Anda di halaman 1dari 2

Abu Nawas ngabagi bakakak

Knging Agus B. Irawan


Kintun kana Facebook

Abu Nawas tas kurad-kord di kebon korma tukangeun imahna. Jung cengkat, tuluy babatek,
kukuliatan.
alhamdulillah...! pokna ngagerendeng. Beuteungna karasa peurih jeung kukurubukan, nandakeun
geus karasa lapar. Gura-giru inyana balik ka imah. Sup ka dapur, muru kana mja makan. Tuluy
mukakeun tudung saji. Nu aya dina mja makan th ukur sangu wungkul dina sangku, taya
deungeunna.
jeung naon Mi deungeunna, dahar th ? Abu Nawas nanya ka bojo na nu keur jongjong ngagusrek
nyeuseuh.
puguhan teu boga nanaon, Abu. Da sidik duit jang balanja og geus bak! walon bojona.
Abu Nawas ngahuleng. Inyana mikir, kumaha carana sangkan boga deungeun sangu ?
Ari Abu Nawas th bogaeun dulur, kapi lanceukna, Abu Fatah ngarana th. Imahna teu pati jauh ti
imahna Abu Nawas, ukur kahalangan ku sababaraha imah jeung kebon korma. Mun keur pareng aya
pangabutuh atawa karerepet, Abu Nawas geus tara asa-asa deui osok menta bantuan atawa menta
tulung ka kapilan ceukna.
Ah, mending ark nguyang deungeun sangu ka imah Abu Fatah. Susuganan bogaeun. Gerentes
Abu Nawas na jero hatna. Geus kitu kencling manhna indit ka imah Abu Fatah.
Assalaamualaikuuum.....! sanggeusna anjog Abu Nawas uluk salam.
Waalaikum salaaam.....! jawab nu boga imah ti palebah dapur. Abu Nawas tuluy asup ka imah
langsung muru ka dapur. Kasampak th Abu Fatah saanak-bojo keur ngariung dina mja makan bari
patingharuleng. Dina luhur meja makan ngajagrag bakakak hayam badag anu masih knh
weuteuh , tacan aya nu ngahanca. Abu Nawas mani kumtap nempona. Ari Abu Fatah th bogaeun
budak dua, lalaki hiji aww hiji.
Taaah .... ku kabeneran geuning aya Abu Nawas ka dieu! Yap ka dieu Abu ! ceuk Abu Fatah bangun
atoh naker.
Puguhan kami th ker menang kabingung, susugannan atuh nt bisa mecahkeunana ? pokna
deui.
Ari kitu, aya naon ? Abu Nawas tumanya bari ngarrtan ka sarra.
Nu matak kami th keur pareng menang milik ! Meunang berekat bakakak hayam pamr ti
tatangga. Tapi ku kami th tacan didahar, tacan ditol-tol acan, ku sabab hs ngabagi-bagina, da
sarra pada-pada hayang ! Cing atuh sugan ku nt pang bagi-bagikeun, kumaha carana sangkan
adil? Abu Fatah ngajntrkeun.
Sakedapan Abu Nawas ngahuleng, mikir. Teu kungsi lila pok nyarita, kieu w atuh ayeuna mah, cing
mnta pso eujeung piring lima! pokna ka bojona Abu Fatah. Guru-giru bojon Abu Fatah nyokot pso
jeung piring sakumaha nu dipnta ku Abu Nawas.
Abu Nawas natakeun piring dina mja. Nu opat diteundeun hareupeun Abu Fatah, bojona jeung anakanak na. Ari nu hiji deui diteundeun hareupeun manhna sorangan. Geus kitu gap kana pso, tuluy
nyokot piring nu dieusi bakakak hayam. Abu Nawas ngamimitian ngarecah bakakak bari cacarita.
Tah ieu huluna bagan Abu Fatah, bagan Bapa, kusabab ari Bapamah apanan Kapala Kaluarga!
omong Abu Nawas bari motongkeun hulu hayam, sok diteundeun dina piring hareupeun Abu Fatah.
Nu ieu tulang beuheung ma bagan Umi, bagan indung, kusabab ari indung mah minangka
nyawana dina rumah tangga! Abu Nawas motongkeun tulang beuheung, tuluy di teundeun dina
piring hareupeun bojona Abu Fatah.

Ieu ckrna bagan si Aa, bagan budak lalaki, kusabab ari budak lalaki mah engk-engkna bakal
lunta, bakal ngumbara jauh ti kolotna ! ceuk Abu Nawas bari neukteuk ckr hayam duanana dina
palebah tuurna, tuluy diteundeun dina piring hareupeun budak lalakina Abu Fatah.
Tah nu ieu mah jangjangna bagan Si Nyai, budak aww. Ari sabab Si Nyai mah bakal boga salaki,
bakal ngurus Rumah tangga, sarta bakal dibawa ngumbara ku salakina! ceuk Abu Nawas deui, kitu
na th bari motongkeun jangjang hayam duanana, sok diteundeun dina piring hareupeun budak
aww Abu Fatah. Ayeuna mah si bakakak hayam th ukur kari awakna wungkul ngajagjrag dina
piring.
Ari ta, awakna bagan saha ? Abu Fatah tumanya.
Nu ieu mah nya bagan kuring, salaku hakim nu geus ngabagikeun kalayan adil ! walon Abu
Nawas, kitu th bari ngawadahan awak hayam, dipindahkeun kana piring hareupeunana. Tuluy w
dibawa balik ka imahna. Abu Fatah saanak-bojo bati olohok !
Berekah geuning, timana w ari milik mah ! gerentes Abu Nawas.***
Cisompt Garut Kidul

Anda mungkin juga menyukai