P. 1
Lumayan Nie Artikel Bahasa Sunda Ada 3 Judul Piliha Ja 1

Lumayan Nie Artikel Bahasa Sunda Ada 3 Judul Piliha Ja 1

|Views: 570|Likes:
Dipublikasikan oleh Ajar Try Reiga

More info:

Published by: Ajar Try Reiga on Dec 29, 2010
Hak Cipta:Attribution Non-commercial

Availability:

Read on Scribd mobile: iPhone, iPad and Android.
download as DOCX, PDF, TXT or read online from Scribd
See more
See less

01/15/2013

pdf

text

original

AMALAN NYAMBUT BULAN ROMADON

Munara Cahya

Patarosan Para pangaping Tanya Jawab Munara Cahaya anu dipihormat. Sakedap deui urang bade mayunan sasih Ramadlan. Sim kuring hoyong tumaros, amalan naon wae anu keudah diamalkeun ku urang salaku umat Islam dina mayunan saish Ramdlan, luyu sareng amalan-amalan anu kantos ku Rasul diamalkeun? Sim kuring nyhunkeun pedarana anu saebreh-ebrehna. Hatur nuhun. Sumpena, Waleran Sami-sami hatur nuhun kana perhatosana. Perkawis amalan-amalan pikeun nyambut sasih Ramadlan, dumasar kana katerangan, henteu aya amalan anu husus, s apertos di bulan-bulan sanesna. Sapamendak sim kuring amalan-amalan eta di antawisna, sakumaha anu dilaksanakeun Rasululloh nyaeta, nga-doa, nyuhunkeun ka Gusti Alloh, supados maparinan deui ka urang kasempatan papendak deui sareng sasih Ramadlan dina kaayaan sehat walafiat. Margi ku kaayaan sehat, urang tiasa ngalaksanakeun saum, solat tarawe, jeung sajabina anu mangrupi amalan-amalan pikeun nyampurnakeun saum urang. Cara ieu, Rasul ngalakasnakeuna ti angalna keneh. Dina katerangan disebatkeun sakumaha pidawuhna, ti sahabat Anas bin Malik nyarios, saestuna Rasululloh Saw nalika bade mayunan bulan Rojab sok nga-du'a: Allahuma barik lana fii rajab wa sya¶ban, wa balighna ramadan. Hartosna, Ya Alloh, mugi maparinan berkah ka abdi sadaya di bulan Rojab sareng Sya'ban, sareng ngadugikeun abdi sadaya kabulan Romadlon (HR. Imam Ahmad sareng Imam Thobroni). Ieu Hadits nguningakeun, wireh Rasul dina ngabageakeun kasumpingan sasih Ramadlan disiapkeun ti dua sasiheun deui sateuacana sasih Ramadlan, yakni ti sasih Rojab keneh. Du'a ieu, rupina kange urang parantos kalangkung saupama bade nyonto ka Rasul, margi Rasul ngadu'a ieu dina waktos awal sasih Rojab. Tapi sok sanaos kitu, dina mayunan sasih Romadlon, urang tetep ngadu'a bari ngebersihkeun diri tina mangrupi-rupi kotoran atanapi dosa, supados dipaparinan kasehatan lahir sinareng b atin, utamina pikeun ngalaksanakan amalan-amalan di bulan Romadlon. Salajengna dina mayunan sasih Ramadlan, urang kedah ngaraos gumbira, malih Rasul satiap mayunan sasih Ramadlan, osok ngabewarakeun kabar-kabar gumbira ka para sahabatna, sakumaha diunggelkeun dina pidawuhna: "Parantos sumping ka maraneh kabeh bulan Ramadlan, bulan anu pinuh ku kaberkahan. Alloh parantos ngawajibkeun saum ka maraneh kabeh. Jeung dina ieu bulan, Alloh ngabuka ti Cilacap

Ku kituna. Teras tingkatkeun rasa syukur ka Gusti Alloh kana anugrah-Na bulan anu pinuh ku rahmat jeung barokah ieu. mangka hasilna bakal hamo. nutup panto-panto naraka" (HR. sambungkeun tali duduluran. perkara anu ngabatalkeun puasa. urang sami-sami ngaos bari nala'ah khutbah Rasululloh Saw anu pihartoseuna kieu: "Wahai jalma anu ariman. margi satiap amal henteu make elmu. wireh Rasul nyeueurkeun saum dina ieu bulan. jeung kudu geude mikanyaah ka budak-budak yatim. ku hal kitu satiap menit malih satiap detik saena dieusian ku amalan-amalan anu tiasa ngaberesihkeun diri pikeun ngadeukeutkeun ka Gusti Alloh. jeung sajabana. Utamina elmu ngeunaan rukun jeung syarat sahna puasa. Peting-peutingna mangrupakeun peuting anu pang utamana.panto-panto surga. Aya Hadits anu nerangkeun. dina bulan Ramadlan ayeun jeung saterusna niat ningalkeun sagala rupa dosa jeung kasalahan. Jam demi jam mangrupakeun waktu anu pang utamana". saestuna bakal datang ka maraneh kabeh bulan Alloh anu pinuh ku rahmat. Sabalikna. kudu mikasih ka sahandapeun. Tekadkeun dina hate urang. Dina eta bulan. Nyeueurkeun hadir ka majlis dzikir atawa majlis ta'lim. Lobakeun sedekah jeung mere maweh ka fakir miskin. malih dina katerangan sanesna Rasul henteu kantos saum dina bulan-bulan sanes langkung seueur ti batan saum dina bulan Sya¶ban (perkawis ieu langkung jeulasna dipedar dina patarosan ngeunaan kautamaan bula Sya¶ban). Bulan anu paling mulia mungguh Alloh. renghap anjeun jadi tasbeh. pikeun jalma-jalma anu ariman. barokah jeung maghfiroh. Waktu sabulan kacida singkat jeung terehna. oge panguping anjeun tina hal-hal anu henteu halal pikeun anjeun ngupingkeuna. sakabeh amalan ditarima. anu mere manfaat kalih masalahat ka diri urang jeung ka balarea. pikeun urang ayeuna sateuacan lebet kana sasih Ramadlan saena ngarancang heula program kagiatan pikeun nyiar pahala anu kacida lobana. poe-poena mangrupakeun poe anu pang utamana. Prak menta ka Gusti Alloh ku niat anu tulus jeung ihlas. Sajabi ti eta. henteu aya deui kabahagiaan jeung kabagjaan anu kacida ageungna salian ti mayunan sasih Ramadlan. sakabeh doa diijabah. Supados langkung mantep dina mayunan sasih Ramadlan. Muliakeun indung bapa anjeun. sare anjeun jadi ibadah. Persiapan anu langkung utami dina mayunan sasih Ramadlan nyaeta ngaderes deui elmu-elmu anu patali sareng amalan Ramadlan. supaya Mantena nagbingbing anjeun pikeun ngalaksanakeun puasa bari maca Kitab-Na. Ahmad). amalan-amalan sunat dina sajeuroning puasa. . tingkatkeun kabiasaan-kabiasaan anu alus. jaga letah (lisan) anjeun. atawa ningalkeun kabiasaan-kabiasaan goreng anu henteu mawa manfaat. tahan paningali anjeun tina hal-hal anu henteu halal pikeun anjeunn ningalina. Cilaka jalma anu henteu meunang ampunan Alloh di bulan anu Agung eta.

mangka Alloh bakal ngabeuratkeun timbangana di poe kiamat engke nalika timbangan kaalusana hampang. . Sing saha anu ngalakukeun solat sunat dina bulan Ramadlan. mangka pahalana saperti ngalakukeun 70 kali solat fardlu di luar bulan liana. Wallohu A'lam. mangka pahalana sarua jeung maca satamatan al-Qur^an di bulan-bulan liana. mangka mungguh Alloh sami sareng ngabebaskeun hiji budak beulian. Jeung sing saha maca al-Qur^an sanajan saayat dina eta bula. Sing saha jalma anu ngalakukeun solat fardlu dina eta bulan. sing saha di antara maraneh mere kadaharan keur buka puasa. terus dipupus sakabeh dosana anu katukang.Wahai jalma anu ariman. mangka Alloh bakal ngabebaskeun dirina tina siksa seuneu naraka. Sing saha jalma anu maca solawat ka kakaula di eta bulan. Masih seueur deui pidawuh/khutbah Rasul anu ngenaan nyambut jeung kautamaan bulan Ramadlan.

anu balukarna Alloh nibankeun ka maranehna (wawales-tina) sabagian anu ku maranehna dilampahkeun. tuluy Anjeunna anu bakal ngahirupkeun deui mar a neh. Alloh negeskeun ka manusa. Alloh nu maha miara. Naha aya ti antara sarekat-sarekat maraneh nu migawe perkara nu karitu? Maha suci Anjeunna jeung maha luhung tina saniskara anu ku maranehna disarekatkeun. Geus ti m bul karuksakan di darat jeung di laut alatan pagawean leungeun manusa. Pok caritakeun. Ku kituna. 'maot' jeun 'datangna poe kiyamah' sadayana mangrupa sunnatullah. di sababaraha dasar lautan. Alloh tempat pangbalikkan sakabeh mahluk-Na (Alloh alMa'bud). yen manusa moderen teh nu hirupna aya diluhureun fosil sajarah peradaban generasi manusa nu mampuh ngawanun kamajuan jeung karaharjaan. Di sagara keusik Arabia. sarta dihandapeun tumpukan lava gunung vesuvius geus kapanggih ayana patilasan peradaban manusa nu dipekirakeun ancurna kalawan ngadadak. Alatan polah manusa saperti kitu oge. Dina al-Qur'an seueur disebutkeun bangsa-bangsa nu diancurkeun alatan paripolah manusana sorangan nu mengpar tina moral jeung akidah musyrik tea. t a pi maranehna ancur nu leuwih-leuwih alatan naon nu geus dilakukeunana. tempatna panyalindungan. Sedengkeun ari masalah karuksakan di darat jeung di laut nu jadi sabab pagawean manusa. Upami dititenan sakumaha dawuhan di luhur. tapi alatan paripolah manusana sorangan nu teu nyekel pageuh naon nu sabenerna tugas manusa salaku khalifah. estuning ngagaduhan m a'na nu jero pisan.H. Dina tilu ayat di luhur. supaya maranehna babalik pikir. cirining manusa geus teu mampuh nyakinkeun yen nu ngayugakeun ieu alam jeung nu salawasna maparinan pituduh teh Alloh Swt. Alloh geus ngatur kalawan ditetepkeun ayana hukum alam nu disebut sunnah tasabubiyyah (kausalitas) kalawan sampurna (Alloh Robbul 'alamin). nu ngajaga. tuluy Anjeunna anu maparin rejeki ka maraneh. Siklus kahirupan. Asep syaripudin M. tuluy Anjeunna anu bakal mateni maraneh. Anjeunna geus ngatur kumaha tatanan nu mangrupa sunnatulloh. yen 'ngayugakeun kahirupan'. "Jung maraneh geura ngalalana di ieu bumi. urang kedah teguh dina kayakinan yen teu deui pangeran nu ngajaga ieu alam anging aya dina penjagaan Alloh. tuluy titenan kumaha balukarna jalma-jalma baheula anu kalolobanana jalmajalma musyrik.Si Hayu urang regepkeun pidawuh Alloh dina surat Ar-Rum 40-42. 'nyiptakeun rejeki' ajang bekel hirup. nu saterusna timbulna kaayaan nu sarwa kurang jeung ilangna sareat pirijkieun. Na kumaha atuh huha bungan kamusrikan jeung karuksakan di muka bumi ieu teh? Alloh nu Maha ngayugakeun sadayana alam (Alloh al-Khaliq). eta mah sanes kalebet sunatulloh. teu aya deui pangeran nu ngatur ieu alam jeung eusina anging aya dina pangaturan Alloh (tauhid rububiyyah). sarta teu aya deui nu kawasa pikeun ngarobahna anging ku kawasana Alloh Swt. Bukti-bukti arkeologis nu hasilna dikumpulkeun ku para elmuan tina sababaraha situs purbakala geus nuduhkeun.RUKSAKNA IMAN JEUNG ALAM Ku : Drs. uni hartosna kieu : "Nya Alloh anu ngayugakeun maraneh. . masalah karuksakan jeung palajaran tina kahirupan manusa samemehna pikeun eunteung ayeuna.

ahirna katalimbeng nepi ka mahluk dijadikeun "Tuhan" jeung manusa sorangan ngajadikeun sumberna bebeneran malahan ngajadikeun pangeran. Kamunafekan jeung karuksakan alam Nalika hijrah ka Madinah sarta ngabebenah kahirupan anyar masarakat anu majemuk. Nepi ka maranehna ngarasa mampu ngadalikeun akibat nu geus dilakukeunana. henteu paham ka nu nyiptakeun. ka nu ngapimilik. tugas urang yakin ka Alloh sarta tanggung jawab karana manusa geus dipasihan apal kana ngaran-ngaran potensi alam ieu. Nya Kami nibankeun siksaan ka maranehna alatan saniskara nu geus diusahakeun ku maranehna". ieu teh tanggung jawab manusa. Ku kituna. tanwande Kami maparin kurnia ka maranehna rupa-rupa berkah ti langit jeung bumi. ngajadikeun yen elmu pangaweruhna hijihijina pituduh hirupna sorangan. Ku kituna. henteu ngarasa yakin yen saleresna Alloh nu maha ngapimilik. nu jadi asal mula ditibankeunana sagala musibah. Di Mekkah mantenna adu hareupan jeung jalma kafir sacara langsung. mangka hakekatna mah kaimanan manusa aya dina kaayaan ruksak. manusa oge sayaktosna bakal mampuh ngajalankeun khalifah di muka bumi. Ku kituna kasarakahan jeung kasenangan geus jadi pangeran m aranehanana. Sek dengkeun timbulna karuksakan tauhid oge sumberna tina kabodoan manusa henteu apal dina perkara saha nu saleresna nyiptakeun ieu alam jeung teu apal kana ngaran-ngaran nu ku Alloh geus diturunkeun ka Adam (bil quwwah) nalika diciptakeun sarta ditugaskeun jadi khalifah. (Q. Alatan kabodoan manusa oge. sarta ka nu jadi puseurna katoatan. Maranehna deui sombong. kahartos pisan. musyri . yen Alloh mung hiji-hijina pangeran kalawan teu aya nu bisa nyarekatan (tauhid uluhiyyah). Nu kieu nu disebut kamusrikan dina harti nu leuwih luas. nyalametkeun alam tina karuksakan. jeung yakin. Nu kieu nu ngaranna musyrik. Di . Kitu deui alatan pamadegan kitu nu saestuna akibat timbulna musibah di alam semesta ieu.yakin yen teu aya deui pangeran nu wajib disembah anging ka hiji-hijina dzat Alloh (tauhid ubudiyyah). al-A`raf :96). tugas salaku khalifah. Alatan kabodoan manusa sarta lolong dina kayakinan. boh di darat boh geus ngarasa jadi milikna sorangan. naon sababna tiap Nabi jeung Rosul salawasna nyandak risalah tauhid nu jadi puseurna kasalametan manusia.S. "Cacakan pangeusi eta nagri ariman sarta takwa. ahirna manusa aya dina kaayaan nu linglung kalawan teu mampuh dina nyepeng amanah kakhalifahan nu samistina. Manusa oge dina ngolah jeung ngamangpaatkeun alam ieu. Karuksakan pagawean manusa nu ngabalukarkeun timbulna musibah caah. tapi maranehna ngabohongkeun. Alatan kayakinan ka Alloh. Rasululloh mayunan hiji kaayaan anu bangga.

ngancurkeun tatanen jeung ingon-ingon ternak. Kiwari. cepil urang mingkin akrab mireng berita-berita musibah: katiga entakentakan. tapi hatena ngabantah. Lisan maranehna netelakeun kaimanan. lini. Dina lahirna mah maranehna pinter nyarita. Pangaweruh nu ukur nepi kana tikoro. leyurna es di kutub utara. Waktu maranehna diajak pikeun henteu nyieun karuksakan di alam dunya. krisis pangan. Di jama kiwari. Ieu berita goreng ngeunaan karuksakan di darat jeung di laut teh kawas mangrupa tina nu kaunggel dina Al-Quran anu diturunkeun 14 abad nu kaliwat. Kalah sabalikna maranehna ngaku minangka jalma-jalma anu nyieun kamaslahatan. nu ditibankeun ku Alloh ka sangkan maranehna ngarasakeun kana noan anu geus dipilampah ku maranehna. maranehna nyieun musibah. al-Rum:41). jeung ngabinasakeun ingon-ingon ternak. Nabi adu hareupan jeung tukang ngawaradul! Ieu berita diinformasikeun ku Alloh dina surat Al-Baqaroh. pon kitu deui lingkungan global sacara gembleng. abrasi basisir. malah mah boa eu ntreup dina diri urang.S. Pidawuh-Na : "Geus katembong karuksakan di darat jeung di laut balukar polah manusa. Sarta upama manehna misah ti anjeun. Pangaweruh anu eureun lebah obrolan. Dunya urang ayeuna ngajerit alatan lumangsungna karuksakan leuweung anu neregteg. henteu nepi kana kolbu." (Q. Ukur . Sarta manehna kedal sumpah kalawan asma Alloh yen manehna micinta anjeun. Rea di antara urang anu ukur mikirkeun kasenangan pribadi tanpa mikiran pangaruh anu bakal tumiba ka lingkungan di sabudeureun urang.S. Alloh henteu mikaresep karuksakan. Dina Al-Qur'an Alloh netelakeun yen karuksakan di alam dunya teh mangrupa (alatan) laku lampah manusa munafik. ngaruksak tatangkalan. tapi disatukangeun eta nyamuni seuneu mumusuhan. jalma-jalma anu micinta lingkungan ngarasa guligah. Padahal manehna teh jalma anu kacida pisan ngamusuhna. jeung berita-berita sejenna. (Q. Hayu urang lenyepan deui pidawuh Alloh: "Sarta di antara manusa aya jalma anu caritaanana ngeunaan urusan dunya ngalantarankeun anjeun kataji. caah. nekna suhu. sagara keusik ngalegaan. maranehna ngabantah. Balukarna. Di alam dunya. al-Baqarah : 204). Muga-muga maranehna balik deui (kana jalan Alloh) ". mroklamasikeun yen maranehna teh micinta agama jeung Alloh. Ieu bereta teh sabenerna mah aya luyuna jeung kaayaan mental masarakat. ngomong kahadean. krisis cai ngancam padumi dunya! Hiji lembaga riset dunia mere laporan yen sapertilu sato mamalia di alam dunya ayeuna geus aya dina daftar merah kamusnahan! Naon hubungan egoismeu jeung karuksakan lingkungan? Egoismeu jeung kateupadulian urang teh mangrupa marga lantaran mucunghulna sagala pasualan lingkungan anu kaalaman ku urang poe ayeuna. manehna lumampah di alam dunya pikeun nyieun karuksakan.Madinah mantenna adu hareupan jeung jalma-jalma munafik. Kamunafikan teh simbol tina pangaweruh anu henteu napel dina hate. henteu jadi buah nu mangrupa tindakan.

Upama urang geus salah ngalengkah sarta ngalaksanakeun tindakan tanpa elmu dina ngamangpaatkeun alam. Upama urang geus milampah tindakan anu talobeh dina ngamangpaatkeun sumber daya alam. . Kiwari urang paudag-udag jeung waktu. Geura sawang: Sakumaha rena enerji jeung sumber daya anu kudu kapiceun teu puguh ukur alatan jalma-jalma hayang ngararasakeun kasenangan anu saenyana mah henteu bener-bener dibutuhkeun ku maranehna. Berjuang nyegah karuksakan sarta ngabebenah deui sakumaha Alloh ngabebenahna nepi ka salaras tur saimbang. Jalma-jalma mindeng meuli hal-hal anu ku maranehna henteu dipikabutuh. pindah jadi manusa anu wijaksana anu ketak igelna teu weleh ati-ati tur taliti. Rea pisan jalma di beubeulahan dunya sejen anu kacida butuhna ku saban keclak BBM anu dipake ku urang. Hayu urang singkil sarta ngabuleudkeun tekad yen manusa teh bener-bener mahluk pilihan Alloh anu ditugaskeun jadi khalifah: ngama'murkeun alam dunya sarta nanjeurkeun perdameyan. jeung karuhunna dina mangsa nu geus kaliwat. Urang henteu kungsi mikiran sakumaha reana tanaga jeung sumber daya ieu planet anu ruksak keur nyumponan eta kabutuhan egois urang.lantaran ngarasa boga duit. nini. ngaganti barang-barang anu kuduna mah masih keneh bisa digunakeun ukur alatan bosen. jeung hal-hal sejenna anu ngarojong kahirupan maranehna. kapan urang teh boga enerki alternatif kayaning bio fuel. Sakumaha reana enerji jeung sumber daya anu kapiceun teu puguh ukur alatan hayang midang pinuh ku gengsi. Butuh jutaan taun pikeun ngahasilkeun BBM anu ku saderek tea dianggo. teu weleh aya nu kudu dikorbankeun. aki. hidrogen jeung sajabana? Angger bae eta sakabeh henteu gratis. atuh ayeuna urang ngalaksanakeun tobat nyeta ngeureunan tindakan anu talobeh tanpa pangaweruh. saban keclak cai beresih. Paling henteu geura pikiran kaayaan generasi panerus. Regepkeun hiji hal: Artos saderek memang tiasa dianggo meser mangleter-leter BBM. tapi eta artos teh henteu bisa mulangkeun saban leter BBM anu parantos dicandak ku saderek ti alam. Urang bayar kasalahan urang ku laku lampah anu sabalikna. urang henteu malire pepeling jeung ajakan pikeun ngirit enerji. ngahare harekeun hasil analisa dampak lingkungan (AMDAL). Urang omean lengkah jeung tindakan urang. maranehna kudu ngalakonan hirup kalawan sagala sumber daya anu kacida pisan kawatesanana alatan polah kolot. Kumah keh lamun planet urang ancur tiheula samemeh urang bisa ngarasakeun genahna eta tehnologi. Laju saderek bakal kagungan pikiran. Bio Fuel ngabalukarkeun karuksakan lingkungan lantaran keur melak eta tatangkalan bahan bakar teh butuh lahan anu henteu saeutik. Hidrogen masih keneh mahal sarta tacan bisa diproduksi sacara efisien. Ulah ukur mikirkeun kasenangan hirup sorangan.

BIODATA : AJAR TRY PURNOMO XII IPA 3 . Amiin. muga-muga urang kaasup kana jalma-jalma anu bagja di dunya jeung aherat. Ku ieu cara. hayu urang babarengan ngedalkeun tekad geusan salawasna ngaberesihkeun diri urang tina kamunafikan.Ku margi kitu.

You're Reading a Free Preview

Mengunduh
scribd
/*********** DO NOT ALTER ANYTHING BELOW THIS LINE ! ************/ var s_code=s.t();if(s_code)document.write(s_code)//-->