Anda di halaman 1dari 1

Assalamualaikum wr.

Wb
Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama badu
Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah
SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat
walafiat.
Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi
Muhammad SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna
anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.
Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu
ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas
genep.
Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna
urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilaf abdi ngawakilan rerencangan
ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos
ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru
ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa,
bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging
walesan ti Allah SWT. Amin.
Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten.
Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT.
Wabilahitaufik walhidayah wassalamualaikum wr.wb

Anda mungkin juga menyukai