Iteung : Akang… akang…! Kamana atuh si akang teh? Akang… akang.. iih nyi iteung
meuni geus lieur neangan?
Kabayan : Aya naon atuh Iteung? Meni asa rariweuh ieu teh. Titadi hayoh we pulang
anting kaditu kadieu. Aya naon atuh?
Iteung : Akang pokona mah Iteung hayang apal, isukan akang kudu meuli tv jang
Iteung!
Kabayan : Ke heula atuh Iteung! Meni asa tara-tara ngadadak hayang dipangmeulikeun
tv, nya kunaon kitu?
Iteung : Ah pokona mah Iteung hayang tv, mun teu dipangmeulikeun Iteung rek
bebeja ka si Abah!
Kabayan : Ari masalah ka si Abah mah gampang atuh Iteung, paling oge si Abah nitah
ngajual domba. Matak geus ayeuna mah ulah waka bebeja heula!
Iteung : Aeh-aeh si Akang pinter oge nya. Sok atuh ayeuna mah geura jual buru-buru
domba na ngarah Iteung buru-buru boga tv!
Kacaritakeun Iteung geus meuli tv, tvna ditunda di kamar.
Iteung : Heh! Ceu! Apal teu kamari Iteung tas dibawa ka Jakarta ku kang Kabayan,
meni rame siah di Jakarta mah..
Ocoh : Nya aya naon wae di Jakarta teh?
Iteung : Wah!! Di Jakarta mah aya monas meni jangkung, kapan eta teh meunang
nyieun kang kabayan. Terus iteung di ajak asup kana keong emas, meni
badag siah, eta oge sarua meunang nyieun kang kabayan.
Acih : Naha bet Iteung buru-buru balik kadieu?
Iteung : Kapan ceuk kang kabayan oge eta monas jeung keong emas anu gede teh
jang Iteung, ke rek dibawa kadieu.
Tukang Jamu: Wah meni hebat nya salaki nyi iteung mah bisa nyieun monas jeung keong
emas.
Iteung : E…h kang kabayan tea… atuh, salaki iteung pokona mah. Iteung ayeuna mah
geus teu hayang tv, da nu sok aya dina tv na ku kang kabayan rek dibawa
kadieu.
Tukang jamu : Wah maenya??
Iteung : ee..h enya, da ceuk kang kabayan oge lamun engke kang kabayan balik,
iteung rek di pangmeulikeun monas, keong emas, kapal,.. wah pokona mah
sagala rupa. Malahan mah domba si abah oge cenah rek digantian ku kang
kabayan.
Acih : Cageur kitu si Iteung teh? … meni asa ngacaprak ngomongna teh .. Ceu!
Ceu! Hayu ah urang balik!
Ocoh Jeung Tukang Jamu : Hayu atuh!!
Iteung : Hey.. Ceuceu. Tungguan Iteung! Maenya iteung ditinggalkeun didieu
sorangan..
Akhir carita nyi Iteung jadi beunghar ngan hanjakal jadi jalma sombong.