Raja Iblis

: (kerung) Nungtut, kawijakan?

Stan I

: Sumuhun gamparan......maranhna nungtut kaadilan ti kanjeng raja kanggo


ngabbaskeun kana sagala rupa aturan-aturan man dina enggoning tugas
ngagoda saban manusa. Sabab musababna taya lian, pikeun ngaronjatkeun deui
kaahlian ngagodana umat stan nu kiwari karasa ku maranhna th geus
dimonopoli ku bangsaning lit-lit stan di karaton ieu. Alesan lainna nyata
sabab di bangsa stan nu tingkatanna menengah bawah th geus ngarasa karugian
ged ku ayana cara nerapkeun hukum jigah pasar bbas th. Kitu panginten.....

Stan II

: Leres pisan, cohag na mah maranhna th hayang nungtut rformasi birokrasi


nu sagemblengna. Ulah ngan ukur dikawasana th ku stan-stan nu aya di
tegalan gunung Hollywood.....

Raja Iblis

: Oh, kitu nyah....? Keun atuh ku dwk rk ditepungan. Sakalian wlah urang
mimitian wa rapat akbar th. Kuring geus gtk hayang curhat. Bejakeun ka
balara, dwk bakal datang kalawan gancang, kituh. Ngarti?

Stan I & II

: Ngartos pangersa.........!!!

(Raja Iblis nangtung bari menerkeun pakanna nu geus rawk. Paromanana rada brag bari
panon neuteup seukeut ka jauhna. Ari Stan I & II mah ngolsd undur-unduran dibarung ku
lampu panggung nu laju pareum lalaunan)

Disadur bbas tina carpon yasana Yosph Iskandar

Diropa Janten naskah drama ku Irvan Mulyadie

NASKAH DRAMA BASA SUNDA

PERANG TAYA TUNGTUNG

BABAK II
DI HAREUPEUN KARATON KARAJAAN IBLIS TEA, GEUS KUMPUL MANGMILYARMILYAR

UMAT

SETAN.

KABEH

DARATANG

PIKEUN

MERE

LAPORAN

PAGAWEANNA SEWANG-SEWANGAN. NGAGURUH PISAN SORANA. TINGCIKIK,


TINGCIRIHIL, SARTA TINGCOROWOK TEU PUGUH DENGEKEUNNA. SABOT KITU,
AYA SORA GOONG NU DITAKOL TILU KALI LEBAH TUKANGEUN NU NARONGTON
IEU DRAMA. GEUS KITU, COROWOK WE GULANG-GULANG KARAJAAN MERE
NYAHO KA BALAREA, YEN RAJA IBLIS TEH GEUS AYA DI SAKULIAHEUN ETA
TEMPAT.

Stan I

: Bwara ! Bwara keur balara nu datang tur ngahadiran na ieu tempat. (goong
ditakol deui. Balara jempling dadak sakala) Bwara, Kanjeng Raja Iblis
Idazilaknatullah parantos sumping di payuneun urang sadayana. (Stan-stan
ngaguruh deui) Tenang-tenang...... Jemp heula atuh euy...... Tenang ! (Jempling
deui) Tah ayeuna, hayu urang sambut euy ku pupujian khas umat
urang.....mangga kawitan !!!

Koor :

Mun mangsa akhrat datang


Dunya runtag kari bugang
Mangka urang geura gancang
Neang balad teu kapalang....

Sabab naraka nungguan


Siksana taya lekasan
Hayu batur umat setan
Goda manusa nu iman....

BASA TEMBANG PUPUJIAN KEUR DIHALEUANGKEUN, RAJA IBLIS NEMBONGAN.


DITUTURKEUN KU WIDADARI-WIDADARINA NU GEUS PUGUH TEU IEUH GEULIS
CEUK UKURAN MANUSA MAH. RAJA TANDANG KALAYAN GAGAH. TUNJAKTUNJUK BARI NYAWER KU SEURINA NU NGABARAKATAK. RAHAYATNA GILIR
NYINGIR BANGUN SIEUNEUN. GEUS NEPI MAH DI TEMPAT DIUKNA, RAHAYAT GE
EUREUN. JEMPLING DADAK SAKALA. GOONG DITAKOL DEUI.
Koor :

Hirup-hurip kangjeng raja........


Hirup nungtung adigung,
Hurip niruk kabingung.....
Hirup-hurip kangjeng raja !!!

Disadur bbas tina carpon yasana Yosph Iskandar

Diropa Janten naskah drama ku Irvan Mulyadie

NASKAH DRAMA BASA SUNDA

PERANG TAYA TUNGTUNG

Raja Iblis

: (Mr isyarah ka rahayatna pikeun jemp)

Koor

: Huuurrr....., Huuurrr....., Huuurrr.....

Raja Iblis

: (nyorowok) Jaya Stan.....!!!

Koor

: Huuurrr....., Huuurrr....., Huuurrr.....

Raja Iblis

: Ditarima, ditarima panghurmat maranh kabh. Nuhun, euy, nuhun pisan. Geus
mangsana urang sarra pikeun ngabogaan sikep. Sabab ayeuna pisan
kasempetan nu panghadena keur ngayakeun rapat akbar th. Maksudna ieu acara
taya lian, keur ngusahakeun atawa ngarumuskeun stratgi-stratgi anyar pikeun
ngagoda ka sakumna umat manusa.

Kuring geus bosen abur-aburan teu gableg tempat jang ngiuhan-ngiuhan acan di
alam dunya th. Hawa th beuki ngelekeb wa. Lain pedah global warming ta
ieu mah. Sabab mangkeluk nu ngaranna manusa tea nu boga alpukahna. Dzikir
jeung dzikir we meureun.....Panas aing th, panas..... Tah ayeuna kuring geus lila
teu kakiriman bistl berita nu had. Cing sok geura, geura br bja nu matak
pikabungaheun kaula....sok !!!
Koor

: Huuurrr....., Huuurrr....., Huuurrr.....

Stan III

: (Maju ka hareupeun raja) Hirup-hurip keur kanjeng raja !!!

Koor

: Huuurrr....., Huuurrr....., Huuurrr.....

Stan III

: (lajag lejeg bari gumasep. Memeh nyarita, manehna nyirihil matak keueung)
Hihihi......Ti uing mah kanjeng Raja, to the point ajah, lah...... Da loba carita g
kalah matak lieur nu ngadngna. Kieu, raja..kuring sarra ti balatantara
siluman saalam dunya seja rk curhat deui w..... Sabab uing saparakanca th
bingung kacida. Loba kabingung th kusabab hirup di alam dunya geus teu betah
ngising-ngising acan.
Manusa-manusa geus moal bisa kagoda deui ayeuna mah. Sabab kahirupan
jeung pipikiranna geus dipuseurkeun kana ibadah ka gusti Alloh. Sakabh laku
lampah Muhammad ditarurutan jeung dijalankeun sakumaha mistina. Uing
saparakanca geus reuntas harepan. Naraka geus pasti suwung, bakal euweuh
pangeusina, moal aya balad pikeun sangsara........

Stan IV

: Sumuhun kanjeng Raja,....bad sakedap deui atawa lami knh deui og, tos teu
aya ukuran deui kanggo umat manusa ayeuna mah. Sadayana tos siap tur
sanggup mayunana. Tos oftimis sadayana manjing sawarga dimana engk
Qiamah datang. Kitu Kaulanun.....

Stan V

: Tos teu aya tempat palacuran di dunya th, lokalisasi-lokalisasi prostitusi geus
ngajangglk jadi pasantrn nu pada ngajugjug. Sumawona tempat dugem jeung
bar-bar tempat transaksi narkotika mah. Sadayana tos disulap janten tajug
atanapi masjid agung keur sholat sapop.

Disadur bbas tina carpon yasana Yosph Iskandar

Diropa Janten naskah drama ku Irvan Mulyadie

NASKAH DRAMA BASA SUNDA

Stan VI

PERANG TAYA TUNGTUNG

: Leres, jungjunan.....nu kiwari janten udagan manusa th ukur tempat-tempat


ibadah wungkul. Saban masjid pajejel-jejel heurin usik ku manusa nu keur
neangan karidoan pangeran. Geus teu puguh ngitung waktu g. Komo deui dina
sholat wajib nu lima waktu mah. Sakabh lolongkrang mangsa di luareun wajib
oge bak dipak solat sunat jeung dzikir.

Raja Iblis

: (molotot jeung kekerot) Kurang ajar.....

Stan VII

: Samo mawon laporan th, kanjeng Raja Iblis. Manusa nu hirup di dunya ayeuna,
benten pisan jeung jaman kapungkur. Ayeuna mah Al-Quran og geus teu payu.
Sababna mah taya lian, da kabeh manusa g rata-rata geus arapal kana ayat-ayatna
kalawan ditalar. Geus kahartieun sagala parntah jeung laranganna. Ceuk paribasa
mah, geus faham kana bubuk-bubuk leutikna og. Malahan mah eusi Quran th
dilaksanakeun dina saban rngkak jeung paripolah kamanusaan.

Raja Iblis

: (nangtung, ngadgdg awahing nahan kakeuheul) Bisluit dwk th laku knh


siah, Jurig. Saria th diwenangkeun ku pangeran pikeun sakti mandraguna. ta
kasaktn th bakal lana dina wak-awak saria nepi ka engk jaga leburna po
Qiamah. Na atuh saria th geus teu narurut deui ka dwk ? Naha geus teu
percaya deui ka dwk?

Stan VIII

: Nun Kanjeng Raja nu teuing iraha bijaksanana, mugi salira teu bendu ku
kaayaan mangsa ayeuna. Da rk kumaha deui atuh, Nun. Peryogi kauningan ku
salira, kami sarra sans tos teu percanten ka salira. Nanging di jaman ayeuna
mah di alam dunya th benten sareng jaman katukang-tukang. Ayeuna mah
manusa th geus tara cumarita ubral-obrol nu teu pararuguh. Sumawona
nyaritakeun kagorngan batur mah. Nyaritakeun dirina sorangan og ngarasa ra.
Komo deui silih jejelh dina widang pulitik mah. Teu aya.

Stan VIII

: Nu diucapkeun th stuning ngan ukur asmaul husna jeung sabangsaning


shalawat og dzikir ka pangran. Di suklakna di siklukna nu mindeng kapireng
th ngan pupujian w......Subahanalloh, alhamdulillah, istigfar jeung sajabana. ta
deuih nu korupsi mah kari sajarah. Pamingpin geus euweuh nu jeneng jadi raja
atawa presidn. Wakil rakyat og tos teu aya......da kabh ge ngundurkeun diri.
Majarkeun th cenah, tongboroning hayang mingpin batur, dalah mingpin diri
sorangannana og can karuh bisa. Amanah th beurat kacida, sarieuneun
ngalumbar jangji th. Majarkeun th cenah, da nu loba jangji bari teu dicumponan
mah ta th kalakuan bangsa urang. Bangsa stan......Kitu, kaulanun.

Raja Iblis

: (Ngagerem handaruan, nyorowok sataker kebek) Bangkar warah......!!!

Koor

: Euweh nu jugala, euweuh nu sangsara, taya nu beunghar, taya nu malarat, kabh


manusa geus silih simbeuh ku harta jeung kanyaah saban manusa,.....

Disadur bbas tina carpon yasana Yosph Iskandar

Diropa Janten naskah drama ku Irvan Mulyadie

NASKAH DRAMA BASA SUNDA

PERANG TAYA TUNGTUNG

KATINGALI, AWAK RAJA IBLIS TH NGAGIDIR. SIRAHNA DICEKEL SIGA NU RK


MURAG. RAJA IBLIS TH RUMANGGIEUNG JIGA NU LIEUR. NYOLOYONG KADITU,
NYOLOYONG KA DIEU. NEPI KANA KORSINA, JOL BREK W DIUK BARI
NGAHULENG MIRAGAMENENG. KITU NA TH AYA KANA SAREWU TAUNNA.

Koor

: Alam dunya panas nyongkab......Panas !!! Rk kamana urang ayeuna ?


Alam dunya panas nyongkab......Panas !!! Rk kumaha urang ayeuna ?

DINA KAAYAAN NGAHULENG KITU, RAJA IBLIS NGADADAK NANGTUNG BARI


NYAKAKAK. SEURI TARIK BANGUN NU NGEUNAH. SAKABEH RAHAYATNA
TINGHARULENG NINGALI RAJA KITU TEH. MALAH NYANGKANA RAJA GEUS
STRES. RAJA SEURI BERI TERUS TUTUNJUK KA SETAN SEJEN. KADANG AYA NU
DIDEGUNGKEUN SIRAHNA. DITALAPUNG BUJURNA. DIJENGGUT. TAPI ANGGER
PAROMANA MAH TEU OBAH. ESTUNING JIGA NU KEUR MANGGIH KABUNGAH.

Raja Iblis

: (Rengs seuri) Aya ku belet saria th geunigan.....Heueuh pisan, heueuh.... Kaula


aya akal ayeuna mah. (Nembongkeun kertas bisluit). Ieu bisluit th hiji bukti anu
langsung dipaparinkeun ku gusti Alloh ka kami, nyata SIM: surat ijin menggoda,
mangrupa SK resmi jang ngagoda sakumna anak adam pikeun baha kana sagala
parentahNa. Ngan kiwari, ieu bisluit teh geus teu guna deui jang ka manusa mah.
(Bari lalaunan ngasupkeun deui kana sakuna) Bisluit tinggal bisluit. rk laku
jeung teu laku geus teu jadi sual keur aing ayeuna mah. (Sarara kerung) Hahaha,
teu paduli deui kaula mah. Kaula geus aral ngabandungan laporan demi laporan
nu daratang ti maranh kabh. Jol ieu gagal, jol itu teu mawa hasil. Belegug, tolol.
Geus atuh ari maranh geus teu saranggup deui mah.
Ngan sararea kudu inget, yn pangabisa urang th kur hiji-hijina: nga-go-da!. Tah
ku kitu jeung ku kieuna, daripada urang bingung jeung barengong mikiran
mangrupaning kagagalan, leuwih hade urang eusian ieu waktu ku kagiatan nu
mangfaat. Sabab ceuk katerangan, mangka rugi pisan lamun aya mahluk gusti nu
teu ngamangfaatkeun waktuna nalika hirup. Surat Al-Asyri, deuleu. Tah, sangkan
teu kesel teuing ngadagoan po Qiamah nu geus pasti sakeudeung deui bakal
datang, tamba kesel, urang silih goda w jeung papada urang deui ayeuna mah.
Kumaha? (Kabh stan tingharuleng).

Stan II

: Ke, ke, ke, ke....kumaha maksad kanjeng raja th?

Raja Iblis

: Piraku teu begug ?! Pk cobaan geura, sing saha nu pangpunjulna dina


ngalaksanakeun parntah kaula, nyata ngagoda, bakal meunang pangajn nu
pangluhung-luhungna. Ngan, singsaha-saha nu teu becus ngalakonanana, ku aing
bakal dihukum, pangheulana dipangpengkeun kana naraka jahanam. Ngarti?

Disadur bbas tina carpon yasana Yosph Iskandar

Diropa Janten naskah drama ku Irvan Mulyadie

NASKAH DRAMA BASA SUNDA

Stan IV

PERANG TAYA TUNGTUNG

: Klanan kanjeng raja, kami sarra th ngarasa bingung knh. Maksad ngagoda
th, ngagoda kumaha?

Raja Iblis

: Dasar jurig jarian, sia mah. Nya, ngagoda th lain ngagoda ku jalan ngajak teu
eucreug deui, tapi sabalikna. Mun aya ti papada urang kagoda jeung kabawakeun
jiga laku lampah manusa, tah nu kitu disebutna kagoda th.

Stan VII

: Contona kumaha, kanjeng?

Raja Iblis

: Goblog, dasar teu nyakola saria mah. Kabecus th ngan nitah korupsi jeung lacur
wungkul. Yeuh, darngkeun siah setan, jurig, siluman, dedemit, kunti..... Mun
aya umat stan nu kagoda hayang ibadah ka gusti Alloh, lamun aya siluman
kapincut hayang solat, atawa aya dedemit dadak sakala jadi solh, hayang amal
jariah, nyieun laku lampah had ka sasama, loba djikir, tah ta th hartina
maranh th geus kagoda ku laku lampah manusa. Geus kapangaruhan ku
manusa.
Kapan korupsi mah pagawan urang-urang ti bangsa stan, kitu deui jeung
panipuan, lacur, nyalahgunakeun kakawasaan, silih tindes jeung sasama, jsb-jsb.
Kaharti teu? Mun teu ngarti knh ku aing diparieuskeun siah.....

Koor

: Kahartooosss, nun....!!!

Raja Iblis

: (nyakakak) Prung atuh ayeuna mah, geura mimitian! Der, euy.... Derrrr !!!

PANGGUNG NGADADAK JADI TEU PUGUH TEMPOEUNNA. UMAT STAN


NGADADAK RIWEUH KU SILIH GODA JEUNG PAPADANA. LOBA PISAN NU MALIH
RUPA JADI GAMBARAN MANUSA NU SAROLH. SORA MUSIK JEUNG JUMERIT
CIRIHILNA BANGSA STAN AWOR, GEUS TEU PUGUH KADENGENA. CAMPUH.

PAUSE

Stan I

: (ka stan bikang) Hy, kuntilanak. Cing atuh sia th sakali-kali mah ditiung, euy.
ta buuk meni ngawigwig teu puguh tempoeunna, bari jeung dict jiga anak
hayam diontananan, deuih. Nu kitu th orat, deuleu. Orat !!!

Kuntilanak

: (nyirihil) Naon, ditiung? Iiihh....(ngajebian) Orat naon atuh? Orat-art, nya?


Yeuh dengekeun, beurat kana sirahna kami mah mun make tiung th, jeung
hareudang deuih. Barina og lebar jeung karunya atuh kanu ngadamelna mun teu
dipamrkeun-pamrkeun acan mah. Sxi gitu loh....!!! (nyirihil).

MUSIK HARNGHNG. PAUSE

Disadur bbas tina carpon yasana Yosph Iskandar

Diropa Janten naskah drama ku Irvan Mulyadie

NASKAH DRAMA BASA SUNDA

Stan II

PERANG TAYA TUNGTUNG

: (ka stan III) Yeuh, lur.... bener pisan kasauran raja urang th. Po ahir geus
beuki deukeut. Maenya atuh urang th salawasna hirup kieu wa. Sakali-kali mah
urang pangaosan ka ustad Eming nu ti Gobras ta. Sugan w aya berkahna....

Stan III

: Na ari silaing, keur kami mah bosen pangajian th. Kalah tunduh. Ceuli tork
balas ngadngkeun rupa-rupa dawuhan gusti. Euweuh hartina !!!

MUSIK HARENGHNG. PAUSE

Stan IV

: (ka balara) Sadrk-sadrk hormateun sim kuring, mugi janten uninga, yn


Kiamat Sudah Dekat, numutkeun ramalan ceunah mah kajadianna th dina taun
2012. Numawi kitu, hayu urang tarobat ka gusti, sangkan urang sadayana
dipaparin rahmat sareng maghfirohna...

Koor

: Hahahahaha.... Bari !!!

Stan V

: Yeuh, kiyai dadakan..... Mun enya mah geus deukut kana po ahir, mendingan
og dipak poya-poya deuleu. Meungpeung hirup knh. Da can tangtu tukang
ibadah jujungkelan og asup sawarga. Komo bangsa urang mah nu saumur hirup
lamokot ku dosa.....

Raja Iblis

: Hahahahaha....

MUSIK HARENGHNG. PAUSE

Stan VI

: Heup....heup..... eureunkeun musik th euy, gandng.....(jep simp). Tah kitu


atuh, rph heula saheulaanan mah. Jeung tong make loba teuing ngadngkeun
musik nu karieu atuh, matak teuas kana hat. Matak poho kanu nyiptakeun urang.
Mending og pupujian, ngaramkeun masigit ku shalawat jeung maca Al-Quran.
Lain karikituan....!!!

Koor

: Hahahahaha.... Haseum !!!

Stan VII

: Yeuh, teu guna sholawatan jeung maca Quran mah. Kalah sirah lieur mikir,
kabau-bau sungut muji Muhammad. Geus teu butuh dishalawatan Muhammad
mah. Komo deui dipupujiankeun. Jeung na deuih, shalawat mah teu ngeunah
dijogdanna g. Mending ngahariring, coba geura cuang dicontoan ku kami,
musik.....!!! (lipsink musik dangdut, bari manhna gual-geol pikaseurieun)

Koor

: Hahahahaha....

Stan VI

: Heup....heup.... Tong kamalinaan teuing euy ari ngahina agama th, bisi kawalat.
Yeuh para sadrk, sok sanajan urang th kasebutna umat stan, tapi da urang th
sami-sami dadamelan gusti Alloh. Kukituna, hayu ayeuna mah urang jalankeun
parntahNa, urang ibadah ka mantenNa, ulah tinggal sholat nu lima waktu....

Koor

: Embuuung......!!!

Disadur bbas tina carpon yasana Yosph Iskandar

Diropa Janten naskah drama ku Irvan Mulyadie

NASKAH DRAMA BASA SUNDA

Stan V

PERANG TAYA TUNGTUNG

: Na, ari ilaing bet teu ngarti-ngarti. Yeuh, naon gunana sholat lima waktu? Kalah
mubah-mubah pagawan wungkul. Acong-acongan sujud matak kahideunghideung tarang. Olahraga puguh alus kana awak. Natambuh waktu nu puguh mah.
Jiga nu euweuh gaw wa.....

Raja Iblis

: Hahahahaha.... Dasar stan teladan manh mah. Alus...!!!

MUSIK HARENGHNG, SALAH SAURANG STAN AYA NU LABUH. PAUSE

Stan VIII

: (lumengis) Aduh, sampyan abdi kambuh deui, Kanjeng Raja. Rematik balas
bisul saumur-umur dina tuur. Hapuntenna, Nun. Pang ngajampankeun supados
abdi tiasa deui ngalaksanakeun parntah salira. Please....

Raja Iblis

: Hahahahaha.... wanian pisan sia rk ngagoda dwk. Najan sawarga dibikeun ka


aing sorangan, cadu teuing aing kudu dak kana tutulung. Tutulung mah
pagawean jalma iman. Nyingkah kainyah, bisi tambah dipngkoran.
Tah, sarra dngekeun.... ayeuna kaula salaku Raja maranh kabh rk umajak
pikeun kahadean maranh sorangan, geuslah, ti samet ayeuna urang cagkeun
kalungguhan urang salaku umat nu dipikabendu ku pangran. Urang sakuduna
babalik pikir. Percumah hirup kieu wa mah, matak katalangsara....

Stan I

: (nyampeurkeun ka raja, nyiduh) Sok sanajan raja iblis tobat ka gusti, kami mah
moal rk biluk, moal mimilu. Stan tetep stan, musuh manusa nu paling nyata !

Raja Iblis

: Hahahahaha.... Ttla maranh th teu kagoda. Pageuh tantung kana kayakinan


nu geus puguh matak nyilakakeun diri sorangan. Sok euy, teruskeun.... Kami mah
rk ngaso heula. Tapi mun geus aya nu kagoda, bjaan kaula.

RAJA KALUAR. ARI SABANGSANING STAN MAH TERUS W ANTENG SILIH


GODA, SATKAH POLAH HAYANG SILIH PERUHKEUN KU PANGABISANA. LAMPU
JEUNG MUSIK LALAUNAN PAREUM. SIMP. BLACK OUT.

Disadur bbas tina carpon yasana Yosph Iskandar

Diropa Janten naskah drama ku Irvan Mulyadie

NASKAH DRAMA BASA SUNDA

PERANG TAYA TUNGTUNG

BABAK III
GEUS RWUAN TAUN BANGSANING STAN SILUMAN SILIH GODANA TH. TAPI
TAYA HIJI OG NU KAGODA. SABAB MARANHNA MAH YAKIN JEUNG PANCEG
TANGTUNGAN.

KAPAKSA

MILYARAN

STAN

SILUMAN

BABAREGAN

NGADEUHEUS.

KATINGALI RAJA IBLIS KEUR ANTENG DIUK DINA KORSI KAKAWASAANNA BARI
LELENGGUTAN, NUNDUTAN. KADANGKALA KAREUNGEU KRKNA NU TARIK,
SESEGROK. HAREUPEUNNA AYA DUA PONGGAWA NU SATIA NGAJAGA,
NGABEDEGA BARI NYEPENG TUMBAK. SAABRULAN STAN DARATANG KA
HAREUPEUNNA. PONGGAWA NGAHALANGAN.

Ponggawa I

: Saha andika, jeung rk aya perlu naon kadieu?

Ponggawa II : Enya, rk naraon maranh th? Abring-abringan sagala....


(Baladan stan tinglalieuk jeung papada baturna, sili pelong. Tapi taya saurang og nu lmk)
Ponggawa I

: Ah-ah, naha bet kalah ngabaretem? Pgo saria th ? (nyentak)

Ponggawa II : Ssssttt.....! Tong tarik teuing atuh nyaritana. Bisi kanjeng raja kagareuwahkeun....
(Ponggawa I nungkup sungutna, reuwas kareureuhnakeun. Rahayat stan curinghak bari neleknelek korsi nu disaran ku raja iblis)
Stan I

: (ngaharwos) Wah, euy.... kanjeng rajana og keur kulem. Kumaha atuh?

Raja Iblis

: (gundam, ngagerem) Mmmmmh..... Diaprieuskeun siah ku aing.

(Kabeh ting purungkut. Ngan stan II nu ti tatadi nahan salesma geus teu kuateun deui, bersin)
Stan II

: Haaatttssyyyihhh.....!!!

Koor

: Ssssttt.....!

Stan II

: Ham... hampu.....ra, syiiihh... Hat,.. Haaatttssyyyihhh.....!!!

Koor

: Ssssttt.....! (katpaan) Haaatttssyyyihhh.....!!!

Raja Iblis

: (ngadadak nangtung bari jeung pepeta, panonna giras. Rahayat tingpoyongkod)


Naraka, naraka, naraka.....!!! (nyadar) h,.... aya naraon ieu th? Jeung keur
naraon maranh di dieu bari melong hlok ka dwk? Kadeuleu teu bieu jurus
kami? Tah ta th jurus jang ngalawanan malaikat jabaniah, jaga lamun urang
geus jadi pangeusi naraka. Sok sanajan lain tandingan, tapi kudu aya w tarkah
mah. Ngarah teu kedo teuing.... Hahahaha.... bohong kami mah, da moal aya nu
bisa ngalawanan ka si ta mah. lhna kur ku Izroil. Haduh.....(diuk) bieu mah
kami th ngimpi euy. Geuning stan oge bisa ngimpi sagala, nya? Pikasieuneun
deuih ta impian th, matak reuwas. Po kiamah th geus asa beuki deukeut wa.

Disadur bbas tina carpon yasana Yosph Iskandar

Diropa Janten naskah drama ku Irvan Mulyadie

NASKAH DRAMA BASA SUNDA

PERANG TAYA TUNGTUNG

(ka rahayat stan) Kumaha, euy? Geus dijalankeun parntah dwk th? Asa geus
lila teuing nungguan, hayang apal w bjana. Geus aya nu hasil? Teu sabar deui
hayang meunang bja nu pikabungaheun kaula mah. (sarara ngabetem) Deuleu
tah bet kalah ngabaretem kitu.... tarork atawa pego saria th? Jawab atuh,
goblog, jawab !
Stan I

: (ngawani-wani karep) Hatur pangapunten kanjeng raja.... (nyembah)

Raja Iblis

: Heueuh, ditarima.....kumaha?

Stan I

: Ampun kanjeng raja, saleresna sim kuring saparakanca tos ngajalankeun kana
naon nu diparentahkeun ku salira, sadaya rka perdaya tos dilakonan kalayan
soson-soson, seurieus. Namung da kedah dikumahakeun deui, geuningan
sakumna umat stan th nyarepeng pageuh kana kayakinan, tuhu tumut kana tika
jeung perikestanan.

Raja Iblis

: Dasar tolol, belegug....!!! Piraning og ngagoda papada stan ngarah balener


hirupna, na bet teu barelul? (nyampeurkeun rahayat)

Stan III

: Punten, kanjeng raja. Atuh da bnten ari stan sareng manusa mah. Margi...

Raja Iblis

: (nmpas) Halah, dasar saria mah barodo kabh. Cumah aing mah, unggal usik
mr tips jeung trik pikeun ngadoja jeung ngagoda. Sing profesional atuh ari
barang gaw th. Kapan urang mah umat stan, nu kaahlianna kur ngadoja jeung
baranggoda. Yeuh, dengekeun ku saria.... aing mah, tongboroning bangsa stan nu
teu gableg cedo jeung kara. Dalah Adam, nu kasebutna raja ti rajaning manusa
og ku aing mah kagoda. Kasus buah kholdi ta, inget knh teu kana sajarahna?
Na ari maranh teu bisa nyonto, teladan aing th deuleu.... Goblog, na teu bisa
atuh silaing sarra sakali ieu mah ngagenahkeun hat dwk? Cik matak naon
atuh sawarh mah aya nu kagoda, ngarah ieu bisluit teu dicabut.

Stan IV

: Ampun kanjeng raja, wios nampi sadaya-daya. Sim kuring saparakanca seja
satia ka salira, sok sanaos milih katalangsara nandangan siksa naraka.

Raja Iblis

: Heurin siah, jurig, heurin ! Matak naon atuh saria th sawarh mah arasup kana
sawarga. Jadi pangeusi sawarga. Heueuh, ngarah teu pasedek-sedek teuing di
naraka. Rungsing deuleu, rudet....

Stan I

: Duh, palias teuing kanjeng, palias....

Raja Iblis

: Naha palias, belegug? Sawarga deuleu, sawarga...!!!

Koor

: Sawarga? Hiiyyyy...... (tingbirigidig) ....amit-amit !!!

Stan I

: Kanjeng raja, amit-amit mun kami sarerea kedah asup kana sawarga sagala.
Keur umat stan mah, lamun hirup dina sawarga bakal leuwih katalangsara,
langkung-langkung kasiksa manan hirup nandangan siksa naraka.....

Koor

: Sawarga lain tempat jang stan, sawarga mah pikeun jalma-jalma iman.

Raja Iblis

: Baruk,.....??? (ngahuleng)

Disadur bbas tina carpon yasana Yosph Iskandar

Diropa Janten naskah drama ku Irvan Mulyadie

NASKAH DRAMA BASA SUNDA

PERANG TAYA TUNGTUNG

AWAK RAJA JIGA NU LEULEUS, NGADAYAGDAG MURU KORSINA. BREK DIUK


BANGUN NU PEUNGGAS HAREPAN. LILA PISAN RAJA NGALAMUNNA TH.
NINGALI KAYAAN RAJA NU JIGA GEUS LEUNGIT WIBAWANA, RAHAYAT STAN
TINGGERENDENG, TINGKECEWIS, GEUS TEU SABAR NUNGGUAN JAWABAN
PIKEUN LAKU KAHAREUPNA. MARANHNA JADI KADORONG AMBK.

Stan I

: K, euy.... kunaon raja urang th bet ngajentul kitu? Kararesel aing mah.

Stan II

: Heueuh, kalah ngalamun kitu.

Stan I

: Boa-boa.....

Koor

: Boa-boa naon?

Stan I

: Heueuh, boa-boa kanjeng raja th geus teu sanggup deui mingpin urang. Jeung
katingalina th jiga nu rk serah bongkokan dina sual kayakinan. Moal kitu
kanjeng raja th rk tobat?

Koor

: Tobat? Maenya....???

Stan I

: ta w bet kalah nitah ka urang-urang pikeun asup kana sawarga. Mun bener
kieu kanyataanna, urang kudu ngalawan. Urang kudu ksis dina soal kayakinan.
Tetep pageuh tangtungan, prinsip. Sakali hideung tetep hideung. Geus taqdirna
lamun urang kudu asup ka naraka. Geus hiji kaputusan ti gusti Alloh, gaw urang
purah ngagoda jeung nyieun rupa-rupa kagorengan di alam dunya.
Meureun geus jadi hiji kawajiban oge lamun umat stan kudu ngabangkang ka
pangran. Mun teu wangkelang, berarti urang geus codka kanu nyiptakeun urang
sarra. Darajat urang sarua jeung malaikat, pdah bda rupa dina ibadah. Mun
malaikat mah kudu turut tumut, tah pikeun urang mah sabalikna.

Stan V

: Jadi kudu kumaha atuh urang ayeuna?

Stan II

: Lawan, urang kudu ngalawan. Dmonstrasi !

Koor

: Dmonstrasi?

Stan I

: Lamun perlu, kudta.

Koor

: Kudta?

Stan I

: Bener. Sabab pamingpin nu geus teu bisa diharepkeun deui ku rahayatna, kudu
diganti. Lamun perlu dipahan, ngarah jadi conto keur sajarah ka hareupna.

Stan VIII

: K, dipahan kumaha? Kapan geus pada nyaho, bangsa urang mah moal bisa
pah mun can waktuna datang po kiamah.

Stan I

: Pokona, urang kudu ngalawan. Sok sanajan ieu perang taya tungtungna.

Koor

: Satuju !!!

Ponggawa I

: (nyampeurkeun riungan) Keur naraon euy, luad-liud teu pararuguh? ta deuih


tingkarecewis, ngaromongkeun naon, hah?

Koor

: (malik bareng, lalaunan) Kuuuu....d.....taaaaaaa! Kuuuu.... d..... taaaaaaa!


Kuuuu....d.....taaaaaaa ! Kuuuu....d.....taaaaaaa ! Kuuuu....d.....taaaaaaa !

Disadur bbas tina carpon yasana Yosph Iskandar

Diropa Janten naskah drama ku Irvan Mulyadie

NASKAH DRAMA BASA SUNDA

PERANG TAYA TUNGTUNG

RAHAYAT STAN NGANGSREG, NGEPUNG RAJA JEUNG PONGGAWA SATIANA.


RAJA MAH ANTENG W DINA PANGLAMUNANNA. TEU ANTAPARAH, SAKUMNA
RAHAYAT NU GEUS TI TATADI AMBEK TH, NGARUNGKUP AWAK RAJA. RAJA
DIHURUP KU KABHAN, RAJA ADUGLAJER, STAN-STAN MARACLENG. LAIN G
RAJA STAN ATUH LAMUN LH KASAKTN KU RAHAYATNA MAH. PERANG
BEUKI CAMPUH. SORA MUSIK AWOR JEUNG SORA-SORA NU PATINGCOROWOK,
SILIH DENGKK, SILIH PANGPNGKEUN. PERANG NU MOAL BISA DIPASTIKEUN
SAHA NU LH JEUNG NU MEUNANGNA. SABAB SARUA SAKTI, SARUA MOAL
BISA DITANDASA, PANJANG UMUR, PERANG NU SALAWASNA, PERANG TAYA
TUNGTUNG.

FADE OUT TO BLACKOUT.

TAMAT

Panututan Tasikmalaya :
Jumaah, 7 April 2000

IRVAN MULYADIE, lahir di Tasikmalaya 18 Maret 1981. Pernah (jeung kadang/ masih) aktif di sababaraha hiji
organisasi kayaning di Teater Dongkrak, Sanggar Sastra Tasik, Keluarga Seni Rupa Tasik, Ketua Barak Seni
Tasik, Ketua Badan Pengelolaan Gedung Kesenian Tasikmalaya, jeung Direktur Forum Diskusi Kreatif Film
Tasik (FORDISKRIFT).
Nulis puisi, carpon, naskah drama, sy, reportase, jeung skenario film. Karya-karyana loba dipublikasikeun di
media massa citak atawa elktronik, rk di tingkat lokal atawa nasional og cyber media di internt.
Karya puisina kamuat dina antologi puisi babarengan, diantarana : Orasi Kue Serabi (GKT, 2001) Poligami
(SST, 2003) 6 Penyair Menembus Udara (Universitas Siliwangi, 2003) Langari (Bzar Publishing, 2005),
Antologi Puisi Penyair Jabar-Bali (bukupop Jakarta, 2005), Wajah Deportan : antologi puisi penulis muda lintas provinsi (Pusat
Bahasa, 2009), Akulah Musi (DK Sumsel, 2011), Poetry Poetry 118 Indonesian Poet: Diverse I & II(shell,2012) Kampung Bulan
(Disparbudpora Kota Tasikmalaya, 2012), jrrd.
Antologi Puisi Tunggalna : Sahabat Sunyi (BN, 2004) Lidah Petir (BN, 2004) Kumpulan Puisi Cinta Tembang Kembara (Wahana
Iptek Bandung, 2008), Kumpulan cerpen & puisi Tahun Kabisat (SOK STISIP, 2008) antologi puisi digital Kabar Waktu (Boxidea
Publisher, 2008), jeung PANUTUTAN Sebuah Kampung Kenangan (Metafor Imagination Bandung, 2014).
Karya-karya tulis yang lainna bisa og dipanggihan di http://irvanmulyadie.blogspot.com.
Kontak Person

: HP 08180 212 8581


PIN BBM : 5455FF47
Twitter : @irvanmulyadie
Facebook : www.facebook.com/irvan.mulyadie
E-mail
: irvan_mulyadie@yahoo.co.id / irvanmulyadie@gmail.com

Disadur bbas tina carpon yasana Yosph Iskandar

Diropa Janten naskah drama ku Irvan Mulyadie

NASKAH DRAMA BASA SUNDA

PERANG TAYA TUNGTUNG

Iskandar lahir

Yoseph

di Purwakarta 11

Kecamatan Ujungberung, Bandung, 26

Januari 1953,

Maret 2008,

ngantunkeun

tabuh

1.00

[1]

di
WIB.

[2]

Panyajak, sutradara, panulis carpon, novel, roman, jeung drama dina basa Sunda. Tamat ti SMA,

Yoseph asup ka ATPU (Akademi Tknik Pekerjaan Umum) di Bandung.[2] Tapi Yoseph leuwih kataji
kana kagiatan kasenian mahasiswana batan kuliahna; diantarana Yoseph kungsi mingpin Teater Khas"
(1977-1981).[2] Saterusna, Yoseph milih pikeun ninggalkeun dunya thnik.[1] Bareng jeung sastrawan
saentraganana saperti Eddy D. Iskandar, Godi Suwarna, Juniarso Ridwan, Beni Setia saparakanca,
anjeunna nyieun hiji organisasi para sastrawan Sunda , nu dingarananDurma Kangka. [1]

Karya-karyana
Yoseph

mimiti

nulis

carpon

jeung sajak Sunda.[2] Taun 1979-1985 jadi

salah

saurang

rdaktur Mangl.[2] Waktu harita, minatna kana sajarah Sunda mimiti kahudangkeun.[2] Yoseph mimiti
diajar maca jeung neuleuman naskah Wangsakerta ku suwargina Saleh Danasasmita.[2] Saterusna, ta
naskah th jadi modal pikeun ngarang novel-novl sajarahna, kayaning Perang Bubat (1988), Wastu
Kancana (1989), Prabu

Wangisutah(1991), Tanjeur

na

Juritan, Jaya

di

Buana (1991), Pamanahrasa (1991), Putri Subanglarang (1991), Prabu Anom Jayadwata (1996), Tri
Tangtu di Bumi (1996).[2] Novlna Tanjeur na Juritan Jaya di Buana dillr Hadiah Sastra Rancag
(1992).[2] Novl sajarahna Tri Tangtu di Bumi og meunang Hadiah Sastra Rancag 1997.[2] Sajak-sajak
Yoseph diterbitkeun babarengan jeung karya panyajak saentraganana saperti Eddy D.Iskandar, Godi
Suwarna,

Beni

Setia,

jeung

lain-lainna,

dina Antologi

Puisi

Sunda

Mutakhir (1980)

[2]

jeung Tumbal (1984). Drama karyana "Juag Tod" (1984) mindeng dipentaskeun sacara kolosal tur
disutradaraan ku anjeunna di Bandung, Jakarta jeung kota-kota lianna di Jawa Barat.[1] Ieu drama komedi
teu leupas tina sajarah kamekaran seni tari jaipongan nu dipopiulrkeun ahir taun 1970-an ku Gugum
Gumbira, Tati Salh (alm), jeung Euis Komariah.[1] Yoseph kawilang panulis drama sajarah nu kawilang
produktif.[1] Hal ieu bisa dititnan tina naskah drama nu judulna Ngadegna Pajajaran, Pemberontakan
Cakrawarman, Runtagna Pajajaran, Nyi Puun, Tanjeur Pajajaran, Haji Prawatasari, jeung
sajabana.[1] Salain ti ta, salaku panulis nu sadar kana sajarahna, Yoseph og kawilang peka dina
neuleuman ralitas sosial di sabudeureunana.[1] Saperti dina drama nu judulna Juag Tod, Harwos Nu
Gaib, BOM, atawa Cucunguk, nu di jerona ngandung kritikan-kritikan nu nyugak.[1] Dina Festival
Drama Basa Sunda (FDBS) IX taun 2006, Cucunguk jadi naskah drama nu panglobana dipilih ku
pamilon.[1] Salian ti ta dina widang atikan, Yoseph og kungsi jadi dosn di UNPAS, UNTIRTA, UC
Santa Cruz California Amerika. [1]

Disadur bbas tina carpon yasana Yosph Iskandar

Diropa Janten naskah drama ku Irvan Mulyadie

Anda mungkin juga menyukai