Nami :
Resa Nur Rahayu
Kelas IX A
MTs AL QONAAH
2015 - 2016
Boga jangji ti anggalna yen poe eta rek datang nepungan manehna, anu rek
di jugjug teh pakampungan, tapi ngaran-ngaran di pileuweungan Sumatra
anu di sebut kampung teh jauh lain meumeueusan, jalanan anu rek di sorang
kudu ngaliwatan leuweung geledegan. Teu sing aneh ku leuweungna mah da
puguh geus lila hirup leuleuweungan, ngan eta ku jauhna, jeung ceuk anu
ngabejaan cenah dina jalan anu ka kampung eta sok aya begal, tapi hate teu
bisa disupa dulang, keukeuh asa hayang tepung jeung manehna.
Rebun-rebun keneh geus ngeureuyeuh nikreuh mapay leuweung, bari
ngararasakeunsumilir angin dumalingding,alam nu keur di sorang sepi
jempling, turaes nyengsreng patembalan dina dahan kai ngahudang ka
keueung, handapeun cukang cai susukan herang ngagenclang, keusikna
barodas beresih pacampur emas ting kolenyay herang, manuk murey
baleger bari moyan dina dahan kai garing, mapaes endahna ka aslian
leuwueng.
Keur jongjon ngararasakeun endahna alam anu kasorang, palebah pengkolan
nu harieum caneom ku tangkal kai jarangkung, ujug-ujug aya anu jlung-jleng
megat jajalaneun,tilu uranglalaki marake baju pangsi hideung, sirahna di
bengker ikeut barangbang semplak, marawa pakarang bedog koplak.Moal
salah deui pasti begal ano sok matuh di ieu leuweung, najan kacida kagetna
tapi teu ieuh nempokeun ka keueung, teuneung ludeung taya karingrang,
hirup keur ngalalana top badak kop maung, najan kudu paeh ngabale bangke
ngajampanang bugang, ihlas teu sumoreang.
Saurang jadugnangajega ngaberegegeh nulak cangkeng, awak ngaharelung
jangkung, dada jibang, kumis baplang sangga dulang, halis ngajedig kandel
ngajapapang, beungeut bareugeud garang, matana moncorong burahay
hurung.
"Mun hayang salamet, kadieukeun eta bungkusan, mun henteu, maneh bakal
ngababatang ayeuna keneh, ku aing di cacag diwalang-walang". Eta
gegedugna haok polotot menta bungkusan, padahal teu pira eusi bungkusan
teh papan catur, disangka tas ngajual geutah karet meureun.
"Kuring lain owel ku bungkusan, da eusina ukur barang teu sapira, tapi
hayang nyaho kumaha rasana di cacag ku aranjeun". Ngomong teu eleh
galak.
"Hah,ning
jiga
anu
enya,
budak
bau
jaringao,
bau
cikur,
montong
Bungkusan di golerkeun dina taneuh anu rada garing, set pasang kuda-kuda
dina jurus cikalongan, napas ditahan sakeudeung bari ngagerencemkeun
ayat Al-Qur'an, ngeusian diri bisi kabongohan.
Kolebat salah saurang begal ngagajleng bari ngaheumbatkeun bedog kana
sirah, memeh nepi dipiheulaan ku jurus waliwis nyusup, set suku kenca di
kahareupkeun, leungeun kenca sakilat mapag leungeun anu narajang, kep
pigeulang leungeunna nu narajang ka tewak, sakilat suku katuhu dilengkah
keun malipir ka gigireun musuh, leungeunna dupurilitkeun bari sukuna dikael
ku suku katuhu, leungeun katuhu meta ngababuk peupeuteuyan, blug, begal
teh nangkarak bengkang, antukna humaregung nahan kanyeri, bedogna
mencleng kana pipir suku.
Kareret aya deui nu rek nyamber beuheung ku bedog, sakilat bedog begal
anu ngagoler di samber, terus ngareundeuk dina jurus tarate katiup angin,
plos, bedog musuh ukur ngolebat luhureun sirah, ngan habek, bedog di
heumbatkeun tarik naker, bres bedog anu ngabelesat keuna pisan kana suku
begal, goak si begal anu kadua ngagoak, sukuna boloboran ku getih.
Nempo baturna anu duaan namru bari humaregung,begal anu saurang
deuinyuruntul rek nubles beuteung, awak ngagilek ka kenca sa eutik, plos,
bedog begal ngageblos ngaliwat beuteung, teu di engkekeun deui, bedog
disabetkeun ka hareup, bres, goak begal anu katilu ngagoak tarik, tina
dadana merebey getih, ulaweran masehan baju na.
Karek oge ngajurungkunung rek ngabebener tangtungan, beletuk kana
tonggong aya anu ngababuk tarik pisan, gajleng jingkrak make jurus hok mo
jin tina kung fu, breh begal anu tadi dibantingkeun keur undur-unduran
nyenyekel bedog. Jadi tadi anu ngabeletuk kana tonggong teh horeng bedog,
siap-siap deui, asa panggih jeung jalan pikeun mecak pangabisa.
Sok kadieu maju deui, hayang nyaho nepi kamana hojahna aranjeun anu
cenah jadugna begal. Susumbar nangtang begal, kagok asong.
Ampun jang kula tiluan nyerah, moal kumawani ganggu deui ka anjeun,
hampura kula sarerea. Begal anu tadi ngaku jadug, ngarumpuyuk menta
ampun.
Nya pikeun kuring mah teu boga masalah, di hampura pisan, ngan mun bisa
mah ganti kahirupan teh kanu bener, ulah ngarogahala batur. Di elingan
saeutik sugan ngadenge.
Lain teu hayang pindah pileumpangan, ngajalankeun kahirupan normal siga
batur, tapi pan hirup di kampung saumur-umur balangsak taya kaboga,
pangabisa ukur gelut, nya antukna jadi begal di ieu leuweung. Si jadugna
begal cumarita bari rumahuh pinuh kabeungbeurat.
Kuring oge sarua balangsak, hirup pinuh ku kanyeri kapeurih, tapi dina diri
tetep pageuh rasa eling ka Gusti, eling ka purwa daksi, nu matak kuring
ngalalana seja nuturkeun elmu pangabisa, sugan bisa di pake nanjeurkeun
bebeneran.
Kaharti Ujang, najan ngora keneh tapi tekad anjeun kacida mulyana,
pangabisa Anjeun lain beja, tadi nyebutkeun lain urang dieu, sabenerna ti
mana asal anjeun ?. Si Jadugna begal bari mamandapan nanyakeun asal
muasal.
Yeuh bisi hayang apal,asal kula ti tatar Galuh, urang Sunda. Tandes di
bejakeun.
Aduh paingan teuing, ku guru dicaram ngalawan urang galuh, cenah matak
cilaka. Begal teh ngajenghok ngadenge galuh.
Naha ari kitu aranjeun asalna urang mana ?. Beda rindatna ti tadi keneh
jiga urang sunda.
Hampura kuring sarerea, kuring oge jeung babaturan aslina urang sunda,
ngan geus puluhan taun ngalalana di ieu patempatan.
Teu jauh tina sangkaan, cara aranjeun tarung, najan aya di tanah melayu,
tapi jurus anu dipake ku aranjeun jurus-jurus silat tatar sunda. Geus kataruh
tina gerakan-gerakan silatna.
Duh hampura teu nyangka yen anjeun teh urang Galuh, kalayan rancingeus
dina ulin jurus. Geus pok deui sasadu menta dihampura.
Jadi bener anjeuntaluk moal ganggu deui ka diri kula ?.
Duh leres pisan kitu, cadu moal gangu deui. Susumpahan jangji saurang
jawara.
Kadieukeun atuh tah raheut anu gudawang urang ubaran, supaya getihna
eureun. Anu duaan di gupayan sina ngadeukeutan.
Duaan anu tatu nyampeurkeun bari kokompodan, terus anu raheutna di usap
lalaunan, teu sakara-kara getihna saat saharita, raheutna rapet deui, ukur
kulit luarna anu masih keneh aya tapak siga urut di cepret pecut. Tilu begal
anu tadi haok polotot, anu bebentak kusora matak soak, ngagabrug kana
suku eleh wowotan.
Sanggeus para begal baralik ka tempat nganjrekna, inget kana waktu tadi
dikadek tonggong, terus di rampa, bajuna soek tapak ngadek, tapi awak mah
teu cecel teu bocel, ngan bruk wae sujud dina taneuh, manjatkeun syukurr
ka Dzat anu Maha Murba Wissesa. Ku Kersana, bisa leupas tina pibahayaeun.
Saterusna ngeureuyeuh deui neruskeun lengkah,nyuay-nyuaykeun rembetna
rurungkunan nu ting runggunuk ngahalangan lampah, sagala lalangse anu
kandel moekan jajalaneun di singraykeun ku tekad anu kukuh pengkuh,
muru hiji tempat anu susuganan bisa dipake iuh-iuh.