Anda di halaman 1dari 2

Dinar Riny N

12 IPA 5

Sababaraha jalan
Aya sababaraha jalan nu bisa disorang ku urang Sunda pikeun milu ngalalakon dina
kahirupan kanagaraan. Kahiji, perlu milu kana panggung kakawasaan saperti nyekel jabatan
pulitis ti mimiti presiden, mentri nepi ka gibernur, walikota, jeung bupati. Pilihan bieu miang
tina anggapan, mun milu kana panggung kakawasaan, kamamuran masarakan nu jadi
udagan bakal gancang kahontalna. Kadua, cukup nguatan masarakat sipil wae, teu ngarasa
perlu-perlu teuing nyekel jabatan pulitis. Pilihan bieu geus dilarapkeun ku etnis Cina di
nagara urang. Geuning sanajan maranehna teu boga wargana nu jadi presiden, menteri,
gubernur, tapi tetela masarakatna kaitung kuat, diantarana boga akses kana sumber daya
ekonomi. Kitu deui maranehna geus ngahasilkeun masarakat terpelajar, rea nu jaradi dokter,
praktisi hukum, sarjana dina rupa-rupa widang elmu jeung sajabana. Malah ngahasilkeun
kaom intelektual nu ngapimilik integritas luhur saperti Yap Thian Hien, Arief Budiman, Ong
Hok Kam, Kwik Kian Gie jeung estuning tohtohan ngatik masarakatna sangkan bisa hirup
mandiri.

Jalan mana atuh anu pantes disorang ku urang Sunda?


Jalan kahiji tangtu wae sah, bisa disorang ku saban etnis nu aya di nagara urang,
kulantaran saban warga nagara boga hak milu mingpin nagara. Jadi, naon salahna mun hak
bieu ditangtayungan ku kontitusi dilaksanakeun? Jalan kadua, tangtu wae ieu mah kudu
ditataharkeun tur dimekarkeun salawasna, kulantaran situasi pulitik teu saban waktu mihak
ka urang. Dina mangsana jalan kahiji kapeungpeuk, masarakat urang moal kadungsang-
dungsang teuing ari geus biasa nyorang hirup kamandirian mah. Masarakat Cina jeung
masarakat Yahudi di pangumbaraan, upamana, kitu deui masarakat Syiah, dina sajarah
kahirupanana apan, geus nembongkeun: maranehna bisa mekarkeun paradabanana sanajan
henteu nyekel kakawasaan oge.

Mayoritas kadua
Dibandingkeun jeung etnis sejen di Nusantara, ditilik dina jumlah pangeusina, urang
Sunda kaasup etnis mayoritas kadua sabada etnis Jawa. Jadi, sabenerna mah ngeblak jalan
nu kaitung lega pikeun urang Sunda milu icikibung kana kakawasaan ku jalan nyekel jabatan
pulitis ti mimiti presiden nepi ka kapala daerah. Malah sabenerna mah jalan bieu geus lila
disorang, upamana wae, iwal ti jadi presiden jeung wakil presiden, apan geus rea urang
Sunda nu nyekel jabatan menteri kitu deui geus rea nu jaradi kapala daerah. Hanjakalna,
tacan karasa hasilna, buktina apan tatar Sunda, masarakatna kitu deui paradabanana tacan
ngahontal kaayaan anu nyugemakeun. Jadi, sabenerna mah nu penting pikeun urang sunda,
kitu deui pikeun etnis sejenna, lain nyekel kakawasaan-kakawasaan teuing, tapi kumaha
ngamangpaatkeun kakawasaan bieu. Buktina, jabatan kapala daerah di Propinsi Jawa Barat
sakitu nyampakna, jeung deui geus pada ngeusian ku urang Sunda sorangan, henteu dilindih
ku etnis sejen, tapi pamustunganana mah apan angger wae hasilna tacan nyugemakeun.
Hartina kakawasaan nu geus hasil dicekel teh tacan bisa dimangpaatkeun kalayan optimal
pikeun kamamuran rahayat.
Ana kitu, urang Sunda anu boga karep nyorang jalan kahiji nyaeta milu icikibung kana
kakawasaan, kudu jelas indit-inditanana. Kahiji, orientasina lain kitu mah, atuh gaplah nyekel
kakawasaan teh. Kadua, strategi pikeun nyorang jalan bieu oge kudu puguh ulah saukur
ngawang-ngawang. Upamana, kudu aya urang Sunda nu daek bobolokot mingpin partey
pulitik atawa ormas, kulantaran sarana bieu bisa mukakeun lawang kana kakawasaan. Jadi,
bakal hese kasorangna mun taya saurang oge Sunda nu kaselir jadi pingpinan partey pulitik,
tapi jojorowokan hayang jadi presiden.
Jadi jelas, pikeun nyorang jalan kahiji, urang Sunda ti ayeuna keneh kudu
ngagederkeun atikan pulitik, lain wae keur nu aktip di partey pulitik jeung ormas, tapi pikeun
balarea deuih. Mun atikan pulitik digederkeun pikeun masarakat, apan masarakat oge bakal
ngaronjat kasadaran pulitikna, nu hasilna bakal mampuh milu aktip nalingakeun para
pamingpin nu nyekel kakawasaan nu pamustunganana bakal bisa ngahasilkeun para
pamingpin nu aleucreug.
Sajeroning kitu, pilihan jalan kadua oge kudu salawasna ditataharkeun. Urang sunda
kudu ngabiasakeun saperti urang Cina di nagara urang tohtohan nyakolakeun barudakna ka
sakola anu luhur ajenna supaya engkena ngahasilkeun sumber daya manusia anu unggul.
Kitu deui atikan karakter saperti daek “kerja keras”, ngutamakeun ajen unggul tina sagala
widang, sarta solidaritas jeung sasama kudu ditumuwuhkeun. Sumber dana oge kudu
disiapkeun saperti ngawangun foundation-foundation kasundaan, upamana.

Tah, naha urang geus ngalengkah ka dinya?

Karno Kartadibrata

Anda mungkin juga menyukai