Anda di halaman 1dari 6

Kongres Basa Soenda

> PS Tahoen ka-2, No. 12, Juni 1924, kaca 191-192


>
> Basa teh hidji poesaka titinggal karoehoen anoe pangmoendel-moendelna,
> anoe perloe pisan diraksa dipoelasara ku sarerea, da nja eta banda
> sarerea. Sanadjan di antara oerang Soenda geus aja anoe ngarasa teu
miboga
> kana basana, tapi sawangsoelna rea anoe njaah anoe moepoesti, sarta
oesaha
> sangkan basana tambah djembar, tambah moelja, tambah kamadjoeanana
sing
> beunang dipidangkeun miloe tandang dina padjamanan. Soegri anoe
kaantjikan
> rasa hajang djoemoengdjoeng kana poesaka loeloehoerna, sarta mikalebar
koe
> takadjar para boedjangga anoe geus kahesean koe ngolah ngokolakeunana,
> tangtos pisan sering kedal pananja, boh ka kantja boh ka salira, anoe
> oenggelna:
>
> "Koemaha akal tarekahna sangkan basa Soenda tambah kamoeljaanana,
tambah
> kamadjoeanana, tambah kabeungharanana?!"
>
> Malah sakapeun aya anoe lisan kieu: "Naha basa Soenda teh ajeuna mah
bet
> raroeksak, make aja lemes kitoe, naha make ketjap eta?" Naha, naha
> roepi-roepi anoe matak dinaha-naha.
>
> Aja deui sapalih anoe kagoengan emoetan: "Beu ajeuna mah oerang Soenda
teh
> geus rea anoe teu bisa basa Soenda! Koemaha akalna sangkan oerang
Soenda
> tambah djarero elmoe basana? Basa Soenda teh kateler-teler!"
>
> Tah eta anoe karagoengan emoetan kitoe parantos lami aja karepna
hajang
> mela basa Soenda, hajang ngadamel kongres basa, malah aja anoe
parantos
> ngadjak ngadegkeun pakempelan "Sastrawinangoen" sagala roepa, njaeta
> pakempelan moelasara basa, nanging bet diganggajong, teu acan poegoeh
> boeboekanana, sakitoe geus lami naker.
>
> Roepina tina geus ninggang di mangsana, sapantos rea noe
sabiloeloengan
> maksoed, nja ladjeng ngoemaha ka Java Instituut.
>
> Bestur J.I. nampi kalawan kabingahan, sareng kersa makihikeun ka
> oerang-oerang Soenda, ngalaksanakeun sapanoeheoenna, nja eta baris
> ngadamel KONGRES BASA, soepaja bisa ngadadar samoedaja anoe djadi
> kapanasaran tea.
>
> Waktoena kongres geus ditetepkeun dina SASIH MOELOED ninggang OKTOBER
> 1924, lamina doea tiloe dinten tempatna di Bandoeng, nja eta reh
> ngemoetkeun saena tempat, kawoewoeh aja pitandangna pangaoelaan
Bandoeng
> (memeh angka ka Mekah), Djoeragan Patih, Djoeragan Hoofdschool
opziener,
> Djoeragan Bestir pakempelan-pakempelan anoe sanes, noe pada kersa
> ngadjeudjeuhkeun kana djadina eta kongres.
>
> Ari anoe bade dipedar dina eta kongres, nja eta:
>
> I. Akal tarekah sangkan tambah-tambah kanjaho tina perkara basa.
> II. Ngadjembaran djeung ngamadjoekeun basa.
>
> Ieu anoe doea roepi oedagan dipentjar deui:
> 1. Tarekah pikeun ngamadjoekeun pangadjaran basa di sakola-sakola, ti
> sakola desa dongkap ka sakola loehoer. (Anoe baris ngadadarkeunana
Djrg.
> Soeria di Radja).
> 2. Mana djeung naon anoe koedoe djadi basa Soenda loeloegoe? Basa anoe
ti
> satempatna-satempatna (dialek) noe koemaha anoe beunang di
goeloengkeun
> djeung basa Bandoeng? (Anoe baris ngadadarkeunana Djrg: Mangoendikaria
> Schoolopniewe Djatiwangi).
> 3. Nerangkeun adegna basa Soenda, basa anjar, katrangan moendoer-
madjoena
> basa Soenda, dj.s.t. (Baris diterangkeun ku Raden Poeradiredja
> Hoofdredacteur Volkslektuur).
> 4. Koemaha djalan roemawatna djeung ngamajoekeunana mamanis basa,
saperti:
> dangding, kawih, sisindiran, dj.s.t (Ieu baris dipedar koe Raden H.
> Soemadipradja Djoeragan Patih Poerwakarta).
> 5. Nerangkeun perkawis basa lemes, basa sedeng, nganggona sareng
> tjoektjroekanana. (Anoe ngadadarna Rden Kd. A. Soeriawinata Bandoeng).
> 6. Koemaha ari tangtoengna basa hidji-hidjina golongan, naon bedana ti
> anoe lian, saperti basa boedak, basa santri, basa santana, basa pasar,
> dj.s.t. (Ieu baris ditjarioskeun koe Djoeragan Moehamad Moehjidin
> Schoolopziener).
> 7. Edjahan aksara Soenda. (Didadarna koe Rd. Djajadiredja Bandoeng).
>
> Sajaktosna anoe kedah djadi praeadviezeur teh, nja eta anoe pimedareun
> hidji-hidjina pasal, kedah sadaja, atoeh tjopelna kedah sadaja oerang
> Soenda anoe geus kawalentar kaoeningana tea, oetamina mah. Ari ieu mah
> ditoedjoel didji-hidji soteh, teu pisan tjoetjoek panon ngan ngarah
enteng
> waragadna bae. Doepi ti anoe henteu ditoedjoel tea, estoe diadjeng-
adjeng
> pisan soemping sareng medar toeteongkoesan dina proengna, minangka
bade
> diboeboekan koe anoe kasebat bieu tea.
>
> Ieu kongres koe para Djoeragan-djoeragan di Bandoeng baris di
> eujeub-eujeub koe roepi-roepi tongtonan anoe ka koeroeng koe oedagan
J.I.
> nja sapertos: toenil, gondang, ngibing, sareng seueur-seueur deui.
>
> Ti ajeuna disoehoenkeun ka sadaja oerang Soenda soepados dina proengna
> kersa merloekeun saroemping, oerang moeka pependeman.
>
> ==============
Tabe pun,

Hapunten, abdi bade naros, dupi aya anu uninga upami hoyong ngiring
Kongres Basa Sunda anu diayakeun ku Lembaga Basa Jeung Sastra Sunda di
Subang? Upami tiasa, abdi bade ngiringan.

Hatur nuhun,
Ujang Bedjo

> Ki Dulur,
>
> Nalika kuring noongan Poesaka Soenda (PS), ana gorehel teh manggih
bahasan
> perkara wawaran "Kongres Basa Soenda" anoe diayakeun 80-an taun ka
tukang
> ku paguyuban Java Instituut, bulan Oktober taun 1924 di Bandung. Ieu
> wawaran aya dina PS terbitan taun ka-2, No. 12, Juni 1924. Makalah
> lengkepna dimuat noron dina PS terbitan taun ka-3, No. 4-5-6,
> Oktober-Desember 1924. Lebah dieu katinggali, kumaha dariana urang
Sunda
> baheula ngararancang gawe, geuning ampir lima bulan samemehna kongres
> dilaksanakeun, geus aya iberna lengkep jeung naon nu baris digarapna.
>
> Jigana kongres basa Sunda anu baris diajakeun ayeuna, Juni 2005 di
Subang,
> teu aya hubungan sacara langsung jeung kongres taun 1924. Pangpangna
> palebah paguyuban anu ngokolakeunana. Upama baheula dikokolakeun ku
J.I.
> (Java Instituut), nu ayeuna mah dikokolakeun ku LBSS (Lembaga Basa
jeung
> Sastra Sunda). Sakumaha beja ti Kang Oman, ieu kongres munggaran
diayakeun
> taun 1954. Cenah kongres nu ayeuna teh kongres ka-8. Meureun bisa
> disebutkeun kongres basa Sunda sanggeus jaman kamerdekaan.
>
> Aya sababaraha perkara padungdengan kongres 1924 anu perlu jadi
catetan.
> Pangpangna perkara, naon anu jadi puseur gunem catur baheula. Tayohna
mah,
> geuning naon anu jadi bahan gunem catur kongres 80-an tahun ka tukang
teh,
> geuning taya bedana jeung naon anu sok jadi padungdengan kiwari di
media
> masa jeung milis urang Sunda. Diantarana perkara "ruksakna" basa
Sunda.
> Perkara basa lemes jeung sabangsana. Perkara basa lulugu mana nu perlu
> dipake. Perkara basa Sunda kateler-teler ku urang Sundana sorangan.
Jeung
> sajabana ti eta.
>
> Atuh upama kitu mah, geuning nu diadurenyomkeun ku urang Sunda teh,
masih
> keneh ngulikbek di tempat eta-eta keneh. Masih keneh tacan rengse,
> madungdengkeun perkara nu sarua-sarua keneh jeung 80-an taun ka
tukang.
> Cing sugan baraya aya pamandangan, naha naon sabenerna anu kiwari
payus
> jadi bahan padungdengan anu aya patalina jeung basa Sunda?
>
> Salam,
> MH
>
> NS,02/06/05
>
> ==============
> Kongres Basa Soenda
> PS Tahoen ka-2, No. 12, Juni 1924, kaca 191-192
>
> Basa teh hidji poesaka titinggal karoehoen anoe pangmoendel-moendelna,
> anoe perloe pisan diraksa dipoelasara ku sarerea, da nja eta banda
> sarerea. Sanadjan di antara oerang Soenda geus aja anoe ngarasa teu
miboga
> kana basana, tapi sawangsoelna rea anoe njaah anoe moepoesti, sarta
oesaha
> sangkan basana tambah djembar, tambah moelja, tambah kamadjoeanana
sing
> beunang dipidangkeun miloe tandang dina padjamanan. Soegri anoe
kaantjikan
> rasa hajang djoemoengdjoeng kana poesaka loeloehoerna, sarta mikalebar
koe
> takadjar para boedjangga anoe geus kahesean koe ngolah ngokolakeunana,
> tangtos pisan sering kedal pananja, boh ka kantja boh ka salira, anoe
> oenggelna:
>
> "Koemaha akal tarekahna sangkan basa Soenda tambah kamoeljaanana,
tambah
> kamadjoeanana, tambah kabeungharanana?!"
>
> Malah sakapeun aya anoe lisan kieu: "Naha basa Soenda teh ajeuna mah
bet
> raroeksak, make aja lemes kitoe, naha make ketjap eta?" Naha, naha
> roepi-roepi anoe matak dinaha-naha.
>
> Aja deui sapalih anoe kagoengan emoetan: "Beu ajeuna mah oerang Soenda
teh
> geus rea anoe teu bisa basa Soenda! Koemaha akalna sangkan oerang
Soenda
> tambah djarero elmoe basana? Basa Soenda teh kateler-teler!"
>
> Tah eta anoe karagoengan emoetan kitoe parantos lami aja karepna
hajang
> mela basa Soenda, hajang ngadamel kongres basa, malah aja anoe
parantos
> ngadjak ngadegkeun pakempelan "Sastrawinangoen" sagala roepa, njaeta
> pakempelan moelasara basa, nanging bet diganggajong, teu acan poegoeh
> boeboekanana, sakitoe geus lami naker.
>
> Roepina tina geus ninggang di mangsana, sapantos rea noe
sabiloeloengan
> maksoed, nja ladjeng ngoemaha ka Java Instituut.
>
> Bestur J.I. nampi kalawan kabingahan, sareng kersa makihikeun ka
> oerang-oerang Soenda, ngalaksanakeun sapanoeheoenna, nja eta baris
> ngadamel KONGRES BASA, soepaja bisa ngadadar samoedaja anoe djadi
> kapanasaran tea.
>
> Waktoena kongres geus ditetepkeun dina SASIH MOELOED ninggang OKTOBER
> 1924, lamina doea tiloe dinten tempatna di Bandoeng, nja eta reh
> ngemoetkeun saena tempat, kawoewoeh aja pitandangna pangaoelaan
Bandoeng
> (memeh angka ka Mekah), Djoeragan Patih, Djoeragan Hoofdschool
opziener,
> Djoeragan Bestir pakempelan-pakempelan anoe sanes, noe pada kersa
> ngadjeudjeuhkeun kana djadina eta kongres.
>
> Ari anoe bade dipedar dina eta kongres, nja eta:
>
> I. Akal tarekah sangkan tambah-tambah kanjaho tina perkara basa.
> II. Ngadjembaran djeung ngamadjoekeun basa.
>
> Ieu anoe doea roepi oedagan dipentjar deui:
> 1. Tarekah pikeun ngamadjoekeun pangadjaran basa di sakola-sakola, ti
> sakola desa dongkap ka sakola loehoer. (Anoe baris ngadadarkeunana
Djrg.
> Soeria di Radja).
> 2. Mana djeung naon anoe koedoe djadi basa Soenda loeloegoe? Basa anoe
ti
> satempatna-satempatna (dialek) noe koemaha anoe beunang di
goeloengkeun
> djeung basa Bandoeng? (Anoe baris ngadadarkeunana Djrg: Mangoendikaria
> Schoolopniewe Djatiwangi).
> 3. Nerangkeun adegna basa Soenda, basa anjar, katrangan moendoer-
madjoena
> basa Soenda, dj.s.t. (Baris diterangkeun ku Raden Poeradiredja
> Hoofdredacteur Volkslektuur).
> 4. Koemaha djalan roemawatna djeung ngamajoekeunana mamanis basa,
saperti:
> dangding, kawih, sisindiran, dj.s.t (Ieu baris dipedar koe Raden H.
> Soemadipradja Djoeragan Patih Poerwakarta).
> 5. Nerangkeun perkawis basa lemes, basa sedeng, nganggona sareng
> tjoektjroekanana. (Anoe ngadadarna Rden Kd. A. Soeriawinata Bandoeng).
> 6. Koemaha ari tangtoengna basa hidji-hidjina golongan, naon bedana ti
> anoe lian, saperti basa boedak, basa santri, basa santana, basa pasar,
> dj.s.t. (Ieu baris ditjarioskeun koe Djoeragan Moehamad Moehjidin
> Schoolopziener).
> 7. Edjahan aksara Soenda. (Didadarna koe Rd. Djajadiredja Bandoeng).
>
> Sajaktosna anoe kedah djadi praeadviezeur teh, nja eta anoe pimedareun
> hidji-hidjina pasal, kedah sadaja, atoeh tjopelna kedah sadaja oerang
> Soenda anoe geus kawalentar kaoeningana tea, oetamina mah. Ari ieu mah
> ditoedjoel didji-hidji soteh, teu pisan tjoetjoek panon ngan ngarah
enteng
> waragadna bae. Doepi ti anoe henteu ditoedjoel tea, estoe diadjeng-
adjeng
> pisan soemping sareng medar toeteongkoesan dina proengna, minangka
bade
> diboeboekan koe anoe kasebat bieu tea.
>
> Ieu kongres koe para Djoeragan-djoeragan di Bandoeng baris di
> eujeub-eujeub koe roepi-roepi tongtonan anoe ka koeroeng koe oedagan
J.I.
> nja sapertos: toenil, gondang, ngibing, sareng seueur-seueur deui.
>
> Ti ajeuna disoehoenkeun ka sadaja oerang Soenda soepados dina proengna
> kersa merloekeun saroemping, oerang moeka pependeman.
>

Anda mungkin juga menyukai