P. 1
Proposal Tesis

Proposal Tesis

|Views: 239|Likes:
Dipublikasikan oleh izzay

More info:

Published by: izzay on Dec 04, 2010
Hak Cipta:Attribution Non-commercial

Availability:

Read on Scribd mobile: iPhone, iPad and Android.
download as DOC, PDF, TXT or read online from Scribd
See more
See less

10/05/2014

pdf

text

original

PROPOSAL PANALUNGTIKAN

1.

Judul Panalungtikan INTERPRÉTASI SUNDA MÉTAFORIS POSTING FACEBOOK BASA

2.

Kasang Tukang Masarakat dunya aksés anu téknologi sistem komunikasi mimiti nagarana taun 2004

ngawenangkeun

internét,

mikawanoh facebook (saterusna disingget FB). Teu jauh béda jeung MySpace, Bebo atawa Hi5, FB gelar salaku situs internét pikeun kalangenan (hobby) anu béh dieuna mekar jadi situs social networking (jejaring sosial). Nurutkeun http://iptek.tvone.co.id (diaksés 1

Séptémber 2010), dina jero bulan Séptémber 2009 jumlah gembleng akun FB geus ngahontal 325 juta1. Tina éta jumlah téh, kurang leuwih 50 persen di antarana saban poé teu weléh aktif ngaksés atawa log in pikeun ngawangun jaringan sosobatan –boh babaturan anyar, boh babaturan lawas nu tepung deui dina éta média–, jeung maluruh

atawa nepikeun rupa-rupa informasi. Indonésia nempatan posisi katilu

1

Sacara urutan, facebook gelar pandeuri tapi leuwih dipikawanoh sarta sumebar méh di sakuliah dunya batan MySpace jeung Bebo anu leuwih sumebar kalawan kerep ukur di wewengkon Amerika Serikat, atawa Hi5 anu leuwih sumebar di wewengkon Éropa Timur jeung Amerika Selatan. Fakta lianna némbongkeun yén anu mibanda akun facebook, 70 persen asalna ti wewengkon luareun Amerika Serikat sarta sumebar méh di sakuliah dunya. Salian ti éta, nurutkeun sawatara katerangan nu mibanda akun, facebook jadi leuwih populér tibatan situs-situs jejaring sosial lianna, kaasup situs anu gelarna béh dieu kayaning Twitter, balukar tina leuwih gampang dina prak-prakan digunakeunana.

1

2

sahandapeun Amerika Serikat jeung Turki, kalawan pamiarsa aktifna geus ngahontal kurang leuwih 15,3 juta akun. Informasi anu nyampak dina FB biasana mangrupa posting status, catetan, grafis (foto atawa gambar), jeung pesen. Beh dieuna, aya ogé anu mangrupa iklan, boh komérsil boh nonkomérsil. Sok sanajan aya watesan-watesan anu tangtu minangka étika anu lumaku universal –biasana watesan perkara suku, agama, ras, jeung adatistiadat–, eusi posting téh éstu teu kawatesanan. Hartina, sakur anu miboga akun FB bisa nepikeun rupa-rupa pasualan dina posting sapopoéna, mangrupa béwara, lalayang, artikel, sawangan, angenangen, kritik, sindir-sampir, émosi, banyol, jeung salian ti éta. Médium basa anu digunakeun pikeun nepikeun rupa-rupa informasi dina posting ogé teu kawatesanan, gumantung kana kamampuh, kahayang, jeung udagan atawa sasaran pamiarsana.

3

Gb. 1 Kaca rohang posting dina situs FB (Foto: www.blog.mybcshop.com) Sakumaha ilaharna widang internét sacara umum, mekarna pamiarsa jeung pamakéan FB di masarakat dunya tangtu mawa pangaruh, boh positif boh négatif. Konsép FB mangrupa viral marketing anu bisa nyebar samakta kalawan gratis, méré pangaruh positif pikeun pamiarsana enggoning ngaraketkeun duduluran,

mikawanoh poténsi diri, sarana pikeun promosi, sarana diskusi, jeung sarana nepikeun angen-angen atawa sawangan. Éta hal

dimungkinkeun sabab postingan status, pesen, grafis, jeung catetan dina FB sumebar sacara otomatis dina sistem jaringan sosial anu geus diwangun ku anu nyieun postingan. Kamekaran FB anu dibarengan ku aksés internét anu leuwih gampang jeung murah di sakuliah dunya, salian ti méré pangaruh positif téh tangtu baris ngabalukarkeun ogé ayana pangaruh-pangaruh négatif. Nurutkeun www.laksamana12.wordpress.com (diaksés 1

Séptémber 2010), dumasar kana data jeung fakta kajadian-kajadian anu kaalaman ku pamiarsa FB patali jeung aspék hukum, pangpangna di Indonésia pangaruh négatif FB téh di antarana jadi sarana pikeun ngahina atawa pencemaran ngaran, nipu, prostitusi, nyulik, salingkuh, alesan pikeun maéhan manéh, ngaganggu produktifitas gawé, jeung nyebarkeun paham-paham atawa idéologi anu pasalia jeung konsép nagara Indonésia, adat-istiadat, atawa agama. Salian ti éta, sok sanajan postingan FB anu dimuat henteu miboga maksud atawa udagan anu sipatna négatif, pamahaman anu béda-béda ti séwang-

4

séwang pamiarsa réa anu ngabalukarkeun munculna pacogrégan, boh sacara pribadi boh sacara hukum. Contona, postingan anu maksudna heureuy bisa dianggap serius atawa ngahina, nganyerikeun haté, jeung ngagogoréng, anu béh dieuna bisa dipasualkeun ngaliwatan hukum pidana jeung perdata. Pasualan sakumaha anu kasebut di luhur, lumangsung dina hirup kumbuh manusa sapopoé. Dina hirup kumbuh sapopoé, manusa moal leupas tina komunikasi. Nurutkeun panalungtikan, kurang leuwih 70% waktu anu kasorang ku unggal jalma dina sapoéna digunakeun pikeun ngayakeun kagiatan komunikasi. Ngaliwatan komunikasi, manusa ngawangun hiji sistem silipikaharti pikeun numuwuhkeun duduluran, ngariksa rasa silipikanyaah, mekarkeun pangaweruh, jeung

ngamumulé peradaban. Ngaliwatan komunkasi ogé, manusa bisa numuwuhkeun pacogrégan, ngagelarkeun rasa mumusuhan,

silipikangéwa, ngahalang-halang kamajuan, jeung mendet munculna pamikiran-pamikiran anyar (Rakhmat, 2007:vii). Nurutkeun Langer (Sunarto, 2008:21), béh dieuna manusa mekarkeun komunikasi dina hirup kumbuhna teu saukur pikeun nyumponan kabutuhan pokona, tapi mekarkeun ogé kabutuhan anu sipatna leuwih luhur dina wangun usaha pikeun paham kana ma’nama’na anu leuwih abstrak. Ma’na-ma’na abstrak diciptakeun jeung dipaké ku manusa dina wangun sistem tanda atawa simbol.

Ngaliwatan sistem simbol, manusa ngawangun komunikasi lain saukur pikeun ngungkulan pasualan pragmatis sapopoé, tapi aya ma’na lianna anu némbongkeun sistem ajén-inajén jeung sawangan hirupna.

5

Éta hal luyu jeung pamanggih Talcott Parsons (Sunarto, 2008:21) anu nyebutkeun yén kabudayaan enas-enasna mah ngagugulung perkara ma’na, nepi ka gumantung pisan kana sistem simbolisme. Ku kituna, sistem simbol geus jadi padoman pikeun minuhan kabutuhan manusa –primér, sékundér, atawa kantétanana– nepi ka sistem ajén-inajén jeung sistem simbol komunikasi ngawangun hubungan anu dalit dina hiji kabudayaan. Pikeun tujuan komunikasi, manusa ngagelarkeun basa anu hakékatna mangrupa lambang sora anu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna tur ragem di antara anggota masarakatna. Basa salawasna diwangun ku dua adegan, nya éta adegan cangkang (lahir) jeung adegan eusi (batin). Nurutkeun Sudaryat (1987:9), adegan cangkangna basa téh mangrupa sistem sora manusa anu dihasilkeun ku pakakas ucapna, sedengkeun adegan eusi mah mangrupa eusi nu dipimaksud ku sistem sora atawa mangrupa kedalan rasa, pikiran, jeung kahayang nu aya dina sistem sora waktu campur gaul. Adegan eusi unggal basa ngawangun sistem simbol. Basa salaku sistem simbol hiji komunitas téh ngagambarkeun kumaha papada anggota dina éta komunitas némbongkeun perkara ma’na jeung sistem ajén-inajén anu jadi cecekelanana. Métafora mangrupa salasahiji cara nepikeun ma’na ngaliwatan simbol-simbol. Tanda anu sacara literer geus mibanda ma’na

(référénsi) pikeun némbongkeun hal anu dipimaksud sacara dénotatif (référén), digunakeun dina sistem simbol lianna anu ngagelarkeun konsép analogi. Ngaliwatan analogi, gelar ma’na anu leuwih jembar

6

atawa ma’na anyar tina unggal lambang sora omongan patali jeung hal atawa barang anu dipimaksudna. Biasana papada urang réa anu teu sadar yén saenyana métafora geus biasa digunakeun dina komunikasi sapopoé. Éta hal bisa jadi balukar tina pamahaman yén digunakeunana métafora dina

komunikasi sapopoé ukur mangrupa wangun lian (variasi) tina gayamakéna-basa hiji jalma anu udaganana leuwih neueul kana

ngawangun variasi rétoris. Nurutkeun Nasution (2008:77), dina konsép sarupa kitu, nu nyarita baris ngagunakeun hiji éksprési figuratif nalika karasa taya basa literal anu mampuh atawa sarimbag dina

ngahasilkeun éfék jeung ma’na sakumaha anu jadi udagan dirina sangkan pamiarsa ngaréspon ku cara jeung udagan anu sarua. Parandéné kitu, métafora tétéla geus jadi hiji wangun dina raraga némbongkeun konsép mikir. Lakoff jeung Johnson (1980:3-5),

nétélakeun yén hakékat poko métafora nya éta kamampuh pikeun paham jeung ngalaman hiji pernyataan dina términologi lianna. Éta hal némbongkeun yén métafora ngagambarkeun konsép mikir ku jalan méré tekenan kana sawangan-sawangan urang ngaliwatan konotasi kecap. Salian ti éta, métafora ogé némbongkeun kakampuh sinéstésis2 unggal manusa. Winner (Sunarto, 2008:31) nétélakeun yén métafora mangrupa hiji kagiatan rukun gawé antara otak kénca anu

2

sinéstésis, tina synesthetic; nurutkeun Seitz (1998:98) mangrupa kamampuh manusa pikeun ngalakukeun sintésa indra-indra kamanusaanana sacara tuluy-tumuluy, otak nyusun hiji rélasi (hubungan) stimulus anu ditarimana jeung sénsasi lianna anu diteundeun jeung geus nyampak dina mémori.

7

ngalakukeun kagiatan mikir sacara literal jeung otak katuhu anu ngalakukeun kagiatan mikir sacara holistik-konstéktual. Posting dina FB biasana mangrupa wacana ngagunakeun basa jeung gambar-gambar atawa foto. Wacana anu diterbitkeun salaku postingan FB réa anu némbongkeun aspék motif ngaliwatan

pernyataan jeung kagiatan nyumputkeun ma’na dina simbol-simbol anu tangtu. Sangkan komunikasi ngaliwatan posting FB bisa

lumangsung kalawan hadé jeung teu matak ngabalukarkeun gelarna pasualan-pasualan anu sipatna négatif sakumaha disebutkeun di luhur, perlu pisan simbol-simbol atawa tanda dina ungkara basa anu digunakeunana dima’naan kalawan teleb. Ulikan perkara dampak positif jeung négatif FB dina kahirupan sapopoé geus réa

dilaksanakeun, aya anu mangrupa artikel-artikel, sawangan umum, jeung pedaran conto-conto kasus pidana –alatan salah paham, teu dihaja, dihaja, atawa kurangna pangaweruh. Sedengkeun

panalungtikan perkara ma’na anu nyangkaruk dina posting FB, boh wacana boh grafis (foto, gambar), tacan kungsi dilaksanakeun. Ku kituna, panalungtikan perkara interprétasi métafora posting FB anu ngagunakeun basa Sunda, perlu pikeun dilaksanakeun.

3. Idéntifikasi Pasualan Panalungtikan
Sakumaha ilaharna posting FB anu ngagunakeun basa Indonésia jeung basa Asing, posting FB anu ngagunakeun basa Sunda eusina

biasana mangrupa guguyon atawa banyol, sawangan atawa koméntar

8

pribadi kana rupa-rupa hal, katerangan kagiatan pribadi dina waktuwaktu anu tangtu, paménta, sajak, carita pondok, warta, béwara, lalayang, iklan, foto-foto pribadi jeung umum, gambar (kaasup karikatur), jeung pilem. Tina rupaning wangun posting FB téh aya anu mibanda udagan-udagan salaku kritik (ka diri sorangan atawa ka batur), sindir-sampir, atawa sawangan anu aya patalina jeung situasi sosial budaya masarakat dunya kalawan dibarengan ku némbongkeun aspék motif minangka réspon kana rupa-rupa hal anu jadi wacana, aya ogé anu teu dibarengan ku udagan-udagan anu tangtu (éstuning ngudag unsur kalangenan atawa ngeusi waktu kitu baé). Aya atawa henteuna udagan-udagan anu tangtu sakumaha kasebut, tétéla geus ngagelarkeun sawatara pangaruh positif jeung négatif sakumaha anu ébréh dina pedaran di luhur. Parandéné kitu, aya wates anu bias antara pangaruh positif jeung négatif tina posting FB téh, pangpangna dina ayana kanyataan pamahaman anu bédabéda ti papada pamiarsana anu sakapeung ngabalukarkeun anomali. Udagan positif tétéla bisa robah ma’nana jadi négatif, pon kitu deui udagan négatif tétéla bisa robah jadi positif, gumantung kumaha pamiarsa ngama’naanana. Kalawan nekenkeun kana pasualan sakumaha idéntifikasi di luhur, sacara gurat badag, ieu panalungtikan neueul kana pasualan sémantik, mangrupa ulikan perkara ma’na anu nyangkaruk dina wacana basa, kalawan diwewegan ku ulikan sémiotik perkara aspékaspék tanda, ikon, jeung indéks, anu disawang bisa mantuan atawa ngeuyeuban maluruh ma’na sacara gembleng. Sangkan teu lega

9

teuing, pasualan anu baris ditalungtik téh diwatesanan, perkara métafora anu nyangkaruk dina posting FB anu mangrupa wacana vérbal ngagunakeun basa Sunda, sedengkeun posting anu mangrupa grafis (gambar; foto) jeung pilem mah teu ditalungtik. Pasualan anu baris ditalungtik dirumuskeun sakumaha ieu di handap. 1) Kumaha wangun jeung gaya métafora dina posting FB anu ngagunakeun basa Sunda? Patali jeung ieu pasualan, anu

ditalungtik téh mangrupa métafora salaku konsép linguistik (gaya basa);

2) Ma’na naon anu bisa diungkab tina métafora posting FB anu
ngagunakeun basa Sunda? Patali jeung ieu hal, ditekenkeun kana kagiatan ngama’naan ungkara-ungkara basa anu mangrupa posting FB sacara sémantik jeung sémiotik. Palebah dieu ogé ulikan métafora dipatalikeun jeung aspék-aspék kamampuh sinéstésis, motif, jeung kaayaan sosial budaya anu mangaruhan atawa jadi latar posting FB anu dimuat.

4.

Définisi Operasional Sangkan écés, istilah anu aya patalina jeung judul ieu

panalungtikan didéfinisikweun sacara operasional sakumaha ieu di handap.] 1) Interprétasi Métaforis

10

Sacara gurat badag, métafora bisa dipaham boh sacara tradisional boh linguistis, salaku babandingan antara tanda-tanda. Sacara tradisional, métafora digunakeun dina komuniksi sapopoé minangka variasi rétoris. Sedengkeun sacara linguistik, métafora dipaham salaku konsép mindahkeun ma’na dénotatif kana konotatif, tina sintagmatik kana paradigmatik. Pikeun kaperluan ieu hal, disusun tilu konsép métafora, ngawengku simile, métonimi, jeung

sinékdoke. Dumasar kana éta hal, interprétasi métaforis téh mangrupa sawangan atawa ulikan dumasar kana konsép métafora, boh sacara tradisional boh sacara linguistik.

2) Posting Facebook Basa Sunda
Facebook mangrupa situs jejaring sosial (social networking), anu eusina ngawengku profil pribadi, the wall, pesen atawa surat éléktronik (sarupa é-mail), news feed jeung mini feed, status, hadiah, iklan, pokes, jeung events. Salian ti éta, aya deui anu mangrupa aplikasi tambahan anu ngamungkinkeun pamaké

facebook némbongkeun atawa ngirim foto, pilem, jeung catetan. Posting Facebook basa Sunda téh mangrupa status jeung koméntar sakumna anu mibanda akun dina situs facebook kalawan

ngagunakeun basa Sunda salaku medium basana.

5.

Udagan Panalungtikan Sacara umum, ieu panalungtikan mibanda udagan pikeun

maluruh

ma’na-ma’na

anu

nyangkaruk

dina

posting

FB

anu

11

ngagunakeun basa Sunda, sangkan kagambar hiji konsép anu bisa némbongkeun pangaruh atawa mangpaat FB pikeun kahirupan urang Sunda. Sedengkeun sacara husus, ieu panalungtikan mibanda

udagana pikeun ngadéskripsikeun:

1) wangun jeung gaya métafora dina posting FB anu ngagunakeun
basa Sunda, disawang tina métafora salaku konsép gaya basa;

2) ma’na

anu

bisa

diungkab

tina

métafora

posting

FB

anu

ngagunakeun basa Sunda, disawang tina métafora salaku konsép mikir anu dipangaruhan ku kamampuh sinéstésis, aspék motif, jeung kaayaan sosial budaya anu mangaruhan atawa jadi latar posting FB.

6.

Mangpaat Panalungtikan Sacara umum, ieu panalungtikan dipiharep méré mangpaat

pikeun usaha ngungkab sacara tuluy-tumuluy kahirupan basa Sunda dina rupaning widang. Sedengkeun sacara husus, dipiharep mawa mangpaat sakumaha ieu di handap.

1) Pikeun sakumna masarakat Sunda, bisa digunakeun salaku wahana
ngajembaran pangaweruh jeung sawangan hirupna, utamana dina mekarkeun sikep leuwih taliti jeung résponsif anu didadasaran ku sikep méntal positif. Ku éta hal, posting FB anu ngagunakeun basa Sunda dipiharep teu matak ngabalukarkeun gelarna pasualanpasualan dina hirup kumbuh sapopoé, boh pasualan sosial budaya boh pasualan hukum.

12

2) Salaku bagian unsur budaya, déskripsi ma’na métafora posting FB
anu ngagunakeun basa Sunda mangrupa bahan anu penting pikeun nyuprih ajén-inajén kamekaran basa salaku pakakas komunikasi masarakat Sunda; 3) Pikeun élmu basa Sunda sorangan bisa dijadikeun dokuméntasi dina hirup-kumbuhna Sunda. 4) Pikeun dunya atikan basa Sunda, boh di sakola boh di masarakat sacara umum, bisa dijadikeun salaku alternatif bahan pangajaran. Kalawan ngagunakeun bahan pangajaran anu deukeut jeung dunya siswa atawa nu diajar basa Sunda, dipiharep kagiatan diajar basa Sunda bisa leuwih narik ati anu béh dituna kalawan leuwih gampang numuwuhkeun sikep hadé enggoning ngamumulé hiruphuripna basa Sunda. ngawarnaan kamekaran kahirupan masarakat

7.

Raraga Panalungtikan Interprétasi métafora dina posting FB anu ngagunakeun basa

Sunda

dijadikeun

puseur

dina

ieu

panalungtikan,

kalawan

wengkuanana diébréhkeun dina bagan sakumaha ieu di handap.

13

Gb. 2 Bagan Raraga Panalungtikan

Tina gambar 2 di luhur, katitén yén dina ieu panalungtikan, kabudayaan jadi papayung anu matalikeun sistem ajén-inajén,

téknologi, jeung sistem tanda (jeung métafora). Puseur panitén ieu panalungtikan nya éta sawatara posting FB anu mangrupa wacana vérbal ngagunakeun basa Sunda, ditalaah ma’nana ngaliwatan ulikan sémantik jeung sémiotik. Pikeun paham ma’na sacara leuwih

gembleng, dimangpaatkeun data anu mangrupa ulikan aspék motif jeung latar sosial budaya, nepi ka kagambar patalina antara

kabudayaan, situasi sosial, jeung métafora dina posting FB. Puseur panitén kana ma’na anu nyangkaruk dina métafora posting FB anu ngagunakeun basa Sunda ngawatesanan ieu

panalungtikan dina disiplin paélmuan linguistik. Pikeun maham ma’na métafora anu nyangkaruk kalawan leuwih gembleng, patalina jeung

14

aspék motif sarta aspék sosial budaya, digunakeun disiplin paélmuan psikologi, komunikasi, jeung antropologi sacarawa kawatesananan. Dumasar kana hal sakumaha ditétélakeun di luhur, léngkah garapan ieu panalungtikan bisa dititénan dina gambar di handap.

Gb. 3 Bagan Léngkah Garapan Panalungtikan Analisis tipologis mangrupa léngkah munggaran anu

dilaksanakeun, mangrupa tahap observasi kalawan sacara umum maluruh kacenderungan anu nyampak dina posting FB anu

ngagunakeun basa Sunda. Tahap saterusna nya éta analisis data anu kapaluruh sarta dipedar kalawan merhatikeun patalina jeung aspék budaya sarta situasi sosial. Hasil analisis jeung pedaran téh diragum sarta tuluy dicindekkeun.

8.

Tatapakan Tiori Facebook mangrupa situs jejaring sosial (social networking) anu

mekar tina kalangenan sajumlahing mahasiswa Univérsitas Harvard di Amérika Serikat. Diciptakeun ku Mark Zukerberg dina jero taun 2004,

15

facebook anu mimitina dingarananan thefacebook

ngajomantara

sacara kawatesanan di lingkungan kampus. Salaku situs internét, sakumaha situs-situs lianna, facebook béh dieuna mekar jadi situs jejaring sosial internasional anu dipikawanoh méh di unggal nagara anu ngawenangkeun aksés internét dina konsép komunikasi massana. Sacara gurat badag, eusi atawa fitur anu nyampak dina facebook ngawengku profil pribadi, the wall, pesen atawa surat éléktronik (sarupa é-mail), news feed jeung mini feed, status, hadiah, iklan, pokes, jeung events. Salian ti éta, aya deui anu mangrupa aplikasi tambahan anu ngamungkinkeun pamaké facebook némbongkeun atawa ngirim foto, pilem, jeung catetan. Salaku média anu ngamungkinkeun pamakéna nepikeun ruparupa informasi, facebook mekar jadi pakakas komunikasi massa anu kawilang populér di masarakat dunya. Ashley Montagu (Rakhmat, 2007:12) nétélakeun yén manusa saéstuna diajar jadi manusana sorangan ngaliwatan komunikasi. Nurutkeun Stewart L. Tubbs jeung Sylvia Moss (Rakhmat, 2007:13), aya sawatara ciri anu némbongkeun yén komunikasi disebut éféktif, nya éta pangartian, kalangenan, mangaruhan sikep, kawangunna hubungan anu leuwih hadé, jeung tindakan. Mekarna facebook jadi sarana komunikasi anu populér

dipangaruhan ogé ku faktor-faktor personal anu mangaruhan kalakuan manusa. Napak kana pamanggih E. Sampson, Rakhmat (2007:33-35) nétélakeun sacara gurat badag aya dua faktor anu mangaruhan kalakuan manusa, nya éta faktor biolois jeung sosiopsikologis. Salaku

16

mahluk biologis, manusa taya bédana jeung mahluk lianna anu mangrupa sato, faktor biologis kalibet sacara gembleng dina sakabéh kagiatan manusa, samalah sok patali jeung faktor sosiopsikologis. Kalakuan sosial manusa diaping ku aturan-aturan anu geus diprogram sacara génétis dina diri manusa, biasana disebut epigenetic rules, anu ngatur kalakuan manusa ti mimiti kacenderungan pikeun ngungkulan incest, kamampuh paham kana éksprési, tepi ka réspon kana pasualan pulitik. Faktor-faktor sosiopsikologis mangrupa karakteristik anu

mangaruhan kalakuan manusa disawang tina manusa salaku mahluk sosial. Klasifikasi faktor sosiopsikologis ngawengku tilu komponén aféktif, kognitif, jeung konatif. Motif manusa dina ngayakeun

komunikasi atawa hubungan lianna mangrupa salasahiji aspék dina komponén aféktif, biasa disebut motif sosiogénésis atawa motif sékundér. Napak kana pamanggih ti sawatara ahli psikologi jeung komunikasi, Rakhmat (2007:38-39) ngawincik klasifikasi motif

sosiogénésis manusa kana genep wengkuan, nya éta 1) motif hayang mikanyaho, 2) motif kompeténsi, 3) motif cinta, 4) motif harga diri jeung kabutuhan pikeun maluruh idéntitas, 5) kabutuhan kana ajéninajén jeung ma’na kahirupan, jeung 6) kabutuhan pikeun

ngundakkeun kualitas hirup ngaliwatan poténsi anu dipimilik. Aspék sosial budaya milu mangaruhan kana prosés komunikasi manusa. Unggal komunitas dina hirup kumbuh manusa pasti mibanda sistem sosial anu tangtu, anu bé dieuna milu mangaruhan kana prosés jeung kabiasaan dina prak-prakanana ngayakeun komunikasi, boh

17

komunikasi intrapersonal boh komunikasi massa. Delgado (Rakhmat, 2007:44) ngaragum rupa-rupa faktor kasebut ngawengku 1) aspék objéktif lingkungan: ékologis (géografis, iklim, météorologis), désain jeung arsitéktural, témporal, analisis suasana kalakuan, téknologi, jeung faktor sosial (struktur organisasi, peran, struktur kelompok, jeung karakteristik populasi), 2) lingkungan psikososial: iklim

organisasi jeung kelompok, étos jeung iklim institusional-kultural, 3) stimulus anu ngawewegan kalakuan jalma lianna jeung situasi. Béh dieuna, manusa mekarkeun komunikasi dina hirup

kumbuhna teu saukur pikeun ngawewegan kabutuhan pokona, tapi mekarkeun ogé kabutuhan anu sipatna leuwih luhur dina wangun usaha pikeun paham kana ma’na-ma’na anu leuwih abstrak (Langer, 1957:30-31 dina Sunarto, 2008:21). Ma’na-ma’na abstrak diciptakeun jeung dipaké ku manusa dina wangun sistem tanda atawa simbol. Ngaliwatan sistem simbol, manusa ngawangun komunikasi lain saukur pikeun ngungkulan pasualan pragmatis sapopoé, tapi aya ma’na lianna anu némbongkeun sistem ajén-inajén jeung sawangan hirupna. Éta hal luyu jeung pamanggih Talcott Parsons (Walker, 1977:11 dina Sunarto, 2008:21) anu nyebutkeun yén kabudayaan enas-enasna mah ngagugulung perkara ma’na, nepi ka gumantung pisan kana sistem simbolisme. Ku kituna, sistem simbol geus jadi padoman pikeun minuhan kabutuhan manusa –primér, sékundér, atawa kantétanana– nepi ka sistem ajén-inajén jeung sistem simbol komunikasi ngawangun hubungan anu dalit dina hiji kabudayaan.

18

Métafora mangrupa salasahiji cara nepikeun ma’na ngaliwatan simbol-simbol. Sacara gurat badag, métafora bisa dipaham boh sacara tradisional boh linguistis, salaku babandingan antara tanda-tanda. Sacara tradisional, métafora digunakeun dina komuniksi sapopoé minangka variasi rétoris. Nurutkeun Nasution (2008:77), dina konsép sarupa kitu, nu nyarita baris ngagunakeun hiji éksprési figuratif nalika karasa taya basa literal anu mampuh atawa sarimbag dina

ngahasilkeun éfék jeung ma’na sakumaha anu jadi udagan dirina sangkan pamiarsa ngaréspon ku cara jeung udagan anu sarua. Tina konsép rétorika tradisional, métafora mekar jadi konsép anu leuwih lega. Métafora némbongkeun kamampuh manusa dina

ngayakeun kagiatan sinéstésis, nya éta kamampuh manusa pikeun ngalakukeun sintésa indra-indra kamanusaanana sacara tuluy-

tumuluy, otak nyusun hiji rélasi (hubungan) stimulus anu ditarimana jeung sénsasi lianna anu diteundeun jeung geus nyampak dina mémori (Seitz, 1998:98, dina Sunarto, 2008:31). Tina éta hal, métafora mekar deui jadi konsép mikir anu dilakukeun ku manusa. Palebah dieu, katara aya patalina anu raket atawa silipangaruhan antara cara manusa ngalakukeun komunikasi jeung aspék motif sarta sosial budaya anu jadi latarna. Sacara linguistik, métafora dipaham salaku konsép mindahkeun ma’na dénotatif kana konotatif, tina sintagmatik kana paradigmatik. Pikeun kaperluan ieu hal, disusun tilu konsép métafora, ngawengku simile, métonimi, jeung sinékdoke. Simile biasana disebut gaya basa ngupamakeun, sok ngagunakeun kecap panyambung kawas, siga,

19

atawa lir. Métonimi mangrupa cara ngagunakeun tanda sacara operasional atawa rélasional. Sedengkeun sinékdoke mangrupa gaya basa anu ngagunakeun prinsip sabagian pikeun sagemblengna atawa sagemblengna pikeun sabagian (Sunarto, 2008:32-33). Pikeun paham kana ma’na anu nyangkaruk dina métafora bisa ngagunakeun pamarekan sémantik jeung sémiotik. Basa salawasna diwangun ku dua adegan, nya éta adegan cangkang (lahir) jeung adegan eusi (batin). Nurutkeun Sudaryat (1987:9), adegan

cangkangna basa téh mangrupa sistem sora manusa anu dihasilkeun ku pakakas ucapna, sedengkeun adegan eusi mah mangrupa eusi nu dipimaksud ku sistem sora atawa mangrupa kedalan rasa, pikiran, jeung kahayang nu aya dina sistem sora waktu campur gaul. Harti mangrupa objék sémantik. Dina kahirupan makéna basa, antara komunikator (anu nyarita atawa anu nulis) jeung komunikan (anu ngadéngékeun atawa anu maca) kakara lumangsung kalawan hadé lamun wawaran anu diébréhkeunana kaharti (Sudaryat,

1987:19). Hakékatna omongan manusa téh ngandung harti anu gembleng. Verhaar (Sudaryat, 1987:23) nétélakeun yén omongan manusa téh nyoko kana tilu hal: maksud, ma’na, jeung wawaran. Maksud mangrupa jihat subjéktif atawa udagan anu rék dihontal ku anu nyarita. Ma’na mangrupa jihat basa atawa eusi anu dikandung ku omongan. Sedengkeun wawaran mangrupa jihat objéktif atawa hal anu keur dicaritakeun. Pikeun mantuan pamarekan sémantik dina nalaah ma’na, pamarekan sémiotik bisa digunakeun. Pierce (Isnéndés, 2010: 95-96)

20

ngawincik tanda dumasar kana sipat groundna, nya éta 1) qualisign, hartina tanda dumasar kana sipatna, 2) sinsign, hartina tanda dumasar kana wujudna dina kanyataan, jeung 3) legisign, hartina tanda anu dieueuhan. Salian ti éta, tanda dibédakeun ogé dumasar kana dénotatumna, ngawengku 1) ikon, mangrupa tanda anu teu

gumantung kana dénotatum, tapi bisa dipatalikeun jeung objék anu sarua, 2) indéks, mangrupa tanda anu gumantung kana dénotatum, ngébréhkeun ayana hubungan kausal, jeung 3) simbol, mangrupa tanda anu patalina antara tanda jeung dénotatumna téh ditangtukeun, disapukan, jeung konvénsi balaréa.

9.

Anggapan Dasar Udagan ieu panalungtikan henteu neueul kana nguji hipotésis

anu tangtu. Parandéné kitu, dina prak-prakanana mah anu nalungtik teu bisa leupas tina ayana wawasan anu ngarahkeun, jadi kasang tukang, jeung ngawewegan ieu panalungtikan. Sok sanajan, éta wawasan téh sabisa-bisa diusahakeun teu ngaganggu dina ngagali jeung ngarumuskeun timuan anu dianggap penting dina ieu

panalungtikan. Patali jeung hal di luhur, di antarana bisa didadarkeun wawasanwawasan sakumaha ieu di handap. 1) Posting Facebook bisa ditilik tina rangkay kamekaran komunikasi intrapersonal jeung komunikasi massa. Pamake situs facebook ngamangpaatkeun fitur jeung aplikasi aanu nyampak pikeun digunakeun salaku sarana komunikasi;

21

2) Dina

udaganana

pikeun

komunikasi,

posting

facebook

anu

mangrupa status, catetan, jeung pesen, dipangaruhan ku aspék motif. Pikeun udagan-udagan anu tangtu luyu jeung motifna, wacana anu nyampak réa anu ngagunakeun simbol-simbol; 3) Kaayaan sosial budaya dina pajamanan atawa dangka waktu posting facebook diterbitkeun milu mangaruhan kana wacana anu digelarkeun. Ku kituna, sawangan-sawangan sosial budaya gelar mangrupa réspon masarakat anu milu mangaruhan kana

kawangunna opini ngeunaan rupa-rupa pasualan sosial budaya.

10. Métodologi Panalungtikan 10.1
Pamarekan, Métode, jeung Téhnik Panalungtikan Sacara umum, ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan basa anu ngagunakeun pamarekan kualitatif. Puseur panitén ieu panalungtikan neueul kana perkara métafora wacana vérbal basa Sunda posting FB. Pikeun mikaweruh ma’na métafora sakumaha anu kapanggih dina sampel data kalawan leuwih jéntré jeung gembleng, perlu diwewegan ku ulikan perkara aspék motif jeung aspék sosial budaya anu mangaruhanana. Metode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta metode déskriptif. Nurutkeun Sukmadinata (2009:72), metode déskriptif mangrupa metode pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun rupa-rupa fénoména, boh anu sifatna alamiah boh jijieunan atawa rékayasa, kalawan museurkeun ulikanana kana wangun, kagiatan,

22

karakteristik, parobahan, patalina, sasaruaan, sarta bédana jeung fénoména lianna. Data anu aya patalina jeung istilah-istilah basa Sunda anu digunakeun dina pakumbuhan internet téh

dideskripsikeun. Tujuan utama digunakeunana metode déskriptif téh pikeun méré gambaran ngeunaan métafora dina posting FB anu ngagunakeun basa Sunda kalawan objektif dina hiji deskripsi situasi. Dilaksanakeunana ku cara ngagundukkeun, ngolah data, sarta nyieun kacindekan jeung laporan (Ali, 1987:130). Sedengkeun téhnik panalungtikan anu digunakeun ngawengku talaah pustaka, observasi, jeung analisis wacana. Téhnik talaah pustaka jeung observasi digunakeun pikeun maluruh bahan pustaka jeung data anu aya patalina jeung pasualan anu ditalungtik. Ku cara ngagunakeun téhnik analisis wacana, bahan anu geus dikumpulkeun téh tuluy dianalisis sarta diteuleuman eusina nepi ka kapanggih hubunganana jeung jejer pasualan anu ditalungtik. Métafora dina posting FB anu ngagunakeun basa Sunda téh dianalisis dumasar pamarekan sémantik jeung sémiotik, tuluy dilenyepan, ditafsirkeun, sarta ahirna dima’naan kalawan dipatalikeun jeung aspék motif sarta aspék sosial budaya.

10.2

Sumber Data Sumber data métafora wacana basa Sunda dina ieu

panalungtikan dipaluruh tina posting FB anu ngagunakeun basa Sunda. Kaitung réa pisan posting FB anu ngagunakeun basa Sunda téh, kalawan tinimbangan praktis jeung pragmatis pikeun kaperluan

23

ieu panalungtikan mah digunakeun sababaraha posting FB minangka sampelna. Sedengkeun anu jadi objék panalungtikanana nya éta sakur status, koméntar, jeung catetan anu ngagunakeun médium basa Sunda. Posting FB anu dipilih didadasarkeun kana ayana unsur métafora patali jeung kaayaan sosial budaya bangsa Indonésia dina dangka waktu taun 2010. Data anu kakumpulkeun diréduksi dumasar kana kritéria ayana unsur motif minangka réspon kana kajadian-kajadian anu sipatna pribadi jeung umum kalawan aya pakaitna jeung perkara pasualan-pasualan sosial budaya anu jadi latarna. Dina waktu ngumpulkeun data, instrumén anu dipaké nyaéta kartu data. Carana ku jalan nyalin jeung midangkeun posting FB anu dijadikeun sampel. Sabada éta, unggal kartu dibéré nomer jeung kode, ngaliwatan prosés analisis tipologis jeung tabulasi, tuluy diasupkeun kana tabél anu geus disadiakeun.

10.3

Prosédur Analisis Data Linguistik jadi panitén poko dina ieu panalungtikan, sedengkeun

aspék motif jeung sosial budaya jadi pangdeudeulna pikeun paham perkara konsép komunikasi jeung sistem ajén-inajén anu lumaku. Data anu geus dikumpulkeun jeung diréduksi téh tuluy dianalisis dumasar léngkah-léngkah ieu di handap. 1) Maca sakabéh data;

24

2) Ngarékap data posting FB anu ngagunakeun basa Sunda; Dina ieu
tahap, dibantuan ku pamarekan kunatitatif kuantitatif anu sacara lain

kawatesananan.

Pamarekan

digunakeun

pikeun udagan nguji korélasional, tapi pikeun nyusun frékuénsi jeung tabulasi. Éta dipakéna tabulasi basa digunakeun jeung aspék pikeun sosial nilik

kacenderungan

budaya,

métafora, sarta aspék motifna.

3) Ngaidéntifikasi

wangun

métafora

dina

posting

FB

anu

ngagunakeun basa Sunda;

4) Ngaidéntifikasi gaya métafora dina posting FB anu ngagunakeun
basa Sunda;

5) Nalaah métafora dina posting FB anu ngagunakeun basa Sunda
patali jeung unsur semantikna sangkan meunang gambaran perkara ma’na anu nyangkaruk di jerona.

6) Sangkan kacindekan panalungtikan leuwih neueul kana udagan
kalawan lengkep jeung bisa dipertanggungjawabkeun leuwih jero, digunakeun triangulasi. Ieu tahap dilaksanakeun ngaliwatan

koréspondénsi jeung wawancara ka sababaraha narasumber.

11. Sistematika Hasil-hasil dina ieu panalungtikan disusun ngawengku lima bab kalawan sistematika sakumaha tabél di handap. Tabél 1 Sistematika laporan Panalungtikan

25

No . 1.

Ba b I

Judul Bab BUBUKA

Eusi Bab Mertélakeun perkara kasang tukang, watesan jeung rumusan pasualan, udagan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, anggapan dasar, jeung wangenan istilah. Ngadadarkeun sajumlahing konsép poko anu dijadikeun tatapakan pikeun analisis pasualan anu ditalungtik dumasar kana sajumlahing buku jeung bahan bacaan lianna salaku rujukan konsép jeung téori. Sawangan anu didadarkeun ngawengku tiori perkara komunikasi, facebook minangka pakakas komunikasi pajamanan téknologi kiwari, métafora, sarta pamarekan sémantik jeung sémiotik. Mertélakeun perkara métode panalungtikan, téhnik panalungtikan, sumber data, téhnik ngumpulkeun data, jeung prosédur analisis data. Ngadadarkeun hasil analisis data anu dijadikeun sampel dina ieu panalungtikan jeung pedaranana dumasar kana pamarekan sémantik jeung sémiotik. Mertélakeun kacindekan tina hasil analisis anu dipedar dina bab saméméhna, jeung sawatara saran anu dianggap penting pikeun panalungtikan lianna.

2.

II

TATAPAKAN TIORI

3.

III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

4.

IV

MÉTAFORA POSTING FACEBOOK BASA SUNDA

5.

V

KACINDEKAN SARAN

JEUNG

12. Agénda Panalungtikan

26

Panalungtikan perkara interprétasi métaforis posting facebook basa Sunda baris dilaksanakeun dumasar kana rarancang waktu panalungtikan sakumaha ieu di handap. Tabél 2 Rarancang Waktu Panalungtikan No . 1. 2. 3. 4. 5. Waktu Mar Apr. .

Kagiatan Tatahar Ngumpulkeun Data Analisis Data Triangulasi jeung Nyusun Kacindekan Nyusun Laporan

Jan.

Péb.

Méi

Juni

Daftar Pustaka Ali, Drs. Mohamad. 1985. Penelitian Kependidikan Prosedur dan Strategi. Bandung: Angkasa. Alwasilah, A. Chaédar. 1993. Pengantar Sosiologi Bahasa. Bandung: Angkasa. ___. 2009. Pokoknya Kualitatif: Dasar-dasar Merancang dan Melakukan Penelitian Kualitatif. Jakarta: Pustaka Jaya. Aslinda, Dra., M.Hum., jeung Dra. Leni Syafyahya, M.Hum. 2007. Pengantar Sosiolinguistik. Bandung: Refika Aditama. Assie-Lumumba, N’dri T. (Éditor). 2004. Cyberspace, Distance Learning, andHigher Education in Developing Countries: Old and Emergent Issues of Access, Pedagogy and Knowledge Production. Leiden, Belanda: Brill. Aubusson, Peter J., Alan G. Harrison, jeung Stephen M. Ritchie (Éditor). 2006. Metaphor and Analogy in Science Education. Dordrecht, Belanda: Springer. Baldwin, John R., Sandra L. Faulkner, Michael L. Hecht, jeung Sheryl L. Lindsley (Éditor). 2006. Redefining Culture: Perspectives Across the Disciplines. New Jersey, USA: Lawrence Erlbaum Associates Publisher. Barker, Chris. 2004. The SAGE Dictionary of Cultural Studies. London, England: SAGE Publications.

27

Carnap, Rudolf. 1947. Meaning and Necessity: A Study in Semantics and Modal Logic. Chicago, Illinois, USA: The University of Chicago Press. Chaér, Abdul jeung Léonie Agustina. 2004. Sosiolinguistik: Perkenalan Awal. Jakarta: PT Rineka Cipta. Chandler, Daniel. 1994. Semiotics for Beginner [Online]. URL http:www.aber.ac.uk/media/Documents/S4B/semiotic.htm [3 April 2010]. ___, 2002. Semiotics: The Basic. New York, USA: Routhledge. Cruse, Alan. 2006. A Glosari of Semantics and Pragmatics. Edinburgh, Inggris: Edinburgh University Press. Effendy, Prof. Onong Uchyana, M.A. 2007. Ilmu, Teori dan Filsafat Komunikasi. Bandung: Citra Aditya Bakti. Facebook Inc. 2010. Facebook Confidential and Proprietary. USA: Facebook Inc. Hadi W.M., Abdul. 2008. Hemeneutika Sastra Barat dan Timur. Jakarta: Pusat Bahasa. Hayder, Hasin jeung Dr. Mark Alexander Basin. 2010. Learning Facebook Application Development. USA: PACT Publishing. Heigham, Juanita jeung Robert A. Croker (Éditor). 2009. Qualitative Research in Applied Lingusistics: A Practical Introduction. Basingstoke, Hampshire, Inggris: Palgrave Macmillan. Hudson, R.A. 1962. Sociolinguistics. New York: Cambridge University Press. Hurford, James R., Brendan Heasley, jeung Michael B. Smith (Éditor). 2007. Semantics: A Coursebook. New York, USA: Cambridge University Press. Isnéndés, Rétty, S.Pd., M.Hum. 2010. Téori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI. Kartomihardjo, Soeséno. 1988. Bahasa Cermin Kehidupan Masyarakat. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Direktorat Jenderal Pendidikan Tinggi Proyek Pengembangan Lembaga Pendidikan Tenaga Kependidikan. Kridalaksana, Harimurti. 1984. Kamus Istilah Linguistik. Jakarta: Gramedia. Lakoff, George jeung Mark Johnson. 1980. Metaphor We Live By. Chicago, USA: The University of Chicago Press. Levinson, Stephen C. 1995. Pragmatics. New York, USA: Cambridge University Press. Lieber, Rochele. 2004. Morphology and Lexical Semantics. New York, USA: Cambridge University Press. Masinambow, E.K.M. jeung Rahayu S. Hidayat (éditor). 2001. Semiotik: Mengkaji Tanda dalam Artifak. Jakarta: Balai Pustaka. Nababan, P.W.J. 1991. Sosiolinguistik, Suatu Pengantar. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama. Nasution, Khairina. 2008. “Metafora dalam Bahasa Mandailing: Persepsi Masyarakat Penuturnya”, dina Linguistik Indonesia, Taun ka-26, No. 1, Pébruari 2008.

28

Nuccetelli, Susana. 2003. New Essays on Semantic Externalism and Self-Knowledge. Cambridge, Massachusetts, USA: The MIT Press. O’Dwyer, Ella. 2003. The Rising of The Moon: The Language of Power. London: Pluto Press. Panitia Kamus LBSS. 1995. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate. Prasetijo. 2009. Etnisitas [Online]. URL: http://www.prasetijo.wordpress.com [18 September 2009]. Purnanto, Dwi. 2009. Etnografi Komunikasi dan Register [Online]. URL: http://www.dwipur_sastra.staff.uns.ac.id/2009/06/03/etnografikomunikasi-dan-register/ [18 September 2009]. Rakhmat, Drs. Jalaluddin, M.Sc. 2007. Psikologi Komunikasi. Bandung: Remaja Rosdakarya. Riemer, Nick. 2010. Introducing Semantics. New York, USA: Cambridge University Press. Rosmana, Drs. Iyos Ana, M.Pd. 2003. Morfologi Basa Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI. Samuél, Énrico Élizar jeung Andhika Rahmayanto. 1997. Microsoft Internet Solution: Menguasai Internet dengan Cepat dan Mudah. Jakarta: Elex Media Komputindo. Satori, Prof. Dr. Djam’an, M.A. jeung Dr. Aan Komariah, M.Pd. 2009. Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Alfabeta. Stefanowitsch, Anatol jeung Stefan Th. Gries (Éditor). 2006. CorpusBased Approaches to Metaphor and Metonymy. Berlin, Jerman: Mouton de Gruyter. Stern, Josef. 2000. Metaphor in Context. Massachusetts, USA: Massachusetts Institute of Technology Press. Soekanto, Soerjono. 1990. Sosiologi Suatu Pengantar. Jakarta: RajaGrafindo Perkasa. Sudaryat, Yayat. 1987. Ulikan Sémantik Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten. ___. 1989. Ulikan Linguistik. Diktat Kuliah di JPBD FPBS IKIP Bandung. ___. 1995. Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten. Sudaryat, Drs. M.Hum, Drs. H. Abud Prawirasumantri, jeung Drs. H. Karna Yudibrata. 2007. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Sukmadinata, Prof. Dr. Nana Syaodih. 2009. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya. Sugiyono, Prof. Dr. 2009. Metode Penelitian Pendidikan: Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta. Sunarto, Priyanto. 2008. ”Metafora Visual Kartun Editorial pada Surat Kabar Jakarta 1950-1957″. Disertasi Doktor Program Studi Ilmu Seni Rupa dan Desain Institut Teknologi Bandung. Suryabrata, Drs. Sumadi, B.A., M.A., Ed.S., Ph.D. 2008. Psikologi Kepribadian. Jakarta: Rajagrafindo Persada. Suwito, Drs. 1983. Soiolinguistik: Teori dan Problem. Surakarta: Fakultas Sastra Universitas Sebelas Maret. Tarigan, Prof. Dr. Henry Guntur. 1984. Pengajaran Sintaksis. Bandung: Angkasa.

29

___. 1988. Pengajaran Morfologi. Bandung: Angkasa. Tim UPI. 2010. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia 2010. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia. Woodworth, Katheryn A. 2010. Facebook for Beginners [Online]. URL: http://www.facebook.com/katheryn.woodworth [1 September 2010]. Zaimar, Okke K.S. 2008. Semiotik dan Penerapannya dalam Karya Sastra. Jakarta Pusat Bahasa. Zoest, Aart van. 1991. Fiksi dan Nonfiksi dalam Kajian Semiotik (tarjamahan Manoekmi Sardjoe). Jakarta: Intermasa.

INTERPRÉTASI MÉTAFORIS POSTING FACEBOOK BASA SUNDA

PROPOSAL PANALUNGTIKAN

30

Ku DADANG NURJAMAN 0907667

PROGRAM STUDI PEND. BAHASA DAN BUDAYA SUNDA (S2) SEKOLAH PASCASARJANA UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2010

You're Reading a Free Preview

Mengunduh
scribd
/*********** DO NOT ALTER ANYTHING BELOW THIS LINE ! ************/ var s_code=s.t();if(s_code)document.write(s_code)//-->