Anda di halaman 1dari 6

Assalamualaikum Wr.Wb.

Aujubillah himinassyaiton nirojim.


Bismilah hirohman nirohim.

Ashadu ala ilaha illeloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh. Allah huma soli ala syaidina
muhammadi abdika warosulika nabiyil umiyil wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama ba’du.

Sagala puji urang sanggakeun ka gusti nu maha suci dzat nu ngatur sagala eusi dunya katut
eusina, nyaeta Allah Subhanahu Wata Ala.

Sakumaha hidayah sareng inayahna urang masih dipaparin nikmat sehat oge nikmat iman
sareng nikmat islam nyaeta nikmat anu pang ageung-ageungna.

Solawat sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya nyaeta Nabi Muhammad
Selewlohiu Alaihi Wasallam.

Kusabab anjeunanana urang sadaya tiasa ngaraos nikmat iman sareng nikmat islam. Jeung
mudah-mudahan urang sadayana ka asup umatna amin yarobal alamin.
Para wargi hormateun sim kuring!

Tatar Ciamis téh legana 2.556,75 m2 atanapi 3,65 kali lipet tina legana nagara Singapura anu
legana 707,1 km2. Pendapatan perkapita penduduk Negara Singapura nyaéta AS $ 28.228,
sedengkeun Nagara Indonesia perkapita pendudukna AS $ 3.979 atanapi ngabanding kana 7
kali lipet sahandapeun perkapitana Singapura.

Dina hal ieu sim kuring sanés badé ngawiwirang ka lembur sorangan, nanging langkung
payus pikeun urang sadaya pada museurkeun pamikiran séwang-séwangan neuleuman
kasang tukang naon anu mantak tingkat ékonomi nagara urang masih jauh tina basa utama,
rahayat ma’mur kahirupanana sejahtera lahir sinareng batin.

Padahal upami urang niténan kana poténsi sumber daya alam anu dipibanda ku Singapura
éstu jauh tanah ka langit dibandingkeun sareng tatar Ciamis. Warga nagara Singapura pikeun
nyumponan kabutuhan cai baé kudu ngadatangkeun ti nagara deungeunna nyaéta Johor
Malaysia.

Kumargi sakitu tangtos tiasa kaétang ku urang sadaya sabaraha artos anu kedah
dianggarkeun pikeun kaperluan MCK penduduk nagara Singapura dina sadidintenna.

Hadirin anu sami hadir!

Kalayan ngébréhkeun rasa syukur ka Gusti Allah SWT ku bageuran Mantena urang sadaya
parantos dipaparin bumi anu subur ma’mur, gemah ripah loh jinawi.

Nanging paribasa éta saupamina dina mangsa-mangsa ka tukang sok dilengkepan ku


kalimah “murah sandang murah pangan, sepi paling towong rampog” rupina babasan ieu
kantun tunggulna. Laas tinggal tapakna, sabab henteu kasartaan sareng kanyataannana.
Masrakat urang masih kénéh seueur anu beurat pikeun nyumponan kabutuhan hirup
sadidinten.

Mun sok komo lamun kudu nyumponan sagala kabutuhan hirup anu aya hubunganana
sareng pendidikan ogé kaséhatan anu layak tur pantes.

Lapangan gawé anu aya masih tebih tina basa utami pikeun nyumponan tur nampung warga
masrakat angkatan kerja anu ti waktu ka waktu terus-terusan nambahan. Panarimaan
masrakat dina widang ékonomi kacida pisan gajligna.

Di hiji pihak aya masrakat anu kabeungharanana milyaran rupiah, di pihak séjén justru aya
masrakat anu malarat, tikoro nyoso-lara balangsak. Awak gulak giluk tinggal tulang jeung
kulit, ceuk paribasana.
Numatak sakitu, samangsa-mangsa pamaréntah ngarencanakeun pikeun naékeun BBM
atawa tarif listrik pasti diréspon ku protés atawa démonstrasi. Beurat narimbangan akibat tina
naékna harga-harga séjén tina sabab musabab tuwuhna inflasi.

Saleresna sanés ukuran siap atanapi teu siapna masrakat urang dina nyanggap sakumna
program pamaréntahna, hususna ngeunaan rencana naékeun harga BBM anu disaluyukeun
sareng harga minyak dunia.

Nanging ku nérékélna hahargaan ieu kuduna dipitembeyan ku panghasilan masrakat anu aya
hubunganana sareng tingkat pendapatan perkapita penduduk.

Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu genah didangu, bilih aya
cariosan anu teu mernah dina manah, neda dihapunteun. Da sadaya kasaen eta datangna ti
gusti Allah jeung kasalahan eta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun.

Bilahi taofik walhidayah.


Wassalamu alaikum Wr.Wb.
Assalamualaikum Wr.Wb.
Aujubillah himinassyaiton nirojim.
Bismilah hirohman nirohim.

Ashadu ala ilaha illeloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh. Allah huma soli ala syaidina
muhammadi abdika warosulika nabiyil umiyil wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama ba’du.

Sagala puji urang sanggakeun ka gusti nu maha suci dzat nu ngatur sagala eusi dunya katut
eusina, nyaeta Allah Subhanahu Wata Ala.

Sakumaha hidayah sareng inayahna urang masi dipaparin nikmat sehat oge nikamat iman
sareng nikmat islam nyaeta nikmat anu pang ageung-ageungna.

Solawat sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya nyaeta Nabi Muhammad
Selewlohiu Alaihi Wasallam.

Kusabab anjeunanana urang sadaya tiasa ngaraos nikmat iman sareng nikmat islam. Jeung
mudah-mudahan urang sadayana ka asup umatna amin yarobal alamin.

Teu hilap nu di pikahormat bapa…………….,(eusi kunyalira)


Nu di pikahormat bapa………………,(eusi kunyalira)
Nu di pikahormat bapa……………..(eusi kunyalira)

Dina kasempetan ayeuna sim kuring bade ngababarkeun yen naon-naon wae anu bakal ku
urang di bawa maot, naon wae anu bakal nulungan urang eungke di jero kubur.

Anu bakal nulungan urang ke di jero kubur teh cak hadis rosul aya tilu, hiji elmu nu manpaat,
nyaeta elmu anu ku urang diamal keun diwaktu hirup mamagahan batur, mamagahan
barudak, jeung sajabana bari jeung urang ngalaksanakeunana.

Nu kadua nyaeta amal sodakoh atawa jariah anu suci tur iklas, dimana utang sawaktu hirup
sok barang bere kanu butuh, mere dahar kanu kalaparan mere ka nu pakir, nu miskin jeng
mere sumbangan keur pembangunan masjid jeung sajabana amal-amal anu soleh bari jeung
rido iklas sodakoh karma Allah Subhanahu Wata Ala.

Nu terakhir nyaeta nu katilu amal nubakal nulungan urang teh nyaeta anak anu soleh, nyaeta
budak anu ngadoakeun indung bapana, sakumaha keur hirupna dididik dititah ngaji ,sakola,
ngala elmu jeung sajabana, tah dimana kolotna maot eta budak ngadoakeun kakolotna.

Mudah-mudahan urang sadayana tos siap, tos manteng, tos amal sodakoh, tos ngadidik
barudak, tos ngamalkeun elmu jeung sajabana. Lamu anu euncan hayu urang mimitian ti
ayeuna ti detik ieu ti poe ieu, sakumaha amal-amal anu di pikarido ku gusti Allah Subhanahu
Wata Ala.

Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu genah didangu, bilih aya
cariosan anu teu mernah dina manah, neda dihapunteun. Da sadaya kasaen eta datangna ti
gusti Allah jeung kasalahan eta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun.

Bilahi taofik walhidayah.


Wassalamu alaikum Wr.Wb.
]
Assalamu’alaikum Wr Wb

Hadirin anu sami-sami linggih,

Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok
dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu
dipimaksad. Amin.

Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami
rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.

Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati,
rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos téa mah étang étang lauk buruk
milu mijah. Boa catur gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya
pulunganeunana.

Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi
ngaguar téma ieu biantara anu unina “Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa
Sunda”.

Hadirin nu dipihormat,

Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning,
anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran
teh, taya sanes kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati
kasilih ku junti – mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu
antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda
meunang nginjeum.

Sanes hartosna nonoman sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung
payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa – ngariksa
budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi ciciren bangsa.

Naha basa sunda ciciren bangsa? Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku
salahsahiji suku bangsa. Kitu oge bakal disebut sekeseler sunda saupama disarengan ku
aya basana.

Asa palangsiang, saupamana dina hiji waktu keur aya di nagara deungeun, heug aya nu
naros, kawit ti mana, dijawn teh ”
ti Indonesia”. Indonesiana di mana? Ana dijawab teh “ti Jawa Barat”. Batur teh nanya
deui: “Atuh pinter basa Sundana, tiasa abdi ngiring diajar? … Pisakumahaeun teuing erana
saupama urang keur di mancanegara diperedih ku batur pikeun ngawanohkeun basa
Sunda , … tapi urang teu bisa.

Ngawanohkeun Basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para nonoman wungkul, tapi tos
kedah diwanohkeun ti kawit balita. Upami di Jawa Barat nya ku Basa Sunda. Basa Sunda
salaku basa indung bakal leuwih nyerep ka diri nooman lamun geus dibiasakeun
diwanohkeun ti bubudak.

Sajabi ti eta, mikacinta basa Sunda, hartosna urang parantos ngalaksanakeun amanah anu
aya dina batang tubuh UUD ’45, utamana pasal 36, Bab XV. Eta teh sanes mung ukur
kanggo basa Sunda, nanging sakur basa daerah nu aya di saantero Nusantara perlu
dipiara jeung dimekarkeun. Ana kitu mah nonoman anu mikareueus jeung ngagunakeun
basa Sunda dina hirup kumbuhna, ngandung harti eta nonoman teh tos kalebet kana
warga nagara anu hade.

Hadirin, salajengna, generasi muda anu mikacinta kana basa Sunda sami sareng parantos
ngamalkeun ajaran agama. Peryogi kauninga, yen sagala rupa basa anu dipareke ku
sakumna jalma anu aya di satangkaraking jagat atanapi satungkebing langit ieu, sanes
ciptaan manusa, nanging dadamelan Anu Maha Kawasa – Allah SWT. Mangga uningaan
Q.S Arrum ayat 22. Anu unina wallohu a’lam : jeung di antara tanda-tanda kakawasaanNa
nyaeta nyiptakeun langit jeung bumi jeung rupa-rupa basa jeung warna kulit. Saestuna
tina hal eta teh bener-bener nyangkaruk tanda-tanda pikeun jalma-jalma anu mikanyaho.

Tah geuning, ana kitu mah basa Sunda oge kalebet kana hasil dadamelan Gusti Nu Maha
Suci. Atuh mupusti basa Sunda oge tiasa kelebet kana padamelan ibadat. Kitu oge upami
jalmana aruningaeun alias marikanhyaho tea.

Pasualan utama anu kedah kawaler dina ieu tema biantara teh, nyaeta kumaha sangkan
generasi muda mikacinta kana basa Sunda. Waleranana, sajabi ti rupi-rupi hal anu
disebatan tadi, rumus anu utama mah generasi muda ulah ngaraos isin, era, atanapi
gengsi ngagunakeun basa Sunda.

Cindekna, konci utama para nonoman/generasi muda mikcinta kana basa Sunda,
diantawisna ulah eraan. Ulah era ngagunakeun basa Sunda atawa ulah gengsi cacarita ku
basa sunda boh di lingkungan kulawarga boh di jalan pasampangan salami urang nu
cacarita papada ngarti kana basa sunda.

Hadirin, ulah sieun disebut urang kampung bau lisung pedah nyarita ku basa sunda malah
kudu sabalikna, urang kudu ngarasa reueus sabab geus ngamumule budaya karuhun.

Ulah sagala embung, nanging kudu sagala daek nyaeta kudu daek aub dina kagiatan
kasundaan, sapertos acara tembang, mamaos, jeung sajabina. Sim kuring kalintang
katajina ku tarekah Bapa Adang S, anu mingpin acara Caraka Sundanologi di televisi. Eta
oge kalebet kana tarekah ngirut kana kerep nonoman ngagunakeun basa sundana.

Kitu oge sapertos acara Mojang jeung Jajaka Parahyangan nu dilaksanakeun ku Disbudpar
Jawa Barat, eta mangrupi salah sawios tarekah ngaronjatkeun kacinta kana basana. Margi
anu namina mojang jeung jajaka Sunda mah sageuy teu ngawasa kana basana.

Terekah sanesna, di antawisna urang kedah ngaronjatkeun sarana sareng rupi-rupi


kagiatan anu nibulkeun kareueus nonoman kana basa katut budaya Sunda, sapertos
pasanggiri biantara sareng debat anu nuju lumangsung ieu.

Anu sanesna sapertos pasanggiri maca carpon, maca sajak, sareng nerbitkeun buku-buku
hancengan nonoman nu make basa panganteur basa Sunda.

Kitu oge unggal studio radio di tatar sunda, ditarekahan sangkan aya waktu husus dina
acara siaran anu ngagunakeun basa Sunda salaku basa panganteurna.

Hadirin anu sami-sami linggih, eta mah sakadar cita-cita simkuring. Da ahirna mah
diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira.

Cindekna mah urang kedah peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule ngaraksa


sareng ngariksa basa katut budaya Sunda.

Manawai bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanapi
mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku
nonoman Sunda. Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Manawi bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanpi mamatahan
ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman
Sunda. Sasieureun sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.

Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah
kana manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar sihakasima.

Wassalamu’alaikum wr.wb.

Anda mungkin juga menyukai