P. 1
Pedaran Basa Sunda(Kel1 Adhitya NF)

Pedaran Basa Sunda(Kel1 Adhitya NF)

|Views: 4,466|Likes:
Dipublikasikan oleh adhitmessipisan
Karya Tulis Basa sunda tentang Undak usuk basa
Karya Tulis Basa sunda tentang Undak usuk basa

More info:

Published by: adhitmessipisan on Nov 25, 2010
Hak Cipta:Attribution Non-commercial

Availability:

Read on Scribd mobile: iPhone, iPad and Android.
download as DOCX, PDF, TXT or read online from Scribd
See more
See less

06/04/2013

pdf

text

original

PEDARAN BASA SUNDA UNDAK USUK BASA DINA KAHIRUPAN SAPOPOE

Didamel pikeun tugas Basa Sunda

Disusun ku

XI IPA 6 SMA NEGERI 1 GARUT Jl. Merdeka No. 91 Tarogong Kaler GARUT 2010

Kata panganteur

Puji sinareng sukur hayu urang dugikeun ka Alloh SWT anu tos masihan rahmat sinareng hidayah ka urang sadayana ,kusabab simkuring saparakanca tiasa ngarengsekeun ieu pedaran basa sunda nu judulna ³Undak Usuk Basa Sunda dina kahirupan sapopoe´. Pedaran ieu ditulis dumasar kana teori-teori nu tos ku simkuring saparakanca dipikagaduh ti sababaraha sumber anu tos dipilarian ku simkuring saparakanca. Pedaran ieu moal tiasa kabentuk upami teu aya pihak-pihak anu tos ngabantos kana didamelna ieu pedaran. Kukituna simkuring saparakanca ngahaturkeun nuhun ka sadaya rerencangan anu tos ngabantu dina ngarengsekeun ieu makalah anu judulna ³perluna basa sunda´ dihareupkeun makalah teh tiasa dimanfaatkeun ku balarea dina perkawis perluna basa sunda dina kahirupan sapopoe ,khususna keur urang sunda . Simkuring saparakanca nyadar dina ieu pedaran masih seeur kalepatan boh dina eusi ,kualitas, atanapi dina kuantitasna ieu pedaran, saran jeung kritikan anu ngabangun dihareupkeun pisan dina ningkatkeun elmu kanggo anu ngadamel ieu pedaran.

BAB I
Bubuka 1.1 Poko Masalah Usaha ngalestarikeun basa sunda teu gampang , tapi usaha sangkan urang Sunda, pangpangna rahayat pépéték, meunang kasempetan sajembar-jembarna pikeun ngarépréséntasikeun diri jeung pribadina dina widangna masing-masing. Lamun urang niténan balantika nasional, karasa pisan kurangna urang Sunda méh dina sagala widang. Éléh ku urang Minang, Batak, jeung Bugis nu jumlahna jauh sahandapeun urang Sunda. Naha ku lantaran urang Sunda henteu miboga kamampuh? Tacan tangtu. Anu sidik, urang Sunda apan asor pisan kabisana da rata-rata urang Sunda sakolana ngan 7 taun, hartina henteu tamat SMP-SMP acan. Sabalikna urang Sunda nu mareunang atikan luhur, umumna pala putra ménak heubeul atawa ménak anyar anu mibanda méntalitas priyayi, anu ngarep-ngarep dijenengkeun ku nu dibendo. Da ceuk pikiranana hirup nu utama mah kudu nyekel kalungguhan di pamaréntahan, sanajan gawéna ngan ukur sembah kuriling atawa jadi pakacar 1.2 Ngidentifikasi masalah. Teu aya na rasa ngabogaan kana basa sorangan ,jadi masalah anu kudu di perhatikeunbener bener ku pamarentah ,sabab basa sunda bisa lestari kucara aya anu ngabogaan saha sahana ieu basa teh lamun teu aya anu ngabogaan tangtu ieu basa sunda teh pasti aya anu ngarebut, umumna basa sunda masih kurang di pikaresep ku budak budak ayeuna ,budak ayeuna teu saeutik anu teu apal kana kabudayaan urang sunda ,tangtu urang ulah nyalahkeun sasaha ,tapi urang kudu ilu mikirkeun kuaha carana ieu basa sunda teh teu leungit kaelehkeun ku perkembangan jaman.

1.3 Rumusan Masalah Seueur cara anu bisa dijalankeun dina nerapkeun basa sunda ka urang sunda ,basa sunda perlu keur ciri jang jalma anu asli urang sunda,cara gawanohkeun basa sunda ka jalma sunda diantarana nyaeta kujalur pendidikan ,ayeuna provinsi jawa barat ngadamel peraturan daerah supaya dina pelajaran-pelajaran di sakola di ayakeun muatan local basa sunda .Anu leuwih alus dina kahirupan sapopoe basa sunda kudu di terapkeun supaya laun laun ieu basa teh teu asing kanggo urang sunda .

1.4 Tujuan 1. Nyebarkeun perkawis perluna basa sunda, ka urang sunda 2. Nyiptakeun rasa resep kana basa sorangan

BAB I ISI

a. Basa sunda Basa Sunda minangka basa nu dipaké kurang leuwih ku 27,000,000 jalma di wewengkon kulon pulo Jawa, atawa 13,6% ti populasi Indonésia. Basa Sunda kagolongkeun kana famili basa Austronésia - Malayo-Polinésia - Malayo Kulon-Polinésia - Sundik nu mibanda sababaraha dialék/logat dumasar padumukan jalmana: Banten, Bogor, Parahyangan, jeung Cirebon.

y y y y

Parahiangan, ngawengku sabagian badag Tatar Sunda, minangka dialék utama (basa lulugu) basa Sunda nu diajarkeun ti mimiti sakola dasar (SD) nepi ka sakola menengah pertama (SLTP), nu ayeuna diajarkeun ogé di SMA sanggeusna kaluar kaputusan ti Gubernur Jawa Barat.

i. Wewengkon Parantos kauninga yen Basa Sunda anu diangge di wewengkon Jawa Barat sareng Banten dibagi deui kana sababaraha wewengkon leutik, nyeta: - Priangan: Bandung, Ciamis, Tasik, Sumedang, Subang, Garut, Bogor, Purwakarta, sabudereunana - Banten: Banten sabudereunana

- Kacirebonan: Kuningan, Cirebon, Majalengka, Indramayu, sabudereunana (LBAL=lereskeun bilih abdi lepat=CMIIW)

Pangkakoncarana sunda priangan, sigana pedah diangge di Bandung, Paris van Java tea. Sagedengeun ti eta, wewengkon priangan teh baheula ditempatan ku para pangagung anu kawentar anu ngenalkeun basa sunda ka luar sunda. Janten, urang priangan sok radi imut pami ngadangu basa sundana Banten atanapi sunda pasisir kaler anu kapangaruhan ku basa jawa (dicandak ku para nelayan ti wetan).

b. Sajarah Basa Sunda Mangsa I (saméméh abad ka-16 M) Nepi ka taun 1600 Maséhi, basa Sunda téh mangrupa basa nagara di karajaan Salakanagara, Galuh, Kawali, Sunda, jeung Pajajaran. Dina ieu mangsa, basa Sunda kaasupan ku basa Sansakerta saperti anu katémbong dina prasasti titinggal Purnawarman, malah aksarana ogé maké aksara Pallawa. Basa sunda alam harita dipaké dina widang kanagaraan, kasenian, jeung kahirupan sapopoé, loba kitab ageman anu ditulis dina basa Sunda sarta ngagunakeun aksara Sunda (kuna) saperti Siksa Kanda ng Karesian, Carita Parahyangan, Darmasiksa, jeung Guru Talapakan. Geura titénan basa Sunda nu dipaké alam harita, boh nu aya dina prasasti atawa nu aya dina karya sastrana:

y

Transkripsi prasasti Ciaruteun titinggal Purnawarman

Jayaviclasya tarumendrasya hastinah airavabhasya vibhatidam padadavayam nu hartina: ieu (tapak) dua sampéan airawata anu gagah perkasa, gajah inguan pangawasa taruma nu mawa kadigjayaan.

y

Transkripsi prasasti Pasirmuara di Cibungbulang, titinggal karajaan Sunda

ini sabdakalanda rakryan juru pengambat I kawihadji panca pasagi marsandeca barpulihkan hadji sunda nu hartina: ieu téh ucapan Rakeyan Juru Pengambat dina taun saka 458 nu nétélakeun yén pamaréntahan daérah dipulihkeun ku Raja Sunda.

y

Transkripsi prasasti Astana Gede titinggal karajaan Sunda di Kawali

nihan tapa kawali nu sanghiyang mulia tapa bhagya parebu raja wastu mangadeg dikuta kawali nu mahayuna kadatuan surawisesa nu marigi sakuriling dayeuh nu najur sgala desa. Aya ma nu pandeuri pakena gawe rahayu pakeun heubeul nu hartina: ieu nu tapa di Kawali téh nyaéta tapana nu mulya lir déwa. Gusti nu bagja, Raja Wastu nu ngéréh di kota Kawali, nu parantos mapaés Karaton Surawisésa nu ngadamel kakalén

sakuriling dayeuh, nu nyantosa sakuliah wewengkon, muga-muga kapayunna aya nu kersa midamel kasaéan sangkan punjul sajagat.

Mangsa II (1600-1800 Maséhi) Basa Sunda dina mangsa ieu geus kapangaruhan ku basa Arab jeung basa Jawa, basa Arab asupna kana basa Sunda ngaliwatan pasantrén, ari basa Jawa asupna kana basa Sunda ngaliwatan padaleman (pamaréntahan). Harita di tatar Sunda geus jlug jleg pasantrén, umumna ajengan nu ngadegkeun pasantrén di urang kungsi masantrén di wétan, jadi salian ngasupkeun basa Arab kana basa Sunda pasantrén ogé milu ngasupkeun basa Jawa deuih. Nya di antarana ngaliwatan pasantrén deuih asupna wawacan jeung sarupaning upacarana téh. Kitu deui widang pamaréntahan, harita tatar Sunda kaéréh ku Mataram, para gegedén Sunda (dalem) sataun sakali kudu séba ka dayeuh Mataram, tara sakeudeung di dituna téh, balikna mawa adat cara kadaleman Jawa, nya mangsa harita mimiti asupna "undak usuk basa" kana basa Sunda téh, nu mangrupa pangaruh tina basa Jawa (contono dina naskah Wawacan Sulanjana).

Mangsa III (1800-1900 M) Dina ieu mangsa, basa Sunda mimiti kaasupan ku basa Walanda, ngaliwatan para bupati jeung pagawé Walanda. Mémang harita mah wewengkon Sunda téh geus aya dina genggeman pamaréntah Hindia Walanda, nya harita medalna buku basa Sunda anu ditulis ku aksara Latén téh. Basa Sunda mimiti dijadikeun ulikan bangsa deungeun utamana bangsa Walanda, salian ti éta basa Sunda ogé mimiti kaasupan basa Malayu deuih. Harita aya katangtuan ti bangsa Walanda sangkan bangsa pribumi, kaasup urang Sunda kudu ngagunakeun basa Malayu minangka lingua franca-na (contona aya dina Wawacan Panji Wulung taun 1876).

Mangsa IV (1900-1945 M) Dina ieu mangsa, sakola-sakola beuki réa, basa Sunda terus digunakeun sarta diajarkeun di sakola-sakola. Para panalungtik basa Sunda beuki loba deuih, boh bangsa deungeun atawa urang Sundana sorangan, beuki témbong baé pangaruh basa Walanda kana basa Sunda téh, nepi ka harita mah teu saeutik urang Sunda nu nyaritana direumbeuy ku basa Walanda, utamana kaom palajar. Basa Sunda pacampur jeung basa Arab, Jawa, Malayu, jeung Walanda dipaké dina widang atikan jeung kabudayaan, pikeun nuliskeunana geus prah maké aksara Latén. Dina ieu mangsa, medal pustakamangsa jeung kalawarta dina basa Sunda saperti Papaés Nonoman (1915), Pasoendan (1917), Poesaka Soenda (1923), jeung Sipatahoenan (1923).

Mangsa V (1945-kiwari) Mangsa ti taun 1945 nepi ka kiwari sok disebut ogé mangsa sabada perang, basa Sunda dipaké dina kahirupan sapopoé, pustakamangsa, sastra, kabudayaan, jeung buku-buku atawa kapustakaan. Mangsa ieu basa Sunda loba kapangaruhan ku basa Indonésia. Dina istilah-istilah basa kosta méméh asup kana basa Sunda téh umumna ngaliwatan heula basa Indonesia, utamana nu dipaké ku masarakat kota, nepi ka aya istilah "Sunda kamalayon" geuning, nyaéta basa Sunda anu reumbeuy kapangaruhan ku basa Malayu (Indonesia).

c. Fonologi Kiwari, sakumaha di sakabéh wewengkon Indonésia, basa Sunda ditulis dina aksara Latin. Aya tujuh sora vokal: a, e (pepet), é, i, o, u, jeung eu; tanpa diftong. Konsonan kawakilan ku aksara b, c, d, g, h, j, k, l, m, n, p, r, s, t, w, y, ny, jeung ng. Konsonan séjén nu datang ti basa

deungeun, misalna basa Arab atawa basa Inggris, lolobana dialihbasakeun kana konsonan utama tadi: f -> p, v -> p, sy -> s, sh -> s, z -> j, jeung kh -> h.

d. Tata Basa Tata basa Sunda kaasup anu basajan dibandingkeun basa-basa lainna. Aya sawatara ciri basa Sunda, nyaéta: taya parubahan kecap dumasar waktu, anu dina basa Inggris disebut tenses. Pikeun nangtukeun waktu, kalimah cukup diwuwuhan ku sawatara kecap saperti kamari, ayeuna, tadi, jsb.
y

y

teu ngabogaan gender dina kecap-kecapna. Kukituna taya parobahan dina kecap-kecapna lantaran ditujukeun ka gender nu béda.

e. Sistem Tinulis Dina sajarahna, basa Sunda kungsi ditulis ku rupa-rupa aksara, diantarana: aksara Pallawa atawa aksara Pra-Nagari anu dipaké pikeun nuliskeun basa Sangsakerta, dipaké nepi ka abad ka-7,
y y

y

aksara Sunda Kuna anu diturunkeun tina aksara Pallawa. aksara Cacarakan atawa aksara Jawa, sacara umum marengan asupna Islam jeung kaadaban Jawa ka Cirebon (abad ka-16) jeung Priangan (abad ka-17),

y y

aksara Pegon, utamana di lingkungan pasantrén, ku asupna ajaran Islam ti tatar Arab, aksara Latin, mimiti dipaké ahir abad ka-19, diwanohkeun ku pangjajah Walanda.

Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2003 geus ngarojong aksara Sunda pikeun pakéeun sapopoé.

f. Tata Krama Tatakrama minangka hiji hal anu ogé leket dina basa Sunda, utamana dina dialék utamana (Parahiangan). Sanajan sawatara nonoman Sunda kiwari nganggap yén diajar tatakrama basa Sunda téh hésé, tatakrama tetep diajarkeun di sakola-sakola lantaran ku tatakrama ieu diharepkeun sikep silihormat jeung silihajénan.

g. Gaya Basa Kawas basa Indonésia, dina basa Sunda ogé aya sababaraha gaya basa, contona: ngupamakeun (similé) lalandian (métafora) mijalma (personifikasi) rautan (eufimisme) ngasor (litotés) rarahulan (hiperbol) kadalon (pleonasme) silib-sindir (alégori) mindoan (repetisi)

y y y y y y y y y

h. Sastra Basa Sunda euyeub ku rupa-rupa karya sastra, boh anu klasik atawa anu moderen, diantarana:

y y y y y y y y y y y y y

mantra/jampe jeung jangjawokan sisindiran, [[paparikan], wawangsalan, sésébréd pupuh kakawihan guguritan pupujian wawacan carita pantun dongéng carita pondok nopél drama, jeung sajak atawa puisi.

i. Undak Usuk Basa Aya 3 undak basa dina basa sunda, dibentenkeun palebah nerapkeunana. Biasa disebat: undak usuk basa. - Kahiji, anu lemes. Diangge pami ngobrol sareng anu saluhureun (yuswa atanapi harkat sosial) atanapi ngobrol sopan sareng anu sapantar. - Kadua, basa loma. Diangge dina obrolan sapopoe sareng anu sapantar (umur boh harkat sosial). Tingkatan basa ieu oge diangge dina surat kabar, karangan, atanapi seratan2 kanggo dibaca ku umum.

- Katilu basa garihal. Diangge ka anu sahandapeun, saleutikeun atawa jang sato. Basa garihal disebat oge basa kasar. Aya budak nyarita ka ibuna, mana anu ceceg: 1. Ibu, gogog nuju tuang 2. Ibu, si tumang keur nyatu

Ah, pastina oge parantos kauningan kusadaya WSAB. Ngan kumaha tah prak-prakanna? Ieu mah sakedik umpama, diangge dina kalimah ngarah kahartos. Bapa nuju tuang Abdi alim neda Embe keur nyatu

Bapa angkat ka pasar (ih, ka kantor biasana oge bapa mah :)) Abdi mios ka sakola Si Juha mangkat ka kebon deuk ngangon embe Bumi anu kiwa kagungan Ibu Entin (kanggo ka batur mah nyebatna bumi) Anu palih katuhu mah rorompok (nuduhkeun imah sorangan, rorompok=rompok nu abdi) Imah si kardun tina hinis (jang batur sahandapeun atawa loma) Kandang maung (ieu mah jelas jang sato, leres?)

Salira keresa nyandak buku sakieu seueurna? (kanggo batur) Abdi ngabantun piring salosin (kanggo nyalira) Si Emod mawa bedog

j Nyerat basa sunda Tah kumaha pami diserat? Sanes nyerat ha na ca ra ka da ta sa wa la, leres... Anu kawentar kakoncara kajanapria saalam dunya yen ciciren basa sunda teh aya "EU". Sing saha jalma anu bisa nyebut "EU" kalayan bener, hartina geus bisa basa sunda, hihihi... *karunya ka si Mas di rorompok...

Tah mun nyebat tos jago, kumaha mun dipiwarang nulis. Ceuk teori, aya 3 jenis "E" dina basa sunda. Kahiji: "é" taling siga dina: émbér (aya curek diluhureunna) kadua: "e" pepet, siga dina: gemes (ih ieu mah sanes sunda), jiga dina... nya dina kecap pepet wee. Matak kitu disebat e pepet oge. Katilu: "eu", siga nida peuyeum

Tah, pami radi sesah nyerat hiji kecap, ulah gurung gusuh, emutan heula. Sebatkeun eta kecap, naha si sakadang "e" teh siga dina émbér, atanapi siga dina pepet, atanapi siga dina peuyeum. Umpama, Aya budak nakal, nu mana anu ceceg: 1. Budak teh teu bener (bener=bageur, leres, sae)

2. Budak teh teu beuneur (beuneur=ngeusi, munel, aya eusian, biasana kanggo pare)Kabayang budak dianggap beuneur... hihihi...

Kuring cicing di Amerika, numana anu ceceg: 1. Kuring tumeuteup di Amerika (tumeuteup=memandang) 2. Kuring tumetep di Amerika (tumetep=menetap) Ih nu kahiji mah hartosna janten: Sayah memandang di amerika (naon ieu teh)

Kuring dangdan di kamber, mana anu ceceg: 1. Kuring ngeunteung di kamber (ngeunteung= bercermin, ngaca) 2. Kuring ngenteng di kamber (ngenteng= ngentengkeung, enteng=ringan, meringankan)

Aya budak mani geulis, mana anu ceceg: 1. Euleuh si eneng mani geulis (euleuh=ekspresi kagum) 2. Eleh si eneng meni geulis (eleh=kalah)

Tah kitu para wsab, kumargi ieu teh mulungan tina emutan 17 taun kalangkung (jaman SMP) teras rumaos sanes urang priangan, umpami bade aya anu nambihan sareng ngelereskeun, mangga email ka wsab2005@yahoo.com, engke di tambihkeun kana handapeun ieu postingan

BAB III PANUTUP

2.1 Kacindekan Urang sunda masih keneh asing kana basa sorangan ,ieu tiasa katingali dina tingkah laku paripolah urang sunda dina ngagunakeun basa sapopoena nu utamana basa sunda .teu sautik urang sunda teu apal perluna basa sunda keur ciri tiap tiap daerah . 2.2 Saran Kanggo ka para bapa ibu guru anu ngawulangan basa sunda kedah mampu ngalestarikeun basa sunda supaya ieu basa teu leungit ku kamajuan jaman atawa ku budaya-budaya asing anu bisa ngaleungitkeun basa sunda.

DAPTAR PUSTAKA

You're Reading a Free Preview

Mengunduh
scribd
/*********** DO NOT ALTER ANYTHING BELOW THIS LINE ! ************/ var s_code=s.t();if(s_code)document.write(s_code)//-->