Anda di halaman 1dari 2

Assalamualaikum wr.

wb
..
Sampurasun nu kasuhun ka pupuhu MTs Puteran, pupuhu komite
sakola, guru-guru MTs Puteran, bagea ka siswa-siswi MTs Puteran,
ibu miwah bapak, saderek sadayana, kum ka dulur-dulur nu
pengkuh mitra baraya nu satia kana basa jeung budaya sunda.
Sateuacana sumangga urang sasarengan nyanggakeun puji
sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Agung anu parantos maparin
kasehatan sareng kakiatan ka urang sadaya. Alhamdulillah ku
jalaran nikmat ti manten-Na dina danget ieu urang tiasa kempel
ngariung di ieu tempat dina raraga Paturay Tineung Kelas IX MTs.
Puteran.
Sholawat sinareng salam, urang sanggakeun ka jungjunan alam
Nabi Muhammad SAW. , ka para kulawargana, para sohabatna,
kalih urang salaku umatna. Amin.
Salajeungna sim kuring salaku pengatur waktu, panata acara
bade medarkeun heula runtuyan acara nu bade lumangung
dinten ayeuna diantawisna:
1. Bubuka
2. Aosan Ayat Suci Al-Quran
3. Sambutan2

Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga urang kawitan


wae
ieu
acara
ku
aosan
basmallah
sasarengan.
Bismillahirrahmanirrahim.

Hadirin, salajengna hayu urang sami-sami regepkeun aosan ayat


suci Al-Quran anu seja didugikeun ku saderk ka saderek
dihaturanan.
Nincak kana acara nu ka. Urang nyakseni mangrupi pidangan
lagu ti paduan suara MTs. Puteran.

Ibu miwah bapak anu ku simkuring dipihormat. Runtuyan acara


parantos dilaksanakeun. Mugi-mugi ieu acara teh aya
mangpaatna. Rupina ieu acara teh urang pungkas wae, simkuring
Hanifah Alshofa Nurul Aini sareng Deden Kurnia Syam neda
dihapunten
samudaya
kalepatan.
Hatur
nuhun
kana
perhatosannana. Mangga urang tutup ku aosan hamdallah
sasarengan.
Alhamdulillahirabbilalamin.Wassalamualaikum
wr.wb

Anda mungkin juga menyukai